Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 41

Tetep Satia Salila ”Mangsa Cilaka”

Tetep Satia Salila ”Mangsa Cilaka”

”Sing nyaraah ka PANGERAN, he sakabeh umat nu saratia! PANGERAN ngaraksa ka nu satuhu.”​—JAB. 31:24.

KAWIH 129 Urang Kudu Terus Tabah

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Sakeudeung deui, naon nu bakal diumumkeun ku bangsa-bangsa? (b) Pananya-pananya naon nu kudu dijawab?

BAYANGKEUN, ’kaayaan tenang jeung aman’ kakara diumumkeun ku bangsa-bangsa, éta geus didago-dago ku urang. Maranéhna bisa jadi susumbar yén dunya geus bener-bener aman. Bangsa-bangsa hayang urang percaya yén maranéhna bisa ngaréngsékeun kabéh masalah dunya ieu. Tapi sabenerna, maranéhna teu bisa ngadalikeun naon nu bakal kajadian saterusna! Ku naon? Numutkeun nubuat Alkitab, ”kacilakaan ujug-ujug datang narajang” jeung maranéhna moal bisa lolos.​—1 Tes. 5:3.

2 Aya sababaraha pananya penting nu kudu dijawab: Bakal aya kajadian naon dina ”mangsa cilaka”? Dina mangsa éta, Yéhuwa hoyong urang ngalampahkeun naon? Jeung, kumaha urang bisa nyiapkeun diri pikeun tetep satia salila mangsa cilaka?​—Mat. 24:21.

BAKAL AYA KAJADIAN NAON DINA ”MANGSA CILAKA”?

3. Numutkeun Wahyu 17:5, 15-18, kumaha carana Allah ngamusnakeun ”Babul raya”?

3 Baca Wahyu 17:5, 15-18. ”Babul raya” bakal diancurkeun! Saperti nu disebutkeun saacanna, bangsa-bangsa teu bisa ngadalikeun éta kajadian. Naon sababna? Sabab ”hate maranehna ku Allah disina sakait, diloyogkeun kana ngajalankeun tujuan Mantenna”. Naon tujuan éta téh? Pikeun ngamusnakeun kabéh agama palsu, kaasup agama nu ngakuna Kristen. ’Sapuluh tanduk’ ti ”sato rupa beureum” ku Allah digerakkeun haténa pikeun ngajalankeun tujuan Mantenna. Sapuluh tanduk téh kabéh pamaréntahan nu ngadukung ”sato rupa beureum” nu ngalambangkeun Perserikatan Bangsa-Bangsa. (Wahyu 17:3, 11-13; 18:8) Waktu pamaréntah-pamaréntah éta nyerang agama palsu, éta tandana mangsa cilaka dimimitian. Ieu bakal jadi kajadian gedé nu matak reuwas jeung pikasieuneun.

4. (a) Bisa jadi, bangsa-bangsa méré alesan naon waktu nyerang agama palsu? (b) Naon nu bakal dilakukeun ku para mantan anggota agama?

4 Urang teu nyaho bangsa-bangsa rék méré alesan naon waktu nyerang Babul Raya. Bisa jadi maranéhna nyebutkeun organisasi agama téh jadi hahalang pikeun katengtreman dunya jeung sok pipilueun waé kana urusan pulitik. Atawa bisa jadi maranéhna nyebutkeun yén organisasi agama téh geus beunghar teuing ku harta bandana. (Wahyu 18:3, 7) Asup akal, waktu bangsa-bangsa nyerang, nu dimusnakeun téh lain kabéh anggota agama, tapi organisasi-organisasi agama. Sanggeus organisasi éta dimusnakeun, mantan anggotana sadar yén para pamingpin agama téh jalir jangji, tuluy maranéhna bakal ngajauhan agama-agama éta.

