Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 43

Ngabakti Ngan ka Yéhuwa

Ngabakti Ngan ka Yéhuwa

”Maneh kudu nyembah ka Pangeran, Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!”​—MAT. 4:10.

KAWIH 51 Ka Allah, Urang Ngabakti!

NU DIBAHAS *

1. Ku naon ngan Yéhuwa nu layak disembah ku urang?

NGAN Yéhuwa nu layak disembah ku urang lantaran Mantenna nu nyiptakeun jeung masihan kahirupan ka urang. (Wahyu 4:11) Tapi aya tangtanganana. Sanajan urang nyaah jeung ngajénan ka Yéhuwa, urang bisa kapikat ku hal-hal nu ngalantarankeun urang jadi teu sapinuhna ngabakti ka Mantenna. Urang kudu nyaho kumaha bisa nepi ka kitu. Tapi, hayu urang bahas heula naon maksudna ngabakti ngan ka Mantenna.

2. Numutkeun Mateus 4:10, naon nu bakal dilakukeun ku urang lamun ngabakti ngan ka Yéhuwa?

2 Dina Alkitab, jalma nu nyaah pisan ka Allah ngabaktina ngan ka Mantenna. Ku kituna, saha waé atawa naon waé moal ngagantikeun Yéhuwa dina haténa.​—Baca Mateus 4:10.

3. Naon maksudna urang teu asal ngabakti ka Yéhuwa?

3 Urang teu asal ngabakti ka Yéhuwa. Maksudna, urang ngabakti téh lantaran geus diajar bebeneran ngeunaan Mantenna. Urang tajub kana sipat-sipat-Na nu luar biasa. Urang apal naon nu dipikaresep jeung dipikaijid ku Mantenna sarta satuju kana pandangana-Na. Urang paham jeung ngadukung tujuana-Na pikeun manusa. Urang gé ngahargaan pisan lantaran Mantenna kersa jadi sobat urang. (Jab. 25:14) Diajar sagala hal ngeunaan Yéhuwa téh ngalantarankeun urang beuki raket jeung Mantenna.​—Yak. 4:8.

4. (a) Naon nu dilakukeun ku Iblis supaya kanyaah urang ka Yéhuwa kabagi? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Iblis ngadalikeun hal-hal nu aya di dunya ieu jeung ngagunakeunana supaya urang ngutamakeun hasrat nu wajar jeung hasrat nu salah. (Epe. 2:1-3; 1 Yoh. 5:19) Tujuanana téh sangkan kanyaah urang kabagi, jadi urang teu sapinuhna deui ngabakti ka Yéhuwa. Hayu urang bahas dua cara nu digunakeun ku Iblis. Kahiji, manéhna ngagoda urang pikeun ngudag kabeungharan, jeung kadua, manéhna mangaruhan urang supaya milih hiburan nu teu alus.

ULAH KAÉDANAN KU DUIT

5. Ku naon urang ulah kaédanan ku duit?

5 Wajar lamun urang hayang boga cukup dahareun, baju nu pantes, jeung pamatuhan nu layak. Tapi ati-ati, urang ulah kaédanan ku duit. Jalma-jalma di dunya Sétan téh ”sararakah” kana duit atawa kana hal-hal nu bisa dibeuli ku duit. (2 Tim. 3:2) Yésus apal murid-muridna bisa kagoda pikeun cinta kana hal-hal ieu. Ceuk Yésus, ”Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.” (Mat. 6:24) Jalma nu nyembah ka Yéhuwa bari jeung méakkeun loba teuing waktu tur tanaga sangkan jadi beunghar, sabenerna keur ngawula dua dunungan. Manéhna teu sapinuhna ngawula ka Yéhuwa.

