Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 43

Kabijaksanaan nu Sajati Keur Nyalukan

Kabijaksanaan nu Sajati Keur Nyalukan

”Tah dengekeun, hikmah cumeluk ti jalan-jalan, ti pasar-pasar.”​—SIL. 1:20. *

KAWIH 88 Ajar Abdi Jalan Gusti

NU DIBAHAS *

1. Kumaha sikep kalolobaan jalma kana naséhat nu bijaksana tina Alkitab? (Siloka 1:20, 21)

 DI LOBA nagri, urang sering ningali dulur-dulur saiman aya di jalan-jalan anu diliwatan ku loba jalma. Maranéhna meni soméah nawarkeun bahan bacaan urang. Sadérék pernah teu miluan dines siga kitu? Mun pernah, pasti Sadérék kapikiran ayat dina kitab Siloka, nyaéta hikmah cumeluk ti jalan-jalan, nyalukan jalma-jalma pikeun ngadéngékeun. (Baca Siloka 1:20, 21.) Dina Alkitab jeung publikasi urang téh aya kabijaksanaan nu sajati, nyaéta kabijaksanaan Yéhuwa. Éta nu dibutuhkeun pisan ku jalma-jalma supaya bisa hirup langgeng. Urang pasti bungah pisan mun aya nu daék narima publikasi urang. Hanjakalna, teu kabéh jalma daék narima. Aya nu teu minat kana pangajaran Alkitab, aya ogé nu nyeungseurikeun urang. Alkitab téh geus tinggaleun jaman cenah. Nu séjénna ngiritik pangajaran Alkitab. Ceuk maranéhna, jalma-jalma anu nuturkeun patokan moral ti Alkitab téh teu ngahargaan batur jeung ngarasa diri nu paling bener. Sanajan kitu, Yéhuwa terus méré kabijaksanaan nu sajati ka kabéh jalma. Kumaha carana?

2. Di mana urang bisa meunangkeun kabijaksanaan nu sajati, jeung kumaha sikep kalolobaan jalma?

2 Salah sahiji cara Yéhuwa méré kabijaksanaan téh nyaéta ku Firman-Na, Alkitab. Buku ieu bisa dibaca ku ampir kabéh jalma. Kumaha jeung publikasi nu dumasar Alkitab? Ku berkah Yéhuwa, publikasi urang ayeuna geus aya dina leuwih ti 1.000 basa. Saha waé nu ngadéngékeun, maksudna nu maca jeung ngalarapkeunana, bakal meunang mangpaat. Tapi, loba jalma embung ngadéngékeun kabijaksanaan ti Yéhuwa. Maranéhna kalah ka ngandelkeun diri sorangan atawa ngadéngékeun pandangan batur. Malahan, maranéhna gé nyapirakeun urang lantaran urang nuturkeun prinsip ti Alkitab. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon jalma-jalma jadi siga kitu. Tapi mimitina, urang bahas heula kumaha carana meunangkeun kabijaksanaan ti Yéhuwa.

BIJAKSANA LAMUN BOGA PAMAHAMAN NGEUNAAN YÉHUWA

3. Naon nu perlu dilakukeun supaya urang boga kabijaksanaan nu sajati?

3 Kabijaksanaan téh bisa ngamaksudkeun kasanggupan pikeun ngagunakeun informasi anu dipiboga ngarah bisa nyieun putusan-putusan anu alus. Tapi, kabijaksanaan nu sajati téh teu ngan éta hungkul. Ceuk Alkitab, ”Pikeun jadi bijaksana, kudu boga rasa hormat jeung sieun ku PANGERAN. Nyaho ka Nu Maha Suci, baris meunang ngarti.” (Sil. 9:10) Ku kituna, waktu rék nyieun putusan penting, urang kudu ”nyaho ka Nu Maha Suci”. Maksudna, urang kudu mikirkeun, kira-kira kumaha pandangan Yéhuwa kana hal éta. Kumaha carana? Ku cara mariksa Alkitab jeung publikasi-publikasi dumasar Alkitab. Mun éta dilakukeun, urang nunjukkeun yén urang téh boga kabijaksanaan nu sajati.​—Sil. 2:5-7.

