Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 46

Yéhuwa Mantuan Urang Tabah jeung Suka Bungah

Yéhuwa Mantuan Urang Tabah jeung Suka Bungah

”Yéhuwa sabar ngadagoan pikeun nunjukkeun kahadéan ka maranéh, jeung Anjeunna bakal nyieun tindakan pikeun mikawelas ka maranéh.”​—YES. 30:18, Terjemahan Dunia Baru.

KAWIH 3 Harepan tur Kakuatan Abdi

NU DIBAHAS a

1-2. (a) Pananya naon waé nu bakal dibahas? (b) Naon anu nunjukkeun yén Yéhuwa bener-bener hayang nulungan urang?

 YÉHUWA bisa mantuan urang dina nyanghareupan kasusah. Ku kituna urang bakal bisa tetep suka bungah dina ngawula ka Anjeunna. Kumaha cara Anjeunna mantuan urang? Jeung, kumaha carana supaya urang bisa ngamangpaatkeun bantuan ti Anjeunna? Pananya-pananya éta bakal dijawab dina artikel ieu. Tapi saacan urang ngabahas hal-hal éta, hayu urang bahas heula hiji pananya ieu: Naha enya Yéhuwa hayang bener-bener mantuan urang?

2 Jawabanana aya dina kekecapan anu digunakeun ku Rasul Paulus dina suratna ka urang Ibrani. Paulus nulis, ”Yéhuwa panulung kuring, kuring moal sieun. Rék bisa naon manusa ka kuring?” (Ibr. 13:6) Hiji réferénsi Alkitab nyebutkeun yén kecap ”panulung” téh ngagambarkeun saurang jalma anu lumpat rék nulungan batur nu keur ceurik ménta tulung. Pék bayangkeun, Yéhuwa ”lumpat” rék nulungan jalma anu keur susah. Tina gambaran éta, Sadérék pasti satuju yén Yéhuwa hayang nulungan urang. Lamun Yéhuwa nulungan urang, urang bakal tetep tabah jeung suka bungah sanajan aya cocoba.

3. Tilu cara naon nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun mantuan urang tetep tabah jeung suka bungah?

3 Ku cara naon waé Yéhuwa mantuan urang tetep tabah jeung suka bungah? Pikeun ngajawab éta, hayu bahas kitab Yesaya. Loba nubuat nu ditulis ku Yésaya téh aya mangpaatna keur urang ayeuna. Kekecapan nu digunakeun ku Yésaya pikeun ngagambarkeun sipat-sipat Yéhuwa gé gampang dipikaharti. Misalna, perhatikeun Yesaya pasal 30. Di ditu, Yésaya ngagunakeun ibarat pikeun ngagambarkeun kumaha Yéhuwa mantuan umat-Na. Manéhna nulis, Yéhuwa mantuan urang ku (1) ngadangukeun jeung ngajawab doa-doa urang, (2) ngabingbing urang, jeung (3) ngaberkahan urang ayeuna jeung dina mangsa ka hareup. Hayu urang bahas hiji-hiji.

YÉHUWA NGADANGUKEUN URANG

4. (a) Kumaha kalakuan urang Yahudi dina jaman Yésaya, jeung Yéhuwa ngantep maranéhna ngalaman naon? (b) Nu satia dibéré harepan naon ku Yéhuwa? (Yesaya 30:18, 19)

