Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 43

Ulah Nyerah!

Ulah Nyerah!

”Ulah nyerah ngalampahkeun nu hadé.”​GAL. 6:9.

KAWIH 68 Nebarkeun Binih Karajaan

NU DIBAHAS *

1. Ku naon urang bagja jeung reueus jadi Saksi Yéhuwa?

URANG pasti bagja jeung reueus jadi Saksi Yéhuwa! Urang nyandang ngaran Yéhuwa jeung ngabuktikeun diri sabagé umat-Na ku cara ngawawar sarta ngajarkeun ngeunaan Anjeunna. Urang gé bungah bisa ngabantu jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng” jaradi percaya. (Kis. 13:48) Waktu murid-murid Isa balik ngawawar jeung nyaritakeun hal-hal alus dina palayanan, ”kawasa suci nyababkeun Isa bungah pisan”. (Luk. 10:1, 17, 21) Tangtu parasaan urang gé sarua jiga Isa.

2. Kumaha urang bisa nunjukkeun urang téh nganggap sérius palayanan urang?

2 Urang nganggap sérius palayanan urang. Paulus ngingetan Timotius, ”Terus perhatikeun diri manéh jeung pangajaran manéh . . . sabab éta bisa nyalametkeun diri manéh jeung jalma-jalma nu ngadéngékeun manéh.” (1 Tim. 4:16) Jadi, palayanan urang téh sérius pisan lantaran bisa nyalametkeun kahirupan urang jeung batur. Urang kudu merhatikeun diri urang ku sabab urang téh rahayat Pamaréntahan Allah. Carana nyaéta, ngajaga laku lampah urang supaya sajalan jeung warta hadé sarta supaya bisa ngamulyakeun Yéhuwa. (Flp. 1:27) Urang gé kudu ’merhatikeun pangajaran’ urang ku cara persiapan heula jeung ménta bantuan ka Yéhuwa saacan dines.

3. Bisa jadi, kumaha tanggapan jalma-jalma kana warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah? Caritakeun hiji pangalaman.

3 Bisa jadi, urang geus sabisa-bisana nguarkeun warta hadé, tapi angger wéh euweuh nu minat. Mun aya gé, meureun ngan saeutik. Perhatikeun pangalaman ti Sadérék Georg Lindal. Ti taun 1929 nepi ka taun 1947, ngan manéhna sorangan nu ngawawar di sakuliah Islandia. Puluhan rébu bacaan geus disebarkeun, tapi euweuh saurang-saurang acan nu jadi Saksi Yéhuwa. Manéhna nulis, ”Aya nu nentang warta ti Alkitab ieu, tapi kalolobaan mah teu minat.” Najan aya utusan injil lulusan Gilead nu ditugaskeun ka ditu, tapi tetep wéh euweuh nu minat. Ahirna, sanggeus salapan taun kakara aya sababaraha urang Islandia nu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. *

4. Kumaha parasaan urang waktu batur embung ngadéngékeun warta urang atawa palajar Alkitab urang teu maju-maju?

4 Bisa jadi, urang kuciwa lamun batur embung ngadéngékeun warta urang, atawa palajar Alkitab urang teu maju sacara rohani. Urang meureun ngarasa siga Paulus. Manéhna téh ’sedih kabina-bina jeung haténa téh meni peurih’, ku sabab urang Yahudi embung narima Isa sabagé Mésias nu dijangjikeun. (Rm. 9:1-3) Kumaha lamun Sadérék geus ngusahakeun sabisa-bisana jeung ngadoakeun palajar Alkitab Sadérék, tapi manéhna teu maju-maju jeung ahirna palajaran Alkitabna kudu dieureunkeun? Kumaha lamun Sadérék can pernah ngabantu saurang jalma nepi ka dibaptis? Na ieu téh salah Sadérék, jeung Yéhuwa teu ngaberkahan dines Sadérék? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas: (1) Naon tandana urang téh geus suksés dina palayanan? (2) Naon nu kudu urang inget waktu ngawawar ka batur?

