Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 45

Yéhuwa Mantuan Urang Ngajalankeun Palayanan

Yéhuwa Mantuan Urang Ngajalankeun Palayanan

”Asal [maranéhna] nyarahoeun yen aya nabina.”​—YEH. 2:5. a

KAWIH 67 Pék Émbarkeun!

NU DIBAHAS b

1. Naon nu bakal kaalaman ku urang, jeung urang bisa yakin kana hal naon?

 TEU HÉRAN lamun urang meunang tangtangan waktu urang ngawawar. Ka hareupna, urang bisa waé meunang tangtangan nu leuwih parah. (Dan. 11:44; 2 Tim. 3:12; Why. 16:21) Tapi, urang bisa yakin Yéhuwa bakal nulungan urang. Ku naon? Ti jaman baheula gé, Yéhuwa geus nulungan hamba-hamba-Na pikeun ngajalankeun tugas maranéhna, teu sual sakumaha hésé tugasna. Hayu urang bahas naon nu kaalaman ku Nabi Yéhéskél basa manéhna ngawawar ka urang Yahudi di pangbuangan di Babilon.

2. Ceuk Yéhuwa, siga kumaha jalma-jalma anu kudu diwawaran ku Yéhéskél, jeung naon anu bakal dibahas dina artikel ieu? (Yeheskel 2:3-6)

2 Yéhéskél téh diutus pikeun ngawawar ka jalma-jalma anu siga kumaha? Ceuk Yéhuwa, maranéhna téh ”baredegong”, ”henteu ngajenan” ka Yéhuwa, sarta ”tukang barontak”. Maranéhna téh bahaya siga langgir. Jadi teu héran Yéhuwa mangkali-kali ngomong ka Yéhéskél, ”Teu kudu sieun.” (Baca Yeheskel 2:3-6.) Yéhéskél sanggup ngajalankeun tugas pangwawaran ieu lantaran (1) Manéhna téh diutus ku Yéhuwa, (2) manéhna dibéré kakuatan ku kawasa suci Allah, jeung (3) iman manéhna dikuatkeun ku Firman Allah. Ayeuna, hayu urang bahas kumaha tilu hal éta ngabantu Yéhéskél, jeung kumaha tilu hal éta bisa ngabantu urang ogé dina jaman ayeuna.

YÉHUWA NGUTUS YÉHÉSKÉL

3. Kekecapan naon waé nu nguatkeun Yéhéskél, jeung kumaha Yéhuwa ngayakinkeun Yéhéskél yén manéhna didukung ku Yéhuwa?

3 Yéhuwa ngomong ka Yéhéskél, ”Maneh ku Kami diutus.” (Yeh. 2:3, 4) Kekecapan éta pasti nguatkeun Yéhéskél. Ku naon? Manéhna pasti inget, Yéhuwa pernah ngucapkeun hal nu mirip waktu nunjuk Musa jeung Yésaya jadi nabi-Na. (Bud. 3:10; Yes. 6:8) Yéhéskél gé apal, Yéhuwa geus nulungan dua nabi éta nyanghareupan tangtangan. Jadi, waktu Yéhuwa dua kali ngomong ka Yéhéskél, ”Maneh ku Kami diutus”, manéhna pasti beuki yakin yén Yéhuwa bakal mantuan manéhna. Dina kitab Yéhéskél, kekecapan ”PANGERAN nimbalan ka sim kuring” disebutkeun sababaraha kali. (Yeh. 3:16) Yéhéskél jadi beuki yakin yén manéhna téh diutus ku Yéhuwa. Salian ti éta, bapana Yéhéskél téh saurang imam. Katingalina bapana ngajarkeun yén Yéhuwa ngadukung nabi-nabi-Na. Yéhuwa gé ngomong ka Ishak, Yakub, jeung Yérmia yén Anjeunna nyarengan maranéhna.​—Kaj. 26:24; 28:15; Yer. 1:8.

