Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 47

Moal Aya nu Bisa Ngajauhkeun Urang ti Yéhuwa

Moal Aya nu Bisa Ngajauhkeun Urang ti Yéhuwa

”Abdi percaya ka Gusti, nun PANGERAN.”​—JAB. 31:15, KITAB SUCI © LAI 1991.

KAWIH 122 Sing Teger sarta Pengkuh!

NU DIBAHAS a

1. Urang apal ti mana Yéhuwa hayang ngaraket ka urang?

 YÉHUWA téh hayang urang ngaraket ka Anjeunna. (Yak. 4:8) Anjeunna hayang jadi Allah, Bapa, jeung Sobat urang. Yéhuwa ngajawab doa-doa urang sarta ngabantu urang dina kaayaan nu hésé. Anjeunna ngagunakeun organisasi-Na pikeun ngajar sarta ngajaga urang. Tapi, naon nu kudu dilakukeun supaya urang bisa ngaraket ka Allah?

2. Kumaha carana ngaraket ka Yéhuwa?

2 Urang bisa ngaraket ka Yéhuwa ku cara ngadoa jeung maca Firman-Na sarta ngalenyepanana. Mun urang ngalakukeunana, urang bakal beuki nyaah jeung hormat ka Anjeunna. Ku kituna, urang jadi kageuing pikeun taat sarta ngamulyakeun Yéhuwa lantaran Anjeunna téh layak narima hal-hal éta. (Why. 4:11) Lamun urang beuki kenal ka Yéhuwa, urang bakal beuki percaya ka Anjeunna sarta ka organisasi-Na nu disadiakeun pikeun ngabantu urang.

3. Naon nu dilakukeun ku Sétan supaya urang ngajauh ti Yéhuwa, tapi kumaha supaya urang teu ninggalkeun Allah jeung organisasi-Na? (Jabur 31:14, 15)

3 Si Iblis hayang ngajauhkeun urang ti Yéhuwa, komo deui waktu urang keur ngalaman tangtangan. Kumaha carana? Lalaunan manéhna nyieun urang jadi teu percaya deui ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na. Tapi urang bisa ngalawan si Iblis! Lamun urang boga iman jeung percaya ka Yéhuwa, urang moal ninggalkeun Anjeunna sarta organisasi-Na.​—Baca Jabur 31:14, 15.

4. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu tangtangan nu asalna ti luar sidang. Tangtangan-tangtangan éta bisa nyieun urang teu percaya deui ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na. Kumaha tilu tangtangan éta ngajauhkeun urang ti Yéhuwa, jeung kumaha carana ngalawanna?

WAKTU URANG NGALAMAN KASUSAH

5. Kumaha kasusah bisa nyieun urang teu percaya deui ka Yéhuwa jeung organisasi-Na?

5 Sakapeung, urang téh nyanghareupan kasusah, misalna tangtangan ti kulawarga atawa kaleungitan pagawéan. Kumaha tangtangan saperti kitu bisa nyieun urang cangcaya ka organisasi Yéhuwa jeung ngajauhkeun urang ti Anjeunna? Lamun urang ngalaman hiji kasusah nu teu réngsé-réngsé, urang bisa leutik haté jeung teu boga harepan. Sétan ngamangpaatkeun kaayaan ieu jeung upaya pikeun nyieun urang ngarasa teu dipikanyaah ku Yéhuwa. Si Iblis hayang urang mikir nu nyababkeun urang susah téh Yéhuwa atawa organisasi-Na. Éta nu kaalaman ku sababaraha urang Israél di Mesir. Mimitina, maranéhna percaya yén Yéhuwa téh ngalantik Musa jeung Harun pikeun ngabébaskeun maranéhna tina pangbudakan. (Bud. 4:29-31) Tapi waktu maranéhna beuki ditindes ku Firaun, maranéhna ngomong, ”Ieu teh gara-gara aranjeun. . . . Aranjeun . . . ngalantarankeun kuring dipikasengit ku raja jeung ku mantri-mantrina. Ieu mah sarua bae jeung dititah dipaehan!” (Bud. 5:19-21, KITAB SUCI © LAI 1991) Maranéhna kalah ka nyalahkeun Musa jeung Harun, hamba-hamba Allah nu satia. Mun Sadérék keur nyanghareupan kasusah nu teu réngsé-réngsé, kumaha carana sangkan Sadérék bisa terus percaya ka Yéhuwa jeung organisasi-Na?

