Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Joseph F. Rutherford jeung sadérék-sadérék nu indit ka Eropa

1920—Saratus Taun Katukang

1920—Saratus Taun Katukang

DINA awal taun 1920, umat Yéhuwa sumanget pisan ngajalankeun tugasna. Pikeun taun éta, ayat nu dipilih ku maranéhna téh nyaéta ”GUSTI téh kakuatan jeung jabur abdi”.​—Jab. 118:14, Terjemahan Baru.

Yéhuwa nguatkeun para pawarta nu sumanget ieu. Dina taun éta, para kolportir, atawa panaratas, jumlahna nambahan ti 225 jadi 350. Terus, leuwih ti 8.000 golongan pekerja, atawa pawarta, ngalaporkeun jam dinesna ka kantor pusat. Saacanna mah teu pernah. Yéhuwa ngaberkahan pagawéan maranéhna. Buktina, loba pisan jalma nu daék ngadéngékeun.

SUMANGET NU LUAR BIASA

Joseph F. Rutherford, nu harita mingpin kagiatan Siswa-Siswa Alkitab, bakal nepikeun hutbah nu judulna ”Millions Now Living Will Never Die” (Jutaan Jalma nu Hirup Ayeuna Moal Bakal Maot) di New York City, tanggal 21 Maret 1920. Jadi, Siswa-Siswa Alkitab ngondang saloba-lobana jalma pikeun ngadéngékeun hutbah éta. Maranéhna nyéwa salah sahiji téater panggedéna, sarta ngabagikeun kira-kira 320.000 ondangan.

Iklan dina koran pikeun hutbah ”Jutaan Jalma nu Hirup Ayeuna Moal Bakal Maot”

Teu disangka-sangka, nu datang téh loba pisan! Aya 7.000 jalma nu teu bisa asup, lantaran gedongna ngan mahi keur 5.000 jalma. Ceuk majalah The Watch Tower, éta téh ”salah sahiji acara paling suksés nu pernah diayakeun ku Siswa-Siswa Alkitab Internasional”.

Siswa-Siswa Alkitab jadi kasohor sabab ngawartakeun yén ”jutaan jalma nu hirup ayeuna moal bakal maot”. Harita maranéhna can ngartieun, warta Karajaan téh masih kudu diuarkeun ka sakuliah dunya, sarta butuh waktu nu leuwih lila pikeun nguarkeunana. Najan kitu, sumanget maranéhna téh luar biasa pisan! Contona, Sadérék Ida Olmstead nu mimiti masamoan taun 1902. Ceuk Ida, ”Urang apal Allah geus nyiapkeun loba berkah keur kabéh jalma. Urang bakal nguarkeun warta hadé ka unggal jalma nu urang panggihan dina dines.”

NYITAK SORANGAN BACAAN-BACAAN

Sadérék-sadérék di Bétel nyitak sorangan sababaraha bacaan pikeun nyadiakeun kadaharan rohani. Maranéhna nyéwa gedong di 35 Myrtle Avenue, Brooklyn, New York, teu jauh ti Bétel. Maranéhna gé meuli alat-alat percitakan, tuluy dipasang di gedong éta.

Leo Pelle jeung Walter Kessler asup ka Bétel dina Januari 1920. Ceuk Walter, ”Pangawas percitakanna ngomong, ’Masih aya hiji satengah jam deui saacan istirahat.’” Urang dititah mawaan loba pisan buku ti rohangan handap ka luhur.

Leo nyaritakeun naon nu kajadian isukanana, ”Urang dibéré tugas mersihan témbok-témbok di tingkat hiji gedong éta. Éta téh pagawéan pangjorokna nu pernah abdi gawékeun. Tapi pan ieu téh keur Allah, jadi abdi réla ngagawékeunana.”