4. Hal-hal naon waé nu nguatkeun Yéhéskél?

4 Kumaha kira-kira sikep kalolobaan urang Israél waktu ngadéngé warta nu diuarkeun ku Yéhéskél? Yéhuwa ngomong, ”Urang Israil mah moal ngadéngékeun manéh, sabab maranéhna embung ngadéngékeun Kuring.” (Yeh. 3:7, Terjemahan Dunia Baru) Ku nolak Yéhéskél, sabenerna maranéhna téh nolak Yéhuwa. Kekecapan éta ngayakinkeun Yéhéskél yén sanajan jalma-jalma embung ngadéngékeun manéhna, lain hartina manéhna geus gagal jadi nabi. Yéhuwa gé ngayakinkeun Yéhéskél, engké waktu warta nu diuarkeun ku manéhna jadi kanyataan, jalma-jalma bakal ’nyaho yen aya nabi’ di antara maranéhna. (Yeh. 2:5; 33:33) Hal-hal ieu pasti nguatkeun Yéhéskél pikeun ngajalankeun tugasna.

YÉHUWA NGUTUS URANG AYEUNA

Siga Yéhéskél, urang meureun ngalaman tangtangan, tapi urang yakin Yéhuwa nyarengan urang (Tingali paragrap 5-6)

5. Dumasar kana Yesaya 44:8, ti mana urang meunang kawani?

5 Ayeuna, urang gé jadi wani lantaran nyaho yén urang téh diutus ku Yéhuwa. Anjeunna nyebut urang ”saksi Kami”. (Yes. 43:10) Éta téh kahormatan nu luar biasa pisan! Siga Yéhuwa ngajurung Yéhéskél, ”Teu kudu sieun”, Yéhuwa ogé ngajurung urang, ”Ulah sieun!” Ku naon urang teu kudu sieun ka nu nentang urang? Siga Yéhéskél, urang téh diutus jeung didukung ku Yéhuwa.​—Baca Yesaya 44:8.

6. (a) Kumaha Yéhuwa ngayakinkeun urang yén Anjeunna bakal terus nyarengan urang? (b) Ku naon urang jadi gedé haté?

6 Yéhuwa jangji bakal terus nyarengan urang. Misalna, saacan ngomong, ”Saksi Kami nya maraneh”, Yéhuwa nyebutkeun kieu, ”Mun maneh meuntasan cai jero, ku Kami tangtu diaping, maneh moal titeuleum ku kasukeran. Nyorang seuneu moal tutung, nyorang bahla moal cilaka.” (Yes. 43:2) Dina palayanan, bisa waé urang meunang tangtangan anu siga cai nu jero sarta ngalaman cocoba nu beurat siga seuneu nu ngagedur. Tapi ku bantuan Yéhuwa, urang terus ngawawar. (Yes. 41:13) Siga di jamanna Yéhéskél, loba jalma ayeuna nolak warta urang. Tapi éta lain hartina urang téh gagal jadi Saksi Allah. Urang jadi gedé haté lantaran Yéhuwa reueus ningali urang nu terus ngawartakeun warta hadé. Rasul Paulus nulis kieu, ”Masing-masing bakal meunang ganjaran nu saimbang jeung pagawéanana.” (1 Kor. 3:8; 4:1, 2) Saurang sadérék istri nu geus lila naratas ngomong, ”Abdi bungah pisan lantaran apal Yéhuwa ngaberkahan upaya urang kabéh.”

KAWASA SUCI ALLAH MÉRE KAKUATAN KA YÉHÉSKÉL

Yéhéskél ningali karéta surgawi Yéhuwa jeung yakin Yéhuwa bakal mantuan manéhna ngajalankeun tugas (Tingali paragrap 7)

7. Kumaha parasaan Yéhéskél unggal mikirkeun titingalian éta? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

7 Yéhéskél nyaksian sakumaha hébatna kawasa suci Allah. Dina titingalian, kawasa suci Allah téh ngagerakkeun mahluk-mahluk perkasa jeung roda raksasa ti karéta surgawi. (Yeh. 1:20, 21) Kumaha réaksi Yéhéskél? Saking ku tajubna, ”bruk bae [manéhna] nyuuh kana taneuh”. (Yeh. 1:28) Ka dieunakeun, unggal mikirkeun titingalian éta, Yéhéskél pasti jadi beuki yakin yén manéhna sanggup ngajalankeun tugasna ku bantuan kawasa suci Allah.

