Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 41

Carana Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis—Bagian Hiji

Carana Mantuan Palajar Nepi ka Dibaptis—Bagian Hiji

”Tegesna mah, aranjeun teh surat-Na Al Masih anu dikirimkeun ku simkuring.”​—2 KOR. 3:3, Sunda Formal [SF].

KAWIH 78 Ngawurukan Firman Allah

NU DIBAHAS *

Naon nu leuwih ngabagjakeun keur sidang salian ti ningali saurang palajar Alkitab dibaptis? (Tingali paragrap 1)

1. Kumaha 2 Korinta 3:1-3 némbongkeun yén ngajarkeun Alkitab ka batur nepi ka dibaptis téh mangrupa kahormatan? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

KUMAHA parasaan Sadérék mun di sidang aya nu dibaptis? Pasti Sadérék gumbira pisan! (Mat. 28:19) Komo deui mun nu dibaptisna téh palajar Alkitab Sadérék! (1 Tes. 2:19, 20) Nu kakara dibaptis téh ibarat surat pujian keur guruna jeung keur sidang.​—Baca 2 Korinta 3:1-3, SF.

2. (a) Urang kudu mikirkeun pananya penting naon, jeung ku naon urang kudu mikirkeunana? (b) Naon nu dimaksud ku palajaran Alkitab? (Tingali catetan handap.)

2 Urang bungah pisan lantaran dina opat taun katukang, di sakuliah dunya, rata-rata aya 10.000.000 palajaran Alkitab * unggal bulanna. Terus dina opat taun éta gé, aya 280.000 jalma leuwih nu dibaptis unggal taunna. Meungpeung Yéhuwa masih kénéh méré waktu jeung kasempetan, urang kudu buru-buru ngabantu saloba-lobana jalma pikeun jadi murid Kristus jeung dibaptis. Waktuna téh geus téréh béak! (1 Kor. 7:29a; 1 Pet. 4:7) Jadi, kumaha carana mantuan maranéhna ngarah gancang dibaptis?

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Ngajadikeun murid téh hal nu penting pisan. Jadi, Badan Pingpinan ménta kantor-kantor cabang pikeun merhatikeun naon cara panghadéna nu bisa ngabantu palajar Alkitab gancang nyieun kamajuan, tuluy dibaptis. Dina artikel ieu jeung nu saterusna, urang bisa diajar tina pangalaman para panaratas, utusan injil, jeung pangawas wilayah nu tarampil. * (Sil. 11:14; 15:22) Maranéhna ngajelaskeun naon nu bisa dilakukeun ku palajar Alkitab jeung guruna, supaya palajar Alkitab gancang nyieun kamajuan. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon nu perlu dilakukeun ku palajar ngarah gancang dibaptis. Sabagé guru, urang kudu mantuan maranéhna ngalakukeun lima hal.

DIAJAR UNGGAL MINGGU

Tanyakeun ka palajar, bisa teu ngabahas Alkitabna leuwih lila jeung bari diuk? (Tingali paragrap 4-6)

4. Naon hasilna mun palajaran Alkitab ngan diayakeun di hareupeun imah?

4 Loba sadérék ngayakeun palajaran Alkitab nu singget, meureun di hareupeun imah palajarna. Mémang, mimitina mah cara jiga kieu téh alus. Tapi, biasana ngabahasna moal lila jeung teu rutin unggal minggu. Jadi, sababaraha pawarta ménta nomer telepon palajarna. Ku kituna, manéhna gé bisa sakali-kali nelepon atawa SMS pikeun ngabagikeun hal-hal nu alus tina Alkitab. Tapi, bisa jadi nepi ka mangbulan-bulan manéhna kitu-kitu terus. Mun kitu cara diajarna, palajar Alkitab moal bisa nyieun kamajuan. Manéhna moal bisa ngabaktikeun diri jeung dibaptis mun teu nyadiakeun waktu jeung tanaga pikeun diajar Firman Allah.

5. Naon ibarat ti Yésus dina Lukas 14:28-33 nu bisa dipaké pikeun mantuan palajar Alkitab?

5 Sakali waktu, Yésus méré ibarat ngeunaan jalma nu rék ngawangun munara. Manéhna kudu ”diuk heula ngitung-ngitung” biayana. Terus raja nu rék perang gé kudu mikir jeung ménta naséhat heula, na pasukanna sanggup ngalawan musuh atawa henteu. (Baca Lukas 14:28-33.) Yésus méré ibarat kieu téh jang ngajelaskeun, jalma nu hayang jadi muridna kudu bener-bener ngarti naon nu kudu dilakukeun ku manéhna. Ngarah bisa ngarti, manéhna kudu diajar unggal minggu. Kumaha urang bisa mantuan manéhna pikeun diajar unggal minggu?

