Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 48

Jaga Pikiran Tetep Sadar Waktu Kasatiaan Diuji

Jaga Pikiran Tetep Sadar Waktu Kasatiaan Diuji

”Kudu tetep sadar dina sagala kaayaan.”​—2 TIM. 4:5.

KAWIH 123 Satia jeung Tunduk ka Aturan Yéhuwa

NU DIBAHAS a

1. Naon maksudna ngajaga pikiran tetep sadar? (2 Timotius 4:5)

 WAKTU keur aya kasusah, kasatiaan urang ka Yéhuwa jeung ka organisasi-Na bisa diuji. Kumaha supaya urang tetep satia? Urang kudu ngajaga pikiran tetep sadar sarta kudu pengkuh iman. (Baca 2 Timotius 4:5.) Urang bisa ngajaga pikiran tetep sadar ku cara tetep tenang, boga cara pikir nu bener, jeung sabisa-bisa ningali masalahna tina cara pandang Yéhuwa. Ku kituna, cara pikir urang moal kapangaruhan ku parasaan urang.

2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Dina artikel saacanna, urang geus ngabahas tilu tangtangan nu asalna ti luar sidang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu tangtangan nu asalna ti jero sidang nu bisa nguji kasatiaan urang ka Yéhuwa. Tangtanganana téh (1) waktu aya dulur saiman nu nganyenyeri urang, (2) waktu urang didisiplin, jeung (3) waktu urang hésé nuturkeun parobahan dina organisasi. Kumaha supaya urang bisa ngajaga pikiran tetep sadar jeung terus satia ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na dina kaayaan-kaayaan siga kitu?

WAKTU AYA DULUR SAIMAN NU NGANYENYERI URANG

3. Bisa jadi, kumaha parasaan urang waktu aya dulur saiman nu nganyenyeri urang?

3 Pernah teu Sadérék ngarasa dinyenyeri ku dulur saiman, misalna ku sadérék anu boga tanggung jawab di sidang? Meureun manéhna teu boga maksud jiga kitu. (Rm. 3:23; Yak. 3:2) Tapi angger wéh, kalakuanana nganyenyeri Sadérék. Meureun Sadérék nepi ka teu bisa saré mikiranana. Atawa, meureun Sadérék mikir, ’Bener kitu ieu téh organisasina Allah? Piraku aya sadérék nu ngalakukeun hal éta?’ Mun urang nepi ka mikir kitu, éta pisan nu dipikahayang ku Sétan. (2 Kor. 2:11) Pamikiran goréng siga kitu bisa ngajauhkeun urang ti Yéhuwa sarta organisasi-Na. Jadi lamun urang ngarasa aya nu nganyenyeri urang, kumaha carana ngajaga pikiran tetep sadar jeung teu mikiran nu goréng?

4. Kumaha Yusuf ngajaga pikiranana tetep sadar waktu dinyenyeri, jeung naon palajaranana keur urang? (Kajadian 50:19-21)

4 Ulah nepi ka keuheul. Waktu Yusuf ngora kénéh, manéhna dijahatan ku lanceuk-lanceukna. Lanceuk-lanceukna ngaréwa, malah sababaraha hayang maéhan Yusuf. (Kaj. 37:4, 18-22) Tungtungna, Yusuf dijual jadi budak beulian. Yusuf kudu ngalaman rupa-rupa cocoba salila 13 taunan. Bisa waé Yusuf mikir Yéhuwa geus teu nyaah deui jeung ninggalkeun manéhna. Tapi, Yusuf teu keuheul ka Yéhuwa. Manéhna ngajaga pikiranana tetep sadar bari jeung tetep tenang. Terus, waktu boga kasempetan pikeun ngabales lanceuk-lanceukna, Yusuf teu ngalakukeunana. Justru manéhna nunjukkeun kanyaah jeung ngahampura maranéhna. (Kaj. 45:4, 5) Yusuf bisa kitu téh lantaran boga cara pikir nu bener. Tibatan mikirkeun masalahna, manéhna mah leuwih mikirkeun kahayang Yéhuwa. (Baca Kajadian 50:19-21.) Naon palajaranana? Lamun aya nu nganyenyeri Sadérék, ulah nepi ka keuheul ka Yéhuwa atawa mikir Anjeunna geus ninggalkeun Sadérék. Pék pikirkeun naon nu Yéhuwa lakukeun pikeun ngabantu Sadérék nyanghareupan cocoba éta. Terus waktu aya nu nganyenyeri Sadérék, pék tutupan kateusampurnaan maranéhna ku kanyaah.​—1 Pét. 4:8.

