Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 44

Na Barudak Sadérék Bakal Ngawula Yéhuwa Engkéna?

Na Barudak Sadérék Bakal Ngawula Yéhuwa Engkéna?

”Yesus beuki ageung, beuki lantip bijaksana, dipikaresep ku Allah jeung ku pada jalma.”​—LUK. 2:52.

KAWIH 134 Barudak Kurnia ti Allah

NU DIBAHAS *

1. Naon putusan nu pangalusna téh?

SERINGNA mah, hal-hal nu dipilih ku kolot téh aya pangaruhna keur kahirupan barudakna. Mun kolot salah milih, barudakna bisa meunang masalah. Mun pilihanana bener, barudakna bisa hirup bagja. Tapi, barudak gé kudu nyieun putusan-putusan nu alus. Naon putusan nu pangalusna téh? Ngawula Bapa urang di sorga, nyaéta Yéhuwa.​—Jab. 73:28.

2. Yésus jeung kolotna nyieun putusan alus naon waé?

2 Kolotna Yésus hayang barudakna ngawula Yéhuwa. Tina putusan maranéhna sapopoé, katingali yén ngawula Yéhuwa téh hal nu pangpentingna dina kahirupan. (Luk. 2:40, 41, 52) Jiga kolotna, Yésus gé nyieun putusan-putusan nu alus. Jadi, anjeunna bisa ngajalankeun kahayang Yéhuwa. (Mat. 4:1-10) Sanggeus gedé, Yésus jadi jalma nu bageur, satia, jeung wanian. Budak jiga kitu téh budak nu diarep-arep ku kabéh kolot nu soléh.

3. Naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas: Hal alus naon waé nu dipilih ku Yéhuwa keur Yésus? Kolot bisa diajar naon tina hal nu dipilih ku Yusup jeung Mariam? Terus, barudak bisa diajar naon tina hal nu dipilih ku Yésus?

NYONTO TULADAN YÉHUWA

4. Hal penting naon nu Yéhuwa pilih keur Putra-Na?

4 Yéhuwa milih kolot nu hadé keur Yésus. (Mat. 1:18-23; Luk. 1:26-38) Mariam nyaah pisan ka Yéhuwa jeung resep maca Firman-Na. Éta katémbong tina kekecapanna nu tina haté. Kekecapanna dicatet dina Alkitab. (Luk. 1:46-55) Kumaha jeung Yusup? Yusup nurut kana paréntah Yéhuwa. Éta nunjukkeun, manéhna nyaah jeung hayang nyenangkeun Yéhuwa.​—Mat. 1:24.

5-6. Yéhuwa ngantep Yésus ngalaman naon?

5 Yéhuwa teu milih kolot nu beunghar keur Yésus. Malah, Yusup jeung Mariam téh miskin. Éta katingali tina kurban nu dibikeun ku maranéhna sanggeus Yésus lahir. (Luk. 2:24) Yusup téh tukang kayu. Katingalina, manéhna boga béngkél leutik di gigireun imahna di Nasarét. Pasti hirup maranéhna téh pas-pasan, komo deui dina kulawarga éta sahenteuna aya tujuh budak.​—Mat. 13:55, 56.

6 Mémang, Yéhuwa ngalindungan Yésus tina sababaraha bahaya. Tapi, tetep aya tangtangan nu kudu disanghareupan sorangan ku Yésus. (Mat. 2:13-15) Contona, aya dulur-dulur Yésus nu teu percaya ka anjeunna. Yésus pasti kuciwa pisan. Bayangkeun, anggota kulawargana sorangan gé teu langsung percaya Yésus téh Mésias. (Mar. 3:21; Yoh. 7:5) Terus, Yésus gé ditinggal maot ku Yusup, bapana. Jadi, Yésus kudu neruskeun usaha kulawargana, da anjeunna téh anak panggedéna. (Mar. 6:3) Beuki gedé, Yésus gé beuki ngarti, anjeunna kudu ngurus kulawargana. Jigana, anjeunna kudu banting tulang keur nganapkahan kulawarga. Jadi, Yésus ngarasakeun sorangan capéna digawé sapoé jeput.

Kolot, ajar budak pikeun néangan naséhat tina Firman Allah supaya manéhna siap pas aya masalah (Tingali paragrap 7) *

7. (a) Salaki pamajikan kudu mikirkeun naon pikeun ngagedékeun budak? (b) Sajalan jeung Siloka 2:1-6, kolot kudu ngajarkeun naon ka budakna?