Pandangan sababaraha urang Laodikéa ngeunaan dirina . . . sarta pandangan Yéhuwa jeung Yésus ngeunaan maranéhna (Tingali paragrap 6)

6. Urang diajar naon tina kekecapan Yésus ka jamaah di sidang Laodikéa?

6 Dina panungtungan abad kahiji, jamaah di sidang Laodikéa ngagulkeun diri, ”Aing beunghar, senang sagala boga.” Tapi, di payuneun Yéhuwa jeung Yésus mah maranéhna téh ”masakat, pikawatireun! Muluntu, taranjang, lolong!” Yésus méré naséhat téh lain lantaran beungharna, tapi lantaran maranéhna cinta kana kabeungharan nepi ka hubunganana jeung Yéhuwa jadi ruksak. (Wahyu 3:14-17) Lamun urang ngarasa aya hasrat pikeun ngudag kabeungharan dina haté urang, gancang robah pikiran urang. (1 Tim. 6:7, 8) Lamun henteu, haté urang bakal kabagi, ku kituna Yéhuwa moal narima ibadah urang. Urang kudu ”nyaah ka Pangeran . . . kalawan sabuleudna hate”. (Mat. 22:37, Sunda Formal) Kumaha duit bisa jadi hal nu penting pisan dina kahirupan urang?

7-9. Sadérék diajar naon ti kokolot nu ngaranna David?

7 Perhatikeun conto David, saurang kokolot nu getol di Amerika Serikat. Manéhna gé getol di pagawéanana. Tuluy, manéhna ditawaran naék jabatan. Sacara nasional, manéhna dianggap jalma nu paling ahli di widang pagawéanana. David nyebutkeun, ”Harita abdi mikir abdi bisa suksés siga kieu téh lantaran berkah ti Yéhuwa.” Tapi, naha enya?

8 Lila-lila David sadar yén pagawéanana ngaruksak sosobatan manéhna jeung Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Waktu keur masamoan atawa malahan keur dines, nu dipikiran téh masalah pagawéan wé haben. Gajih mah gedé, tapi abdi kalah ka beuki strés, loba masalah deuih jeung pamajikan.”

9 David sadar manéhna kudu mikirkeun deui naon nu diutamakeun dina hirupna. Ceuk manéhna, ”Tékad abdi geus kuat, abdi kudu barobah.” David hayang ngurangan waktu gawéna tuluy méré nyaho rencana ieu ka dununganana. Kumaha hasilna? David dipecat! Naon nu dilakukeun ku manéhna? Manéhna ngomong, ”Isukna, abdi langsung ngadaptar jadi panaratas ékstra tetep.” Pikeun nyumponan pangabutuhna, David jeung pamajikanana jadi tukang bebersih di gedong-gedong. Teu lila, David jadi panaratas biasa, jeung ka dieunakeun pamajikanana gé milu naratas. Pasangan salaki pamajikan ieu milih pagawéan nu dianggap rendah ku loba jalma, tapi jenis pagawéan téh lain nu pangpentingna keur maranéhna. Sanajan gajihna sapuluh persén ti gajihna nu baheula, éta téh pas keur kaperluan unggal bulanna. Maranéhna hayang ngutamakeun Yéhuwa jeung ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngurus jalma-jalma nu ngutamakeun Karajaan Allah.​—Mat. 6:31-33.

10. Kumaha urang bisa ngajaga haté urang?

10 Teu sual urang boga loba duit atawa henteu, urang kudu ngajaga haté. Kumaha carana? Ulah cinta kana kabeungharan. Jeung, ulah nepi ka pagawéan jadi leuwih penting ti batan dines ka Yéhuwa. Kumaha urang bisa nyaho lamun urang geus kitu? Pék pikirkeun pananya-pananya ieu: ’Naha abdi sering mikiran pagawéan waktu keur masamoan atawa keur dines? Naha abdi sering hariwang engké bakal boga cukup duit atawa henteu? Naha abdi osok paséa jeung batur hirup sual duit jeung harta banda? Naha abdi réla digawé rendahan sangkan boga leuwih loba waktu pikeun ngawula Yéhuwa?’ (1 Tim. 6:9-12) Waktu mikirkeun pananya-pananya ieu, urang kudu inget yén Yéhuwa mikanyaah urang jeung masihan jangji ieu ka jalma-jalma nu ngabakti ka Mantenna, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.” Éta sababna Rasul Paulus nulis, ”Kana duit ulah nepi ka kaedanan.”​—Ibr. 13:5, 6.