5. Kumaha Michael ngajaga pikiranana tetep sadar waktu ngarasa dulur-dulur saiman nganyenyeri manéhna?

5 Perhatikeun pangalaman saurang kokolot ti Amerika Selatan nu ngaranna Michael. b Manéhna nyaritakeun kajadian pas manéhna ngarasa dinyenyeri ku sababaraha sadérék nu boga tanggung jawab di organisasi. Ceuk manéhna, ”Teu pernah abdi strés siga kitu. Abdi nepi ka guligah pisan, peuting-peuting teu bisa saré. Abdi osok ceurik lantaran ngarasa teu walakaya.” Tapi, Michael ngajaga pikiranana tetep sadar jeung embung tindakanana kapangaruhan ku parasaan. Manéhna terus ngadoa ménta kawasa suci jeung kakuatan ka Yéhuwa ngarah bisa tabah nyanghareupan masalah éta. Manéhna gé ngarisét tina publikasi-publikasi. Naon palajaranana? Lamun Sadérék ngarasa aya dulur saiman anu nganyenyeri Sadérék, sing tenang jeung sabisa-bisa ulah kabawakeun ku parasaan négatif. Sadérék meureun teu nyaho naon nu geus kaalaman ku manéhna nepi ka manéhna ngomong atawa ngalakukeun hal éta. Jadi, pék ngadoa ka Yéhuwa jeung pénta bantuana-Na ngarah Sadérék bisa ningali masalahna tina cara pandang sadérék éta. Ku kituna, Sadérék moal mikir yén dulur saiman éta téh ngahaja nganyenyeri Sadérék. Sadérék gé jadi bisa iklas ngahampura manéhna. (Sil. 19:11) Sing inget, Yéhuwa téh merhatikeun naon nu disanghareupan ku Sadérék. Anjeunna gé bakal méré kakuatan ngarah Sadérék bisa tetep tabah.​—2 Bab. 16:9; Pan. 5:8.

WAKTU URANG DIDISIPLIN

6. Ku naon penting pikeun mikirkeun yén disiplin téh bukti kanyaah ti Yéhuwa? (Ibrani 12:5, 6, 11)

6 Watu urang didisiplin, karasana téh nyeri pisan. Tapi lamun mikirkeun nyerina hungkul, urang bisa waé ngarasa disiplin éta kaleuleuwihi atawa teu cocog keur urang. Ku kituna, urang jadi teu bisa ngarasakeun yén disiplin éta téh bukti kanyaah ti Yéhuwa. (Baca Ibrani 12:5, 6, 11.) Mun urang kabawakeun ku parasaan sorangan, urang téh méré Sétan jalan pikeun nyerang urang. Manéhna hayang urang nolak disiplin éta, jeung nu paling parahna hayang ngajauhkeun urang ti Yéhuwa sarta ti sidang. Mun pernah didisiplin, kumaha carana pikeun ngajaga pikiran tetep sadar?

Pétrus rendah haté daék narima naséhat jeung disiplin, hasilna manéhna bisa digunakeun ku Yéhuwa dina leuwih loba hal (Tingali paragrap 7)

7. (a) Jiga nu ditunjukkeun dina gambar, kumaha Pétrus digunakeun ku Yéhuwa sanggeus manéhna didisiplin? (b) Sadérék diajar naon tina tuladan Pétrus?

7 Tarima disiplin jeung jieun parobahan. Leuwih ti sakali, Isa negor Pétrus di hareupeun rasul-rasul séjénna. (Mar. 8:33; Luk. 22:31-34) Pasti Pétrus éra pisan dikitukeun. Tapi, Pétrus tetep satia ka Isa. Manéhna daék narima disiplin jeung diajar tina kasalahanana. Hasilna, Yéhuwa ngaberkahan kasatiaan Pétrus jeung méré manéhna tanggung jawab nu penting di sidang. (Yah. 21:15-17; Kis. 10:24-33; 1 Pét. 1:1) Urang diajar naon tina tuladan Pétrus? Urang bisa meunang mangpaat jeung méré mangpaat ka batur lamun urangna teu mikirkeun teuing parasaan éra lantaran didisiplin. Urang gé kudu daék narima naséhat jeung nyieun parobahan. Engké, urang bisa digunakeun ku Yéhuwa jeung bisa ngabantu dulur-dulur saiman.