4 Dina ayat-ayat mimiti Yesaya pasal 30, Yéhuwa nyebutkeun yén urang-urang Yahudi téh ”ngaralawan ka Kami” jeung ”nambah-nambah bae dosa”. Terus Anjeunna gé ngomong, ”Kalakuanana ngan ngalawan bae ka Allah, arembungeun nurut kana pituduh-pituduh PANGERAN.” (Yes. 30:1, 9) b Yésaya nganubuatkeun yén Yéhuwa bakal ngantep maranéhna sangsara. (Yes. 30:5, 17; Yer. 25:8-11) Bener wéh, maranéhna ditawan ku urang Babilon. Tapi di antara maranéhna, masih kénéh aya nu saratia. Yésaya nepikeun harepan ti Yéhuwa keur maranéhna, nyaéta hiji poé Yéhuwa bakal mawa maranéhna balik ka Yérusalém. (Baca Yesaya 30:18, 19.) Tapi, maranéhna moal bisa bébas harita kénéh. Kekecapan ”Yéhuwa sabar ngadagoan pikeun nunjukkeun kahadéan ka maranéh” nunjukkeun maranéhna bisa salamet sanggeus sababaraha waktu. Bangsa Israél kakara bisa bébas sanggeus 70 taun cicing di Babilon. (Yes. 10:21; Yer. 29:10) Ahirna, maranéhna dibawa balik ku Yéhuwa ka Yérusalém. Kasedih maranéhna jadi kabungah sanggeus maranéhna balik deui ka lemah caina.

5. Yesaya 30:19 ngayakinkeun urang kana naon?

5 Urang bisa dikuatkeun waktu maca kekecapan, ”PANGERAN anu ngalilipur. Ana maraneh sasambat ka Mantenna tangtu didangu.” (Yes. 30:19) Nabi Yésaya ngayakinkeun urang yén Yéhuwa pasti ngadangukeun waktu urang ménta tulung ka Anjeunna. Kekecapan tadi gé nunjukkeun yén Bapa di sorga bener-bener hayang nulungan urang. Mun yakin kana hal ieu, urang bisa tetep tabah jeung suka bungah najan nandangan cocoba.   

6. Kekecapan naon nu nunjukkeun yén Yéhuwa ngadangukeun doa unggal jalma?

6 Ayat ieu gé ngayakinkeun urang yén Yéhuwa merhatikeun doa unggal jalma. Naon buktina? Dina Yésaya pasal 30 bagian nu mimiti, Yéhuwa nyebut umat-Na ”maranéh”. Tapi dina ayat 19, dina basa Ibranina mah, kecap nu digunakeun téh ”manéh”. Yésaya nulis, [Manéh] anu di Yerusalem moal ceurik-ceurik deui, PANGERAN anu ngalilipur. Ana [manéh] sasambat ka Mantenna tangtu didangu.’ Yéhuwa téh Bapa anu nyaahan. Jadi lamun aya nu leutik haté, Anjeunna moal ngomong ”Manéh kuduna kuat jiga batur.” Tapi, Yéhuwa téh merhatikeun urang masing-masing jeung ngadangukeun doa unggal jalma.​—Jab. 116:1; Yes. 57:15.

Ceuk Yésaya, ”Kudu terus, tong eureun-eureun nunuhun.” (Tingali paragrap 7)

7. Kumaha Yésaya jeung Isa nunjukkeun pentingna teterusan ngadoa?

7 Waktu urang nyaritakeun kahariwangan dina doa, meureun nu pangmimitina dibéré ku Yéhuwa téh nyaéta kakuatan pikeun tabah nyanghareupan kaayaan éta. Jeung, lamun jawabanana teu langsung dijawab harita kénéh, urang kudu terus ngadoa ka Yéhuwa ménta kakuatan. Anjeunna hayang urang terus ngadoa. Éta sarua jeung nu disebutkeun ku Yésaya, ”Kudu terus, tong eureun-eureun nunuhun.” (Yes. 62:7) Naon maksudna? Urang téh kudu teterusan ngadoa ka Yéhuwa, saolah-olah urang teu méré waktu ka Yéhuwa pikeun istirahat. Kekecapan Yésaya ngingetkeun urang kana ibarat ngeunaan doa nu disebutkeun ku Isa dina Lukas 11:8-10, 13. Di ditu, Isa ngajurung urang pikeun ”keukeuh” jeung ”tong eureun ménta” kawasa suci. Urang gé bisa ménta bingbingan ka Yéhuwa supaya bisa nyieun putusan nu bijaksana.