6. Naon waé nu bisa urang lakukeun supaya palajar Alkitab nyieun kamajuan?

6 Mun Sadérék ngabahas Alkitab di hareupeun imah, cobaan ngabahasna leuwih lila. Terus, unggal ngadatangan palajar Alkitab, meureun Sadérék bisa ngabahas leuwih loba ayat. Mun manéhna geus biasa ngabahas Alkitab rada lila, tanyakeun kahareupna bisa teu manéhna nyadiakeun waktu leuwih lila deui pikeun ngabahas hiji topik, meureun bisa bari diuk. Jawaban manéhna bakal nunjukkeun na manéhna bener-bener daék diajar Alkitab atawa henteu. Terus mun hayang manéhna gancang nyieun kamajuan, meureun Sadérék bisa nanyakeun, daék teu manéhna diajar saminggu dua kali. Tapi najan geus diajar saminggu sakali atawa saminggu dua kali gé, masih aya kénéh nu kudu manéhna lakukeun.

PERSIAPAN UNGGAL RÉK DIAJAR

Persiapan unggal rék mandu, sarta ajarkeun ka palajar carana persiapan (Tingali paragrap 7-9)

7. Naon waé nu kudu disiapkeun unggal rék mandu palajaran Alkitab?

7 Sabagé guru, urang kudu bener-bener persiapan unggal rék mandu palajaran Alkitab. Mimitina, urang bisa maca heula bahan sarta ayat-ayatna. Urang kudu paham topik utama nu rék dibahas. Perhatikeun judul, subjudul, pananya-pananya, ayat-ayat nu kudu dibaca, gambar, sarta vidéo-vidéo nu aya hubunganana jeung topik nu rék dibahas. Tuluy, urang kudu mikirkeun kumaha cara nu saderhana jeung jelas pikeun nerangkeunana, supaya palajar gampang ngarti jeung bisa ngalarapkeunana.​—Neh. 8:8; Sil. 15:28a.

8. Waktu rék ngadoakeun palajar Alkitab, urang diajar naon tina kekecapan Paulus dina Kolosa 1:9, 10?

8 Saacan persiapan, Sadérék bisa ngadoakeun palajar Alkitab sarta naon nu cocog keur manéhna. Pénta bantuan Yéhuwa supaya naon nu diajarkeun ku Sadérék tina Alkitab bisa keuna kana haté manéhna. (Baca Kolosa 1:9, 10.) Pikirkeun, kira-kira mana nu hésé dipikaharti jeung ditarima ku manéhna. Sing inget, tujuan Sadérék téh nyaéta mantuan manéhna nyieun kamajuan nepi ka dibaptis.

9. Kumaha urang bisa mantuan palajar Alkitab persiapan?

9 Liwat palajaran Alkitab nu rutin, urang hayang palajar ngahargaan naon nu geus Yéhuwa jeung Yésus lakukeun. Ku kituna, manéhna bakal hayang diajar leuwih loba. (Mat. 5:3, 6) Supaya bisa meunangkeun loba mangpaat, palajar kudu konséntrasi waktu keur diajar. Ngarah bisa kitu, urang kudu ngajelaskeun ka palajar yén manéhna téh kudu persiapan heula jeung mikirkeun naon nu bisa dilarapkeun ku manéhna. Kumaha urang bisa mantuan manéhna? Pék persiapan bareng supaya manéhna nyaho kumaha carana persiapan. * Tunjukkeun kumaha carana néangan jawaban langsung tina pananya-pananya. Terus, ajarkeun carana nandaan sababaraha kecap konci nu mantuan manéhna inget kana jawabanna. Geus kitu, pénta manéhna ngajawab ku kekecapan sorangan. Engké Sadérék bisa ningali sakumaha paham manéhna kana hal nu keur dibahas. Tapi, Sadérék bisa ngajurung manéhna ngalakukeun hal séjénna deui.

AJARKEUN CARANA KOMUNIKASI JEUNG YÉHUWA UNGGAL POÉ

Ajarkeun carana komunikasi jeung Yéhuwa unggal poé (Tingali paragrap 10-11)

10. Ku naon maca Alkitab unggal poé téh penting? Kumaha supaya palajar bisa meunang mangpaat saloba-lobana tina maca Alkitab?

