Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 42

Carana Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis—Bagian Dua

Carana Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis—Bagian Dua

”Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran.”​—1 TIM. 4:16.

KAWIH 77 Caang Bebeneran

NU DIBAHAS *

1. Ku naon pangwawaran urang bisa nyalametkeun kahirupan batur?

PANGWAWARAN téh kagiatan nu nyalametkeun kahirupan. Ku naon? Dina Mateus 28:​19, 20, Yésus méré paréntah pikeun ’ngadatangan, ngajadikeun murid, jeung ngabaptis’ jalma-jalma. Sakumaha penting baptisan téh? Baptisan téh mangrupa sarat supaya saurang jalma bisa disalametkeun. Jalma nu rék dibaptis kudu yakin yén manéhna bisa salamet téh lantaran Yésus geus maot demi manéhna sarta geus dihirupkeun deui. Éta sababna Rasul Pétrus ngomong ka dulur-dulur saiman, ”Baptisan, anu ngalantarankeun aranjeun ayeuna salamet. . . . Eta teh nyalametkeun aranjeun ku gugahna Yesus Kristus ti nu maraot.” (1 Pet. 3:21) Jadi waktu saurang jalma dibaptis, manéhna boga harepan pikeun disalametkeun jeung hirup langgeng.

2. Ceuk 2 Timoteus 2:​24, 25, urang kudu kumaha waktu ngajar batur?

2 Pikeun mantuan batur jadi murid Yésus, urang kudu tarampil ngajar. (Baca 2 Timoteus 2:​24, 25) Ku naon? Lantaran Yésus nitah urang ’ngadatangan, ngajadikeun murid, jeung ngajar’ jalma-jalma. Paulus gé ngomong, ”Awaskeun pangajaran.” Ceuk manéhna, kudu ”rajin” ngajalankeunana ”sangkan jamuga, boh hidep pribadi, boh anu ngadengekeun piwuruk-piwuruk hidep”. (1 Tim. 4:16) Jadi urang kudu merhatikeun cara ngajar urang, sabab pangajaran urang bisa ngabantu batur jadi murid.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Di sakuliah dunya, urang ngajarkeun Alkitab ka jutaan jalma. Tapi jiga nu disebutkeun dina artikel saacanna, urang hayang nyaho kumaha urang bisa mantuan leuwih loba jalma pikeun dibaptis. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas lima hal séjén nu kudu dilakukeun ku pawarta supaya palajar Alkitab gancang nyieun kamajuan nepi ka dibaptis.

ALKITAB NU KUDU NGAJAR

Pénta bantuan pawarta nu geus pangalaman sangkan Sadérék leuwih sering ngagunakeun Alkitab (Tingali paragrap 4-6) *

4. Ku naon pawarta sakuduna teu loba teuing ngajelaskeun waktu ngajar Alkitab? (Tingali catetan handap.)

4 Urang resep kana pangajaran tina Firman Allah. Jadi, meureun urang sok hayang ngajelaskeun loba hal. Tapi waktu mandu palajaran Alkitab, Palajaran Warta Hadé, atawa Palajaran Alkitab Sidang, saurang sadérék kuduna teu loba teuing ngajelaskeun. Urang hayang Alkitab nu ngajar batur. Jadi urang kudu nahan diri, ulah loba teuing ngajéntrékeun hiji ayat atawa topik nu keur dibahas. * (Yoh. 16:12) Inget-inget deui sakumaha loba pamahaman Alkitab Sadérék waktu dibaptis, terus bandingkeun jeung ayeuna. Meureun, baheula gé Sadérék ngan paham pangajaran-pangajaran dasar wungkul. (Ibr. 6:1) Sadérék bisa boga pamahaman jiga ayeuna téh lantaran geus diajar mangtaun-taun. Jadi, ulah hayang ngajarkeun kabéh hal sakaligus ka palajar Alkitab.

5. (a)Jiga nu disebutkeun dina 1 Tesalonika 2:​13, urang hayang palajar ngarti kana hal naon? (b) Kumaha carana ngajurung palajar pikeun nyaritakeun hal-hal nu geus dipikanyaho ku manéhna?