6. Ti Nabi Habakuk, urang diajar naon ngeunaan carana nyanghareupan tangtangan? (Habakuk 3:17-19)

6 Caritakeun masalah Sadérék ka Yéhuwa dina doa jeung pénta bantuana-Na. Nabi Habakuk nyanghareupan rupa-rupa tangtangan. Dina hiji waktu, manéhna cangcaya, naha enya Yéhuwa téh masih nyaah ka manéhna. Jadi, manéhna ngabudalkeun eusi haténa ka Yéhuwa. Manéhna ngadoa, ”Nun PANGERAN, kedah sabaraha lamina abdi sasambat nyuhunkeun pitulung, dugi ka Gusti kersa ngadangu sareng nyalametkeun abdi sadaya tina katelengesan? . . . Naha Gusti kiat ningali kalakuan jalmi-jalmi sakitu arawonna?” (Hab. 1:2, 3, KITAB SUCI © LAI 1991) Yéhuwa ngajawab doa Nabi Habakuk nu sapinuh haté éta. (Hab. 2:2, 3) Sanggeus ngalenyepan kumaha Yéhuwa nyalametkeun umat-Na, Habakuk jadi suka bungah deui. Habakuk jadi yakin yén Yéhuwa téh nyaah jeung bakal mantuan manéhna nyanghareupan sagala tangtangan. (Baca Habakuk 3:17-19.) Jadi, naon palajaranana? Waktu Sadérék nyanghareupan tangtangan, pék pénta bantuan Yéhuwa jeung budalkeun eusi haté Sadérék dina doa. Engké Sadérék bisa yakin yén Yéhuwa bakal méré kakuatan supaya Sadérék bisa tetep tabah. Waktu Sadérék ngarasakeun bantuana-Na, iman Sadérék jadi leuwih kuat.

7. Tangtangan naon nu disanghareupan ku Shirley, jeung naon nu dilakukeun ku manéhna supaya terus percaya ka Yéhuwa?

7 Terus lakukeun kagiatan rohani. Perhatikeun pangalaman Sadérék Shirley di Papua Nugini waktu manéhna nyanghareupan tangtangan. b Kulawargana téh miskin, jeung kadang kudu susah payah néang dahareun. Dulurna hayang ngalemahkeun imanna Shirley ka Yéhuwa. Ceuk dulurna, ”Cenah Allah bakal mantuan, tapi mana buktina? Angger wéh kulawarga manéh miskin! Lainna néangan duit, ngadon ngawawar waé manéh mah.” Shirley nyarita, ”Abdi jadi mikir, Yéhuwa téh nyaah ka urang teu nya? Terus, abdi langsung ngadoa ka Yéhuwa jeung méré nyaho naon nu abdi pikirkeun. Abdi gé teu eureun maca Alkitab jeung publikasi, rutin datang ka pasamoan, sarta terus ngawawar.” Shirley jadi sadar yén Yéhuwa téh terus ngajaga kulawargana. Kulawargana bagja jeung teu pernah kalaparan. Shirley ngomong, ”Abdi ngarasa Yéhuwa téh geus ngajawab doa abdi.” (1 Tim. 6:6-8) Mun Sadérék terus ngalakukeun kagiatan rohani, masalah naon waé moal bisa ngajauhkeun Sadérék ti Yéhuwa.

WAKTU SADÉRÉK NU BOGA TANGGUNG JAWAB DINA ORGANISASI DIKANIAYA

8. Naon nu bisa waé kaalaman ku sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab dina organisasi Yéhuwa?

8 Jalma-jalma nu teu resep ka Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun média sosial pikeun mitnah sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab dina organisasi. (Jab. 31:14) Malah, aya sababaraha sadérék nu ditéwak jeung didakwa sabagé kriminal. Dina abad kahiji gé, Rasul Paulus ditéwak jeung dipanjarakeun. Kumaha sikep dulur-dulur saimanna harita?   

9. Kumaha sikep sababaraha urang Kristen waktu Rasul Paulus dipanjarakeun?

9 Sababaraha urang Kristen dina abad kahiji eureun ngadukung Rasul Paulus waktu manéhna dipanjarakeun di Roma. (2 Tim. 1:8, 15) Meureun maranéhna éra lantaran Paulus dianggap penjahat. (2 Tim. 2:8, 9) Atawa, bisa jadi maranéhna sieun ditéwak ogé. Teu sual naon alesanana, bayangkeun kumaha parasaan Rasul Paulus. Salila ieu, Paulus geus nyanghareupan loba kasusah demi dulur-dulur saimanna, malahan mah nepi ka narohkeun nyawana. (Kis. 20:18-21; 2 Kor. 1:8) Urang pasti embung jiga sababaraha urang Kristen nu ninggalkeun Rasul Paulus. Naon nu kudu urang inget waktu sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab dikaniaya?

