Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 42

Kumaha Sadérék Bisa Digunakeun ku Yéhuwa?

Kumaha Sadérék Bisa Digunakeun ku Yéhuwa?

”Allah . . . barangdamel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na.”​—PIL. 2:13.

KAWIH 104 Kurnia Roh Suci

NU DIBAHAS *

1. Naon nu bisa dilakukeun ku Yéhuwa pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na?

YÉHUWA bisa jadi naon waé nu dibutuhkeun pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. Misalna, Yéhuwa bisa jadi Guru, Panglipur, jeung Pawarta Injil. Ieu téh ngan sababaraha conto, sabenerna aya loba kénéh nu bisa dilakukeun ku Mantenna. (Yes. 48:17; 2 Kor. 7:6; Gal. 3:8) Sanajan kitu, Mantenna sering ngagunakeun manusa pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. (Mat. 24:14; 28:19, 20; 2 Kor. 1:3, 4) Yéhuwa gé bisa masihan hikmat jeung kakuatan ka urang pikeun jadi naon waé nu dibutuhkeun sangkan kahoyong-Na laksana. Éta kabéh luyu jeung harti nami Yéhuwa sakumaha nu dijelaskeun ku sababaraha ahli.

2. (a) Ku naon urang sakapeung ngarasa teu yakin keur digunakeun ku Yéhuwa? (b) Artikel ieu bakal ngabahas naon waé?

2 Urang kabéh hayang digunakeun ku Yéhuwa, tapi aya nu teu yakin manéhna digunakeun ku Mantenna. Ku naon? Manéhna teu bisa ningkatkeun palayanan lantaran umur, kaayaan, jeung kasanggupanana. Tapi, nu séjénna ngarasa naon nu dilakukeunana téh geus cukup, jadi teu kudu ngalakukeun leuwih deui. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha Yéhuwa masihan sagala nu dibutuhkeun ku urang pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. Urang gé bakal ngabahas hamba-hamba Yéhuwa dina Alkitab, boh priya boh wanita, nu dipasihan kadaék jeung kasanggupan ku Mantenna. Di ahir, bakal dibahas kumaha carana sangkan urang réla digunakeun ku Yéhuwa.

CARA YÉHUWA NGABANTU URANG

3. Numutkeun Pilipi 2:13, kumaha Yéhuwa ngabantu urang boga kadaék pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na?

3 Baca Pilipi 2:13. * Yéhuwa bisa masihan urang kadaék pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. Kumaha carana? Misalna, urang apal aya kabutuhan di sidang. Atawa, kokolot macakeun surat ti kantor cabang nu nyebutkeun aya kabutuhan di luar wilayah sidang. Jadi, urang bisa waé mikir, ’Abdi bisa mantuan naon nya?’ Atawa, meureun urang dibéré tugas nu teu gampang tapi urang hamham naha bisa bener ngalaksanakeunana atawa henteu. Atawa, sanggeus maca sababaraha ayat Alkitab, kapikir ku urang, ’Kumaha abdi bisa ngalarapkeunana pikeun mantuan batur?’ Mémang Yéhuwa moal maksa urang. Tapi, waktu Yéhuwa apal urang mikirkeun naon nu bisa dilakukeun, Mantenna bisa masihan kadaék sangkan urang nyieun tindakan.

4. Kumaha Yéhuwa masihan urang kasanggupan pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na?

4 Yéhuwa ogé bisa masihan urang kasanggupan pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na. (Yes. 40:29) Mantenna ngagunakeun roh suci-Na pikeun ningkatkeun bakat urang. (Bud. 35:30-35) Yéhuwa bisa ngagunakeun organisasi-Na pikeun ngajarkeun carana ngalakukeun sababaraha tugas. Lamun Sadérék teu yakin kumaha carana ngalaksanakeun hiji tugas, pék pénta bantuan. Ulah asa-asa ménta bantuan ka Bapa Yéhuwa nu béréhan supaya boga ”kawasa nu maha agung”. (2 Kor. 4:7; Luk. 11:13) Dina Alkitab, aya loba conto kumaha Yéhuwa ngabantu priya jeung wanita supaya boga kadaék jeung kasanggupan pikeun nyieun tindakan. Bari ngabahas sababaraha contona, pikirkeun kumaha Yéhuwa bisa ngagunakeun urang saperti Mantenna ngagunakeun maranéhna.

