Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Terang?

Naha Sadérék Terang?

Mordekai nu dicaritakeun dina Alkitab téh bener-bener aya kitu?

SAURANG lalaki Yahudi nu ngaranna Mordekai téh jalma penting nu dicaritakeun dina kitab Ester. Manéhna téh salah sahiji urang Yahudi nu balik ti pangbuangan. Manéhna digawé di karaton raja Persia dina awal abad kalima SM, nyaéta waktu ”Raja Ahasweros . . . ngaraton”. (Raja ieu disebut ogé Xerses I.) Mordekai téh pernah ngagagalkeun rencana jahat jalma-jalma nu hayang maéhan raja. Jadi pikeun ngahargaan jasa Mordekai, raja ngayakeun acara panghormatan keur Mordekai. Ka dieunakeun, Haman musuhna Mordekai jeung musuhna urang Yahudi, maot. Geus kitu, Mordekai diangkat jadi perdana mentri ngagantikeun manéhna. Ku kituna, Mordekai bisa ngaluarkeun paréntah pikeun nyalametkeun urang Yahudi nu aya di wilayah Persia tina genosida (dimusnakeunana hiji kaom).​—Est. 1:1, 2, KITAB SUCI © LAI 1991; Est. 2:5, 21-23; 8:1, 2; 9:16.

Sababaraha ahli sajarah nyebutkeun yén kitab Ester téh ngan dongéng hungkul, sarta Mordekai téh teu bener-bener aya. Tapi dina taun 1941, para arkéolog manggihan bukti-bukti yén Mordekai nu dicaritakeun dina Alkitab téh bener-bener aya. Naon waé buktina?

Para ahli manggihan tulisan dina lémpéngan-lémpéngan Persia. Di ditu, aya ngaran Marduka (Inggrisna mah Mordekai). Manéhna téh digawé di bagian administrasi, meureun jadi akuntan, di kota Susan. Arthur Ungnad, salah saurang ahli sajarah, nyebutkeun yén ieu téh ”mimitina ngaran Mordekai disebutkeun di sumber réferénsi séjén salian ti Alkitab”.

Ti saprak ayana laporan ti Ungnad, para ahli geus narjamahkeun tulisan dina rébuan lémpéngan Persia. Di antarana téh aya lémpéngan Persepolis nu dipanggihan di ruruntuhan Treasury, deukeut témbok kota. Lémpéngan-lémpéngan ieu téh asalna ti jaman pamaréntahan Raja Xerxes I. Lémpéngan-lémpéngan ieu ditulis dina basa Élam, jeung di ditu aya sababaraha ngaran jalma anu dicaritakeun ogé dina kitab Ester. a

Ngaran Mordekai (Marduka) nu aya dina tulisan di lémpéngan Persia

Dina sababaraha lémpéngan Persepolis téh aya ngaran Marduka. Manéhna digawé jadi sékertarisna raja di karaton Susan salila pamaréntahan Raja Xerxes I. Salah sahiji lémpénganana nyebutkeun yén Marduka téh saurang panarjamah. Katerangan éta cocog jeung catetan dina Alkitab ngeunaan Mordekai nu jadi pajabatna Raja Ahaswéros (Xerxes I). Mordekai gé sahenteuna bisa ngomong dua basa. Biasana, Mordekai cicing di lawang kamar raja di karaton Susan. (Est. 2:19, 21; 3:3) Lawang ieu téh bangunan anu gedé pisan, jeung para pajabatna biasa digawé di dinya.

Jadi, aya sasaruaan antara Marduka nu aya disebutkeun dina lémpéngan jeung Mordekai nu disebutkeun dina Alkitab. Maranéhna hirup dina jaman nu sarua, di tempat nu sarua, jeung jadi pajabat di karaton nu sarua. Kabéh hal ieu nunjukkeun yén bisa jadi Marduka jeung Mordekai téh jalma nu sarua.

a Dina taun 1992, Propésor Edwin M. Yamauchi nulis hiji artikel nu nyebutkeun sapuluh ngaran jalma nu aya dina lémpéngan Persepolis, anu dicaritakeun ogé dina kitab Éster.