10. Lamun aya sadérék nu boga tanggung jawab dikaniaya, naon anu kudu urang inget, jeung ku naon?

10 Sing inget ku naon urang dikaniaya jeung saha nu nganiaya urang. Ceuk 2 Timotius 3:12, ”Sabenerna, saha waé nu hayang ngabdi ka Allah salaku murid Isa Al-Masih bakal dikaniaya ogé.” Jadi, urang teu kudu héran mun Sétan nyerang sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab. Sétan hayang maranéhna teu satia deui ka Yéhuwa, jeung Sétan gé hayang nyingsieunan urang.​—1 Pét. 5:8.   

Najan Paulus keur dipanjara, Onésiforus terus ngadukung manéhna. Ayeuna gé, sadérék-sadérék terus ngadukung dulur saiman nu dipanjara, siga nu ditunjukkeun dina gambar ieu (Tingali paragrap 11-12)

11. Urang diajar naon tina tuladan Onésiforus? (2 Timotius 1:16-18)

11 Terus dukung sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab jeung terus satia ka maranéhna. (Baca 2 Timotius 1:16-18.) Onésiforus, salah sahiji urang Kristen dina abad kahiji, terus ngadukung Paulus waktu Paulus dipanjarakeun. ”Manéhna gé teu éra sanajan [Paulus] dipanjara.” Onésiforus mah terus ngubek néangan Paulus. Terus waktu geus panggih jeung Paulus, manéhna sabisa-bisana méré bantuan ka Paulus. Sabenerna, ku ngalakukeun éta, Onésiforus téh narohkeun nyawana. Naon palajaranana? Ulah kaéléhkeun ku parasaan sieun ka manusa jeung ahirna urang jadi teu ngadukung sadérék-sadérék nu keur dikaniaya. Justru, urang kudu ngadukung jeung sabisa-bisana mantuan maranéhna. (Sil. 17:17) Maranéhna téh butuh dukungan jeung kanyaah urang.

12. Urang bisa diajar naon ti sadérék-sadérék di Rusia?

12 Pikirkeun kumaha sadérék-sadérék di Rusia ngabantu dulur-dulur saimanna nu keur dipanjara. Waktu aya saurang sadérék nu dibawa ka pangadilan, loba dulur saiman datang pikeun ngadukung manéhna. Naon palajaranana keur urang? Ulah sieun mun sadérék nu boga tanggung jawab dina organisasi dipitnah, dipanjarakeun, jeung dikaniaya. Doakeun maranéhna, kulawargana, jeung sabisa-bisana dukung maranéhna.​—Kis. 12:5; 2 Kor. 1:10, 11.

WAKTU URANG DILÉLÉWÉ

13. Kumaha omongan batur nu ngaléléwé bisa nyieun urang cangcaya ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na?

13 Meureun anggota kulawarga, batur gawé, atawa batur sakola nu teu saiman ngaléléwé lantaran urang ngawawar jeung nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. (1 Pét. 4:4) Bisa jadi maranéhna ngomong, ”Manéh bageur sih, tapi agama manéh téh loba teuing aturan jeung teu asup akal.” Aya ogé nu ngomong kieu ngeunaan sikep urang ka jalma nu dipecat, ”Ongkoh manéh téh jalma nu nyaahan.” Omongan siga kitu bisa nyababkeun urang cangcaya ka Yéhuwa. Meureun urang jadi mikir yén Yéhuwa jeung organisasi-Na téh méré loba teuing aturan. Lamun urang diléléwé, kumaha carana supaya urang bisa terus ngaraket ka Yéhuwa jeung ka organisasi-Na?

Ayub teu percaya kana kabohongan ti sobat palsuna nu ngaléléwé manéhna, tapi manéhna boga tékad pikeun tetep satia ka Yéhuwa (Tingali paragrap 14)

14. Kumaha sakuduna sikep urang waktu diléléwé lantaran nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa? (Jabur 119:50-52)

14 Terus tuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. Ayub terus nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa sanajan diléléwé. Salah saurang sobat palsuna hayang manéhna mikir yén Allah mah teu paduli, rék Ayub nuturkeun patokan hirup ti Anjeunna atawa henteu. (Ayub 4:17, 18; 22:3) Tapi, Ayub teu percaya kitu waé. Manéhna apal, patokan hirup ti Yéhuwa téh nu pangbenerna, jeung manéhna hayang terus nuturkeunana. Manéhna mah hayang terus satia sanajan batur ngaléléwé. (Ayub 27:5, 6) Naon palajaranana? Ulah nepi ka cangcaya kana patokan hirup ti Yéhuwa pédah diléléwé ku batur. Coba inget-inget deui nu pernah kaalaman ku Sadérék. Sadérék pasti sering ngarasakeun mangpaatna nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. Jadi, sing terus aya dina organisasi nu ngajungjung patokan hirup nu bener ti Allah. Ku kituna, teu sual sakumaha loba jalma nu ngaléléwé, urang mah moal ngajauh ti Yéhuwa.​—Baca Jabur 119:50-52.