7 Lamun Sadérék geus nikah jeung hayang boga budak, pék pikirkeun: ’Na urang duaan téh jalma nu rendah haté, nyaah ka Yéhuwa, jeung resep maca Firman-Na? Na Yéhuwa bakal méré kapercayaan pikeun ngurus orok?’ (Jab. 127:3, 4) Mun Sadérék geus boga budak, pék pikirkeun: ’Na urang ngadidik budak supaya getol digawé?’ (Pan. 3:12, 13) ’Na urang sabisa-bisa ngalindungan budak tina bahaya di dunya Sétan nu bisa ngaruksak awak jeung ahlak manéhna?’ (Sil. 22:3) Mémang, mustahil Sadérék bisa ngajauhkeun budak tina kabéh masalah. Tapi mun Sadérék terus ngajar budak pikeun néangan naséhat tina Firman Allah, budak bakal siap pas aya masalah. (Baca Siloka 2:1-6.) Misalna mun aya anggota kulawarga nu eureun ngawula Yéhuwa, gunakeun Firman Allah supaya budak ngarti, urang mah kudu tetep satia ka Yéhuwa. (Jab. 31:24) Atawa mun aya jalma nu dipikanyaah maot, tunjukkeun ayat-ayat nu bisa ngahibur.​—2 Kor. 1:3, 4; 2 Tim. 3:16.

NYONTO TULADAN YUSUP JEUNG MARIAM

8. Sajalan jeung Pamindo 6:6, 7, Yusup jeung Mariam kudu ngalakukeun naon?

8 Sanggeus gedé, Yésus dipikaresep ku Allah. Yésus bisa kitu téh lantaran diajar ku kolotna. Yusup jeung Mariam nuturkeun paréntah Allah keur kolot. (Baca Pamindo 6:6, 7.) Maranéhna nyaah pisan ka Yéhuwa. Maranéhna gé hayang barudakna mikanyaah Yéhuwa jiga kitu.

9. Yusup jeung Mariam nyieun pilihan alus naon?

9 Yusup jeung Mariam nyieun pilihan nu alus dina kahirupan. Maranéhna ngupayakeun ngarah kulawargana boga rutin rohani nu alus. Unggal minggu, maranéhna sakulawarga indit ka imah ibadah di Nasarét. Terus, maranéhna gé indit ka Yérusalém unggal taun pikeun miluan Pésta Paska. (Luk. 2:41; 4:16) Katingalina pas di jalan ka Yérusalém, Yusup jeung Mariam ngajar Yésus jeung adi-adina sajarah ngeunaan umat Yéhuwa. Meureun maranéhna gé ngaliwatan tempat-tempat nu dicatet dina Kitab Suci. Waktu barudakna beuki loba, pasti teu gampang ngajaga rutin rohani téh. Tapi, tingali hasilna! Lantaran Yusup jeung Mariam ngutamakeun ibadah ka Yéhuwa, maranéhna sakulawarga nyobat jeung Mantenna.

10. Kolot bisa diajar naon tina tuladan Yusup jeung Mariam?

10 Kolot bisa diajar naon tina tuladan Yusup jeung Mariam? Nu pangpentingna, tunjukkeun ka budak, Sadérék téh nyaah pisan ka Yéhuwa. Buktikeun ku omongan jeung kalakuan Sadérék. Sing inget, hadiah pangahadéna nu bisa dibéré ka budak téh nyaéta ngajar manéhna pikeun nyaah ka Yéhuwa. Salah sahiji hal pangpentingna nu kudu diajarkeun ka budak téh nyaéta ngajaga kabiasaan diajar, ngadoa, masamoan, jeung dines. (1 Tim. 6:6) Nya mémang, Sadérék kudu nyumponan pangabutuh budak sapopoé. (1 Tim. 5:8) Tapi ulah poho, harta banda mah moal bisa nyalametkeun manéhna. Budak bisa salamet ti dunya Sétan jeung hirup di dunya anyar téh mun manéhna nyobat jeung Yéhuwa. *Yeh. 7:19; 1 Tim. 4:8.

Mani resep pisan ningali loba kolot milih hal-hal nu alus supaya barudakna bisa nyobat jeung Yéhuwa! (Tingali paragrap 11) *

11. (a) Kumaha naséhat dina 1 Timoteus 6:17-19 ngabantu kolot milih hal-hal nu alus keur barudakna? (b) Kulawarga bisa mikirkeun rék boga cita-cita naon, jeung naon berkahna? (Tingali kotak ” Naon Cita-Cita Sadérék Sakulawarga?”)