8-9. (a) Naon paréntah Yéhuwa ka Yéhéskél? (b) Di daérah tugasna nu hésé, kumaha Yéhuwa terus nguatkeun Yéhéskél?

8 Yéhuwa nitah Yéhéskél, ”Eh anak manusa, geura cengkat. Kami boga caritakeuneun.” Paréntah Yéhuwa jeung kawasa suci-Na méré Yéhéskél kakuatan pikeun nangtung. Yéhéskél nulis, ”Sim kuring katerap ku [kawasa suci] Allah, sarta deg sim kuring ditangtungkeun.” (Yeh. 2:1, 2) Salila palayananana, Yéhéskél dibingbing ku ”panangan” Allah, atawa kawasa suci Allah. (Yeh. 3:22; 8:1; 33:22; 37:1; 40:1) Kawasa suci Allah nguatkeun Yéhéskél pikeun ngajalankeun tugasna, nyaéta ngawawar ka nu ”baradegong” jeung ”bangkawarah”. (Yeh. 3:7) Yéhuwa ngabéjaan Yéhéskél, ”Maneh oge ku Kami rek dibedegongkeun kawas maranehna. Maneh rek dijieun lir batu karang, anu tagen, sarta teuas cara inten. Jadi ulah salempang ku eta anu balangkawarah teh.” (Yeh. 3:8, 9) Yéhuwa saolah-olah ngomong kieu ka Yéhéskél, ’Ulah leutik haté ku lantaran jalma-jalma nu heuras beuheung éta. Kuring bakal nguatkeun manéh.’

9 Geus kitu, kawasa suci Allah mawa Yéhéskél ngurilingan daérah tugasna. Yéhéskél nulis, ”Karasa aya deui tanaga anu ngangkat sarta nyandak sim kuring, kacida rongkahna, nya eta tanaga kakawasaan PANGERAN.” Yéhéskél butuh waktu saminggu pikeun ngarti kana warta nu rék ditepikeun ku manéhna. (Yeh. 3:14, 15) Tuluy, Yéhuwa nitah manéhna indit ka lebak. Di ditu, ’Roh Allah nyurup ka [manéhna]’. (Yeh. 3:23, 24) Ayeuna, Yéhéskél geus siap pikeun ngamimitian palayananana.

KAWASA SUCI ALLAH MÉRE KAKUATAN KA URANG AYEUNA

Siga dina jaman Yéhéskél, naon nu ngabantu urang sanggup ngajalankeun palayanan ayeuna? (Tingali paragrap 10)

10. Urang butuh naon supaya sanggup ngawawar, jeung ku naon?

10 Naon anu bisa ngabantu urang ngajalankeun tugas pikeun ngawawar? Hayu urang perhatikeun naon anu kaalaman ku Yéhéskél. Saacan Yéhéskél ngamimitian pangwawaranana, kawasa suci Allah méré kakuatan anu dibutuhkeun ku manéhna. Ayeuna gé, kawasa suci Allah mantuan urang supaya urang sanggup ngawawar, sabab Sétan bébéakan rék ngeureunkeun kagiatan pangwawaran urang. (Why. 12:17) Loba jalma mikir Sétan téh kuat pisan, jadi mustahil urang bisa ngéléhkeun manéhna. Tapi ku cara ngawawar, sabenerna urang téh nalukkeun Sétan! (Why. 12:9-11) Naha bisa kitu? Waktu urang ngawawar, urang nunjukkeun yén urang téh teu sieun ku ancaman Sétan. Jadi unggal urang ngawawar, urang téh ngéléhkeun Sétan. Nepi ka ayeuna, urang bisa terus ngawawar sanajan musuh ngahalang-halang urang. Ieu ngabuktikeun yén urang dibéré kawasa suci sarta didukung ku Yéhuwa.​—Mat. 5:10-12; 1 Pét. 4:14.

