Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 42

Bagja Jalma anu Satia ka Yéhuwa

Bagja Jalma anu Satia ka Yéhuwa

”Bagja jalma anu [satia], sarta ngalampahkeun hukum PANGERAN.”​—JAB. 119:1. *

KAWIH 124 Terus Satia

NU DIBAHAS *

Dulur-dulur saiman urang nu wani. Aya nu pernah dipanjarakeun, aya ogé nu ayeuna keur dipanjarakeun ku lantaran tetep satia ka Pamaréntahan Allah (Tingali paragrap 1-2)

1-2. (a) Naon nu dilakukeun ku sababaraha pamaréntah ka umat Yéhuwa, jeung kumaha sikep sadérék-sadérék urang? (b) Ku naon urang bisa tetep bagja sanajan dikaniaya? (Koméntaran ogé gambar dina sampul hareup.)

 AYEUNA, kagiatan Saksi Yéhuwa téh dilarang atawa diwatesan di leuwih ti 30 nagri di sakuliah dunya. Malahan di sababaraha nagri mah, sadérék-sadérék urang téh dipanjarakeun. Naon kasalahan maranéhna? Dina pandangan Yéhuwa mah teu aya nu salah. Nu dilakukeun ku maranéhna téh ngan maca jeung diajar Alkitab, ngawawar, sarta ibadah bareng jeung dulur-dulur saiman. Maranéhna gé embung pipilueun kana urusan pulitik. Tapi sanajan aya tangtangan, maranéhna tetep satia ka Allah. Éta bukti yén maranéhna bener-bener ngabakti ka Yéhuwa. Maranéhna bagja ngalakukeunana!

2 Meureun Sadérék pernah ningali gambar para Saksi nu gedé kawani ieu. Maranéhna tetep bagja lantaran apal Yéhuwa reueus ningali kasatiaan maranéhna. (1 Bab. 29:17a) Isa nyebutkeun, ”Bagja jalma-jalma anu dikaniaya lantaran ngalampahkeun hal-hal nu bener . . . Sing atoh, sing bungah, sabab ganjaran maranéh gedé di sorga.”​—Mat. 5:10-12.

TULADAN KEUR URANG

Pétrus jeung Yahya méré tuladan keur urang Kristen jaman ayeuna nu kudu ngabéla iman di pangadilan (Tingali paragrap 3-4)

3. Jiga nu disebutkeun dina Kisah 4:19, 20, kumaha sikep para rasul dina abad kahiji waktu dikaniaya, jeung ku naon maranéhna ngalakukeun éta?

3 Sadérék-sadérék urang ngalaman naon nu kaalaman ku para rasul dina abad kahiji. Para rasul téh dikaniaya lantaran ngawawar ngeunaan Isa. Geus mangkali-kali para hakim ti mahkamah agung Yahudi nitah maranéhna ”ulah nyarita deui mamawa ngaran Isa”. (Kis. 4:18; 5:27, 28, 40) Kumaha sikep para rasul? (Baca Kisah 4:19, 20.) Maranéhna nyaho, Pribadi nu boga wewenang leuwih luhur geus ’nitah maranéhna ngawawar ka jalma-jalma jeung méré kasaksian sajéntré-jéntréna’ ngeunaan Al-Masih. (Kis. 10:42) Jadi ngawakilan nu séjénna, Pétrus jeung Yahya wani ngomong yén maranéhna mah bakal leuwih taat ka Allah tibatan ka para hakim éta. Maranéhna gé ngomong, maranéhna moal eureun ngawawar ngeunaan Isa. Saolah-olah, maranéhna téh nanya kieu ka para hakim, ’Bapa-bapa téh ngarasa boga wewenang nu leuwih luhur tibatan Allah?’

4. Siga nu disebutkeun dina Kisah 5:27-29, para rasul méré tuladan naon, jeung kumaha urang bisa nyonto tuladan maranéhna?