NAON TANDANA URANG TÉH GEUS SUKSÉS DINA PALAYANAN?

5. Bisa jadi, ku naon nu urang lakukeun keur Yéhuwa téh hasilna teu jiga nu dipiharep ku urang?

5 Alkitab nyebutkeun yén jalma nu ngajalankeun kahayang Yéhuwa téh ”sapanejana tangtu tinekanan”, maksudna kabéh nu digawékeunana pasti hasil. (Jab. 1:3) Tapi, ieu téh lain hartina naon nu urang lakukeun keur Yéhuwa bakal suksés jiga nu dipiharep ku urang. Ku naon? Urang jeung batur téh teu sampurna, jadi hirup pasti ”seueur kasusahna”. (Ayub 14:1) Terus, aya ogé jalma-jalma nu ngeureunkeun kagiatan urang. (1 Kor. 16:9; 1 Tés. 2:18) Jadi mun ceuk Yéhuwa, urang téh gagal atawa suksés? Hayu urang bahas sababaraha prinsip Alkitab pikeun ngajawabna.

Yéhuwa ngahargaan upaya urang pikeun ngawawar sacara langsung, liwat surat, atawa telepon (Tingali paragrap 6)

6. Keur Yéhuwa, jiga kumaha palayanan nu suksés téh?

6 Keur Yéhuwa mah, nu penting téh urang terus usaha jeung teu nyerah. Jadi sanajan jalma-jalma embung ngadéngékeun, keur Yéhuwa mah urang téh geus suksés. Ku naon? Sabab urang getol ngawawar jeung ngalakukeunana lantaran nyaah ka Anjeunna. Paulus nulis, ”Allah téh adil jeung moal mopohokeun pagawéan aranjeun sarta kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun ka ngaran-Na. Aranjeun némbongkeunana ku cara ngalalayanan jeung terus ngalalayanan jalma-jalma suci.” (Ibr. 6:10) Nu diinget ku Yéhuwa téh nyaéta usaha urang jeung kanyaah urang ka Anjeunna. Sing inget ogé kekecapan Paulus keur sidang Korintus, ”Upaya aranjeun nu satékah polah keur Gusti téh moal mubadir,” sanajan hasilna teu jiga nu dipiharep ku Sadérék.​—1 Kor. 15:58.

7. Urang bisa diajar naon tina kekecapan Rasul Paulus?

7 Rasul Paulus téh utusan injil nu hébat pisan. Manéhna geus ngadegkeun sidang-sidang anyar di sababaraha kota. Tapi, waktu aya nu ngomong manéhna téh teu pantes jadi palayan Al-Masih, Paulus teu nyebutkeun geus aya sabaraha jalma nu dibantu ku manéhna pikeun jadi urang Kristen. Manéhna ngan nulis, ”Kuring digawé leuwih beurat.” (2 Kor. 11:23) Siga Paulus, urang kudu inget nu pangpentingna keur Yéhuwa mah lamun urang terus usaha jeung teu nyerah.

8. Naon nu kudu urang inget ngeunaan palayanan urang?

8 Palayanan urang téh nyenangkeun Yéhuwa. Baheula, Isa ngutus 70 muridna pikeun ngawawar. Terus sanggeus bérés ngawawar, maranéhna téh ”balik bari jeung atoh”. Ku naon? Ceuk maranéhna, ”Roh-roh jahat gé narurut ka urang kabéh lantaran maké ngaran Juragan.” Tapi Isa menerkeun cara pikir maranéhna ku ngomong kieu, ”Ulah atoh lantaran roh-roh jahat nurut ka maranéh, kudu atoh téh lantaran ngaran maranéh geus ditulis di sorga.” (Luk. 10:17-20) Isa apal pangwawaran murid-muridna téh moal teterusan mawa hasil anu alus. Geus kitu urang gé teu apal, sanggeus jalma-jalma ngadéngé warta ti murid-murid Isa, aya sabaraha loba nu jadi urang Kristen. Jadi, maranéhna kudu inget yén kabungah maranéhna téh lain ku lantaran aya loba jalma nu ngadéngékeun warta maranéhna, tapi ku lantaran pagawéan maranéhna téh nyenangkeun Yéhuwa.