10 Palajar bakal meunang mangpaat mun diajar Alkitab unggal minggu. Tapi, manéhna bakal meunang leuwih loba mangpaat mun manéhna komunikasi jeung Yéhuwa unggal poé. Kumaha carana? Ngadéngékeun jeung ngomong ka Yéhuwa. Manéhna bisa ngadéngékeun Yéhuwa ku cara maca Alkitab unggal poé. (Yos. 1:8; Jab. 1:1-3) Ajarkeun carana maké ”Jadwal Maca Alkitab” nu aya dina jw.org/su. * Ngarah palajar bisa meunang mangpaat saloba-lobana, jurung manéhna pikeun bener-bener mikirkeun naon nu diajarkeun ku Alkitab ngeunaan Yéhuwa jeung naon nu bisa dilarapkeun ku manéhna dina kahirupan sapopoé.​—Ras. 17:11; Yak. 1:25.

11. Ti mana palajar Alkitab diajar carana ngadoa? Ku naon manéhna kudu sering-sering ngadoa ka Yéhuwa?

11 Ayeuna, jurung palajar pikeun ngomong ka Yéhuwa ku cara ngadoa unggal poé. Saacan jeung sanggeus diajar, ajak manéhna ngadoa bareng. Doakeun manéhna, jeung tepikeun doa nu tina haté. Manéhna bakal merhatikeun doa Sadérék. Engké, manéhna gé bisa ngadoa tina haté, sarta nepikeunana ka Allah Yéhuwa liwat nami Yésus Kristus. (Mat. 6:9; Yoh. 15:16) Bayangkeun naon mangpaatna mun palajar maca Alkitab (ngadéngékeun Yéhuwa) jeung ngadoa (ngomong ka Yéhuwa) unggal poé. Manéhna pasti beuki raket ka Allah! (Yak. 4:8) Mun manéhna geus biasa ngalakukeun hal-hal éta, manéhna bakal gancang nyieun kamajuan jeung dibaptis. Ayeuna, naon deui nu perlu dilakukeun?

BANTU PALAJAR NYOBAT JEUNG YÉHUWA

12. Kumaha pawarta bisa mantuan palajar Alkitab nyobat jeung Yéhuwa?

12 Nu diajarkeun ka palajar téh sakuduna teu ngan asup kana pikiranna wungkul, tapi ogé kudu nanceb dina haténa. Ku naon? Haté téh ngamaksudkeun kahayang jeung parasaan saurang jalma. Éta nu ngajurung manéhna nyieun tindakan. Baheula, Yésus ngajelaskeun sagala hal ku cara nu asup akal. Tapi, jalma-jalma daék jadi muridna lantaran pangajaran Yésus keuna kana haté maranéhna. (Luk. 24:15, 27, 32) Palajar Alkitab kudu bisa ngabayangkeun Yéhuwa sabagé Pribadi nu bener-bener nyata. Manéhna kudu bisa nganggap Yéhuwa sabagé Bapana, Allahna, jeung Sobatna. (Jab. 25:4, 5) Waktu keur ngabahas Alkitab, tandeskeun sipat-sipat Yéhuwa. (Bud. 34:5, 6; 1 Pet. 5:6, 7) Teu sual naon topik nu keur dibahas, bantu manéhna mikirkeun, Yéhuwa téh Pribadi nu jiga kumaha. Bantu manéhna ngahargaan sipat-sipat Yéhuwa nu luar biasa, jiga kanyaah, welas asih, jeung kahadéana-Na. Ceuk Yésus, ”paréntah anu pangutamana jeung pangpentingna” téh nyaéta ”nyaah ka [Yéhuwa] Allah manéh”. (Mat. 22:37, 38) Urang kudu ngabantu palajar bener-bener nyaah ka Yéhuwa.

13. Béré conto kumaha pawarta bisa mantuan palajar Alkitab diajar ngeunaan sipat-sipat hadé Yéhuwa.

13 Waktu keur ngobrol jeung palajar Alkitab, tunjukkeun yén Sadérék bener-bener nyaah ka Allah Yéhuwa. Meureun engké manéhna gé bakal ngarasa perlu nyobat jeung Allah. (Jab. 73:28) Terus mun aya kecap-kecap alus nu dipikaresep ku Sadérék, caritakeun ka manéhna. Misalna kecap nu nunjukkeun sipat-sipat Yéhuwa, jiga kanyaah, kabijaksanaan, kaadilan, atawa kawasa-Na, nu aya dina publikasi urang atawa dina ayat-ayat. Engké palajar gé bisa ningali, Sadérék téh boga loba alesan pikeun nyaah ka Bapa di sorga. Tapi, masih aya deui nu kudu dilakukeun ku palajar supaya gancang nyieun kamajuan jeung dibaptis.