YÉHUWA NGABINGBING URANG

8. Dina jaman baheula, kumaha nubuat di Yesaya 30:20, 21 jadi kanyataan?

8 Baca Yesaya 30:20, 21. Waktu pasukan Babilon ngepung Yérusalém salila hiji satengah taun, urang Yahudi téh meni sangsara pisan. Saking sangsarana, maranéhna nganggap éta téh geus biasa. Tapi, dina ayat 20 jeung 21, Yéhuwa jangji bakal nulungan urang Israél lamun maranéhna daék tobat jeung ngarobah sikepna. Yésaya nyebutkeun, urang Israél bakal ”dipaparin pituduh” ku Yéhuwa. Yéhuwa bakal ngajar urang Yahudi ibadah nu siga kumaha anu ditarima ku Anjeunna. Kekecapan ieu jadi kanyataan waktu urang Israél dibébaskeun ti Babilon. Urang Israél ahirna bisa mulihkeun deui ibadah nu murni lantaran Yéhuwa ngabingbing maranéhna. Dina jaman ayeuna, urang tangtu suka bungah lantaran Yéhuwa terus ngabingbing urang.

9. Naon cara kahiji Yéhuwa ngabingbing urang ayeuna?

9 Yésaya ngagambarkeun urang siga murid-murid anu diajar ku Yéhuwa maké dua cara. Kahiji, Yésaya nyebutkeun, ”Maraneh teu kudu culak-cileuk neangan Mantenna.” Di dieu, Yéhuwa digambarkeun sabagé Guru nu aya di hareupeun murid-muridna. Urang meunang mangpaat tina pituduh-pituduh ti Yéhuwa ayeuna. Yéhuwa ngagunakeun organisasi-Na pikeun méré pituduh ka urang. Urang pasti nganuhunkeun pisan ku ayana bingbingan dina pasamoan jeung kongrés-kongrés. Salian ti éta, urang gé narima pituduh ti Yéhuwa dina publikasi, acara-acara JW Broadcasting®, jeung cara séjénna. Éta kabéh ngabantu urang tetep tabah jeung suka bungah dina mangsa kasusah.

10. Naon maksudna urang ngadéngékeun sora ”ti tukangeun”?

10 Yésaya nyebutkeun cara kadua Yéhuwa ngajar urang, ”Mantenna bakal ngagentraan ti tukangeun.” Di dieu, Yéhuwa digambarkeun sabagé Guru nu leumpang di tukangeun murid-muridna jeung méré nyaho jalan mana nu kudu dituturkeun. Ayeuna, urang ngadéngékeun sora Yéhuwa ti tukangeun urang. Kumaha carana? Firman Allah téh ditulis dina Alkitab jauh saacan jaman urang. Jadi, waktu urang maca Alkitab, urang téh siga ngadéngékeun sora Allah nu datangna ti tukangeun.​—Yes. 51:4.

11. Supaya urang bisa tetep bungah dina palayanan, dua hal naon nu kudu urang lakukeun jeung ku naon?

11 Kumaha carana meunangkeun mangpaat tina bingbingan Yéhuwa nu ditepikeun ku organisasi jeung tina Firman-Na? Perhatikeun dua hal nu disebutkeun ku Nabi Yésaya. Kahiji, ”ieu jalanna”. Kadua, ”tuturkeun”. (Yes. 30:21) Jadi, teu cukup ngan nyaho ”jalanna” hungkul. Urang gé kudu ’nuturkeunana’. Organisasi Allah geus ngajelaskeun Firman Allah, jadi urang apal naon nu dipiharep ku Yéhuwa ti urang. Urang gé nyaho cara ngalarapkeun palajaran nu geus ditarima ku urang. Lamun urang nyaho kahayang Yéhuwa jeung ngajalankeunana, urang bisa terus suka bungah ngawula Anjeunna sarta yakin Yéhuwa bakal ngaberkahan urang.