9. Ceuk Galatia 6:7-9, naon hasilna lamun urang teu nyerah dina palayanan?

9 Lamun urang teu nyerah dina palayanan, urang bakal meunangkeun hirup langgeng. Waktu urang sabisa-bisana ngawawar jeung ngajarkeun bebeneran, urang gé ’melak jeung hayang nuturkeun bingbingan kawasa suci’ dina kahirupan urang. Jadi lamun urang ”teu nyerah” atawa ”teu capé”, Yéhuwa jangji urang bakal ngala hirup langgeng, sanajan can aya jelema nu dibantu ku urang nepi ka dibaptis.​—Baca Galatia 6:7-9.

NAON NU KUDU URANG INGET WAKTU NGAWAWAR KA BATUR?

10. Tanggapan jalma-jalma téh ditangtukeun ku hal naon?

10 Tanggapan jalma-jalma téh ditangtukeun ku kaayaan haté maranéhna. Isa ngajelaskeun ngeunaan hal ieu dina ibaratna ngeunaan patani nu nebarkeun binih dina rupa-rupa taneuh, tapi ngan hiji taneuh nu méré hasil. (Luk. 8:5-8) Rupa-rupa taneuh téh ngagambarkeun rupa-rupa kaayaan haté jalma. Tanggapan jalma-jalma kana ”warta ti Allah” téh pasti béda-béda. (Luk. 8:11-15) Siga patani éta, urang teu bisa nangtukeun hasil tina palayanan urang, da éta mah kumaha kaayaan haté jalma-jalma. Tugas urang téh terus nebarkeun binih, nyaéta warta ngeunaan Pamaréntahan Allah. Ceuk Rasul Paulus, ”Masing-masing bakal meunang ganjaran nu saimbang jeung pagawéanana,” lain hasil gawéna.​—1 Kor. 3:8.

Sanajan Nuh geus mangtaun-taun ngawawar, nu asup ka kapal téh ngan kulawargana hungkul, euweuh saurang-urang acan deui nu milu. Tapi keur Allah mah, Nuh téh geus suksés! (Tingali paragrap 11)

11. Ku naon keur Yéhuwa mah Nuh téh ”pawarta bebeneran” nu suksés? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

11 Ti jaman baheula kénéh, umat Allah geus ngawawar najan jalma-jalma arembung ngadéngékeun. Contona Nuh, nu disebut sabagé ”pawarta bebeneran”. (2 Pét. 2:5) Manéhna ngawawar salila puluhan taun. Nuh pasti hayang kabéh jalma ngadéngékeun warta ti manéhna, tapi Yéhuwa teu pernah ngomong yén jalma-jalma bakal ngadéngékeun. Waktu Yéhuwa méré paréntah ka Nuh pikeun nyieun kapal gedé, Anjeunna ngomong, ”Maneh saanak pamajikan jeung minantu-minantu, kudu asup ka eta kapal.” (Kaj. 6:18) Terus waktu Yéhuwa méré nyaho ukuran éta kapal, meureun Nuh jadi sadar yén moal loba jalma bakal ngadéngékeun warta ti manéhna, da kapalna gé moal mahi. (Kaj. 6:15) Jeung mémang bener, euweuh hiji-hiji acan anu ngadéngékeun manéhna! (Kaj. 7:7) Tapi, na éta hartina Nuh téh gagal? Tangtu henteu! Di hareupeun Yéhuwa mah, Nuh téh geus jadi pawarta anu suksés ku lantaran manéhna satia ngajalankeun sakabéh paréntah Allah.​—Kaj. 6:22.