5. Naon nu dijangjikeun ku Yéhuwa ngeunaan mangsa cilaka, jeung naon sababna?

5 Alkitab teu nyebutkeun sabaraha lila waktu nu dibutuhkeun pikeun ngamusnakeun Babul Raya, tapi urang apal waktuna ngan sakeudeung. (Wahyu 18:10, 21) Yéhuwa jangji bakal ”nyinggetkeun eta mangsa” supaya ”umat pilihana-Na” bisa salamet jeung agama nu sajati tetep aya. (Mar. 13:19, 20) Yéhuwa hoyong urang ngalampahkeun naon waktu mangsa cilaka dimimitian nepi ka perang Armagédon?

TERUS JALANKEUN IBADAH NU MURNI KA YÉHUWA

6. Salian ti mutuskeun hubungan jeung agama palsu, naon deui nu kudu dilakukeun ku urang?

6 Dina artikel saacanna disebutkeun yén Yéhuwa hoyong umat-Na misahkeun diri ti Babul Raya. Tapi, teu cukup ngan saukur mutuskeun hubungan jeung agama palsu. Urang gé kudu terus ngajalankeun agama nu sajati, nyaéta ibadah nu murni ka Yéhuwa. Perhatikeun dua carana.

Mugia urang terus masamoan, sanajan dina kaayaan susah (Tingali paragrap 7) *

7. (a) Naon contona urang nyekel pageuh papakon moral Yéhuwa nu bener? (b) Kumaha Ibrani 10:24, 25 nandeskeun pentingna masamoan komo deui ayeuna?

7 Kahiji, urang kudu nyekel pageuh papakon moral Yéhuwa nu bener. Urang teu bisa narima papakon jeung prinsip dunya ieu. Misalna, urang teu satuju kana sagala rupa lampah cabul, kaasup perkawinan sasama jenis jeung gaya hirup homoséksual. (Mat. 19:4, 5; Rum 1:26, 27) Kadua, urang kudu terus ibadah bareng jeung dulur saiman. Urang sabisa-bisa ngalampahkeun ieu di mana waé, misalna di Balé Karajaan, atawa lamun perlu di imah-imah atawa susulumputan di tempat séjén. Teu sual kumaha kaayaanana, urang kudu rutin ibadah babarengan. Sabenerna, urang kudu beuki getol masamoan ”sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut”.​—Baca Ibrani 10:24, 25.

8. Bisa jadi warta naon nu bakal ditepikeun ku urang dina mangsa kahareup?

8 Salila mangsa cilaka, warta nu diuarkeun ku urang bisa jadi béda. Ayeuna, urang ngawawarkeun warta hadé Karajaan jeung sabisa-bisa ngajadikeun murid. Tapi katingalina, engké urang bakal nepikeun warta nu keras kawas hujan és batu. (Wahyu 16:21, Terjemahan Dunia Baru) Bisa jadi urang nguarkeun kabinasaan dunya Sétan nu geus téréh. Dina waktuna, urang bakal nyaho naon wartana jeung kumaha cara nepikeunana. Naha cara dines urang bakal sarua jeung cara nu geus dipaké leuwih ti saratus taun ieu? Atawa bakal béda? Urang tingali engké. Rék kumaha ogé carana, katingalina urang boga hak istiméwa pikeun nguarkeun warta hukuman ti Yéhuwa kalawan wani!​—Yeh. 2:3-5.

9. Kumaha sikep bangsa-bangsa kana warta urang, tapi urang bisa yakin kana hal naon?

9 Sigana mah, warta urang bisa nyababkeun bangsa-bangsa hayang ngeureunkeun pangwawaran urang salilana. Ayeuna urang ngandelkeun dukungan Yéhuwa dina dines, engké gé urang bakal butuh dukungan Mantenna. Urang yakin Allah bakal masihan kakuatan ka urang pikeun ngalaksanakeun kahoyong-Na.​—Mika 3:8.