4 Para rasul geus méré tuladan anu alus. Nepi ka ayeuna, urang Kristen sajati terus nuturkeun tuladan maranéhna pikeun ”leuwih taat ka Allah salaku pangawasa tibatan ka manusa”. (Baca Kisah 5:27-29.) Sanggeus diteunggeulan lantaran satia ka Allah, para rasul indit ti hareupeun mahkamah agung Yahudi ”bari bungah, lantaran dianggap layak ku Allah meunang hinaan demi ngaran Isa”. Maranéhna gé terus ngawawar!​—Kis. 5:40-42.

5. Pananya naon waé nu kudu dijawab?

5 Sanggeus ningali tuladan para rasul, meureun urang mikir, pan para rasul mutuskeun pikeun leuwih taat ka Allah tibatan ka manusa, jadi kumaha maranéhna bisa nuturkeun paréntah nu aya dina Kitab Suci pikeun ”tunduk ka kalangan nu boga wewenang leuwih luhur”? (Rm. 13:1, cth.) Terus siga nu disebutkeun ku Paulus, kumaha urang bisa ”taat ka pamaréntah sarta pangawasa” bari jeung tetep satia ka Allah sabagé Pangawasa nu pangluhurna?​—Tit. 3:1.

”KALANGAN NU BOGA WEWENANG LEUWIH LUHUR”

6. (a) Naon kawajiban urang ka pamaréntah? (Roma 13:1) (b) Naon waé fakta-fakta ngeunaan wewenang ti pamaréntahan manusa?

6 Baca Roma 13:1. Dumasar kana ayat ieu, urang Kristen téh kudu tunduk ka pamaréntah, atawa ”kalangan nu boga wewenang leuwih luhur”. Pamaréntah téh geus ngajaga katartiban, mastikeun rahayat pikeun nuturkeun hukum, jeung kadang ngabéla umat Yéhuwa. (Why. 12:16) Jadi, geus sakuduna urang mayar pajeg, mayar upeti, ngajénan maranéhna, sarta ngahormat maranéhna, sakumaha anu diparéntahkeun dina Alkitab. (Rm. 13:7) Tapi, pamaréntah manusa téh boga wewenang jiga kitu ngan pédah diidinan ku Yéhuwa. Isa ngajelaskeun prinsip éta waktu ditatanya ku Gupernur Roma Pontius Pilatus. Basa Pilatus ngomong yén manéhna boga wewenang pikeun nyalametkeun atawa ngantep Isa sina dipaéhan, Isa ngomong kieu, ”Bapa moal bisa boga kawasa ka abdi lamun teu dibéré ku Allah.” (Yah. 19:11) Jiga Pilatus, ayeuna wewenang ti kabéh pamaréntahan manusa téh aya watesna.

7. Dina kaayaan naon urang moal tunduk ka pamaréntah, jeung naon anu kudu diinget ku para pangawasa?

7 Urang Kristen tunduk ka pamaréntah salila aturan ti pamaréntah teu papalingpang jeung hukum Allah. Tapi, urang moal taat ka pamaréntah mun maranéhna nitah urang ngalakukeun hal anu dilarang ku Allah atawa ngalarang urang ngajalankeun paréntah Allah. Misalna, bisa waé pamaréntah ngawajibkeun para jajaka miluan perang ngabéla nagara. * Atawa, bisa waé Alkitab jeung publikasi urang dilarang ku pamaréntah, sarta urang teu meunang ngawawar jeung ibadah babarengan. Waktu para pangawasa nyalahgunakeun wewenangna, misalna ku cara nganiaya murid-murid Al-Masih, maranéhna kudu tanggung jawab ka Allah. Yéhuwa merhatikeun kalakuan maranéhna!​—Pan. 5:8.