YÉHUWA MASIHAN KASANGGUPAN KA PARA PRIYA

5. Tina cara jeung waktuna Yéhuwa ngagunakeun Musa, urang diajar naon?

5 Yéhuwa ngabantu Musa ngabébaskeun bangsa Israil. Tapi, iraha manéhna digunakeun ku Yéhuwa? Naha éta téh basa Musa ngarasa siap lantaran geus diajar ”sagala rupi elmu kapinteran urang Mesir”? (Ras. 7:22-25) Henteu, Musa digunakeun sanggeus manéhna dilatih ku Yéhuwa pikeun rendah haté jeung lemah lembut. (Ras. 7:30, 34-36) Yéhuwa masihan Musa kawani pikeun ngadep jalma nu pangkawasana di Mesir. (Bud. 9:13-19) Tina cara jeung waktuna Yéhuwa ngagunakeun Musa, urang diajar naon? Yéhuwa ngagunakeun jalma-jalma nu nyonto sipat-sipat-Na jeung ngandelkeun kakuatan ti Mantenna.​—Pil. 4:13.

6. Urang bisa diajar naon tina cara Yéhuwa ngagunakeun Barsilai nu ngabantu Raja Daud?

6 Ratusan taun sanggeusna, Yéhuwa ngagunakeun Barsilai pikeun ngabantu Raja Daud. Waktu kabur ti Absalom, putrana, ’Daud sabaladna lapar jeung aus’. Bareng jeung babaturanana, Barsilai, nu geus kolot, narohkeun nyawa pikeun ngabantu Daud jeung baladna. Sanajan kolot, Barsilai teu ngarasa geus teu kapaké deui ku Yéhuwa. Tapi, manéhna daék méré pangabogana pikeun ngabantu hamba Yéhuwa nu ngabutuhkeun. (2 Sam. 17:27-29) Naon palajaranana keur urang? Teu sual sabaraha umur urang, Yéhuwa bisa ngagunakeun urang pikeun nulungan dulur saiman nu kakurangan, boh di daérah sorangan boh di nagri séjén. (Sil. 3:27, 28; 19:17) Sanajan teu bisa méré langsung, urang bisa méré sumbangan pikeun kagiatan di sakuliah dunya. Sumbangan éta bisa dipaké keur ngabantu dulur saiman nu ngabutuhkeun, iraha jeung di mana waé.​—2 Kor. 8:13-15; 9:11.

7. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun Siméon, jeung ku naon éta ngagedékeun haté urang?

7 Yéhuwa jangji ka Siméon, jalma nu geus kolot di Yérusalém, yén manéhna moal waka maot saacan nempo Mésias ku panonna sorangan. Jangji ieu tangtu bener-bener nguatkeun Siméon nu geus lila ngadagoan datangna Mésias. Yéhuwa ngaberkahan iman jeung katabahanana. Hiji poé, ”kalawan panuyun Roh Allah”, manéhna datang ka bait. Di ditu, manéhna ningali Yésus nu orok kénéh. Manéhna digunakeun ku Yéhuwa pikeun nganubuatkeun yén orok éta engkéna bakal jadi Kristus. (Luk. 2:25-35) Sanajan katingalina Siméon maot saacan Yésus ngamimitian palayananana, manéhna ngahargaan pisan hak istiméwana. Manéhna gé bakal narima loba berkah dina mangsa kahareup! Di dunya anyar, priya nu satia ieu bakal ningali Yésus maréntah jeung ngaberkahan kabéh kulawarga di bumi. (Kaj. 22:18) Urang gé ngahargaan pisan hak istiméwa naon waé nu dipasihan ku Yéhuwa dina palayanan.

