Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sadérék Rutherford keur hutbah di kongrés di Cedar Point, Ohio, 1919

1919—Saratus Taun Katukang

1919—Saratus Taun Katukang

DINA ahir taun 1918, Perang Dunya I, nu lumangsung leuwih ti opat taun, eureun. Tuluy, dina 18 Januari 1919, Konferensi Perdamaian Paris diayakeun. Salah sahiji nu dihasilkeun dina konperénsi éta téh nyaéta Perjanjian Versailles, nu disatujuan tanggal 28 Juni 1919. Dina perjangjian ieu, Sekutu jeung Jerman satuju yén maranéhna moal bakal silih perangan deui. Ku kituna, Perang Dunya I sacara resmi eureun.

Hasil tina perjangjian éta ogé nyaéta diadegkeunana Liga Bangsa-Bangsa. Tujuan organisasi éta téh ”ngajurung kerja sama internasional sarta ngahasilkeun katengtreman jeung kaamanan internasional”. Loba agama Kristen ngadukung Liga ieu. Dewan Federal Gereja-Gereja Kristus di Amerika muji-muji yén ”organisasi pulitik ieu téh ngalambangkeun Karajaan Allah di bumi”. Déwan ieu ngadukung Liga Bangsa-Bangsa ku cara ngirimkeun délegasi ka Konferensi Perdamaian Paris. Salah saurang délegasi ngomong yén konperénsi éta ”muka jalan pikeun mangsa nu anyar dina sajarah dunya”.

Mangsa nu anyar mémang dimimitian, tapi éta lain hasil tina upaya manusa nu hadir di konperénsi perdamaian. Taun 1919 téh mangsa nu anyar pikeun kagiatan pangwawaran lantaran Yéhuwa nguatkeun umat-Na leuwih ti saacanna. Tapi mimitina, Siswa-Siswa Alkitab kudu ngalaman parobahan gedé.

PUTUSAN NU HÉSÉ

Joseph F. Rutherford

Pamilihan taunan pikeun milih diréktur Watch Tower Bible and Tract Society sabenerna dijadwalkeun poé Saptu 4 Januari 1919. Tapi harita, Joseph F. Rutherford, nu mingpin kagiatan umat Yéhuwa, keur dipanjarakeun sacara teu adil bareng jeung tujuh sadérék di Atlanta, Georgia, AS. Jadi, naha para pangurus nu dipanjarakeun téh kudu dipilih deui atawa kudu diganti?

Evander J. Coward

Di panjara, Sadérék Rutherford hariwang kumaha kahareupna organisasi. Manéhna apal yén sababaraha sadérék ngarasa kudu milih présidén nu anyar. Ku kituna, manéhna ngirim surat ka sadérék-sadérék nu ngabahas hal éta. Manéhna nyarankeun Evander J. Coward jadi présidén. Rutherford ngajelaskeun yén Sadérék Coward téh jelemana ”kalem”, ”bijaksana”, jeung ”satia ka Gusti”. Tapi, loba sadérék boga pamikiran séjén, maranéhna hayang pamilihan présidén diundur genep bulan deui. Tim pangacara nu ngabéla sadérék-sadérék nu dipanjara satuju. Waktu ngabahas hal ieu, aya sadérék-sadérék nu nepi ka émosi.

Richard H. Barber

Tuluy numutkeun Richard H. Barber, aya saurang sadérék nu bisa nenangkeun kaayaan. Sadérék éta ngomong, ”Abdi lain pangacara nu apal kana hukum, tapi abdi apal naon hartina satia. Nu dipikahoyong ku Allah mah kasatiaan. Cara panghadéna pikeun satia ka Allah téh nya urang kudu tetep ngayakeun pamilihan jeung milih deui Sadérék Rutherford jadi présidén.”​—Jab. 18:26.

Alexander H. Macmillan

Ka dieunakeun, A.H. Macmillan nu harita ogé dipanjara nyarita yén isukna Sadérék Rutherford ngetrok dingding sélna jeung ngomong, ”Cik kaluarkeun leungeun.” Sadérék Rutherford tuluy méré kertas télégram. Macmillan ningali pesen singget éta jeung langsung ngarti maksudna. Eusina: ”RUTHERFORD WISE VAN BARBER ANDERSON BULLY JEUNG SPILL DIRÉKTUR TILU NU MIMITI PANGURUS SALAM.” Ieu hartina kabéh diréktur dipilih deui sarta Joseph Rutherford jeung William Van Amburgh dipilih deui jadi pangurus. Sadérék Rutherford tetep jadi présidén.

DIBÉBASKEUN!

Siswa-Siswa Alkitab nu satia nyieun surat resmi ka pamaréntah sangkan dalapan sadérék éta dibébaskeun. Siswa-Siswa Alkitab nu wanian ieu bisa ngumpulkeun leuwih ti 700.000 tanda tangan. Tapi saacan surat éta dibikeun, dina poé Rebo 26 Maret 1919, Sadérék Rutherford jeung nu séjénna dibébaskeun.

Waktu geus balik jeung dibagéakeun, Sadérék Rutherford ngomong ka nu hadir, ”Abdi yakin, urang ngalaman ieu kabéh pikeun nyiapkeun urang nyanghareupan mangsa nu leuwih susah. . . . Perjuangan Sadérék téh lain ngabébaskeun dulur saiman nu dipanjara. Éta mah lain tujuan utama. . . . Perjuangan Sadérék salila ieu téh demi ngamulyakeun Yéhuwa, jeung nu geus ngalampahkeunana bakal narima berkah nu éndah.”