Mesin pikeun nyitak majalah The Watch Tower

Ngan dina waktu sababaraha minggu, sadérék-sadérék bisa nyitak 60.000 majalah The Watch Tower édisi 1 Pébruari 1920. Majalah-majalah ieu dicitak di tingkat dua gedong éta. Ari tingkat hiji mah dipaké keur masang mesin citak nu dingaranan Battleship (Kapal Tempur). Majalah The Golden Age nu mimiti dicitak sorangan téh nyaéta édisi 14 April 1920. Jelas pisan, Yéhuwa ngaberkahan upaya sadérék-sadérék éta!

”Pan ieu téh keur Allah, jadi abdi réla ngagawékeunana”

”HAYU URANG HIRUP RUKUN SAUYUNAN”

Sakali deui, umat Yéhuwa ngahiji jeung sumanget ngawawar. Tapi waktu aya ujian iman taun 1917 nepi ka 1919, sababaraha Siswa-Siswa Alkitab ninggalkeun organisasi. Kumaha organisasi ngabantu maranéhna?

Dina majalah The Watch Tower 1 April 1920, aya artikel nu judulna ”Let Us Dwell in Peace” (Hayu Urang Hirup Rukun Sauyunan). Di ditu aya kekecapan nu ngageuing, ”Urang yakin . . . kabéh nu hayang taat ka Allah . . . moal nginget-nginget deui kasalahan maranéhna . . . sarta bakal ngahiji jeung umat Allah pikeun ngajalankeun pagawéan ti Mantenna.”

Loba nu kageuing lantaran maca kekecapan éta. Sapasang salaki pamajikan nulis kieu, ”Kamari-kamari, urang téh salah lantaran teu ngawawar. . . . Mudah-mudahan kahareupna urang teu kitu deui.” Aya loba pagawéan keur jalma-jalma nu balik deui ka organisasi.

NYEBARKEUN ”ZG”

Dina 21 Juni 1920, Siswa-Siswa Alkitab ngayakeun kampanyeu gedé pikeun nyebarkeun ”ZG”. ”ZG” téh buku The Finished Mystery (Rasiah nu Diungkabkeun), tapi nu dijilid ku sampul ipis. * Lantaran ”ZG” dilarang ku pamaréntah dina taun 1918, loba pisan buku éta nu disimpen di gudang.

Kabéh pawarta jeung panaratas diajak pikeun miluan kampanyeu ieu. ”Kabéh pawarta nu geus dibaptis jeung bisa miluan kampanyeu ieu sakuduna ngarélakeun diri. Kuduna urang boga semboyan kieu: ’Hiji hal nu pasti’—Urang bakal nyebarkeun ZG.” Edmund Hooper ngomong, kalolobaan jalma teu pernah ngawawar ti imah ka imah. Kakara dina kampanyeu ieu maranéhna ngalakukeun éta. Ceuk manéhna, ”Ayeuna urang ngarti, pagawéan ieu téh jauh leuwih gedé tibatan nu urang bayangkeun.”

NGATUR DEUI PAGAWÉAN DI EROPA

Salila Perang Dunya I, organisasi hésé komunikasi jeung Siswa-Siswa Alkitab di nagri séjén. Sadérék Rutherford hayang nguatkeun maranéhna jeung ngatur deui kagiatan pangwawaran. Jadi dina 12 Agustus 1920, manéhna jeung opat sadérék séjén ngayakeun perjalanan nu jauh ka Inggris jeung nagri-nagri séjén.

Sadérék Rutherford di Mesir

Waktu Rutherford keur di Inggris, Siswa-Siswa Alkitab ngayakeun tilu kongrés jeung 12 pasamoan. Mun diitung-itung, nu datang téh kira-kira 50.000 jalma. The Watch Tower nyebutkeun, ”Sadérék-sadérék disegerkeun jeung dikuatkeun. Maranéhna bungah lantaran bisa digawé bareng jeung leuwih ngahiji.” Geus kitu, di Paris, Sadérék Rutherford nepikeun deui hutbah ”Jutaan Jalma nu Hirup Ayeuna Moal Bakal Maot”. Waktu hutbahna dimimitian, gedongna pinuh pisan. Terus, aya 300 jalma nu hayang nyaho leuwih loba.