4. Ku naon ngan Yéhuwa nu bisa méré urang kabijaksanaan nu sajati?

4 Ngan Yéhuwa nu bisa méré urang kabijaksanaan nu sajati. (Rm. 16:27) Ku naon Anjeunna téh Sumber kabijaksanaan? Kahiji, Yéhuwa téh Nu Nyipta, jadi Anjeunna paham kana sagala hal ngeunaan ciptaana-Na. (Jab. 104:24) Kadua, kabéh tindakan Yéhuwa téh ngabuktikeun Anjeunna bijaksana. (Rm. 11:33) Katilu, naséhat ti Yéhuwa téh pasti aya mangpaatna keur kabéh nu nuturkeunana. (Sil. 2:10-12) Lamun urang hayang meunangkeun kabijaksanaan nu sajati, urang kudu yakin heula kana hal-hal éta. Ku kituna, urang bisa nyieun putusan nu hadé jeung ngalakukeun hal-hal nu bener.

5. Naon hasilna lamun jalma-jalma nolak kabijaksanaan nu sajati ti Yéhuwa?

5 Waktu ngawawar, urang osok panggih jeung jalma-jalma nu ngarasa alam téh éndah tapi teu percaya ka Nu Nyipta. Maranéhna kalah ka percaya kana évolusi. Aya ogé nu ngakuna percaya ka Allah, tapi maranéhna mikir patokan ti Yéhuwa téh geus tinggaleun jaman, jeung maranéhna hayang hirup sakarepna. Kumaha hasilna? Kaayaan dunya jadi leuwih alus teu mun jalma-jalma nuturkeun pangartina sorangan tibatan kabijaksanaan ti Allah? Naha enya maranéhna bener-bener bagja atawa meunangkeun harepan anu sajati dina mangsa ka hareup? Kaayaan dunya ayeuna téh ngabuktikeun benerna ayat ieu, ”Kawijaksanaan, uteuk encer jeung pangarti manusa, dibandingkeun jeung PANGERAN mah teu aya pisan hartina.” (Sil. 21:30) Hal ieu kuduna ngajurung urang pikeun terus ménta kabijaksanaan ti Yéhuwa. Tapi, loba nu henteu ngalakukeunana. Ku naon?

KU NAON JALMA-JALMA NOLAK KABIJAKSANAAN NU SAJATI?

6. Ceuk Siloka 1:22-25, saha waé nu embung ngadéngékeun kabijaksanaan ti Yéhuwa?

6 Loba nu embung ngadéngékeun ’hikmah nu cumeluk di jalan-jalan’. Ceuk Alkitab, aya tilu kelompok jalma nu embung ngadéngékeun kabijaksanaan ti Allah, nyaéta ”nu teu boga pangalaman”, ”tukang moyokan”, jeung ”nu barodo”. (Baca Siloka 1:22-25.) * Ayeuna, hayu urang tingali ku naon maranéhna embung ngadéngékeun kabijaksanaan ti Allah Yéhuwa jeung naon nu kudu urang lakukeun supaya teu siga maranéhna.

7. Ku naon aya nu milih pikeun tetep ”teu boga pangalaman”?

7 ”Nu teu boga pangalaman” téh nyaéta jalma-jalma anu gampang percaya kana sagala hal jeung gampang ditipu. (Sil. 14:15) Urang sering manggihan jalma-jalma siga kitu dina dines. Misalna, aya jutaan jalma anu geus disasabkeun ku pamingpin agamana atawa ku pajabat pulitik. Maranéhna reuwas pas nyaho geus dibobodo. Tapi, siga nu disebutkeun dina Siloka 1:22, aya nu milih pikeun tetep jadi jalma nu teu boga pangalaman sabab maranéhna geus kajongjonan. (Yer. 5:31) Maranéhna leuwih resep nuturkeun kahayangna sorangan jeung embung diajar Alkitab atawa nuturkeun naséhat-naséhat Alkitab. Di Quebec, Kanada, saurang awéwé nu taat pisan kana agamana ngomong kieu ka Saksi Yéhuwa nu datang, ”Nya, lamun pamingpin agama urang nyasabkeun mah, manéhna nu salah, lain urang!” Loba anu mikir siga kitu. Urang mah pasti embung dibobodo siga kitu!​—Sil. 1:32; 27:12.