8. Naon bédana ”leuwih luhur” jeung ”Maha Agung”, sarta ku naon ieu téh penting?

8 Kecap ”leuwih luhur” téh maksudna leuwih hadé atawa leuwih alus. Tapi, éta lain hartina nu panghadéna atawa nu pangalusna. Lamun kitu mah disebutna téh ”Nu Maha Agung”. Mémang, pamaréntah téh sok disebut ”kalangan nu boga wewenang leuwih luhur”. Tapi, aya deui Pribadi nu boga wewenang pangluhurna. Dina Alkitab, opat kali Yéhuwa disebutkeun sabagé ”Nu Maha Agung”.​—Dan. 7:18, 22, 25, 27.

”NU MAHA AGUNG”

9. Naon nu ditingali ku Daniél?

9 Nabi Daniél meunang titingalian nu nunjukkeun wewenang Yéhuwa téh jauh leuwih luhur tibatan wewenang kabéh pamaréntahan manusa. Mimitina, Daniél ningali opat sato galak raksasa anu ngagambarkeun kawasa dunya dina jaman baheula, nyaéta Babilon, Media-Persia, Yunani, Roma, jeung kawasa dunya dina jaman ayeuna, nyaéta Anglo-Amerika. (Dan. 7:1-3, 17) Geus kitu, Daniél ningali Allah Yéhuwa calik dina tahta-Na di sorga sarta ngayakeun sidang pangadilan. (Dan. 7:9, 10) Nu ditingali ku Daniél saterusna téh sakuduna jadi paringetan keur para pangawasa ayeuna.

10. Siga nu disebutkeun dina Daniel 7:13, 14, 27, saha nu dibéré wewenang ku Yéhuwa pikeun maréntah sakuliah dunya, jeung hal ieu ngabuktikeun naon?

10 Baca Daniel 7:13, 14, 27. Allah nyabut wewenang ti kabéh pamaréntahan manusa jeung méré wewenang éta ka nu leuwih layak jeung leuwih boga kawasa. Ka saha? Ka pribadi anu ”rupana sarupa jeung manusa”, nyaéta Isa Al-Masih, sarta ka ”umat Allah Nu Maha Agung”, nyaéta 144.000 anu bakal maréntah pikeun salalanggengna. (Dan. 7:18) Ngan Yéhuwa nu boga wewenang pikeun ngalakukeun hal éta, jadi jelas Yéhuwa téh ”Nu Maha Agung”.

11. Naon deui nu ditulis ku Daniél nu nunjukkeun wewenang Yéhuwa téh leuwih luhur tibatan wewenang bangsa-bangsa?

11 Kajadian nu ditingali ku Daniél téh luyu jeung nu diomongkeun ku manéhna saacanna. Ceuk Daniél, ”Allah nu disawarga . . . ngadegkeun raja [jeung] Mantenna nu ngarurudna.” Manéhna gé nyebutkeun, ”Nu Maha Agung, kawasa ka karajaan-karajaan manusa, iasa nyelehkeun ka saha bae kersa-Na.” (Dan. 2:19-21; 4:17) Naha pernah Yéhuwa ngalantik atawa nyabut kakawasaan ti para pangawasa? Enya!

Kakawasaan Bélsyasar dicabut ku Yéhuwa, terus dibikeun ka Media jeung Persia (Tingali paragrap 12)

12. Béré conto kumaha Yéhuwa nyabut kakawasaan para raja dina jaman baheula. (Tingali gambar.)

12 Yéhuwa ngabuktikeun wewenang-Na jauh leuwih gedé tibatan ”kalangan nu boga wewenang leuwih luhur”. Misalna perhatikeun tilu conto ieu. Firaun ti Mesir geus maksa umat Allah pikeun digawé beurat jeung mangkali-kali embung ngabébaskeun maranéhna. Tapi, Allah ngabébaskeun umat-Na jeung ngalelepkeun Firaun di Laut Beureum. (Bud. 14:26-28; Jab. 136:15) Raja Bélsyasar ti Babilon ngayakeun pésta jeung ”ngaluhuran [diri] ka Gustining Sawarga”. Manéhna gé kalah ka ”muji dewa-dewa tina emas [jeung] perak”, lainna muji Yéhuwa. (Dan. 5:22, 23) Tapi, Allah ngarendahkeun lalaki sombong ieu. ”Peuting eta keneh pisan”, Bélsyasar dipaéhan, ari karajaanana dibikeun ka Media jeung Persia. (Dan. 5:28, 30, 31) Raja Hérodés Agripa I ti Palestina maéhan Yakobus jeung manjarakeun Pétrus. Manéhna boga niat pikeun maéhan Pétrus ogé. Tapi Yéhuwa ngagagalkeun rencanana. ”Manéhna digebug ku malaikat Yéhuwa”, terus paéh.​—Kis. 12:1-5, 21-23.