15. Ku naon Briana diléléwé?

15 Perhatikeun pangalaman Briana, saurang sadérék istri ti India. Manéhna diléléwé ku kulawargana lantaran kapercayaanana. Teu lila sanggeus manéhna dibaptis dina taun 1997, salakina anu lain Saksi di-PHK. Jadi, Briana, salakina, jeung barudak awéwéna kapaksa kudu pindah ka imah mitohana nu aya di kota séjén. Tapi, aya masalah anu leuwih gedé deui. Lantaran salakina geus teu boga pagawéan, Briana kudu digawé unggal poé pikeun nganapkahan kulawargana. Salian ti éta, sidang nu pangdeukeutna téh jarakna kira-kira 350 km. Geus kitu, kulawarga salakina téh meni nentang pisan nepi ka geuleuh ka Briana lantaran kapercayaanana. Jadi, Briana sakulawarga kapaksa kudu pindah deui ti ditu. Teu lila, ujug-ujug salakina maot. Geus kitu, salah saurang budak awéwéna gé maot lantaran keuna kangker, padahal umurna kakara 12 taun. Terus, dulur-dulurna Briana gé nyalahkeun manéhna kana hal-hal goréng anu geus kajadian. Maranéhna ngomong, mun Briana teu jadi Saksi Yéhuwa, manéhna moal ngalaman kajadian-kajadian éta. Sanajan kitu, Briana tetep percaya ka Yéhuwa jeung tetep aya dina organisasi-Na.

16. Naon berkah nu ditarima ku Briana lantaran tetep satia ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na?

16 Lantaran sidang nu pangdeukeutna téh jauh ti imah Briana, saurang pangawas wilayah ngajurung Briana pikeun ngawawar di daérahna sorangan jeung ngayakeun pasamoan di ditu. Mimitina mah Briana ngarasa kawalahan. Sanajan kitu, manéhna tetep ngawawarkeun warta hadé, ngayakeun pasamoan di imahna, sarta rutin ngayakeun ibadah kulawarga bareng jeung budak awéwéna. Naon hasilna? Briana bisa mandu loba palajaran Alkitab, malahan loba palajarna geus dibaptis. Terus dina taun 2005, manéhna jadi saurang panaratas biasa. Lantaran terus satia ka Yéhuwa jeung ka organisasi-Na, Briana narima loba berkah. Nepi ka ayeuna, budak awéwéna terus satia ngawula Yéhuwa. Terus, ayeuna di daérahna téh geus aya 2 sidang. Briana yakin manéhna bisa tetep tabah waktu aya kasusah jeung waktu diléléwé téh lantaran dibéré kakuatan ku Yéhuwa.

SING TERUS SATIA KA YÉHUWA JEUNG KA ORGANISASI-NA

17. Naon anu sakuduna jadi tékad urang?

17 Sétan hayang urang mikir yén Yéhuwa moal nulungan urang, jeung hirup urang gé bakal leuwih susah mun urang terus aya dina organisasi Yéhuwa. Sétan gé hayang urang sieun waktu sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab dipitnah, dikaniaya, atawa dipanjarakeun. Terus waktu aya nu ngaléléwé urang, Sétan hayang urang teu percaya deui kana patokan hirup ti Yéhuwa jeung organisasi-Na. Tapi, urang apal muslihat-muslihat Sétan jeung moal bisa katipu. (2 Kor. 2:11) Jadi, sing boga tékad pikeun nolak kabohongan ti Sétan jeung terus satia ka Yéhuwa sarta organisasi-Na. Sing inget, Yéhuwa moal pernah ninggalkeun Sadérék! (Jab. 28:7) Ku kituna, moal aya anu bisa ngajauhkeun Sadérék ti Yéhuwa.​—Rm. 8:35-39.

18. Naon anu bakal dibahas dina artikel saterusna?

18 Dina artikel ieu, urang geus ngabahas tangtangan-tangtangan nu asalna ti luar sidang. Tapi, rasa percaya urang ka Yéhuwa jeung ka organisasi-Na gé bisa oyag mun aya tangtangan ti jero sidang. Kumaha carana supaya urang bisa nyanghareupanana? Urang bakal ngabahas éta dina artikel saterusna.

KAWIH 118 ’Kuatkeun Iman Abdi’

a Supaya bisa terus satia dina ahir jaman ieu, urang kudu terus percaya ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na. Si Iblis ngamangpaatkeun tangtangan-tangtangan pikeun ngaruksak rasa percaya éta. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu tangtangan naon nu dimangpaatkeun ku si Iblis jeung kumaha carana supaya urang terus percaya ka Yéhuwa sarta ka organisasi-Na.

b Sababaraha ngaran geus diganti.