8. Kumaha supaya urang bisa meunangkeun kabijaksanaan?

8 Alkitab méré naséhat, ”pikiran [urang] téh . . . kudu kawas jalma déwasa”, ulah teterusan siga jalma nu teu boga pangalaman. (1 Kor. 14:20) Pikiran urang bisa kawas jalma déwasa lamun urang ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab dina kahirupan. Engké urang bakal ngarasakeun sorangan kumaha prinsip-prinsip éta ngabantu urang nyingkahan masalah jeung nyieun putusan-putusan nu bijaksana. Tapi, urang gé kudu sering-sering mariksa putusan nu geus dijieun. Misalna, lamun urang geus diajar Alkitab jeung masamoan pikeun sababaraha waktu, meureun urang bisa mikirkeun ku naon urang can ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Terus lamun urang geus dibaptis, urang jadi leuwih tarampil teu dina ngawawar jeung ngajar batur? Salila ieu, putusan-putusan urang téh dumasar kana prinsip Alkitab teu? Waktu keur urusan jeung batur, urang némbongkeun sipat-sipat Kristen teu? Lamun aya nu perlu dirobah, urang kudu merhatikeun panginget ti Yéhuwa sabab éta ”mere hikmah ka anu tuna harti”.​—Jab. 19:8.

9. Kumaha ”tukang moyokan” nunjukkeun yén maranéhna embung ngadéngékeun kabijaksanaan ti Yéhuwa?

9 Kelompok kadua nu embung ngadéngékeun kabijaksanaan ti Yéhuwa téh nyaéta jalma-jalma ”tukang moyokan”. Sakapeung, urang sok manggihan jalma-jalma siga kieu waktu ngawawar. Maranéhna resep moyokan batur. (Jab. 123:4) Alkitab ngingetan yén dina ahir jaman, bakal loba nu sok ngaléléwé. (2 Pét. 3:3, 4) Siga para minantuna Elut, sababaraha jalma dina jaman ayeuna téh teu daék ngadéngékeun paringetan ti Yéhuwa. (Kaj. 19:14) Loba nu nuturkeun ”kahayangna sorangan nu jahat” jeung nyeungseurikeun jalma-jalma nu nuturkeun prinsip Alkitab. (Yud. 7, 17, 18) Sikep tukang moyokan ieu téh cocog jeung sikep jalma-jalma murtad sarta jalma-jalma nu nolak Yéhuwa.

10. Siga nu disebutkeun dina Jabur 1:1, kumaha supaya urang teu jadi tukang moyokan?

10 Kumaha supaya urang teu jadi tukang moyokan? Salah sahiji carana nyaéta ulah gaul jeung jalma-jalma anu sok kukulutus. (Baca Jabur 1:1.) Jadi, urang moal ngadéngékeun atawa maca naon waé nu asalna ti jalma murtad. Urang nyaho lamun teu ati-ati, urang gampang kabawakeun. Engké urang jadi osok ngiritik batur, atawa urang jadi teu yakin ka Yéhuwa jeung kana pituduh ti organisasi-Na. Supaya teu kitu, urang bisa mikirkeun, ’Lamun aya pituduh atawa pamahaman anu anyar, abdi osok protés teu? Abdi osok néang-néang kasalahan sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab teu?’ Lamun urang geura miceun sipat-sipat goréng éta, Yéhuwa bakal mikanyaah urang.​—Sil. 3:34, 35.

11. Kumaha pandangan nu barodo ngeunaan patokan moral ti Yéhuwa?

11 Kelompok katilu nu embung ngadéngékeun kabijaksanaan ti Yéhuwa téh nyaéta ”nu barodo”. Maranéhna téh disebut bodo ku lantaran nolak patokan moral ti Yéhuwa. Maranéhna sok ngarasa bener baé. (Sil. 12:15) Jalma-jalma siga kitu téh nolak Yéhuwa, Sumber kabijaksanaan. (Jab. 53:2) Waktu urang panggih jeung maranéhna dina pangwawaran, maranéhna téh sok ngiritik urang lantaran urang nuturkeun prinsip Alkitab. Tapi bisana téh ngan ngiritik baé, teu bisa méré naséhat nu leuwih alus tibatan naséhat Alkitab. Alkitab nyebutkeun, ”Nu bodo mah moal ngartieun kana omongan nu jarero eusina. Jadi lamun dibawa badami perkara penting teh ngan ukur bisa ngabetem.” (Sil. 24:7) Maranéhna teu bisa méré saran nu bijaksana. Éta sababna, Yéhuwa nitah urang ’ngajauhan bae’ nu barodo!​—Sil. 14:7.