5 Urang hayang palajar ngarti yén sagala hal nu diajarkeun téh asalna tina Firman Allah, lain ti urang. (Baca 1 Tesalonika 2:13.) Jadi, urang kudu kumaha? Tanyakeun naon waé nu geus dipikanyaho ku manéhna salila diajar. Ulah Sadérék terus nu ngajelaskeun ayat-ayat. Pénta manéhna ngajelaskeun sababaraha ayat ka Sadérék. Bantu manéhna ngarasakeun yén Firman Allah téh aya mangpaatna keur manéhna. Béré pananya panungtun jeung pananya nu ngali eusi haté supaya manéhna bisa nyaritakeun kumaha pikiran jeung parasaanna sanggeus maca ayat-ayat Alkitab. (Luk. 10:​25-28) Misalna, tanyakeun: ”Tina ayat ieu, ceuk Tétéh, Yéhuwa boga sipat naon?” ”Naon mangpaat ayat ieu keur Tétéh?” ”Sanggeus diajar hal ieu, kumaha parasaan Tétéh?” (Sil. 20:5) Nu paling penting téh sakumaha loba nu dipikaresep jeung nu geus dijalankeun ku manéhna, lain sakumaha loba pamahaman manéhna.

6. Waktu mandu palajaran Alkitab, ku naon alus mun ngajak pawarta nu geus pangalaman?

6 Waktu mandu palajaran Alkitab, Sadérék pernah teu ngajak pawarta nu geus pangalaman? Pék pénta manéhna merhatikeun cara ngajar Sadérék. Na Sadérék loba teuing ngajelaskeun, atawa leuwih loba ngagunakeun Alkitab? Mun Sadérék hayang leuwih tarampil, Sadérék kudu rendah haté. (Bandingkeun Rasul 18:​24-26.) Geus kitu tanyakeun, ari ceuk manéhna, si palajar ngarti teu kana naon nu diajarkeun. Terus mun sakali waktu Sadérék rék indit saminggu atawa leuwih, pénta manéhna ngagantikeun Sadérék mandu palajaranana. Ku kituna, si palajar moal eureun diajar, sarta bakal ngarti yén diajar Alkitab téh penting pisan. Tong nganggap manéhna téh palajar Alkitab Sadérék, jeung ngarasa nu séjén teu meunang ngajar manéhna. Pasti Sadérék gé hayang ngupayakeun sabisa-bisana supaya manéhna terus diajar Alkitab.

SUMANGET JEUNG YAKIN WAKTU NGAJAR

Caritakeun pangalaman dulur saiman supaya palajar ningali mangpaatna ngajalankeun naséhat Alkitab (Tingali paragrap 7-9) *

7. Kumaha carana supaya palajar Alkitab sumanget diajar?

7 Palajar kudu bisa ningali yén Sadérék resep jeung yakin kana pangajaran tina Alkitab. (1 Tes. 1:5) Ku kituna, manéhna gé bakal sumanget waktu diajar. Mun perlu, Sadérék bisa nyaritakeun kumaha Alkitab geus ngabantu hirup Sadérék. Engké manéhna bisa ningali, nuturkeun bingbingan Alkitab téh aya mangpaatna keur manéhna.

8. Naon deui nu bisa Sadérék lakukeun pikeun mantuan palajar, jeung naon mangpaatna?

8 Waktu ngajar, caritakeun pangalaman dulur-dulur saiman nu boga masalah nu méh sarua jeung si palajar, terus béré nyaho naon nu dilakukeun ku maranéhna. Sadérék gé bisa ngajak pawarta séjén di sidang nu boga pangalaman alus jeung aya mangpaatna keur palajar. Atawa, Sadérék bisa néangan pangalaman-pangalaman nu aya dina jw.org. * Artikel jeung vidéo jiga kitu bisa mantuan si palajar pikeun ningali, nuturkeun naséhat Alkitab téh aya mangpaatna.

9. Kumaha carana ngajurung palajar pikeun nyaritakeun bebeneran ka kulawarga jeung babaturanana?

9 Mun palajar Alkitab geus kawin, batur hirupna milu diajar teu? Mun henteu, ajak manéhna diajar bareng. Jurung palajar pikeun nyaritakeun bebeneran ka kulawarga jeung babaturanana. (Yoh. 1:​40-45) Kumaha carana? Pék tanyakeun: ”Kumaha Tétéh bakal ngajelaskeun bebeneran ieu ka kulawarga?” atawa ”Mun Tétéh hayang ngabuktikeun bebeneran ieu, Tétéh bakal muka ayat naon?” Mun Sadérék ngalakukeunana, éta hartina Sadérék keur ngalatih palajar pikeun jadi guru. Terus mun engké manéhna geus nyumponan sarat, manéhna bisa miluan dines sarta jadi pawarta nu can dibaptis. Sadérék gé bisa nanya ka manéhna, aya teu babaturan atawa kulawargana nu daék diajar Alkitab. Mun aya, langsung telepon atawa datangan jalmana, terus tawarkeun palajaran Alkitab. Setélkeun vidéo Saperti Kumaha Palajaran Alkitab Saksi-Saksi Yéhuwa téh? *