SIAP NYANGHAREUPAN SERANGAN KA UMAT ALLAH

10. Sakumaha nu dinubuatkeun di Lukas 21:25-28, kumaha réaksi kalolobaan jalma dina mangsa cilaka?

10 Baca Lukas 21:25-28. Salila mangsa cilaka, jalma-jalma bakal rareuwaseun ningali ancurna hal-hal nu disangkana bakal langgeng. Maranéhna ”pinuh ku kasieun”, sieun paéh dina mangsa nu paling sangsara dina sajarah manusa. (Sep. 1:14, 15) Engké, katingalina umat Yéhuwa gé bakal ngarasa hirup téh leuwih beurat. Urang bisa ngalaman sababaraha kasusahan lantaran urang lain bagian ti dunya ieu. Meureun, sababaraha pangabutuh urang gé moal kacumponan.

11. (a) Naon sababna Saksi-Saksi Yéhuwa bakal diincer ku bangsa-bangsa? (b) Ku naon urang teu kudu sieun nyanghareupan mangsa cilaka?

11 Ahirna, jalma-jalma nu agamana dimusnakeun jadi ambek sabab agama Saksi-Saksi Yéhuwa masih kénéh aya. Kabayang, jalma-jalma bakal géhgér, kaasup dina média sosial. Bangsa-bangsa jeung pangawasana, nyaéta Sétan, bakal ijid ka urang lantaran urang hiji-hijina agama nu salamet. Tujuan maranéhna pikeun ngamusnakeun kabéh agama di dunya ieu katingalina bakal gagal. Ku kituna, maranéhna bakal ngincer urang. Maranéhna bakal ngagabung pikeun nyerang umat Yéhuwa bébéakan. Ti dinya, maranéhna jadi Gog di Magog. * (Yeh. 38:2, 14-16) Bisa jadi urang hariwang naon nu bakal kajadian salila mangsa cilaka, utamana lantaran urang teu apal kumaha rincianana. Tapi, urang yakin urang moal sieun nyanghareupan mangsa cilaka lantaran Yéhuwa bakal masihan pituduh nu bisa nyalametkeun urang. (Jab. 34:20) Urang bakal ’ngajegkeun awak, nanggahkeun sirah, sabab urang geus tereh disalametkeun’. *

12. Kumaha ”gandek satia jeung bijaksana” nyiapkeun urang pikeun nyanghareupan kajadian nu bakal datang?

12 ”Gandek satia jeung bijaksana” geus nyiapkeun urang pikeun tetep satia salila mangsa cilaka. (Mat. 24:45) Ieu geus dilakukeun ku loba cara, salah sahiji contona nyaéta acara kongrés régional ti taun 2016-2018. Dina kongrés-kongrés éta, urang dijurung pikeun ngamekarkeun sipat-sipat nu dibutuhkeun pikeun nyanghareupan poé Yéhuwa nu beuki deukeut. Hayu urang bahas sacara singget sipat-sipat éta.

SING TERUS SATIA, TABAH, JEUNG WANI

Siapkeun diri ti ayeuna sangkan salamet dina ”mangsa cilaka” (Tingali paragraps 13-16) *

13. Kumaha urang bisa nguatkeun tékad pikeun satia ka Yéhuwa, jeung ku naon kudu ti ayeuna?

13 Satia: Téma kongrés régional 2016 téh ”Tetap Loyal kepada Yehuwa!” Kongrés ieu ngajelaskeun yén urang bisa satia lamun raket ka Yéhuwa. Urang diingetkeun yén urang bisa ngaraket ka Yéhuwa ku cara ngadoa ku sapinuh haté jeung getol diajar Firman-Na. Ku kituna, urang bisa kuat nyanghareupan masalah nu paling beurat. Lantaran ahir dunya Sétan geus téréh, urang teu héran lamun kasatiaan urang ka Allah jeung Karajaana-Na bakal diuji leuwih ti biasana. Urang sigana bakal terus dipoyokan, utamana lantaran urang teu ngadukung kabéh bagian dunya Sétan. (2 Pet. 3:3, 4) Urang kudu nguatkeun tékad ti ayeuna pikeun tetep satia dina mangsa cilaka.