11 Mani resep pisan ningali loba kolot milih hal-hal nu alus supaya barudakna bisa nyobat jeung Yéhuwa! Maranéhna sakulawarga terus ngawula Yéhuwa babarengan. Maranéhna masamoan, datang ka kongrés, sarta dines bareng. Malah, aya kulawarga-kulawarga nu bisa dines di daérah nu jarang digawékeun. Aya ogé nu tur ka Bétel jeung miluan proyék pangwangunan. Kulawarga-kulawarga nu milih pikeun ngalakukeun hal-hal éta meureun jadi boga tangtangan. Maranéhna gé nyieun pangorbanan, misalna kudu ngaluarkeun duit. Tapi, berkahna téh loba pisan! (Baca 1 Timoteus 6:17-19.) Barudak nu digedékeun dina kulawarga jiga kitu biasana nepi ka gedé bakal terus ngalakukeun hal-hal alus éta. Maranéhna gé moal kaduhung! *Sil. 10:22.

NYONTO TULADAN YÉSUS

12. Sanggeus gedé, Yésus kudu ngalakukeun naon?

12 Bapana Yésus di sorga teu pernah salah nyieun putusan. Kolotna nu di bumi gé nyieun putusan-putusan nu bijaksana. Tapi sanggeus gedé, Yésus tetep kudu nyieun putusan sorangan. (Gal. 6:5) Jiga urang kabéh, anjeunna gé dibéré kabébasan pikeun milih. Bisa waé Yésus milih pikeun nyenangkeun diri sorangan. Tapi anjeunna mah teu kitu. Yésus milih pikeun nyobat jeung Yéhuwa. (Yoh. 8:29) Barudak bisa diajar naon tina tuladan anjeunna?

Barudak, sing nurut ka kolot (Tingali paragrap 13) *

13. Pas leutik kénéh, Yésus nyieun pilihan naon?

13 Ti leuleutik, Yésus nurut ka kolotna. Anjeunna teu pernah ngalawan jeung ngarasa leuwih pinter ti kolotna. Justru, anjeunna ”tetep-tumetep ngesto”. (Luk. 2:51) Sabagé anak panggedéna, Yésus gé tanggung jawab ka kulawargana. Pasti anjeunna diajar jadi tukang kayu nu tarampil ti Yusup. Ku kituna, anjeunna bisa mantuan nganapkahan kulawargana.

14. Naon buktina Yésus getol pisan diajar Firman Allah?

14 Jigana mah, Yusup jeung Mariam méré nyaho Yésus, anjeunna lahir sacara mujijat. Meureun maranéhna gé méré nyaho naon nu diomongkeun ku jalma-jalma nu diutus ku Allah ngeunaan anjeunna. (Luk. 2:8-19, 25-38) Tapi, Yésus ngarasa teu cukup ngan dicaritakeun ku indung bapana wungkul. Anjeunna ngarasa, tetep kudu diajar Firman Allah. Yésus getol pisan diajarna. Ti mana urang nyaho? Waktu Yésus leutik kénéh, guru-guru di Yérusalém nepi ka olohok ngadéngé jawaban anjeunna nu ”kacida pinterna”. (Luk. 2:46, 47) Waktu umur 12, Yésus gé geus yakin pisan Yéhuwa téh Bapana.​—Luk. 2:42, 43, 49.

15. Naon buktina Yésus milih pikeun ngajalankeun kahayang Yéhuwa?

15 Yésus milih pikeun ngajalankeun kahayang Yéhuwa, sabab anjeunna apal naon nu dipiharep ku Bapana. (Yoh. 6:38) Anjeunna apal bakal dipikangéwa ku loba jalma. Éta pasti jadi pikiran. Tapi, Yésus milih pikeun tunduk ka Yéhuwa. Sanggeus dibaptis taun 29 M, Yésus hayang ngagunakeun kahirupanna pikeun ngajalankeun kahayang Yéhuwa. (Ibr. 10:5-7) Malah waktu geus sakarat dina tihang siksaan gé, Yésus tetep pengkuh.​—Yoh. 19:30.