13. Béré conto kumaha Yéhuwa ngéléhkeun gabungan ti para pangawasa.

13 Yéhuwa gé nunjukkeun yén wewenang-Na jauh leuwih gedé tibatan gabungan para pangawasa. Misalna, Yéhuwa perang demi bangsa Israél jeung ngabantu umat-Na pikeun ngéléhkeun gabungan ti 31 raja Kanaan jeung pikeun nalukkeun loba wilayah di Tanah Perjangjian. (Yos. 11:4-6, 20; 12:1, 7, 24) Yéhuwa gé mantuan bangsa Israél pikeun ngéléhkeun Raja Bénhadad jeung 32 raja Siria séjénna anu merangan bangsa Israél.​—1 Rja. 20:1, 26-29.

14-15. (a) Naon anu disebutkeun ku Raja Nébukadnésar jeung Darius ngeunaan wewenang Yéhuwa? (b) Naon anu disebutkeun ku nu nulis jabur ngeunaan Yéhuwa jeung bangsa milik-Na?

14 Sakali deui, Yéhuwa ngabuktikeun yén Anjeunna téh Nu Maha Agung! Sakali waktu, Raja Nébukadnésar ti Babilon ngagul-ngagulkeun ”kakawasaan, kagagahan, kaagungan jeung kamulyaan” dirina. Manéhna teu ngakukeun yén Yéhuwa téh hiji-hijina Pribadi anu layak dipuji. Jadi ku Yéhuwa, manéhna disina teu waras. Sanggeus cageur, seug Nébukadnésar muji ka ”Nu Maha Agung” jeung ngakukeun yén ”[Yéhuwa] baris ngasta salalanggengna”. Ceuk manéhna, ”Taya nu bisa ngalawan kana pangersa-Na.” (Dan. 4:30, 33-35) Sanggeus kasatiaan Daniél ka Allah diuji, jeung Yéhuwa nyalametkeun manéhna ti guha singa, Raja Darius ngaluarkeun paréntah, ”Unggal jelema kudu neundeun kasieun jeung ngahormat ka Allahna Daniel! Anjeunna teh Allah anu jumeneng, tur baris kawasa salalanggengna. Karajaana-Na moal beunang ditumpur. Kakawasaana-Na hamo aya sudana.”​—Dan. 6:7-10,19-22, 26, 27.

15 Ceuk nu nulis jabur, ”[Yéhuwa] ngagagalkeun tarekah bangsa-bangsa, pakarepan maranehna kabeh jadi gaplah . . . Bagja bangsa nu migusti ka Allah [Yéhuwa], bagja jalma anu ku Mantenna dijieun umat-Na.” (Jab. 33:10, 12) Jadi, jelas pisan urang boga alesan nu kuat pikeun terus satia ka Allah Yéhuwa!