11. Kumaha kawasa suci mantuan urang, jeung kumaha carana supaya urang terus dibéré kawasa suci?

11 Pikeun ngawawar ka jalma-jalma nu baradegong, Yéhéskél saolah-olah dijieun bedegong ogé ”lir batu karang, anu tagen, sarta teuas cara inten”. Naon palajaranana keur urang? Kawasa suci bisa méré urang kakuatan anu dibutuhkeun supaya urang bisa nyanghareupan tangtangan naon waé dina palayanan. (2 Kor. 4:7-9) Jadi, kumaha carana supaya urang terus dibéré kawasa suci? Urang kudu terus ngadoa sarta yakin yén Yéhuwa ngadangukeun doa urang. Isa ngajar murid-muridna, ”Tong eureun ménta . . . tong eureun néangan . . . tong eureun ngetrok.” Engké Yéhuwa bakal ”méré kawasa suci ka jalma nu ménta”.​—Luk. 11:9, 13; Kis. 1:14, 2:4.

FIRMAN ALLAH NGUATKEUN IMAN YÉHÉSKÉL

12. Dumasar Yeheskel 2:9–3:3, ti mana asalna gulungan éta, jeung naon eusina?

12 Kawasa suci Allah méré Yéhéskél kawani anu dibutuhkeun pikeun ngawawar. Salian ti éta, firman Allah gé nguatkeun iman Yéhéskél. Dina titingalian, sor aya panangan nyodorkeun hiji surat gulungan ka Yéhéskél. (Baca Yeheskel 2:9–3:3.) Ti mana asalna gulungan éta? Naon eusina? Kumaha éta nguatkeun Yéhéskél? Hayu urang bahas. Gulungan éta téh asalna ti tahta Yéhuwa. Katingalina, Yéhuwa ngagunakeun salah sahiji ti opat malaikat nu ditingali ku Yéhéskél pikeun nyodorkeun gulungan éta ka Yéhéskél. (Yeh. 1:8, 10:7, 20) Gulungan éta téh eusina firman Yéhuwa, nyaéta warta panghakiman nu kudu ditepikeun ku Yéhéskél ka tawanan Yahudi nu osok ngabarontak. (Yeh. 2:7) Warta éta ditulis dina kadua sisi gulungan, di hareup jeung di tukangna.

13. Ceuk Yéhuwa, gulungan éta téh kudu dikumahakeun ku Yéhéskél, jeung ku naon rasana amis?

13 Yéhuwa maréntahkeun Yéhéskél pikeun ngadahar gulungan jeung ’ngeusian beuteungna’ ku gulungan éta. Seug Yéhéskél ngadahar gulunganana. Naon harti titingalian ieu? Yéhéskél kudu bener-bener paham kana warta anu rék ditepikeun ku manéhna. Mun bener-bener yakin kana warta éta, manéhna bakal kageuing pikeun nepikeun wartana. Waktu gulungan éta didahar, geuning ”rasana amis asa madu”. (Yeh. 3:3) Ku naon bisa kitu? Keur Yéhéskél mah, jadi wakilna Yéhuwa téh mangrupakeun kahormatan. Rasana gé amis, maksudna ieu téh pangalaman anu pikabungaheun. (Jab. 19:9-12) Yéhéskél bener-bener nganuhunkeun sabab Yéhuwa daék ngagunakeun manéhna sabagé nabi Allah.

14. Naon anu ngabantu Yéhéskél ngajalankeun tugasna?

14 Terus, Yéhuwa ngomong kieu, ”Regepkeun, ingetkeun sagala rupa anu baris diucapkeun ku Kami.” (Yeh. 3:10) Yéhuwa nitah Yéhéskél pikeun nginget-nginget deui naon anu ditulis dina gulungan éta sarta ngalenyepanana. Hasilna, iman Yéhéskél jadi leuwih kuat. Ku kituna, manéhna siap nepikeun warta ka jalma-jalma. (Yeh. 3:11) Sanggeus Yéhéskél paham jeung percaya kana warta ti Allah, manéhna siap ngajalankeun tugasna nepi ka anggeus.​—Bandingkeun Jabur 19:15.

