Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 44

Jaga Harepan Urang Tetep Kuat

Jaga Harepan Urang Tetep Kuat

”Sing percaya ka PANGERAN.”​—JAB. 27:14, KITAB SUCI © LAI 1991.

KAWIH 144 Teuteup Pahala!

NU DIBAHAS *

1. Yéhuwa geus méré urang harepan naon keur urang?

 YÉHUWA méré urang harepan nu éndah pisan, nyaéta harepan pikeun hirup langgeng. Aya nu boga harepan pikeun hirup langgeng di sorga sabagé mahluk roh nu teu bisa musna. (1 Kor. 15:50, 53) Tapi, kalolobaan mah boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi. Maranéhna bakal terus séhat jeung bagja. (Why. 21:3, 4) Teu sual harepan urang di sorga atawa di bumi, urang pasti ngahargaan pisan harepan ti Yéhuwa ieu.

2. Harepan urang téh dumasar kana naon, jeung ku naon?

2 Kecap ”harepan” nu aya dina Alkitab bisa ngamaksudkeun ”hal-hal alus nu diarep-arep”. Harepan urang ngeunaan mangsa ka hareup téh dijamin bakal laksana lantaran nu ngajangjikeunana téh Yéhuwa. (Rm. 15:13) Urang geus nyaho jangji-jangji Yéhuwa ka urang, jeung Anjeunna pasti nedunan sakabéh jangji-Na. (Bil. 23:19) Urang yakin, Yéhuwa hayang jeung boga kawasa pikeun ngalaksanakeun sakabéh jangji-Na. Jadi, harepan urang téh lain angen-angen atawa hayalan hungkul, tapi dumasar kana hal-hal nu nyata sarta aya buktina.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu? (Jabur 27:14)

3 Bapa urang di sorga téh nyaah ka urang. Yéhuwa hayang urang percaya ka Anjeunna. (Baca Jabur 27:14.) Mun urang percaya ka Yéhuwa jeung ngajaga harepan urang tetep kuat, urang bakal wani nyanghareupan masalah naon waé sarta tetep suka bungah. Hayu urang bahas kumaha harepan bisa ngalindungan urang. Tapi, mimitina urang bahas heula ku naon harepan téh bisa diibaratkeun jiga jangkar jeung hélem. Geus kitu, urang bakal ngabahas kumaha carana ngajaga harepan urang tetep kuat.

HAREPAN TÉH IBARAT JANGKAR

4. Ku naon harepan bisa diibaratkeun jiga jangkar? (Ibrani 6:19)

4 Dina suratna ka urang Ibrani, Rasul Paulus nyaruakeun harepan urang jiga jangkar. (Baca Ibrani 6:19.) Paulus sering iinditan maké kapal, jadi manéhna apal jangkar téh osok digunakeun pikeun nahan kapal ngarah teu palid kabawa ku ombak. Hiji poé, waktu manéhna keur di kapal, gelebug aya angin ribut nu gedé pisan! Seug jangkar diturunkeun ku para pagawé kapal ngarah kapalna teu katebak ku angin jeung kandas kana karang. (Kis. 27:29, 39-41) Ibarat jangkar nu nahan kapal, harepan bisa ngajaga supaya urang teu palid ku masalah nu jiga angin ribut sarta ngajauh ti Yéhuwa. Harepan bisa ngabantu urang tetep tenang waktu aya masalah lantaran urang yakin engké ka hareupna kaayaan téh bakal leuwih hadé. Sing inget, Isa geus méré nyaho, urang téh bakal dikaniaya. (Yah. 15:20) Jadi, lamun mikirkeun jangji-jangji Yéhuwa, urang bakal tetep satia ngawula Anjeunna.

5. Kumaha harepan ngabantu Isa tetep satia waktu manéhna rék dipaéhan?

5 Pikirkeun kumaha harepan ngabantu Isa tetep satia sanajan manéhna nyaho bakal dipaéhan ku cara nu kejem. Dina Péntakosta 33 M, Rasul Pétrus ngutip hiji nubuat tina kitab Jabur nu ngagambarkeun sakumaha tenangna Isa, ”Hirup abdi pinuh ku harepan, sabab Gusti moal ninggalkeun abdi di Kuburan. Gusti gé moal ngantep hamba-Na nu satia musna. . . . Di payuneun Gusti, abdi bungah pisan.” (Kis. 2:25-28; Jab. 16:8-11) Sanajan nyaho bakal dipaéhan, Isa boga harepan nu pasti yén Allah bakal ngahirupkeun deui manéhna. Isa gé bungah sabab sakeudeung deui manéhna bakal panggih jeung Bapana di sorga.​—Ibr. 12:2, 3.