12. Kumaha Nabi Yérémia bisa bungah sanajan jalma-jalma embung ngadéngékeun jeung nentang manéhna?

12 Nabi Yérémia ogé ngawawar salila puluhan taun, padahal jalma-jalma harita embung ngadéngékeun jeung nentang manéhna. Maranéhna ”pada ngahina pada nyarekan” nepi ka Yérémia jadi leutik haté jeung hayang eureun tina tugasna. (Yer. 20:8, 9) Tapi Yérémia teu nyerah! Ku naon manéhna bisa terus ngajalankeun tugasna jeung ngarasa bungah deui? Manéhna mikirkeun dua hal nu penting. Kahiji: Warta ti Allah bisa méré ”pijamugaeun ka hareup” keur jalma-jalma. (Yer. 29:11) Kadua: Manéhna téh geus dipilih ku Yéhuwa pikeun nepikeun warta ti Anjeunna. (Yer. 15:16) Ayeuna, urang gé keur ngabagikeun warta nu bisa méré harepan keur jalma-jalma. Sarta, urang téh jadi nyandang ngaran Yéhuwa sabagé Saksi-Na. Jadi lamun urang mikirkeun dua hal penting éta, urang bisa bungah dina palayanan sanajan jalma-jalma embung ngadéngékeun.

13. Urang bisa diajar naon ti ibarat Isa nu dicatet di Markus 4:26-29?

13 Saurang jalma ngabutuhkeun waktu pikeun maju sacara rohani. Isa ngajelaskeun hal ieu liwat ibarat ngeunaan saurang jalma nu ngawurkeun binih tuluy saré. (Baca Markus 4:26-29.) Sanggeus diawurkeun, binihna téh lalaunan tumuwuh. Jalma nu ngawurkeunana mah teu bisa ngalakukeun nanaon supaya binihna leuwih gancang tumuwuhna. Urang gé sarua, urang kudu sabar ngadagoan palajar pikeun maju sacara rohani. Saurang patani teu bisa ngarepkeun pepelakanana gancang tumuwuh, sakumaha nu dipikahayangna. Kitu ogé, urang teu bisa maksa palajar Alkitab pikeun maju sacara rohani sagancang nu dipikahayang ku urang. Jadi, urang teu perlu leutik haté atawa nyerah lamun kamajuan palajar Alkitab teu sagancang nu dipikahayang ku urang. Jiga patani tadi, urang kudu sabar waktu ngabantu jalma nepi ka dibaptis.​—Yak. 5:7, 8.

14. Caritakeun pangalaman nu némbongkeun palayanan urang téh butuh waktu nepi ka aya hasilna?

14 Di sababaraha daérah, bisa jadi palayanan urang téh euweuh hasilna salila mangtaun-taun. Perhatikeun pangalaman adi lanceuk nu ngaranna Gladys jeung Ruby Allen. Dina taun 1959, dua sadérék istri ieu ditugaskeun jadi panaratas biasa di hiji kota di propinsi Quebec, Kanada. * Tapi jalma-jalma di ditu embung ngobrol jeung Saksi Yéhuwa, lantaran sieuneun bisi diomongkeun ku para tatangga jeung pamingpin di garéja Katolik maranéhna. Gladys nginget-nginget deui, ”Salila dua taun, urang ngawawar dalapan jam sapoé, tapi euweuh saurang-saurang acan nu daék ngadéngékeun! Pas urang keketrok, nu boga imah téh nyampeurkeun. Tapi pas ningali urang duaan, léos wéh manéhna asup deui ka jero. Najan kitu, urang duaan teu nyerah.” Ahirna, jalma-jalma lalaunan barobah jeung daék ngadéngékeun. Ayeuna, geus aya tilu sidang di éta kota.​—Yes. 60:22.