YÉHUWA NGABERKAHAN URANG

12. Dumasar Yesaya 30:23-26, Yéhuwa méré berkah naon waé ka umat-Na?

12 Baca Yesaya 30:23-26. Kumaha nubuat ieu jadi kanyataan? Basa urang Yahudi balik ka nagri asalna, maranéhna dibéré berkah nu loba pisan, boh jasmani boh rohani. Yéhuwa méré maranéhna loba dahareun. Tapi nu pangpentingna, Yéhuwa méré dahareun rohani nu limpah supaya maranéhna bisa ngaraket deui ka Yéhuwa jeung bisa ibadah deui ku cara nu bener. Can pernah maranéhna narima dahareun rohani saloba kitu. Jiga nu disebutkeun dina ayat 26, maranéhna téh dicaangan ku Yéhuwa, maksudna dibantu pikeun ngarti kana Firman-Na. (Yes. 60:2) Ku kituna, ’maranehna barungah’ ngawula Yéhuwa.​—Yes. 65:14.

13. Kumaha ibadah nu murni dipulihkeun dina jaman urang?

13 Nubuat ngeunaan dipulihkeunana ibadah nu murni ngawujud ogé keur jaman urang ayeuna. Kumaha carana? Ti saprak taun 1919, jutaan jalma geus dibébaskeun ti Babilon Gedé, atawa kumpulan agama palsu sadunya. Maranéhna geus dibawa ka tempat nu leuwih hadé tibatan Tanah Perjangjian, nyaéta ka pirdaus rohani. (Yes. 51:3; 66:8) Naon pirdaus rohani téh?

14. Naon pirdaus rohani téh, jeung saha anu cicing di ditu? (Tingali Katerangan Tambahan.)

14 Ti saprak taun 1919, urang Kristen nu diistrénan hirup di pirdaus rohani. c Ka dieunakeun, jalma-jalma nu boga harepan hirup di bumi, nyaéta ”domba-domba lian”, hirup di pirdaus rohani ogé jeung narima berkah nu limpah ti Yéhuwa.​—Yah. 10:16; Yes. 25:6; 65:13.

15. Pirdaus rohani téh aya di mana?

15 Ayeuna, pirdaus rohani téh aya di mana? Umat Yéhuwa aya di sakuliah dunya. Jadi, bisa disebut yén pirdaus rohani gé aya di sakuliah dunya. Teu sual urang cicing di mana, urang bisa aya di pirdaus rohani salila urang terus ngadukung ibadah anu sajati.

Kumaha urang masing-masing bisa ngajaga kaéndahan pirdaus rohani? (Tingali paragrap 16-17)

16. Kumaha carana urang bisa terus ningali kaéndahan ti pirdaus rohani?

16 Supaya bisa terus aya di pirdaus rohani, urang kudu terus ngahargaan sidang Kristen nu aya di sakuliah dunya. Éta nu pangpentingna. Kumaha carana? Urang hayang merhatikeun kahadéan dulur-dulur saiman, lain kalemahan maranéhna. (Yah. 17:20, 21) Ku naon penting? Pék pikirkeun, di taman nu éndah téh aya rupa-rupa tangkal. Kitu ogé, di sidang Kristen téh aya loba dulur saiman anu ibarat tangkal-tangkal tadi. (Yes. 44:4; 61:3) Urang hayang terus merhatikeun kaéndahan ”tamanna”, lain cacad tina unggal ”tangkalna”. Jadi, urang embung merhatikeun teuing kateusampurnaan batur lantaran éta bisa ngaruksak kaéndahan sidang Kristen di sakuliah dunya.