16. Naon tuladan Yésus nu bisa diconto ku barudak?

16 Sing nurut ka kolot. Jiga Yusup jeung Mariam, kolot hidep mémang teu sampurna. Tapi, Yéhuwa geus méré tugas ka kolot hidep pikeun ngajaga jeung ngadidik hidep. Mun hidep nurut sarta hormat ka kolot, jiga Yésus baheula, hidep bakal bagja!​—Epe. 6:1-4.

17. Sajalan jeung Yosua 24:15, barudak kudu mutuskeun naon?

17 Putuskeun rék nyembah saha. Hidep kudu bener-bener nyaho Yéhuwa téh saha, naon kahayang-Na, jeung kumaha carana ngajalankeun kahayang-Na. Terus, hidep gé kudu ngabuktikeun sorangan, nu ditulis dina Alkitab téh bener. (Rum 12:2) Geus kitu, kakara hidep bisa nyieun putusan nu pangpentingna dina kahirupan, nyaéta nyembah Yéhuwa. (Baca Yosua 24:15; Pan. 12:1) Mun hidep terus maca jeung diajar Alkitab, engké hidep bakal beuki nyaah ka Yéhuwa. Iman hidep gé bakal beuki kuat.

18. Pilihan naon nu kudu dijieun ku barudak, jeung bakal kumaha hasilna?

18 Pék pilih pikeun ngutamakeun kahayang Yéhuwa. Dunya Sétan jangji, mun hidep ngagunakeun pangabisa keur kapentingan sorangan, hidep bakal hirup senang. Tapi sabenerna mah, mun urang ngudag harta banda, urang bakal meunang loba kasusah. (1 Tim. 6:9, 10) Sabalikna, mun hidep nurut ka Yéhuwa jeung milih ngutamakeun kahayang-Na, hidep bakal suksés jeung bisa nyieun putusan nu bijaksana.​—Yos. 1:8.

NAON NU BAKAL DIPILIH?

19. Indung bapa kudu inget kana hal naon?

19 Indung Bapa, upayakeun sabisa-bisa ngarah barudak ngawula Yéhuwa. Pék andelkeun Yéhuwa. Engké, Mantenna bakal mantuan Sadérék nyieun putusan nu bijaksana. (Sil. 3:5, 6) Ulah poho, kalakuan Sadérék bakal leuwih diinget jeung diconto ku barudak tibatan omongan Sadérék. Jadi, pék pilih hal-hal alus nu bisa ngabantu barudak dipikaresep ku Yéhuwa.

20. Naon waé berkahna mun barudak milih pikeun nyembah Yéhuwa?

20 Barudak, kolot bisa mantuan hidep milih hal-hal nu alus dina kahirupan. Tapi supaya bisa dipikaresep ku Allah, éta mah kumaha hidep. Jadi, pék conto tuladan Yésus. Pilih pikeun nyembah Bapa urang di sorga. Mun hidep ngalakukeunana, ti ayeuna kénéh gé hidep bakal sibuk, narima loba berkah, jeung hirup bagja. (1 Tim. 4:16) Terus kahareupna, hidep bakal leuwih bagja deui!

KAWIH 133 Ngawula Yéhuwa ti Ngongora

^ par. 5 Urang Kristen nu geus boga budak pasti hayang budakna ngawula Yéhuwa jeung hirup bagja. Jadi, naon waé nu kudu dipilih ku kolot? Jeung naon waé nu kudu dipilih ku budak? Artikel ieu bakal ngabahas pananya-pananya éta.

^ par. 11 Tingali kotak ”Mereka Orang Tua yang Terbaik Bagiku” dina majalah Sedarlah! Oktober 2011, kaca 20, jeung artikel ”Sepucuk Surat Istimewa kepada Orang-Tua Mereka” dina majalah Sedarlah! 8 Maret 1999, kaca 25.

^ par. 66 KATERANGAN GAMBAR: Mariam ngajarkeun Yésus supaya bener-bener nyaah ka Yéhuwa. Para ibu gé bisa ngajarkeun barudakna supaya bener-bener nyaah ka Yéhuwa.

^ par. 68 KATERANGAN GAMBAR: Yusup ngarti pentingna indit ka imah ibadah bareng jeung kulawarga. Para bapa gé bisa ngajarkeun ka budakna, datang ka pasamoan téh penting.

^ par. 70 KATERANGAN GAMBAR: Yésus diajar katarampilan ti bapana. Barudak gé bisa diajar katarampilan ti bapana.