6. Caritakeun sakumaha pentingna harepan pikeun saurang sadérék.

6 Harepan geus mantuan loba dulur saiman pikeun tetep teger. Misalna, perhatikeun pangalaman Leonard Chinn, saurang sadérék ti Inggris nu satia. Waktu Perang Dunya I, manéhna dipanjara lantaran embung jadi tantara. Salila dua bulan manéhna dikurung di sél isolasi. Sanggeusna, manéhna dipaksa gawé beurat. Manéhna nulis, ”Sanggeus ngalaman ieu kabéh, abdi jadi sadar, urang kabéh téh butuh harepan supaya bisa tetep teger. Urang apal kana tuladan alus ti Isa, para rasul, jeung para nabi. Urang gé apal kana jangji-jangji nu éndah dina Alkitab. Éta kabéh ngayakinkeun urang kana harepan dina mangsa ka hareup sarta ngabantu urang pikeun tetep teger.” Harepan bisa jadi jangkar keur Leonard. Harepan gé bisa jadi jangkar keur urang kabéh.

7. Ku naon cocoba bisa ngajadikeun harepan urang beuki kuat? (Roma 5:3-5; Yakobus 1:12)

7 Lamun urang ngarasakeun kumaha Yéhuwa ngabantu urang basa aya cocoba, urang bakal ngarasa yén Yéhuwa téh mikaresep urang. Éta nyieun harepan urang jadi beuki kuat. (Baca Roma 5:3-5; Yakobus 1:12.) Ku kituna, harepan urang jadi beuki kuat mun dibandingkeun jeung waktu mimiti urang ngadéngé warta hadé. Sétan hayang urang nyerah waktu ngalaman cocoba. Tapi ku bantuan Yéhuwa, urang bisa teger nyanghareupan cocoba naon waé.

HAREPAN TÉH IBARAT HÉLEM

8. Ku naon harepan bisa diibaratkeun jiga hélem? (1 Tésalonika 5:8)

8 Alkitab gé ngibaratkeun harepan urang jiga panutup sirah, atawa ”helém”. (Baca 1 Tésalonika 5:8.) Saurang prajurit biasana maké hélem pikeun ngalindungan sirahna tina serangan musuh. Kitu ogé, dina perang rohani, urang perlu ngalindungan pikiran urang tina serangan Sétan. Sétan terus ngagoda jeung nyekokan urang ku hal-hal nu bisa ngaruksak cara pikir urang. Jadi, sarua jiga hélem nu ngalindungan sirah saurang prajurit, harepan gé ngalindungan cara pikir urang supaya urang bisa satia ka Yéhuwa.

9. Naon jadina mun jalma-jalma teu boga harepan?

9 Ku lantaran urang boga harepan pikeun hirup langgeng, urang bakal nyieun pilihan nu bijaksana. Tapi lamun harepan urang beuki lemah jeung urang ngan mikirkeun kahayang sorangan, urang bisa poho kana harepan hirup langgeng. Pikirkeun sababaraha urang Kristen dina jaman baheula nu cicing di kota Korintus. Maranéhna téh jadi teu percaya deui kana jangji Allah yén nu maot bakal dihirupkeun deui. (1 Kor. 15:12) Paulus nulis, lamun maranéhna teu percaya nu maot bakal dihirupkeun deui, maranéhna bakal mikirkeun kasenangan keur saharitaeun hungkul. (1 Kor. 15:32) Jalma-jalma jaman ayeuna gé kitu. Maranéhna teu percaya kana jangji Allah, jadi maranéhna ngan mentingkeun kasenangan hirup ayeuna hungkul. Tapi, urang mah percaya kana jangji Allah dina mangsa ka hareup. Harepan nu dipiboga ku urang téh ibarat hélem nu ngalindungan cara pikir urang. Éta gé ngabantu urang supaya teu mikirkeun diri sorangan hungkul, sabab éta bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa.​—1 Kor. 15:33, 34.