PERANG NU PAMUNGKAS

Gabungan bangsa-bangsa téh euweuh nanaonna mun dibandingkeun jeung pasukan perang surgawi! (Tingali paragrap 16-17)

16. Waktu ”kasangsaraan nu kacida hébatna” datang, urang bisa yakin kana hal naon, jeung ku naon? (Tingali gambar.)

16 Urang geus merhatikeun naon nu Yéhuwa lakukeun dina jaman baheula. Jadi, naon nu bakal Yéhuwa lakukeun dina mangsa ka hareup? Urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngalindungan umat-Na nu satia salila ”kasangsaraan nu kacida hébatna”. (Mat. 24:21; Dan. 12:1) Anjeunna bakal ngalindungan urang waktu gabungan ti bangsa-bangsa, atawa nu disebut Gog ti Magog, nyerang umat Yéhuwa di sakuliah dunya. Sanajan bangsa-bangsa éta téh gabungan ti 193 nagri anggota Perserikatan Bangsa-Bangsa, maranéhna euweuh nanaonna dibandingkeun jeung ”Nu Maha Agung” sarta pasukan surgawi-Na. Yéhuwa jangji, ”Kitu peta Kami pikeun nembongkeun ka sakabeh bangsa, yen Kami teh agung jeung suci. Maranehna bakal nyaraho yen Kami teh [Yéhuwa].”​—Yeh. 38:14-16, Yeh. 38:23, KITAB SUCI © LAI 1991; Jab. 46:11.

17. Ceuk Alkitab, naon nu bakal kaalaman ku raja-raja di sakuliah bumi, jeung naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma nu tetep satia ka Yéhuwa?

17 Ku lantaran Gog nyerang umat Allah, Yéhuwa bakal ngamusnakeun ”raja-raja di sakuliah bumi” dina perang nu pamungkas, nyaéta perang Armagédon. (Why. 16:14, 16; 19:19-21) Nu bakal salamet jeung hirup di bumi téh nyaéta jalma-jalma nu bener jeung nu tetep satia—Sil. 2:21.

URANG KUDU TERUS SATIA

18. Urang Kristen nu sajati réla ngorbankeun naon, jeung ku naon? (Daniel 3:28)

18 Salila mangabad-abad, loba urang Kristen sajati réla ngorbankeun kabébasanana lantaran nyaah ka Yéhuwa, Pangawasa nu boga wewenang nu pangluhurna. Malah, maranéhna gé réla ngorbankeun nyawana. Urang Kristen nu sajati ieu téh boga tékad nu kuat pikeun tetep satia ka Yéhuwa, sarua siga tilu urang Ibrani nu tetep satia ka Nu Maha Agung, nu nyalametkeun maranéhna tina panasna seuneu pameuleuman nu ngagedur.​—Baca Daniel 3:28.

19. Yéhuwa bakal ngahakiman umat-Na dumasar kana naon, jeung naon nu kudu dilakukeun ku urang ayeuna?

19 Daud ngarasakeun sakumaha pentingna ngajaga kasatiaan ka Allah. Dina kitab Jabur, manéhna nulis, ”Yéhuwa bakal jadi hakim keur bangsa-bangsa. Nun Yéhuwa, waktu Gusti ngahakiman abdi, sing inget kana lalampahan abdi nu bener sarta sing inget kana kasatiaan abdi.” (Jab. 7:8, Terjemahan Dunia Baru) Daud gé nulis, ”Mugia [kasatiaan, NW] sareng kajujuran abdi jadi jalan pisalameteun.” (Jab. 25:21) Jadi, urang kudu tetep satia ka Yéhuwa, teu sual masalah naon nu disanghareupan ku urang. Éta téh cara hirup nu panghadéna! Ku kituna, urang bakal ngarasakeun jiga nu dirasakeun ku nu nulis jabur, ”Bagja jalma anu [satia], sarta ngalampahkeun hukum PANGERAN.”​—Jab. 119:1.

KAWIH 122 Sing Teger sarta Pengkuh!

^ Kutipan ayat tina kitab Jabur jeung Daniel dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.

^ Alkitab ngajurung urang Kristen pikeun taat ka kalangan nu boga wewenang leuwih luhur, nyaéta pamaréntah-pamaréntah nu aya di dunya ieu. Tapi, sababaraha pamaréntah jelas-jelas ngalawan Yéhuwa jeung umat-Na. Jadi, kumaha urang bisa taat ka pamaréntah bari jeung tetep satia ka Yéhuwa?