8-9. Waktu didisiplin, kumaha mimitina parasaan Bernardo, tapi naon nu ngabantu manéhna boga cara pikir nu bener?

8 Perhatikeun pangalaman saurang sadérék ti Mozambik nu ngaranna Bernardo. Tanggung jawab manéhna sabagé kokolot téh dicabut. Kumaha mimitina parasaan Bernardo? Ceuk manéhna, ”Abdi nyeri haté pisan lantaran abdi teu resep kana disiplin éta.” Manéhna gé hariwang kana pandangan dulur-dulur saiman ka manéhna. Ceuk manéhna, ”Abdi butuh waktu sababaraha bulan pikeun boga cara pikir nu bener ngeunaan kaayaan ieu jeung pikeun percaya deui ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na.” Naon nu ngabantu Bernardo boga cara pikir nu bener?

9 Bernardo ngarobah cara pikirna. Manéhna ngomong, ”Waktu jadi kokolot, abdi sok macakeun Ibrani 12:7 pikeun ngabantu dulur-dulur saiman boga cara pikir nu bener ngeunaan disiplin ti Yéhuwa. Ayeuna abdi mikir, ayat ieu téh kudu dilarapkeun ku kabéh umat Yéhuwa, kaasup abdi.” Terus, aya hal séjén nu dilakukeun ku Bernardo ngarah bisa percaya deui ka Yéhuwa sarta organisasi-Na. Manéhna leuwih sering maca Alkitab jeung ngalenyepanana. Sanajan masih hariwang kana pandangan dulur-dulur saiman, Bernardo tetep dines jeung maranéhna sarta aktif dina pasamoan. Teu lila, Bernardo diangkat deui jadi kokolot. Lamun Sadérék pernah didisiplin siga Bernardo, ulah mikirkeun teuing parasaan érana, tapi pék tarima naséhatna jeung jieun parobahan nu diperlukeun. c (Sil. 8:33; 22:4) Ku kituna, Sadérék bisa beuki yakin yén Yéhuwa bakal ngaberkahan Sadérék lantaran terus satia ka Anjeunna jeung organisasi-Na.

WAKTU URANG HÉSÉ NUTURKEUN PAROBAHAN DINA ORGANISASI

10. Bisa jadi, parobahan naon nu nguji kasatiaan sababaraha priya Israél?

10 Parobahan dina organisasi bisa nguji kasatiaan urang. Lamun teu ati-ati, urang bisa ngajauh ti Yéhuwa. Misalna, perhatikeun parobahan nu aya dina jaman urang Israél. Saacan aya Hukum Musa, para kapala kulawarga téh ngajalankeun tugas imam. Maranéhna nyieun altar sarta nyanggakeun kurban ka Yéhuwa demi kulawargana. (Kaj. 8:20, 21; 12:7; 26:25; 35:1, 6, 7; Ayub 1:5) Tapi waktu Yéhuwa méré Hukum Musa, para kapala kulawarga kudu ngaleupaskeun tanggung jawab éta. Yéhuwa ngalantik para imam ti turunan Harun pikeun nyanggakeun kurban. Ti saprak harita, lamun aya kapala kulawarga nu ngajalankeun tugas sabagé imam padahal manéhna lain turunan Harun, manéhna bisa dipaéhan. d (Ima. 17:3-6, 8, 9) Naha parobahan éta nu nyababkeun Korah, Datan, Abiram, jeung 250 pamingpin pilihan rahayat ngalawan Musa jeung Harun? (Bil. 16:1-3) Alkitab teu nyebutkeun hal éta. Tapi teu sual naon alesanana, Korah jeung priya-priya éta teu satia ka Yéhuwa. Lamun parobahan dina organisasi nguji kasatiaan Sadérék, naon nu bisa Sadérék lakukeun?