SING ATI-ATI MILIH HIBURAN

11. Naon pangaruh hiburan ka jalma-jalma?

11 Yéhuwa hoyong urang bungah, jeung hiburan gé bisa ngabungahkeun. Malah Firman Allah nyebutkeun, ”Anu matak jelema mah panghadena teh geus bae nyatu nginum, beubeunangan usaha teh pake senang-senang.” (Pan. 2:24) Tapi, kalolobaan hiburan di dunya ieu pangaruhna goréng. Éta ngaruksak moral jalma-jalma. Hal-hal nu dikutuk ku Firman Allah jadi dianggap lumrah, malah dipikaresep.

Saha nu nyiapkeun hiburan Sadérék? (Tingali paragrap 11-14) *

12. Numutkeun 1 Korinta 10:21, 22, ku naon urang kudu ati-ati milih hiburan?

12 Urang hayang ngabakti ngan ka Yéhuwa, jadi urang teu meunang ngadahar ”Jamuan Gusti” bari jeung ”ngadahar susuguh pikeun roh jahat”. (Baca 1 Korinta 10:21, 22.) Dahar bareng téh bukti sosobatan. Lamun urang milih hiburan nu nonjolkeun kakerasan, spiritisme, lampah cabul, atawa hasrat jeung sikep nu salah, éta sarua jeung ngadahar dahareun nu disiapkeun ku musuh Allah. Balukarna, urang teu ngan saukur ngaruksak diri sorangan, tapi ogé ngaruksak sosobatan jeung Yéhuwa.

13-14. (a) Kumaha hiburan diupamakeun siga dahareun? (b) Dumasar kana Yakobus 1:14, 15, jelaskeun ku naon hiburan nu goréng bisa ngaruksak urang?

13 Dina sababaraha hal, hiburan bisa diupamakeun siga dahareun. Waktu keur dahar, urang bisa milih naon nu rék diasupkeun kana baham urang. Tapi, sakalina diteureuy, éta bakal langsung diserep jeung jadi bagian awak urang. Dahareun nu séhat matak urang jagjag, dahareun nu teu séhat ngaruksak awak urang. Hasilna mémang teu langsung karasa harita kénéh, tapi éta bisa karasa dina waktuna.

14 Kitu ogé waktu milih hiburan, urang bisa milih naon nu rék diasupkeun kana pikiran. Tapi sakalina geus asup, éta bakal mangaruhan pikiran jeung parasaan urang. Hiburan nu alus matak seger, ari hiburan nu goréng mah ngaruksak. (Baca Yakobus 1:14, 15.) Pangaruh hiburan nu goréng teu langsung katingali, tapi lila-lila pangaruhna pasti katingali. Éta sababna Alkitab ngélingan urang, ”Ulah boga sangka Allah beunang dibobodo. Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna. Melak anu asalna tina kahayang badani, tina eta pepelakan, maot nu bakal kaala.” (Gal. 6:7, 8) Jadi, penting pisan pikeun nampik sagala hiburan nu nonjolkeun hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa!​—Jab. 97:10.

15. Hadiah naon nu disadiakeun ku Yéhuwa keur urang?

15 Loba hamba Yéhuwa resep lalajo JW Broadcasting®, stasiun telepisi urang nu aya dina Internét. Saurang sadérék istri nu ngaranna Marilyn nyebutkeun, ”JW Broadcasting ngabantu abdi jadi leuwih positif, jeung kabéh acarana bisa ditongton lantaran aman. Waktu keur ngarasa euweuh batur atawa leutik haté, abdi dikuatkeun ku hutbah atawa acara Ibadah Isuk. Abdi jadi ngarasa beuki deukeut jeung Yéhuwa sarta organisasi-Na. Acara JW Broadcasting bener-bener ngarobah hirup abdi.” Naha Sadérék gé ngamangpaatkeun hadiah ti Yéhuwa ieu? Salian ti acara anyar unggal bulanna, aya ogé rekaman audio jeung vidéo sarta lagu-lagu nu nguatkeun nu bisa ditongton atawa didéngékeun iraha waé.