14. (a) Engké, aya parobahan naon ngeunaan sadérék-sadérék nu mingpin kagiatan urang di bumi? (b) Ku naon urang kudu tetep satia dina mangsa éta?

14 Salila mangsa cilaka, bakal aya parobahan ngeunaan nu mingpin kagiatan urang di bumi. Dina waktuna, kabéh jalma nu diistrénan nu masih aya di bumi dikumpulkeun ka sawarga pikeun miluan perang Armagédon. (Mat. 24:31; Wahyu 2:26, 27) Éta hartina Badan Pingpinan moal bareng deui jeung urang di bumi. Sanajan kitu, jelema nu kacida lobana bakal tetep diorganisasi. Sadérék-sadérék nu geus pangalaman ti antara domba-domba lian bakal mingpin urang. Urang némbongkeun kasatiaan ka Yéhuwa ku cara ngadukung maranéhna jeung nuturkeun pituduh maranéhna nu asalna ti Allah. Kasalametan urang gumantung kana hal éta!

15. Kumaha carana sangkan urang beuki tabah, jeung ku naon éta kudu dilampahkeun ayeuna?

15 Tabah: Téma kongrés régional 2017 téh ”Jangan Menyerah!” Kongrés ieu ngabantu urang sangkan beuki tabah waktu nyanghareupan cocoba. Urang diajar yén urang bisa tetep tabah lantaran ngandelkeun Yéhuwa, lain lantaran kaayaanana bakal jadi leuwih alus atawa henteu. (Rum 12:12) Ulah poho kana jangji Yésus, ”Sing saha anu tabah nepi ka panungtungan bakal dirahayukeun.” (Mat. 24:13) Ieu hartina urang kudu tetep satia teu sual naon waé tangtanganana. Ku cara tetep tabah waktu nyanghareupan unggal cocoba, urang bakal beuki kuat waktu mangsa cilaka dimimitian.

16. Urang kudu kumaha sangkan bisa leuwih wani?

16 Wani: Téma kongrés régional 2018 téh ”Jadilah Berani!” Kongrés ieu ngingetkeun urang yén kawani lain sipat bawaan urang. Sakumaha urang kudu ngandelkeun Yéhuwa sangkan bisa tabah, urang gé kudu ngandelkeun Yéhuwa sangkan bisa wani. Kumaha urang bisa leuwih ngandelkeun Yéhuwa? Ku cara maca Firman Allah unggal poé jeung ngalenyepan cara Yéhuwa nyalametkeun umat-Na dina jaman baheula. (Jab. 68:21; 2 Pet. 2:9) Waktu bangsa-bangsa nyerang dina mangsa cilaka, urang kudu wani jeung ngandelkeun Yéhuwa leuwih ti saacanna. (Jab. 112:7, 8; Ibr. 13:6) Lamun urang ngandelkeun Yéhuwa ti ayeuna, urang bakal wani waktu nyanghareupan serangan Gog. *

TEUTEUP KASALAMETAN SADÉRÉK

Yésus jeung pasukan sawarga sakeudeung deui bakal merangan jeung ngabasmi musuh-musuh Allah dina perang Armagédon (Tingali paragrap 17)

17. Ku naon urang teu kudu sieun Armagédon? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

17 Sakumaha nu disebutkeun dina artikel saacanna, kalolobaan ti urang téh saumur-umur hirup dina ahir jaman. Sanajan kitu, urang boga harepan pikeun salamet ngaliwatan mangsa cilaka. Perang Armagédon bakal jadi puncakna ahir dunya ieu. Sanajan kitu, urang teu kudu sieun. Ku naon? Lantaran éta bakal jadi perangna Allah. (Sil. 1:33; Yeh. 38:18-20; Jak. 14:3) Waktu Yéhuwa masihan paréntah, Yésus bakal mingpin pasukan Allah dina perang éta. Anjeunna bakal dibantuan ku kaom nu diistrénan nu geus dihirupkeun deui sarta jutaan malaikat. Maranéhna bakal babarengan merangan Sétan, roh-roh jahat, jeung pasukanana di bumi.​—Dan. 12:1; Wahyu 6:2; 17:14.