BANTU PALAJAR BOGA SOBAT DI SIDANG

Bantu palajar supaya boga sobat di sidang (Tingali paragrap 10-11) *

10. Jiga nu disebutkeun dina 1 Tesalonika 2:​7, 8, kumaha pawarta bisa nyonto tuladan Paulus?

10 Pawarta kudu bener-bener perhatian ka palajar Alkitab, sarta nganggap manéhna sabagé calon dulur saiman. (Baca 1 Tesalonika 2:​7, 8.) Ninggalkeun babaturan nu baheula sarta nyieun parobahan pikeun ngawula Yéhuwa téh lain hal nu gampang. Urang kudu mantuan manéhna néangan babaturan anyar di sidang. Urang gé kudu jadi sobat manéhna. Urang kudu nyadiakeun waktu, lain pas keur diajar Alkitab wungkul. Urang bisa nelepon, SMS, atawa ulin ka imahna. Éta bukti urang perhatian ka manéhna.

11. Urang hayang palajar kumaha, jeung naon sababna?

11 Ceuk hiji paribasa Afrika, ”Ngagedékeun budak téh tanggung jawabna jelema sakampung.” Sarupa kitu, ”ngajadikeun murid téh tanggung jawabna kabéh anggota sidang”. Jadi, alus mun pawarta ngenalkeun palajar Alkitab ka dulur-dulur saiman di sidang. Ku naon? Ngarah palajar bisa gaul jeung umat Allah nu mantuan manéhna beuki raket ka Yéhuwa, jeung nguatkeun manéhna waktu aya masalah. Urang hayang si palajar resep gaul jeung dulur-dulur saiman. Mun manéhna boga loba sobat, manéhna bisa ngarasa jadi bagian tina sidang. Tah mun geus kitu, manéhna bakal leuwih gampang ninggalkeun babaturanana nu baheula, nu teu mantuan manéhna ngaraket ka Yéhuwa. (Sil. 13:20) Mun babaturanana geus embung gaul jeung manéhna, manéhna bisa ningali yén sobat sajati mah ngan aya dina organisasi Yéhuwa.​—Mar. 10:​29, 30; 1 Pet. 4:4.

SERING-SERING BAHAS PANGBAKTIAN JEUNG BAPTISAN

Lalaunan si palajar pasti bisa nyieun kamajuan nepi ka dibaptis! (Tingali paragrap 12-13)

12. Ku naon urang kudu ngajelaskeun ngeunaan pangbaktian jeung baptisan?

12 Ulah bosen-bosen ngajelaskeun, pangbaktian jeung baptisan téh penting pisan. Ku naon? Pan urang ngajar manéhna téh supaya manéhna jadi hamba Yéhuwa jeung dibaptis. Sanggeus sababaraha bulan diajar, komo mun geus milu masamoan, palajar kudu ngarti yén urang ngajar manéhna téh supaya manéhna bisa jadi saurang Saksi Yéhuwa.

13. Naon waé nu kudu dilakukeun ku palajar Alkitab nu hayang dibaptis?

13 Aya sababaraha hal nu bisa dilakukeun ku palajar Alkitab nu hayang dibaptis. Mimitina, manéhna kudu kenal jeung nyaah ka Yéhuwa, sarta boga iman ka Mantenna. (Yoh. 3:16; 17:3) Terus, lalaunan manéhna bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta dulur-dulur saiman di sidang. (Ibr. 10:​24, 25; Yak. 4:8) Geus kitu, manéhna kudu tobat tina dosana jeung teu ngalakukeun deui nu salah. (Ras. 3:19) Lantaran boga iman, manéhna gé bakal nyaritakeun bebeneran ka batur. (2 Kor. 4:13) Ahirna, manéhna bakal ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. (1 Pet. 3:21; 4:2) Kabéh dulur saiman pasti senang pas manéhna dibaptis! Jadi unggal manéhna nyieun kamajuan, sing sering muji jeung ngadukung manéhna supaya terus maju.

TERUS PERHATIKEUN KAMAJUAN PALAJAR

14. Kumaha carana merhatikeun kamajuan palajar Alkitab?

14 Urang kudu sabar waktu mantuan palajar nyieun kamajuan pikeun ngabaktikeun diri jeung dibaptis. Tapi urang gé kudu nyaho, manéhna téh mémang hayang ngawula Yéhuwa atawa henteu. Na si palajar kacirina hayang ngajalankeun paréntah Yésus, atawa ngan resep diajar Alkitab wungkul?