10. Kumaha harepan bisa ngabantu urang nyingkahan pikiran nu salah?

10 Harepan bisa ngalindungan urang tina cara pikir nu salah. Aya nu mikir, manusa mah moal bisa nyenangkeun Yéhuwa. Ceuk pamikirna, ’Moal mungkin abdi bisa hirup salilana, da abdi mah teu becus jeung teu bisa nuturkeun patokan moral ti Allah.’ Baheula, Élipas sobat palsuna Ayub gé ngomong hal nu jiga kitu ka Ayub. Ceuk manéhna, ”Na aya manusa anu enya henteu boga kasalahan, anu bener di payuneun Allah? Dalah ka para malaikat-Na ge Allah teh teu percanten, da eta ge keur Mantenna mah taya nu beresih pikiranana.” (Ayub 15:14, 15) Éta téh bohong pisan! Nu hayang Sadérék mikir jiga kitu téh Sétan. Manéhna nyaho mun Sadérék teterusan mikir kitu, lila-lila harepan Sadérék bakal sirna. Jadi, tolak kabohongan jiga kitu jeung terus pikirkeun jangji-jangji Allah Yéhuwa! Sing yakin, Yéhuwa hayang Sadérék hirup salilana jeung bakal ngabantu Sadérék ningali jangji éta jadi kanyataan.​—1 Tim. 2:3, 4.

JAGA HAREPAN URANG TETEP KUAT

11. Ku naon urang kudu sabar ngadagoan harepan urang jadi kanyataan?

11 Ngajaga harepan urang tetep kuat téh kadang teu gampang. Meureun urang teu sabar, hayang jangji Allah geura jadi kanyataan. Tapi, Yéhuwa téh abadi. Naon nu ceuk urang lila téh, ceuk Anjeunna mah sakeudeung. (2 Pét. 3:8, 9) Yéhuwa bakal ngawujudkeun jangji-jangji-Na ku cara nu panghadéna. Tapi irahana mah urang teu nyaho, bisa leuwih gancang tibatan nu diarep-arep atawa malah leuwih lila. Jadi, kumaha supaya urang bisa ngajaga harepan urang tetep kuat sarta ngadagoan Allah ngawujudkeun jangji-jangji-Na?​—Yak. 5:7, 8.

12. Dumasar kana Ibrani 11:1, 6, naon hubunganana boga iman jeung harepan?

12 Harepan urang bisa tetep kuat mun urang akrab jeung Yéhuwa, Pribadi nu ngajamin yén harepan urang bakal jadi kanyataan. Ceuk Alkitab, saurang jalma bisa boga harepan mun manéhna boga iman yén Yéhuwa téh aya sarta ”Anjeunna méré ganjaran ka saha waé nu bener-bener néangan Anjeunna”. (Baca Ibrani 11:1, 6.) Beuki nyata Yéhuwa keur urang, urang bakal beuki yakin Anjeunna pasti ngawujudkeun jangji-jangji-Na. Supaya harepan urang tetep kuat, hayu perhatikeun sababaraha cara pikeun ngaraket ka Yéhuwa.

Ngadoa jeung ngalenyepan téh nyieun harepan urang kuat (Tingali paragrap 13-15) *

13. Kumaha carana ngaraket ka Allah?

13 Pék ngadoa ka Yéhuwa jeung baca Firman-Na. Mémang urang teu bisa ningali Yéhuwa, tapi urang bisa ngaraket ka Anjeunna. Urang bisa nyarita ka Anjeunna dina doa, jeung Anjeunna pasti ngadangukeun urang. (Yer. 29:11, 12) Terus, urang bisa ngadangukeun Anjeunna ku cara maca Firman-Na jeung ngalenyepanana. Waktu maca kumaha Yéhuwa ngurus hamba-hamba-Na dina jaman baheula, harepan urang bakal beuki kuat. Sakabéh ayat téh ”ditulis keur ngajar urang. Urang jadi boga harepan lantaran ayat-ayat éta nguatkeun urang jeung ngabantu urang tabah”.​—Rm. 15:4.