AJAK PALAJAR MILU MASAMOAN

Ti mimiti kénéh, ajak palajar milu masamoan! (Tingali paragrap 14-15)

14. Kumaha Ibrani 10:24, 25 bisa ngabantu palajar Alkitab nyieun kamajuan?

14 Urang pasti hayang palajar nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Salah sahiji hal penting nu kudu dilakukeun nyaéta ngajak manéhna masamoan. Sababaraha pawarta nu geus pangalaman nyaritakeun, palajarna jadi gancang nyieun kamajuan sanggeus milu masamoan. (Jab. 111:1) Aya ogé pawarta nu méré nyaho ka palajarna yén manéhna moal bisa meunangkeun mangpaat ngan tina palajaran Alkitab wungkul. Manéhna gé kudu milu masamoan. Baca Ibrani 10:24, 25 bareng jeung palajar. Tuluy jelaskeun, naon mangpaatna mun manéhna milu masamoan. Setélkeun vidéo Naon nu Diayakeun di Balé Karajaan? * Bantu palajar ngarti, milu masamoan unggal minggu téh penting.

15. Kumaha urang bisa ngajurung palajar Alkitab ngarah daék milu masamoan?

15 Kumaha mun palajar Alkitab can daék milu masamoan, atawa daék milu tapi ngan sakali-kali wungkul? Sing sumanget nyaritakeun Sadérék diajar naon waé dina pasamoan. Meureun manéhna jadi leuwih panasaran. Béré manéhna majalah Warta Hadé atawa Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan nu keur dibahas dina pasamoan. Tunjukkeun naon nu bakal dibahas dina pasamoan saterusna, terus tanyakeun bagian mana nu paling dipikaresep ku manéhna. Engké mun manéhna milu masamoan, nu dirasakeun manéhna téh pasti béda pisan tibatan nu pernah manéhna rasakeun waktu milu ka pakumpulan ibadah séjénna. (1 Kor. 14:24, 25) Manéhna bakal panggih jeung dulur-dulur saiman nu méré conto hadé jeung bisa mantuan manéhna nyieun kamajuan pikeun dibaptis.

16. Naon nu kudu dilakukeun ku pawarta sangkan palajar Alkitab gancang nyieun kamajuan jeung dibaptis? Naon nu bakal urang bahas dina artikel saterusna?

16 Jadi, kumaha supaya palajar Alkitab urang gancang nyieun kamajuan nepi ka dibaptis? Bantu manéhna pikeun nganggap penting palajaran Alkitab. Carana, jurung manéhna pikeun diajar unggal minggu, sarta persiapan heula unggal rék diajar. Urang gé bisa ngajurung manéhna pikeun komunikasi jeung Yéhuwa unggal poé sarta nyobat jeung Mantenna. Terus, ajak manéhna ka pasamoan. (Tingali kotak ” Palajar Perlu:”.) Dina artikel saterusna, urang bakal ngabahas lima hal séjén nu bisa dilakukeun ku para pawarta supaya palajar Alkitab gancang nyieun kamajuan jeung dibaptis.

KAWIH 76 Bungahna Ngawartakeun Firman Allah

^ par. 5 Ngajar téh hartina mantuan batur ngarobah kalakuan jeung pikiran, atawa boga parasaan nu anyar. Ayat taunan 2020, nyaéta Mateus 28:19, ngingetan yén urang kudu ngajarkeun Alkitab ka jalma-jalma supaya maranéhna jadi murid Yésus Kristus jeung dibaptis. Dina artikel ieu jeung artikel saterusna, urang bakal ngabahas kumaha supaya urang bisa leuwih tarampil ngagawékeun tugas penting ieu.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Mun Sadérék geus rutin ngabahas topik-topik Alkitab jeung saurang jalma, éta hartina Sadérék keur mandu palajaran Alkitab. Lamun Sadérék geus ngajelaskeun carana diajar Alkitab, tuluy geus dua kali ngabahas Alkitab jeung manéhna, sarta Sadérék yakin manéhna bakal terus diajar, éta bisa diitung sabagé palajaran Alkitab.

^ par. 3 Dina artikel ieu, aya saran-saran tina séri ”Memimpin Pengajaran Alkitab yang Progresif” nu dimuat dina Pelayanan Kerajaan Kita ti bulan Juli 2004 nepi ka Méi 2005.

^ par. 9 Tongton vidéo pondok Bantu Palajar Nyiapkeun Palajaran. Dina jw.org/su, buka PERPUSTAKAAN > VIDÉO > IBADAH JEUNG PALAYANAN URANG > NINGKATKEUN KAMAMPUH DINES URANG.

^ par. 10 Buka PANGAJARAN KITAB SUCI > BANTUAN PIKEUN DIAJAR ALKITAB.

^ par. 14 Dina JW Library®, pilih MEDIA > PERTEMUAN DAN PELAYANAN KAMI > BANTUAN UNTUK MENGINJIL.