Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Jalma-jalma kudu dipépélingan lantaran ”topan” Allah geus beuki deukeut!

Hukuman ti Allah—Naha Jalma-Jalma Pasti Dipépélingan Heula?

Hukuman ti Allah—Naha Jalma-Jalma Pasti Dipépélingan Heula?

PATUGAS ramalan cuaca ningali dina radar aya topan nu rék narajang hiji wilayah nu loba pendudukna. Lantaran hayang jalma-jalma éta salamet, manéhna ngalakukeun sagala cara pikeun mépélingan maranéhna saacan telat.

Kitu ogé, Yéhuwa ayeuna mépélingan penduduk bumi ngeunaan ”topan” nu pangbahayana ti sakabéh topan. Kumaha cara Mantenna mépélingan? Jeung kumaha urang bisa yakin yén Mantenna masihan cukup waktu supaya jalma-jalma nyieun tindakan? Supaya nyaho jawabanana, hayu urang bahas heula sababaraha pépéling ti Yéhuwa dina jaman baheula.

ALLAH MASIHAN PÉPÉLING

Dina jaman Alkitab, Yéhuwa mépélingan ngeunaan rupa-rupa ”topan”, atawa hukuman, keur jalma-jalma nu ngahaja teu taat kana paréntah Mantenna. (Sil. 10:25; Yer. 30:23, 24) Dina unggal kajadian, Mantenna mépélingan jalma-jalma nu teu taat jauh saacanna sarta masihan terang carana taat ka Mantenna. (2 Rja. 17:12-15; Neh. 9:29, 30) Pikeun ngabantu maranéhna barobah, Mantenna sering ngagunakeun hamba-hamba-Na nu satia pikeun ngumumkeun hukumana-Na jeung ngajurung maranéhna geuwat nyieun tindakan.​—Amos 3:7.

Salah sahiji hamba nu satia ieu téh Nuh. Salila mangtaun-taun, manéhna wani mépélingan jalma-jalma nu cabul jeung telenges ngeunaan datangna Caah Gedé sadunya. (Kaj. 6:9-13, 17) Nuh ogé méré nyaho carana supaya bisa salamet. Manéhna terus ngawawar nepi katelah ”pawarta bebeneran”.​—2 Pet. 2:5, Terjemahan Dunia Baru.

Sanajan Nuh geus sakitu getolna, harita jalma-jalma nampik warta ti Allah. Éta némbongkeun maranéhna sama sakali teu boga iman. Balukarna, waktu Caah Gedé datang, ”kabeh kabasmi”. (Mat. 24:39, Sunda Formal; Ibr. 11:7) Maranéhna teu bisa nuduh can dipépélingan ku Yéhuwa.

Dina kajadian séjén, Yéhuwa mépélingan jalma-jalma teu lila saacan ”topan” hukumana-Na datang. Sanajan kitu, Mantenna mastikeun aya cukup waktu supaya jalma-jalma barobah. Misalna, Mantenna masihan pépéling waktu Sapuluh Hukuman narajang Mesir kuno. Salah sahiji contona, Yéhuwa ngutus Musa jeung Harun pikeun mépélingan Piraon jeung para pajabatna ngeunaan hukuman nu katujuh, nyaéta hujan és nu ngaruksak. Lantaran kajadianana isukna, naha Allah méré cukup waktu sangkan maranéhna bisa néangan tempat nu aman tuluy salamet? Alkitab nyebutkeun, ”Sawatara mantri raja sarieuneun ku eta timbalan PANGERAN, tuluy pahibut ngampih-ngampihkeun badega-badegana jeung ingon-ingonna. Tapi anu salianna mah teu malire kana eta timbalan teh, abid-abid jeung ingon-ingonna diarantep di luar.” (Bud. 9:18-21) Jelas, Yéhuwa geus masihan pépéling, jadi jalma-jalma nu gancang nyieun tindakan teu pati sangsara kawas nu séjénna.

Piraon jeung para pajabatna geus dipépélingan saacan hukuman nu kasapuluh dilaksanakeun. Tapi maranéhna bodo, maranéhna kalah ka nampik éta pépéling. (Bud. 4:22, 23) Balukarna, putra cikalna maraot. Mani sedih pisan! (Bud. 11:4-10; 12:29) Naha maranéhna boga cukup waktu pikeun ngagugu pépéling éta? Enya! Musa langsung mépélingan bangsa Israil ngeunaan hukuman nu kasapuluh jeung méré nyaho carana supaya kulawargana bisa salamet. (Bud. 12:21-28) Lantaran taat ka Yéhuwa, aya leuwih ti tilu juta jalma nu kaluar ti Mesir, nyaéta urang Israil jeung ”kacampuran” ku bangsa séjén kaasup bangsa Mesir.​—Bud. 12:38.

Tina conto-conto ieu, Yéhuwa mastikeun jalma-jalma boga cukup waktu pikeun ngagugu pépéling-Na. (Pam. 32:4) Naon nu ngajurung Allah ngalakukeun hal éta? Rasul Paulus ngajelaskeun yén Yéhuwa hoyong ”manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan”. (2 Pet. 3:9) Allah nyaah ka jalma-jalma. Mantenna hoyong maranéhna tarobat jeung nyieun parobahan saacan datangna hukuman.​—Yes. 48:17, 18; Rum 2:4.

KIWARI YÉHUWA MASIHAN PÉPÉLING, KUMAHA RÉAKSI URANG?

Kiwari ogé jalma-jalma kudu taat kana pépéling penting nu keur diuarkeun di sakuliah bumi. Waktu aya di bumi, Yésus mépélingan yén dunya Sétan bakal diancurkeun dina ”mangsa cilaka”. (Mat. 24:21) Anjeunna méré nubuat nu rinci ngeunaan naon nu bakal katempo jeung kaalaman ku murid-muridna saacan hukuman éta dilaksanakeun. Yésus ngajéntrékeun kajadian-kajadian penting di dunya nu katempo ku urang ayeuna.​—Mat. 24:3-12; Luk. 21:10-13.

Luyu jeung nubuat éta, ayeuna Yéhuwa ngajurung unggal jalma pikeun ngawula jeung taat ka Mantenna. Mantenna hoyong pisan jalma-jalma nu taat boga kahirupan nu leuwih hadé ayeuna jeung meunang berkah dina mangsa kahareup di dunya anyar. (2 Pet. 3:13) Supaya jalma-jalma boga iman kana jangji-jangji-Na, Yéhuwa masihan warta nu nyalametkeun kahirupan. Warta ieu nyaéta ”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga” nu bakal ”diuarkeun ka sakuliah dunya” sakumaha nu dinubuatkeun ku Yésus. (Mat. 24:14) Allah ngaorganisasi umat-Na pikeun nguarkeun warta ieu ka kira-kira 240 nagri. Yéhuwa hoyong saloba-lobana jalma ngagugu pépéling Mantenna jeung salamet tina ”topan” hukumana-Na nu adil.​—Sep. 1:14, 15; 2:2, 3.

Jadi, bukti-bukti nunjukkeun yén Yéhuwa pasti masihan cukup waktu supaya jalma-jalma ngagugu pépéling-Na. Tapi, ayeuna nu penting mah nyaéta: Naha jalma-jalma ngagugu pépéling Allah salila aya kénéh waktu? Mugia urang salaku pawarta Allah terus ngabantu saloba-lobana jalma pikeun salamet tina ahir dunya ieu.