8. Kumaha Yéhuwa bisa ngagunakeun urang saperti Barnabas?

8 Dina abad kahiji M, saurang priya nu béréhan nu ngaranna Yusup ngarélakeun diri pikeun digunakeun ku Yéhuwa. (Ras. 4:36, 37) Meureun lantaran Yusup boga kaleuwihan dina ngalilipur batur, manéhna dilandi Barnabas ku para rasul, nu hartina ”Panglipur”. Misalna, sanggeus Saulus jadi Kristen, loba dulur saimanna sarieuneun ka manéhna lantaran manéhna katelah sok nganiaya sidang Kristen. Tapi, Barnabas ngalilipur jeung ngabantu Saulus. Saulus tangtu ngahargaan pisan kahadéan Barnabas. (Ras. 9:21, 26-28) Ka dieunakeun, para kokolot di Yérusalém hayang nguatkeun dulur-dulur saiman di tempat nu jauh, nyaéta di Antioki Siria. Saha nu diutus? Barnabas! Éta pilihan nu cocog. Dina Alkitab disebutkeun yén maranéhna ”dipeupeujeuhan supaya enya-enya satia satuhu ka Gusti” ku Barnabas. (Ras. 11:22-24) Kitu ogé kiwari, Yéhuwa bisa ngabantu urang jadi ”panglipur” pikeun dulur saiman. Misalna, Mantenna bisa ngagunakeun urang pikeun ngalilipur jalma nu ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Bisa ogé Mantenna ngageuing urang pikeun nganjangan atawa nelepon dulur saiman nu keur gering atawa loba masalah tuluy nepikeun kekecapan nu ngagedékeun haté. Naha Sadérék réla digunakeun ku Yéhuwa saperti Barnabas?​—1 Tes. 5:14.

9. Urang diajar naon tina cara Yéhuwa ngabantu Vasily pikeun jadi kokolot anu hadé?

9 Yéhuwa ngabantu saurang sadérék nu ngaranna Vasily pikeun jadi kokolot nu hadé. Basa Vasily umur 26 taun, manéhna dilantik jadi kokolot sidang. Tapi, manéhna sieun teu bisa nguatkeun karohanian sidang, komo deui nguatkeun nu keur kasusahan. Sanajan kitu, manéhna dilatih ku kokolot nu leuwih pangalaman tuluy miluan Sekolah Pelayanan Kerajaan. Vasily nyieun upaya supaya bisa leuwih maju. Misalna, manéhna nyieun daptar tujuan-tujuan saderhana nu bisa dihontal. Unggal bisa ngahontal hiji hal, manéhna leuwih percaya diri. Ceuk manéhna, ”Hal-hal nu tadina mah dipikasieun téh ayeuna jadi ngabungahkeun. Waktu Yéhuwa ngabantu abdi manggihan ayat-ayat nu bisa ngalilipur sadérék-sadérék di sidang, abdi ngarasa puas pisan.” Sadérék pameget, lamun Sadérék siga Vasily ngarélakeun diri pikeun digunakeun ku Yéhuwa, Mantenna bisa masihan kasanggupan ka Sadérék pikeun narima leuwih loba tanggung jawab di sidang.