Salila prosés pangadilan, aya hal-hal nu bisa jadi nunjukkeun bingbingan Yéhuwa. Dina tanggal 14 Méi 1919, pangadilan banding mutuskeun, ”Dina kasus ieu, nu didakwa teu meunangkeun . . . pangadilan nu adil padahal éta téh hak maranéhna. Ku kituna, hukumanana dibatalkeun.” Ieu téh putusan nu alus. Naon sababna? Sadérék-sadérék didakwa geus ngalakukeun kajahatan gedé. Lamun maranéhna ngan saukur dihampura atawa dikurangan hukumanana, maranéhna masih kénéh boga catetan kriminal. Tapi, lantaran hukuman maranéhna dibatalkeun jeung euweuh tuduhan séjénna, maranéhna teu boga catetan kriminal. Hasilna, Hakim Rutherford tetep jadi pangacara jeung sababaraha kali ngabéla umat Yéhuwa di Mahkamah Agung Amerika Serikat sanggeus manéhna dibébaskeun.

BOGA TÉKAD PIKEUN NGAWAWAR

Sadérék Macmillan inget tuluy nyarita, ”Urang kabéh embung cicing waé ngajejentul ngadagoan diangkat ka sawarga. Urang sadar kudu nyieun tindakan sangkan nyaho naon nu dipiharep ku Gusti.”

Tapi, sadérék-sadérék di kantor pusat teu bisa neruskeun pagawéan nu geus dilakukeun mangtaun-taun. Ku naon? Lantaran salila maranéhna di panjara, pelat-pelat paranti nyitak bacaan geus diancurkeun. Sadérék-sadérék jadi leutik haté, malah aya nu nyangka kagiatan pangwawaran téh geus eureun.

Naha aya kénéh nu kataji kana warta Karajaan nu diwawarkeun ku Siswa-Siswa Alkitab? Pikeun ngajawab pananya éta, Sadérék Rutherford mutuskeun rék méré caramah. Jalma-jalma diarondang. ”Lamun euweuh nu datang, pangwawaran geus teu kudu dilakukeun,” ceuk Sadérék Macmillan.

Iklan dina koran ngeunaan caramah Sadérék Rutherford ”Harepan pikeun Umat Manusa nu Kasusahan” di Los Angeles, Kalifornia, 1919

Jadi, poé Minggu 4 Méi 1919, sanajan keur gering parna, Sadérék Rutherford nepikeun caramah ”Harepan pikeun Umat Manusa nu Kasusahan” di Los Angeles, Kalifornia. Kira-kira 3.500 jalma datang ka caramah éta, malah ratusan jalma kapaksa balik deui lantaran geus pinuh. Poé isukna, aya 1.500 jalma nu datang. Jawabanana jelas, jalma-jalma masih kénéh kataji!

Nu dilakukeun ku sadérék-sadérék éta mangaruhan kagiatan pangwawaran Saksi-Saksi Yéhuwa nepi ka ayeuna.

SIAP PIKEUN KAMAJUAN DINA MANGSA KAHAREUP

The Watch Tower 1 Agustus 1919 ngumumkeun yén dina awal Séptémber bakal aya kongrés umum di Cedar Point, Ohio. Siswa Alkitab nu ngora kénéh ti Missouri nu ngaranna Clarence B. Beaty inget, ”Kabéh ngarasa kudu datang.” Leuwih ti 6.000 sadérék datang ka acara éta, jumlahna leuwih ti nu dibayangkeun. Aya deui hal séjén nu pikabungaheun nyaéta leuwih ti 200 urang dibaptis di Situ Erie.

Sampul édisi mimiti The Golden Age, tanggal 1 Oktober 1919

Waktu Sadérék Rutherford nepikeun hutbah ”Pépéling keur Sasama Batur Gawé” tanggal 5 Séptémber 1919, poé kalima kongrés éta, manéhna ngumumkeun ayana majalah anyar The Golden Age. * Majalah ieu ”eusina warta ngeunaan kajadian-kajadian penting nu panganyarna, jeung ngajelaskeun tina Alkitab ku naon éta bisa kajadian”.

Kabéh Siswa-Siswa Alkitab kajurung pikeun wani ngawawar ngagunakeun publikasi anyar ieu. Aya surat nu ngajelaskeun carana ngalaksanakeun kagiatan ieu: ”Unggal jalma nu geus ngabaktikeun diri [dibaptis] kudu inget palayanan téh hak istiméwa nu luar biasa, jadi ulah dilalaworakeun. Pék sabisa-bisa méré kasaksian ka jalma-jalma di dunya.” Loba nu kajurung pikeun ngawawar! Dina bulan Désémber, pawarta Karajaan nu sumanget ieu meunangkeun leuwih ti 50.000 langganan majalah nu anyar.

Sadérék-sadérék di Brooklyn, New York, di hareupeun treuk nu pinuh ku muatan The Golden Age

Dina panungtungan taun 1919, umat Yéhuwa geus diorganisasi jeung dikuatkeun. Salian ti éta, sababaraha nubuat penting ngeunaan ahir jaman geus laksana. Nubuat Malaki 3:1-4 ngeunaan umat Allah nu diuji jeung dimurnikeun geus laksana. Umat Yéhuwa geus dibébaskeun ti ”Babul nu sohor”, atawa Babul Raya, sarta Yésus geus ngalantik ”gandek satia jeung bijaksana”. * (Wahyu 18:2, 4; Mat. 24:45) Ayeuna, Siswa-Siswa Alkitab siap ngalaksanakeun tugas ti Yéhuwa.

^ par. 22 The Golden Age ganti ngaran jadi Consolation taun 1937 jeung jadi Awake! taun 1946.

^ par. 24 Tingali Menara Pengawal 15 Juli 2013, kaca 10-12, 21-23; Maret 2016, kaca 29-31.