14. Ku naon urang kudu mikirkeun naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur hamba-hamba-Na?

14 Lenyepan kumaha Yéhuwa nedunan jangji-jangji-Na. Perhatikeun naon nu dilakukeun ku Allah keur Ibrahim jeung Sarah. Duanana téh geus kolot pisan jeung geus teu bisa boga anak. Tapi Allah jangji, maranéhna bakal boga anak. (Kaj. 18:10) Kumaha sikep Ibrahim waktu ngadéngé jangji éta? Ceuk Alkitab, manéhna ”boga iman bakal jadi bapa keur loba bangsa”. (Rm. 4:18) Sanajan Ibrahim teu nyaho kumaha cara Allah ngawujudkeun jangji-Na, manéhna yakin pisan éta pasti jadi kanyataan. Bener wéh, jangji éta jadi kanyataan. (Rm. 4:19-21) Kisah ieu ngajarkeun, Yéhuwa téh pasti nedunan jangji-jangji-Na sanajan katingalina mustahil keur urang!

15. Ku naon urang kudu mikirkeun naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur urang?

15 Pikirkeun naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur Sadérék. Pikirkeun naon mangpaatna keur Sadérék lantaran Yéhuwa geus nedunan jangji-Na nu aya dina Alkitab. Misalna, Isa jangji Bapana bakal nyadiakeun pangabutuh Sadérék sapopoé. (Mat. 6:32, 33) Isa gé ngayakinkeun Sadérék yén Yéhuwa bakal méré kawasa suci-Na lamun Sadérék ménta. (Luk. 11:13) Yéhuwa geus nedunan jangji-jangji éta. Meureun Sadérék gé kapikiran jangji-jangji Yéhuwa séjénna nu geus diwujudkeun keur Sadérék. Misalna, Yéhuwa jangji bakal ngahampura, nguatkeun, jeung méré kadaharan rohani keur Sadérék. (Mat. 6:14; 24:45; 2 Kor. 1:3) Mun mikirkeun naon waé nu geus Yéhuwa lakukeun keur Sadérék, Sadérék bakal beuki yakin yén jangji Yéhuwa dina mangsa ka hareup ogé bakal jadi kanyataan.

SING BAGJA KU KARANA HAREPAN

16. Ku naon harepan téh kurnia nu luar biasa?

16 Harepan hirup langgeng téh kurnia nu luar biasa ti Allah. Urang yakin pisan, engké ka hareupna kaayaan téh bakal jauh leuwih hadé. Harepan ieu téh ibarat jangkar. Éta ngabantu urang tetep tenang jeung teger waktu aya masalah, waktu dikaniaya, jeung waktu nyawa urang kaancam. Harepan ieu gé ibarat hélem nu ngajaga pikiran urang. Jadi, urang bisa nolak hal-hal nu salah jeung ngalakukeun hal-hal nu bener. Harepan tina Alkitab ieu téh ngabantu urang leuwih kenal ka Allah. Éta gé jadi bukti yén Allah téh nyaah pisan ka urang. Urang bisa ngarasakeun mangpaat nu gedé lamun urang ngajaga harepan urang tetep kuat!

17. Ku naon urang bisa bagja ku karana harepan urang?

17 Paulus nulis surat ka urang Roma, ”Sing bagja ku karana harepan aranjeun.” (Rm. 12:12) Paulus ngarasa bagja lantaran yakin mun manéhna tetep satia, manéhna bakal hirup langgeng di sorga. Urang gé bisa bagja ku karana harepan urang lantaran yakin Yéhuwa bakal nedunan jangji-jangji-Na. Ceuk nu nulis jabur, ”Jamuga jalma . . . anu muntangna ka [Yéhuwa] . . . sabab Mantenna tetep satia kana jangji-Na.”​—Jab. 146:5, 6, KITAB SUCI © LAI 1991.

KAWIH 139 Pék Bayangkeun Hirup di Dunya Anyar

^ Yéhuwa geus méré harepan nu éndah keur urang. Harepan éta bisa nguatkeun jeung ngabantu urang supaya teu mikirkeun teuing masalah nu disanghareupan ku urang. Éta gé bisa ngabantu urang tetep satia, teu sual kumaha kaayaan urang. Salian ti éta, harepan bisa ngabantu urang tetep boga pikiran nu positif. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon urang kudu ngajaga harepan urang tetep kuat.

^ KATERANGAN GAMBAR: Jiga hélem nu ngalindungan sirah prajurit jeung jangkar nu nahan kapal, harepan téh ngalindungan cara pikir urang jeung ngabantu urang tetep tenang waktu aya masalah. Saurang sadérék istri ngadoa jeung percaya ka Yéhuwa. Saurang sadérék mikirkeun kumaha Yéhuwa nedunan jangji-Na ka Ibrahim. Sadérék séjénna mikirkeun berkah-berkah ti Yéhuwa keur manéhna.