YÉHUWA MASIHAN KASANGGUPAN KA PARA WANITA

10. Naon nu dilakukeun ku Abigail, jeung naon palajaranana keur Sadérék?

10 Daud jeung baladna keur diarah ku Raja Saul, maranéhna butuh bantuan. Baladna Daud datang ka Nabal, urang Israil nu beunghar, pikeun ménta saeutik dahareun, naon waé saayana. Maranéhna wani ménta lantaran osok ngajaga ingon-ingonna Nabal di tanah gurun. Tapi, Nabal nu égois teu daék méré. Daud kacida ambekna jeung rék maéhan Nabal tur kabéh lalaki di rumah tanggana. (1 Sam. 25:2-13, 22) Tapi, pamajikan Nabal nu ngaranna Abigail mah nya geulis nya bijaksana. Abigail ngawanikeun manéh pikeun datang tuluy sujud ka Daud, ménta sangkan Daud ulah ngabales Nabal sarta maéhan jalma-jalma nu teu salah. Manéhna nyarankeun supaya masalahna dipasrahkeun ka Yéhuwa. Daud kageuing haténa ku kekecapan Abigail nu rendah haté jeung tindakanana nu bijaksana. Daud yakin Abigail diutus ku Yéhuwa. (1 Sam. 25:23-28, 32-34) Abigail ngamekarkeun sipat-sipat nu alus, ku kituna, manéhna digunakeun ku Yéhuwa. Kitu ogé, sadérék istri nu diajar jadi bijaksana jeung diajar méré naséhat ku cara nu hadé bisa digunakeun ku Yéhuwa pikeun nguatkeun anggota kulawarga jeung sidang.​—Sil. 24:3; Tit. 2:3-5.

11. Naon nu dilakukeun ku barudak awéwéna Salum, jeung saha nu nyonto maranéhna kiwari?

11 Mangabad-abad sanggeusna, barudak awéwéna Salum digunakeun ku Yéhuwa. Maranéhna milu ngoméan témbok Yérusalém. (Neh. 2:20; 3:12) Sanajan bapana kapala distrik, maranéhna réla ngalaksanakeun pagawéan nu beurat jeung bahaya. (Neh. 4:15-18) Maranéhna béda pisan jeung para pamingpin Tékoa nu ”nolak” ngalakukeun pagawéan kasar! (Neh. 3:5) Bayangkeun sakumaha bungahna barudak awéwéna Salum basa ningali témbok Yérusalém réngsé diwangun dina waktu 52 poé! (Neh. 6:15) Kiwari ogé, sadérék-sadérék istri bungah ngalakukeun dines husus ka Allah, misalna milu ngawangun jeung ngoméan wangunan nu dibaktikeun ka Yéhuwa. Pagawéan ieu bisa suksés lantaran aya dukungan ti sadérék-sadérék istri nu tarampil, sumanget, jeung taat ieu.

12. Kumaha Yéhuwa bisa ngagunakeun urang saperti Tabita?

12 Yéhuwa ngageuing Tabita pikeun ”resep kana tutulung resep mere sidekah”, utamana ka para randa. (Ras. 9:36, Sunda Formal) Lantaran manéhna bageur jeung béréhan, loba nu nyeungceurikan waktu manéhna maot. Tapi, maranéhna atoh waktu Rasul Pétrus ngahirupkeun deui Tabita. (Ras. 9:39-41) Urang bisa diajar naon ti Tabita? Teu sual urang ngora kénéh atawa geus kolot, lalaki atawa awéwé, urang bisa méré bantuan langsung pikeun nulungan dulur saiman.​—Ibr. 13:16.

13. Kumaha Ruth, saurang sadérék istri nu éraan, digunakeun ku Yéhuwa, jeung naon nu disimpulkeun ku manéhna?

13 Ruth, saurang sadérék istri nu éraan, hayang jadi misionaris. Basa keur leutik, manéhna sumanget ngadatangan imah-imah pikeun sagancang-gancangna ngabagikeun risalah. Ceuk manéhna, ”Abdi resep pisan ngalakukeunana.” Tapi, manéhna ngarasa hésé waktu kudu ngomong di hareupeun panto nyaritakeun Karajaan Allah. Sanajan éraan, Ruth jadi panaratas biasa waktu umurna 18 taun. Dina taun 1946, manéhna miluan Sekolah Alkitab Gilead Menara Pengawal tuluy ngawula di Hawaii jeung Jepang. Manéhna digunakeun pisan ku Yéhuwa pikeun nguarkeun warta hadé di nagri-nagri éta. Sanggeus ampir 80 taun ngawula, Ruth nyimpulkeun, ”Yéhuwa téh sumber kakuatan abdi. Mantenna nulungan abdi ngaleungitkeun sipat éraan. Abdi yakin pisan, saha waé bisa digunakeun ku Yéhuwa mun ngandelkeun Mantenna.”