15. Tina 1 Korintus 3:6, 7, urang bisa diajar naon ngeunaan ngabantu saurang jalma jadi murid?

15 Saurang jalma jadi murid téh hasil ti upaya babarengan. Unggal anggota sidang bisa ngabantu saurang jalma nepi ka dibaptis. (Baca 1 Korintus 3:6, 7.) Misalna, aya saurang sadérék nu méré publikasi ka jalma nu minat. Tuluy manéhna téh ménta sadérék séjén pikeun ngadatangan jalma éta, ku lantaran waktuna teu cocog jeung jadwal manéhna. Waktu pawarta ieu ngadatangan deui, nu boga imah téh daékeun diajar Alkitab. Terus sadérék ieu ngajak sadérék-sadérék séjén pikeun maturan ka palajar Alkitabna. Unggal sadérék nu diajak téh bisa nguatkeun palajar Alkitab ku rupa-rupa cara. Jadi maranéhna téh jiga keur nyébor binih bebeneran. Ku kituna, jiga nu disebutkeun ku Isa, boh nu melak boh nu ngala, sakabéh bakal barungah dina panén rohani ieu.​—Yah. 4:35-38.

16. Ku naon Sadérék bisa tetep bungah sanajan teu bisa sering dines lantaran boga masalah kaséhatan?

16 Kumaha lamun Sadérék teu bisa sering-sering dines ku sabab boga masalah kaséhatan? Ulah leutik haté, Sadérék téh bisa tetep bungah. Coba pikirkeun waktu Raja Daud jeung para prajuritna rék nyalametkeun kulawarga maranéhna ti urang Amalék. Aya 200 prajurit nu geus teu karuateun pikeun milu perang. Jadi maranéhna ngan narungguan barang-barang. Sanggeus Daud jeung prajuritna ngéléhkeun musuh-musuhna, Daud nitah hasil jarahanana dibagi rata keur kabéh prajurit. (1 Sam. 30:21-25) Ieu téh sarua siga dines palayanan urang. Jadi lamun Sadérék geus ngalakukeun nu panghadéna, Sadérék bakal sarua bungahna waktu ningali aya hiji jalma diajar ngeunaan Yéhuwa jeung ahirna dibaptis.

17. Ku naon urang nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa?

17 Waktu urang apal kumaha cara Yéhuwa ningali palayanan urang, urang téh pasti nganuhunkeun pisan. Anjeunna ngarti urang téh teu bisa maksa jalma-jalma pikeun ngadéngékeun warta urang atawa pikeun ibadah ka Anjeunna. Jadi nu ditingali ku Anjeunna téh usaha urang dina palayanan jeung kanyaah urang ka Anjeunna. Ku kituna, Yéhuwa pasti ngaberkahan urang. Anjeunna gé méré nyaho yén urang téh bisa tetep bungah lamun ngalakukeun nu panghadéna dina panén rohani ieu. (Yah. 14:12) Sing yakin, urang téh nyenangkeun Yéhuwa lamun urang teu nyerah!

KAWIH 67 Pék Émbarkeun!

^ par. 5 Urang pasti bungah lamun aya batur nu daék diajar Alkitab. Tapi mun euweuh nu daék, urang meureun kuciwa. Kumaha lamun palajar Alkitab Sadérék téh teu maju-maju sacara rohani? Kumaha lamun Sadérék can pernah mantuan saurang-urang acan nepi ka dibaptis? Na éta hartina Sadérék gagal dina pagawéan ngajadikeun murid? Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon urang bisa nganggap palayanan urang suksés jeung kumaha urang bisa tetep bungah, teu sual tanggapan jalma-jalma.

^ par. 3 Tingali Buku Tahunan Saksi-Saksi Yehuwa 2005, kaca 205-211.

^ par. 14 Tingali pangalaman Gladys Allen, ”Saya Tidak Akan Mengubah Apa Pun!”, dina Menara Pengawal 1 Séptémber 2002.