16. Ku naon urang kudu ngatur waktu nu dipaké keur hiburan?

16 Ngeunaan hiburan, urang kudu ati-ati kana naon nu dipilih ku urang, tapi urang ogé kudu ati-ati kana sakumaha loba waktu nu dipaké. Lamun henteu, waktu nu dipaké keur hiburan bisa leuwih loba ti batan keur palayanan ka Yéhuwa. Loba nu ngarasa hésé ngatur waktu nu dipaké keur hiburan. Abigail, sadérék istri nu umurna 18 taun nyebutkeun, ”Lalajo TV téh bisa ngabangbrangkeun pikiran sanggeus sibuk sapoéan. Tapi lamun teu ati-ati, waktu béak keur lalajo TV.” Samuel, saurang sadérék ngora nyebutkeun, ”Abdi osok lalajo loba vidéo pondok dina Internét. Mimitina mah ngan lalajo hiji vidéo, ari pék téh katutuluyan nepi ka tilu atawa opat jam.”

17. Kumaha urang bisa ngatur waktu nu dipaké keur hiburan?

17 Kumaha Sadérék bisa ngatur waktu nu dipaké keur hiburan? Urang kudu ngitung heula sakumaha loba waktu nu dipaké keur hiburan. Sadérék bisa nyobaan pikeun nyieun catetan salila saminggu. Catet dina kalénder sabaraha jam waktu nu dipaké keur lalajo TV, maén Internét, jeung maén game dina alat éléktronik. Lamun waktu nu dipaké téh loba teuing, coba jieun jadwal. Tangtukeun heula waktu keur hal-hal nu leuwih penting, kakara tangtukeun waktu keur hiburan. Geus kitu, suhunkeun bantuan ka Yéhuwa sangkan bisa nuturkeun jadwal éta. Ku kituna, Sadérék bisa boga waktu jeung tanaga pikeun diajar Alkitab pribadi, ibadah kulawarga, pasamoan, sarta palayanan ka Yéhuwa dina ngawawar jeung ngajar. Sadérék gé teu pati rumasa salah dina ngagunakeun waktu keur hiburan lantaran geus ngutamakeun heula Yéhuwa.

TERUS NGABAKTI NGAN KA YÉHUWA

18-19. Naon buktina urang ngabakti ngan ka Yéhuwa?

18 Sanggeus nulis ngeunaan panungtungan dunya Sétan jeung ngeunaan dunya anyar nu bakal datang, Rasul Pétrus nyebutkeun, ”Ku sabab kitu dulur-dulur, sabot ngadago eta Poe teh kudu sakuat-kuat hirup beresih taya cawadeunana di payuneun Allah, sarta sing rumaket ngabdi ka Mantenna.” (2 Pet. 3:14) Lamun urang taat kana naséhat ieu jeung sabisa-bisa tetep bersih sacara moral jeung rohani, éta ngabuktikeun yén urang ngabakti ngan ka Yéhuwa.

19 Sétan jeung dunyana bakal terus ngagoda urang supaya henteu ngutamakeun Yéhuwa. (Luk. 4:13) Tapi, urang boga tékad pikeun ngabakti ngan ka Yéhuwa lantaran éta hak Mantenna! Saha waé atawa naon waé moal ngagantikeun Yéhuwa dina haté urang.

KAWIH 30 Allah, Bapa, jeung Sobat Abdi

^ par. 5 Urang resep ngawula ka Yéhuwa. Tapi, naha urang ngabakti ngan ka Mantenna? Jawabanana katingali tina putusan nu dijieun ku urang. Hayu urang bahas dua hal dina kahirupan nu kudu dipastikeun sangkan nyaho naha urang geus sapinuhna ngabakti ka Yéhuwa atawa acan.

^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: Urang embung ngadahar dahareun nu dipasak di dapur nu jorok. Tangtu urang gé embung lalajo hiburan nu nonjolkeun kakerasan, spiritisme, atawa lampah cabul.