17. Naon anu bisa diupayakeun ku urang pikeun ngajaga kasatunggalan di sidang?

17 Mun urang ngupayakeun karukunan, éta bisa ngajaga sidang tetep ngahiji sarta nyieun pirdaus rohani jadi leuwih éndah. (Mat. 5:9; Rm. 12:18) Yéhuwa geus narik jalma-jalma supaya bisa ngajalankeun ibadah anu murni di pirdaus rohani. (Yah. 6:44) Anjeunna nganggap unggal umat-Na téh penting. Jadi, Yéhuwa pasti bungah mun ningali urang ngupayakeun karukunan jeung ngajaga kasatunggalan di sidang.​—Yes. 26:3; Hag. 2:7.

18. Urang kudu sering-sering mikirkeun naon, jeung ku naon?

18 Yéhuwa téh geus méré loba berkah keur umat-Na. Kumaha supaya urang bisa ngamangpaatkeunana? Waktu diajar Firman Allah jeung publikasi dumasar Alkitab, urang kudu bener-bener mikirkeunana. Diajar Alkitab jeung ngalenyepanana téh ngabantu urang boga sipat-sipat Kristen anu hadé. Ku kituna urang bisa ”silih pikanyaah kawas ka kulawarga sorangan” jeung ”paheula-heula ngahormat” dulur saiman. (Rm. 12:10) Terus, lamun urang mikirkeun berkah-berkah anu geus ditarima ku urang ayeuna, urang bisa leuwih raket ka Yéhuwa. Lamun urang mikirkeun berkah-berkah anu bakal ditarima ku urang engké, urang bakal beuki yakin yén urang bisa ngalayanan Anjeunna salilana. Ngalenyepan éta kabéh bisa ngabantu urang suka bungah dina ngawula Yéhuwa ayeuna.

SING TÉKAD PIKEUN TERUS TABAH

19. (a) Ceuk Yesaya 30:18, urang bisa yakin kana hal naon? (b) Naon anu ngabantu urang tetep tabah jeung suka bungah?

19 Yéhuwa ”bakal nyieun tindakan” pikeun nganggeuskeun dunya nu jahat ieu. (Yes. 30:18, NW) Urang yakin, sabagé Allah nu adil, Anjeunna moal ngantep dunya Sétan terus aya salilana. (Yes. 25:9) Urang kudu sabar ngadagoan Yéhuwa nyalametkeun urang. Bari ngadagoanana, hayu urang terus ngadoa, diajar jeung ngalenyepan Firman Allah, sarta mikirkeun berkah-berkah ti Yéhuwa. Mun urang ngalakukeunana, Yéhuwa bakal mantuan urang tetep tabah jeung suka bungah dina ngawula Anjeunna.

KAWIH 142 Sing Pengkuh Pangharepan

a Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu cara nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun mantuan umat-Na tetep tabah jeung suka bungah sanajan aya loba masalah. Cara-cara éta téh dibahas dina Yesaya pasal 30. Bari ngabahas pasal éta, urang bakal diingetan pentingna ngadoa ka Yéhuwa, diajar tina Firman-Na, jeung ngalenyepan berkah-berkah nu ditarima ayeuna sarta dina mangsa ka hareup.

b Kutipan ayat tina kitab Yesaya dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.

c KATERANGAN TAMBAHAN: ”Pirdaus rohani” téh nyaéta kaayaan tengtrem waktu urang ibadah ka Yéhuwa bareng jeung dulur-dulur saiman. Di ditu, urang narima kadaharan rohani nu limpah jeung bébas tina kabohongan agama palsu. Urang gé boga pagawéan nu nyenangkeun, nyaéta ngawawarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah. Terus, urang bisa boga hubungan nu raket jeung Yéhuwa sarta hirup tengtrem bareng jeung dulur-dulur saiman. Maranéhna téh siap ngabantu urang. Ku kituna, urang bisa tetep bungah najan aya masalah. Urang asup ka pirdaus rohani waktu urang ibadah ka Yéhuwa ku cara nu bener sarta nyonto Anjeunna sabisa-bisana.