Turunan Kahat réla narima parobahan tugas. Aya nu ditugaskeun pikeun nyanyi, ngajaga lawang kota, sarta ngurus gudang (Tingali paragrap 11)

11. Tina tuladan urang Léwi turunan Kahat, urang diajar naon?

11 Dukung sapinuhna parobahan dina organisasi. Salila ngumbara di gurun keusik, turunan Kahat dibéré tugas nu istiméwa. Maranéhna kudu angkat ti heula mawa peti perjangjian saacan bangsa Israél mindahkeun kémah. (Bil. 3:29, 31; 10:33; Yos. 3:2-4) Tugas ieu téh istiméwa pisan! Tapi, tugas maranéhna kudu barobah sanggeus bangsa Israél nepi di Tanah Perjangjian, sabab peti éta téh geus teu kudu dipundah-pindah deui. Terus waktu Sulaéman jadi raja, turunan Kahat aya nu ditugaskeun pikeun nyanyi, ngajaga lawang kota, sarta ngurus gudang. (1 Bab. 6:31-33; 26:1, 24) Alkitab teu pernah nyebutkeun yén maranéhna kukulutus atawa ménta tugas nu leuwih penting, pédah baheulana boga tugas nu istiméwa. Naon palajaranana? Sing terus sapinuh haté ngadukung parobahan dina organisasi, kaasup lamun aya parobahan dina tugas Sadérék. Teu sual naon waé tugasna, Sadérék bisa tetep suka bungah. Sing inget, nu penting keur Yéhuwa mah lain tugas Sadérék, tapi kasatiaan Sadérék ka Anjeunna.​—1 Sam. 15:22.

12. Kumaha parasaan Zaina waktu meunang parobahan tugas?

12 Perhatikeun pangalaman Zaina, saurang sadérék istri di Timur Tengah. Manéhna téh meunang parobahan tugas. Manéhna geus ngalayanan di Bétel salila 23 taun leuwih. Tapi, ayeuna manéhna ditugaskeun deui ka lapangan. Ceuk manéhna, ”Abdi reuwas pisan narima parobahan tugas ieu! Abdi jadi ngarasa teu guna jeung teterusan mikir, ’Naon kasalahan abdi?’” Terus, sababaraha dulur saiman di sidang gé ngomong kieu, ”Mun pagawéan manéh alus mah, manéh moal kaluar ti Bétel.” Keur sababaraha waktu, Zaina ngarasa leutik haté pisan. Manéhna nepi ka ceurik unggal peuting. Tapi manéhna ngomong, ”Abdi embung mikir organisasi téh salah atawa Yéhuwa geus teu nyaah deui ka abdi.” Naon nu dilakukeun ku Zaina pikeun ngajaga pikiranana tetep sadar?

13. Kumaha Zaina ngéléhkeun parasaan négatifna?

13 Zaina bisa ngéléhkeun parasaan négatifna. Kumaha carana? Manéhna maca artikel-artikel nu ngabahas pangalaman nu mirip jeung manéhna. Terus, aya artikel ”Saudara Dapat Mengatasi Perasaan Kecil Hati!” dina majalah Menara Pengawal 1 Pébruari 2001. Artikel éta ngabahas ngeunaan saurang jalma nu nulis Alkitab, nyaéta Markus, nu ngalaman parobahan tugas ogé. Zaina nyebutkeun, ”Tuladan Markus ngabantu abdi supaya teu teterusan leutik haté.” Zaina gé teu nyorangan waé atawa mikarunya diri sorangan, tapi manéhna tetep gaul jeung babaturanana. Zaina nyebutkeun yén kawasa suci téh bener-bener ngabingbing organisasi Yéhuwa. Manéhna gé ngarasa dipikanyaah ku jalma-jalma nu boga tanggung jawab di sidang. Zaina jadi yakin, nu pangpentingna di organisasi mah nyaéta kahayang Yéhuwa laksana.