SING RÉLA DIGUNAKEUN KU YÉHUWA

14. Numutkeun Epesus 3:14-16, naon nu kudu dilakukeun ku urang lamun hayang digunakeun ku Yéhuwa?

14 Ti baheula, Yéhuwa ngagunakeun hamba-hamba-Na ku rupa-rupa cara. Naha Sadérék gé bisa digunakeun ku Yéhuwa? Éta gumantung kana karélaan Sadérék pikeun ngupayakeun diri. (Baca Epesus 3:14-16.) Lamun Sadérék réla, Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék jadi pawarta nu sumanget, guru nu tarampil, panglipur, tukang nu ahli, sobat nu méré dukungan, atawa jadi naon waé nu dibutuhkeun pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na.

15. Numutkeun 1 Timoteus 4:12, 15, priya-priya ngora bisa ménta naon ti Yéhuwa?

15 Kumaha jeung sadérék pameget nu téréh déwasa? Priya-priya nu kuat jeung sumanget dibutuhkeun pisan pikeun jadi palayan sidang. Di loba sidang, kokolotna leuwih loba ti batan palayan sidang. Priya-priya ngora, naha Sadérék réla narima tanggung jawab tambahan di sidang? Sakapeung osok aya nu ngomong, ”Abdi mah geus puas lah jadi pawarta gé.” Lamun Sadérék ngarasa kitu, pék pénta bantuan Yéhuwa supaya Sadérék boga kadaék jadi palayan sidang jeung dibéré kasanggupan pikeun sabisa-bisa ngawula Mantenna. (Pan. 12:1) Sadérék téh dibutuhkeun pisan!​—Baca 1 Timoteus 4:12, 15.

16. Urang bisa ménta naon ka Yéhuwa, jeung naon sababna?

16 Yéhuwa bisa ngabantu Sadérék jadi naon waé nu dibutuhkeun pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na. Jadi, pék pénta supaya Sadérék boga kadaék pikeun ngalakukeun tugas ti Mantenna jeung boga kasanggupan nu dibutuhkeun. Teu sual Sadérék ngora kénéh atawa geus kolot, gunakeun waktu, tanaga, bakat, jeung pangaboga Sadérék pikeun ngamulyakeun Yéhuwa ayeuna. (Pan. 9:10) Lamun Sadérék dibéré leuwih loba tugas, ulah buru-buru ditampik lantaran sieun atawa ngarasa teu sanggup. Inget, naon waé nu dilakukeun pikeun ngamulyakeun Bapa urang téh mangrupakeun hak istiméwa!

KAWIH 127 Jadi Jalma nu Kamanah ku Ama

^ par. 5 Naha Sadérék ngarasa teu bisa deui ningkatkeun palayanan ka Yéhuwa? Naha Sadérék teu yakin masih kénéh bisa digunakeun ku Yéhuwa? Atawa naha Sadérék ngarasa teu kudu ningkatkeun palayanan ka Yéhuwa? Artikel ieu bakal ngabahas yén Yéhuwa ngagunakeun rupa-rupa cara pikeun masihan urang kadaék jeung kasanggupan. Jadi, urang bisa digunakeun ku Mantenna pikeun ngalaksanakeun tujuana-Na.

^ par. 3 Sanajan Paulus nulis surat ieu keur urang Kristen dina abad kahiji, kekecapanana bisa dilarapkeun ku sakabéh hamba Yéhuwa.