18. (a) Yéhuwa masihan jaminan naon? (b) Kumaha ayat dina Wahyu 7:9, 13-17 ngabantu Sadérék jadi reugreug?

18 Yéhuwa ngajamin, ”Satiap pakarang anu dipake narajang ka maneh, moal matak kua-kieu.” (Yes. 54:17) Hamba-hamba Allah nu satia nu ”kacida lobana” jeung ”tas dikaniaya kacida hebatna” bakal saralamet! Maranéhna bakal terus ngawula Mantenna. (Baca Wahyu 7:9, 13-17.) Urang tangtu jadi reugreug kana mangsa kahareup! Urang nyaho ”PANGERAN ngaraksa ka nu satuhu”. (Jab. 31:24) Kabéh jalma nu nyaah jeung muji Yéhuwa bungah waktu nami Yéhuwa disucikeun.​—Yeh. 38:23.

19. Harepan éndah naon nu bakal kaalaman ku urang sakeudeung deui?

19 Pikirkeun bakal kumaha kekecapan dina 2 Timoteus 3:2-5 saupama ngajelaskeun kalakuan jalma-jalma nu hirup di dunya anyar nu bébas ti pangaruh Sétan. (Tingali kotak ” Kalakuan Jalma-Jalma dina Mangsa Kahareup”.) Sadérék George Gangas, * nu pernah jadi anggota Badan Pingpinan, ngajelaskeun, ”Dunya ieu bakal jadi éndah pisan da jalma-jalmana jadi dulur-dulur urang! Sakeudeung deui Sadérék bakal boga hak istiméwa hirup di dunya anyar. Sadérék bakal hirup sarua lilana jeung Yéhuwa. Urang bakal hirup salalanggengna.” Éta téh bener-bener harepan nu luar biasa!

KAWIH 122 Sing Teger sarta Pengkuh!

^ par. 5 Urang apal yén teu lila deui, umat manusa bakal ngalaman ”mangsa cilaka”. Tapi, kumaha jeung umat Yéhuwa? Dina mangsa éta, Yéhuwa hoyong urang ngalampahkeun naon? Sipat-sipat naon nu kudu dimekarkeun ayeuna supaya urang bisa tetep satia? Éta bakal dibahas dina artikel ieu.

^ par. 11 KATERANGAN TAMBAHAN: Istilah Gog di Magog (singgetna, Gog) ngamaksudkeun gabungan bangsa-bangsa nu bakal nyerang umat Yéhuwa dina mangsa cilaka.

^ par. 11 Pikeun bahasan nu leuwih jéntré ngeunaan kajadian-kajadian saacan perang Armagédon, tingali pasal 21 tina buku Kerajaan Allah Memerintah! Pikeun katerangan nu leuwih rinci ngeunaan serangan Gog di Magog jeung kumaha Yéhuwa bakal nyalametkeun umat-Na di Armagédon, tingali pasal 17 jeung 18 tina buku Ibadah yang Murni kepada Yehuwa—Akhirnya Dipulihkan!

^ par. 16 Téma kongrés régional 2019 téh ”Kasih Tidak Akan Berakhir!” Hal ieu ngayakinkeun urang yén urang bakal tetep aman lantaran dijaga ku Yéhuwa nu nyaah ka urang.​—1 Kor. 13:8.

^ par. 19 Tingali artikel ”Perbuatannya Akan Mengikutinya” dina Menara Pengawal 1 Désémber 1994.

^ par. 64 KATERANGAN GAMBAR: Waktu mangsa cilaka, sakelompok leutik Saksi wani ngayakeun pasamoan di leuweung.

^ par. 66 KATERANGAN GAMBAR: Hamba-hamba Yéhuwa nu satia jeung kacida lobana salamet tina mangsa cilaka jeung bararungah!