14. Vlado ngarasa beurat pikeun nuturkeun parobahan naon, jeung naon nu ngabantu manéhna?

14 Vlado, saurang kokolot nu umurna 73 taun di Slovenia, ngarasa beurat waktu sidangna kudu ngagabung jeung sidang séjén. Terus, Balé Karajaan nu dipaké ku sidangna baheula gé kudu ditutup. Manéhna ngomong, ”Abdi teu ngarti ku naon Balé Karajaan nu sakitu éndahna kudu ditutup. Rasana peurih pisan sabab urang kakara ngoméan Balé Karajaan éta. Abdi téh saurang tukang kai, jeung abdi kakara nyieun sababaraha pakakas anyar keur di Balé. Geus kitu, ngagabungna sidang urang jeung sidang séjén téh teu gampang keur para pawarta nu geus kolot jiga abdi.” Naon nu ngabantu Vlado pikeun nuturkeun pituduh ti organisasi? Manéhna nerangkeun, ”Lamun urang nuturkeun parobahan naon waé ti organisasi Yéhuwa, urang pasti meunang berkah. Ieu téh jiga nyiapkeun urang pikeun parobahan-parobahan nu leuwih gedé dina mangsa ka hareup.” Naha Sadérék ogé keur ngarasa beurat pikeun nuturkeun pituduh ti organisasi, misalna sidang Sadérék kudu ngagabung jeung sidang séjén atawa Sadérék meunang tugas anyar? Sing yakin, Yéhuwa téh ngarti naon nu dirasakeun ku Sadérék. Lamun Sadérék ngadukung parobahan éta sarta tetep satia ka Yéhuwa jeung organisasi-Na, Sadérék pasti meunang berkah.​—Jab. 18:26.

KUDU TETEP SADAR DINA SAGALA KAAYAAN

15. Kumaha carana ngajaga pikiran tetep sadar waktu aya tangtangan ti jero sidang?

15 Beuki deukeut urang ka panungtungan ahir jaman, bisa waé beuki loba tangtangan nu asalna ti jero sidang. Tangtangan éta bisa nguji kasatiaan urang ka Yéhuwa. Jadi, urang kudu ngajaga pikiran tetep sadar. Lamun urang dinyenyeri ku dulur saiman, ulah nepi ka keuheul. Lamun urang narima disiplin, tong mikirkeun teuing parasaan érana, tapi tarima naséhatna jeung jieun parobahan nu diperlukeun. Terus mun aya parobahan dina organisasi nu mangaruhan urang, urang kudu sapinuh haté ngadukungna jeung taat kana sakabéh pituduh.

16. Kumaha supaya Sadérék bisa terus percaya ka Yéhuwa jeung organisasi-Na?

16 Sadérék bisa terus percaya ka Yéhuwa jeung ka organisasi-Na waktu kasatiaan Sadérék diuji. Tapi supaya bisa kitu, Sadérék kudu ngajaga pikiran tetep sadar, nyaéta ku cara tetep tenang, boga cara pikir nu bener, jeung ningali masalah-masalah tina cara pandang Yéhuwa. Sadérék gé kudu boga tékad pikeun diajar jeung ngalenyepan kisah-kisah hamba Allah dina jaman baheula nu nyanghareupan masalah nu sarua. Terus, pék ngadoa ménta bantuan ka Yéhuwa jeung ulah pernah ngajauh ti sidang. Ku kituna, Sétan moal bisa ngajauhkeun Sadérék ti Yéhuwa jeung organisasi-Na.​—Yak. 4:7.

KAWIH 126 Waspada, Sing Pengkuh, tur Kuat!

a Kasatiaan urang ka Yéhuwa jeung ka organisasi-Na téh bisa waé diuji, pangpangna waktu urang meunang tangtangan di sidang. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon waé tilu tangtangan ti sidang jeung naon nu perlu urang lakukeun supaya bisa tetep satia ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na.

b Sababaraha ngaran geus diganti.

c Sadérék bisa manggihan saran-saran nu alus dina artikel ”Pernahkah Saudara Melayani? Dapatkah Saudara Melayani Lagi?” dina Menara Pengawal 15 Agustus 2009, kaca 30.

d Hukum nyebutkeun, para kapala kulawarga nu hayang meuncit sasatoan pikeun didahar bisa mawa satona ka altar. Tapi lamun altarna jauh teuing ti tempat maranéhna, maranéhna meunang meuncit sorangan di tempatna masing-masing.​—Pam. 12:21.