15. Naon waé cirina palajar Alkitab geus nyieun kamajuan pikeun dibaptis?

15 Sing sering merhatikeun kamajuan palajar. Misalna, na manéhna ngungkabkeun parasaanna ngeunaan Yéhuwa? Na manéhna ngadoa ka Yéhuwa? (Jab. 116:​1, 2) Manéhna resep maca Alkitab teu? (Jab. 119:97) Manéhna geus rutin masamoan can? (Jab. 22:​22, 23) Na manéhna geus nyieun parobahan dina kahirupan? (Jab. 119:112) Manéhna geus ngabagikeun bebeneran ka kulawarga jeung babaturanana can? (Jab. 9:2) Terus nu pangpentingna, manéhna téh hayang jadi Saksi Yéhuwa teu? (Jab. 40:9) Lamun teu aya hiji-hiji acan nu dilakukeun ku manéhna, Sadérék kudu nyaho naon nu ngahalangan manéhna. Geus kitu, bahas masalahna ku cara nu bageur, tapi terus terang. *

16. Naon nu bisa jadi patokan pikeun ngeureunkeun palajaran Alkitab?

16 Sing rutin mariksa, na palajaran Alkitabna kudu diteruskeun atawa henteu. Pék pikirkeun: ’Na manéhna persiapan mun rék diajar? Na manéhna sok milu masamoan? Na manéhna geus ngarobah kabiasaan goréngna? Na manéhna geus kaluar tina agama palsu?’ Mun jawabanana henteu, percumah palajaranana diteruskeun. Éta téh sarua jiga ngajarkeun ngojay ka jalma nu embung kabaseuhan! Mun palajar teu bener-bener ngahargaan bebeneran jeung embung nyieun parobahan, jang naon urang terus ngajar manéhna?

17. Sajalan jeung ayat téma dina 1 Timoteus 4:​16, naon nu kudu dilakukeun ku kabéh pawarta waktu ngajar?

17 Urang kudu sérius ngajalankeun tanggung jawab pikeun mantuan batur jadi murid. Jadi, urang hayang palajar Alkitab nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Éta sababna waktu ngajar, urang moal loba teuing ngajelaskeun, tapi leuwih sering ngagunakeun Alkitab. Urang gé bakal sumanget jeung yakin waktu ngajar. Terus, urang bakal ngabantu manéhna boga sobat di sidang. Salian ti éta, urang bakal ngajelaskeun pentingna pangbaktian jeung baptisan. Urang gé bakal sering-sering mariksa kamajuan manéhna. (Tingali kotak ” Pawarta Perlu:”.) Urang bungah pisan bisa miluan kagiatan nu nyalametkeun kahirupan. Hayu urang ngalakukeun nu panghadéna waktu ngajar, supaya si palajar gancang nyieun kamajuan sarta dibaptis!

KAWIH 79 Ajar Maranéhna Sangkan Pengkuh

^ par. 5 Ngajarkeun Alkitab ka batur téh mangrupa kahormatan ti Yéhuwa. Ku naon? Lantaran urang boga kasempetan pikeun mantuan manéhna boga cara pikir sarta nyieun tindakan nu sajalan jeung kahayang Yéhuwa. Artikel ieu bakal mantuan urang supaya leuwih tarampil pikeun ngajar batur.

^ par. 4 Tingali artikel ”Nyingkahan Kabiasaan Goréng Waktu Mandu Palajaran Alkitab” dina Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan bulan Séptémber 2016.

^ par. 8 Dina jw.org/su, buka PANGAJARAN KITAB SUCI > BANTUAN PIKEUN DIAJAR ALKITAB.

^ par. 9 Buka NGEUNAAN URANG > PANGALAMAN > ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN.

^ par. 15 Tingali artikel ”Urang Hayang Dibaptis Lantaran Nyaah ka Yéhuwa” jeung ”Sadérék Geus Siap Dibaptis?” dina Warta Hadé bulan Maret 2020.

^ par. 77 KATERANGAN GAMBAR: Sanggeus milu palajaran Alkitab, sadérék istri nu pangalaman ieu mantuan dulur saimanna ngarah teu loba teuing ngajelaskeun waktu ngajar.

^ par. 79 KATERANGAN GAMBAR: Si palajar diajar carana jadi pamajikan nu leuwih hadé. Manéhna gé nyaritakeun bebeneran ka salakina.

^ par. 81 KATERANGAN GAMBAR: Sanggeus milu masamoan, si palajar jeung salakina ulin ka imah saurang Saksi.