FIRMAN ALLAH NGUATKEUN IMAN URANG AYEUNA

15. Supaya bisa terus ngajalankeun palayanan, naon nu kudu diinget ku urang?

15 Supaya bisa terus ngajalankeun palayanan, urang gé perlu terus dikuatkeun ku firman Allah. Urang kudu inget sagala ucapan Yéhuwa ka urang. Kiwari, ucapan Yéhuwa aya dina Alkitab. Kumaha urang bisa mastikeun yén Firman Allah terus mangaruhan pikiran, parasaan, jeung tékad urang?

16. Kumaha carana supaya urang bisa bener-bener ngarti kana Firman Allah?

16 Ngarah awak urang kuat, dahareun téh kudu didahar jeung dicerna. Nah, ngarah iman urang kuat, Firman Allah téh kudu dibaca jeung dilenyepan. Titingalian ngeunaan gulungan téh méré palajaran penting. Yéhuwa hayang urang ’ngeusian beuteung’ ku Firman-Na. Maksudna, Yéhuwa hayang urang bener-bener ngarti kana Firman-Na. Jadi, urang kudu ngadoa, maca Alkitab, jeung ngalenyepanana. Mimitina, urang kudu ngadoa supaya haté urang siap pikeun narima pipikiran Allah. Geus kitu, urang maca Alkitab. Sanggeusna, urang kudu nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan naon anu geus dibaca. Kumaha hasilna engké? Beuki sering urang ngalenyepan, urang bakal beuki ngarti kana Firman Allah. Ku kituna, iman urang bakal beuki kuat.

17. Ku naon penting pikeun ngalenyepan naon anu urang baca dina Alkitab?

17 Ku naon maca Alkitab jeung ngalenyepanana téh penting? Mun urang ngalakukeunana, urang bakal boga kakuatan pikeun ngawawarkeun warta ngeunaan Pamaréntahan Allah. Urang gé bakal sanggup nepikeun warta panghakiman nu teges ti Allah moal lila deui. Terus, mun urang ngalenyepan sipat-sipat Yéhuwa, sosobatan urang jeung Anjeunna bakal beuki raket. Hasilna, urang bakal ngarasakeun katengtreman jeung kabagjaan anu amis karaosna.​—Jab. 119:103.

SING LEUKEUN DINA DINES PANGWAWARAN

18. Jalma-jalma daék teu daék kudu ngaku kana hal naon, jeung ku naon?

18 Mémang, urang mah lain saurang nabi siga Yéhéskél. Sanajan kitu, urang boga tékad pikeun leukeun nepikeun warta ti Yéhuwa nu aya dina Firman-Na. Urang bakal terus ngalakukeunana nepi ka Yéhuwa nganggap pagawéan urang geus bérés. Jadi, engké waktu poé panghakiman datang, jalma-jalma moal boga alesan pikeun ngomong yén maranéhna can pernah diélingan atawa ngomong yén Allah teu merhatikeun maranéhna. (Yeh. 3:19; 18:23) Justru, engké maranéhna daék teu daék kudu ngaku yén warta anu ditepikeun ku urang téh asalna mémang ti Allah.

19. Naon anu bisa ngabantu urang pikeun terus ngajalankeun palayanan nepi ka tutas?

19 Aya tilu hal nu geus nguatkeun Yéhéskél. Tilu hal éta ogé bisa ngabantu urang pikeun terus ngajalankeun palayanan urang nepi ka tutas. Urang apal yén urang téh diutus ku Yéhuwa, dibéré kakuatan ku kawasa suci, jeung iman urang dikuatkeun ku Firman Allah. Ku bantuan Yéhuwa, urang boga tékad pikeun terus ngajalankeun palayanan urang ”nepi ka ahir”.​—Mat. 24:13.

KAWIH 65 Mekarkeun!

a Kutipan ayat tina kitab Yeheskel jeung Yesaya dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.

b Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu hal nu mantuan Nabi Yéhéskél pikeun ngajalankeun tugas pangwawaran. Urang bakal ngabahas kumaha Yéhuwa mantuan nabi ieu. Ku kituna urang bakal beuki yakin, Yéhuwa gé bakal mantuan urang supaya urang suksés ngajalankeun palayanan.