Poster nu ngiklankeun hutbah nu diayakeun di London’s Royal Albert Hall

Minggu-minggu sanggeusna, Rutherford jeung sababaraha sadérék indit ka Atena, Kairo, jeung Yerusalem. Di ditu aya loba jalma nu minat. Jadi, Rutherford netepkeun hiji tempat pikeun jadi gudang bacaan di kota Ramallah, deukeut Yerusalem. Terus manéhna balik deui ka Eropa sarta ngadegkeun kantor cabang Eropa Tengah. Manéhna ngatur supaya bacaan-bacaan dicitak di ditu.

NGABOLÉKÉRKEUN KATEUADILAN

Dina Séptémber 1920, Siswa-Siswa Alkitab ngaluarkeun majalah The Golden Age No. 27. Éta téh édisi husus nu nyaritakeun panganiayaan ka Siswa-Siswa Alkitab dina taun 1918. Beurang peuting, mesin Battleship dipaké jang nyitak opat juta majalah ieu.

Poto Emma Martin di kantor pulisi

Jalma-jalma maca kasusna Emma Martin. Emma téh panaratas di San Bernardino, California. Dina 17 Maret 1918, manéhna jeung tilu sadérék séjén, nyaéta Edward Hamm, Edward J. Sonnenburg, sarta Ernest Stevens, ngumpul bareng jeung sababaraha Siswa-Siswa Alkitab.

Aya saurang lalaki nu milu ngumpul, tapi manéhna mah lain rék diajar Alkitab. Ceuk manéhna, ”Urang datang ka ditu téh . . . dititah ku jaksa nu mawa kasus ieu ka pangadilan. Urang kudu ngumpulkeun barang bukti.” Di ditu, manéhna manggihan buku The Finished Mystery, barang bukti nu dimaksud. Sababaraha poé sanggeusna, Sadérék Emma jeung tilu sadérék tadi ditéwak. Maranéhna dituduh ngalanggar hukum lantaran nyebarkeun buku nu dilarang.

Maranéhna dianggap salah jeung dibéré hukuman tilu taun panjara. Maranéhna ngajukeun banding sababaraha kali, tapi ditolak waé. Jadi dina tanggal 17 Méi 1920, maranéhna ngajalankeun hukumanana. Tapi teu lila, kaayaanna barobah.

Dina 20 Juni 1920, Sadérék Rutherford nyaritakeun kasusna Sadérék Emma jeung tilu sadérék séjén dina kongrés di San Francisco. Para hadirin ngarasa kasusna mani kacida pisan. Sanggeus disatujuan ku hadirin, hiji télégram dikirimkeun ka présidén Amerika Serikat. Eusina nyaéta, sadérék-sadérék ngarasa pamaréntah geus teungteuingeun pisan. Pamaréntah nyalahgunakeun wewenang ku cara ngahaja rék ngajebak jeung ngasupkeun Sadérék Emma ka panjara. Éta téh licik pisan!

Isukanana pisan, Présidén Woodrow Wilson langsung nyabut hukuman Sadérék Emma jeung tilu sadérék séjénna. Maranéhna dibébaskeun ti panjara sarta meunang kaadilan.

Siswa-Siswa Alkitab bisa ngarasa bungah, sabab salila taun 1920 aya loba hal alus nu kajadian. Pagawéan di kantor pusat beuki ngagedéan. Urang Kristen gé beuki getol ngawartakeun yén Karajaan Allah wungkul nu bisa nyingkirkeun kabéh masalah umat manusa. (Mat. 24:14) Tapi taun hareupna, taun 1921, kagiatan pangwawaran bakal beuki gedé deui!

^ par. 18 Buku The Finished Mystery téh nyaéta buku Studies in the Scriptures jilid katujuh. Ari ”ZG” téh nu dijilid ku sampul ipis, sarta dicitak jadi majalah The Watch Tower 1 Maret 1918. Ku naon bet disebut ”ZG”? ”Z” ngamaksudkeun Zion’s Watch Tower. Ari ”G” ngamaksudkeun jilid katujuh, lantaran G téh hurup nu katujuh.