12. Kumaha supaya urang teu jadi jalma bodo?

12 Urang mah béda jeung jalma-jalma anu ngéwa kana naséhat-naséhat ti Allah. Urang resep diajar cara pikir Allah, kaasup patokan-patokan moral ti Anjeunna. Urang bisa beuki resep kana hal éta lamun urang ngabandingkeun kumaha kahirupan jalma-jalma nu taat jeung nu teu taat ka Allah. Tingali masalah naon waé anu disanghareupan ku jalma-jalma nu embung nuturkeun naséhat-naséhat nu bijaksana ti Yéhuwa. Terus, pikirkeun sakumaha hadéna kahirupan Sadérék ku lantaran Sadérék taat ka Allah.​—Jab. 32:8, 10.

13. Yéhuwa maksa urang pikeun narima naséhat ti Anjeunna teu?

13 Yéhuwa téh daék méré kabijaksanaana-Na ka kabéh jalma. Tapi, Anjeunna teu pernah maksa sasaha pikeun narimana. Najan kitu, Yéhuwa ngajelaskeun naon balukarna lamun jalma-jalma teu daék nuturkeun naséhat nu bijaksana ti Anjeunna. (Sil. 1:29-32) Jalma-jalma siga kitu téh bakal ”malindes ka diri, temahna jadi nyiksa ka sorangan”. Cara hirup maranéhna téh mawa kasusah sarta kasangsaraan, jeung tungtungna Yéhuwa gé bakal ngamusnakeun maranéhna. Sabalikna, jalma-jalma nu daék nuturkeun naséhat nu bijaksana ti Yéhuwa jeung ngalarapkeunana mah bakal meunang berkah. ”Sing saha anu ngagugu ka kami, hirupna tangtu rahayu, salamet tur euweuh pikaleuwangeun.”​—Sil. 1:33.

MANGPAATNA KABIJAKSANAAN SAJATI

Mun aktif di pasamoan, urang bakal beuki akrab jeung Yéhuwa (Tingali paragrap 15)

14-15. Urang meunang palajaran naon tina Siloka 4:23?

14 Urang bakal meunang mangpaat lamun nuturkeun naséhat nu bijaksana ti Allah. Siga nu geus dibahas, Yéhuwa hayang kabéh jalma bisa meunangkeun naséhat nu bijaksana ieu. Contona, dina kitab Siloka, Yéhuwa méré naséhat nu masih kénéh mangpaat nepi ka jaman urang. Hayu urang bahas opat conto naséhat nu bijaksana éta.

15 Jaga haté urang. Alkitab nyebutkeun, ”Tina sagala hal nu kudu dijaga, pangpangna mah jaga haté hidep, lantaran éta nu nangtukeun hirup hidep.” (Sil. 23:4, 5, Terjemahan Dunia Baru) Pék pikirkeun naon nu kudu urang lakukeun supaya jantung urang séhat. Urang kudu ngadahar dahareun nu séhat, rutin olahraga, sarta eureun tina kabiasaan nu ngaruksak awak. Kitu ogé, urang kudu ngajaga jantung kiasan urang, nyaéta haté urang, ngarah tetep séhat. Jadi, unggal poéna urang kudu ngadahar dahareun rohani, nyaéta ku cara maca Firman Allah. Urang gé kudu nyiapkeun bahan pasamoan supaya bisa hadir jeung méré koméntar. Urang kudu ngupayakeun supaya bisa tetep rutin dines. Sarta, urang gé kudu ngajauhan kabiasaan goréng nu bisa ngaruksak pikiran urang, saperti hiburan nu cabul atawa babaturan nu mawa pangaruh goréng.

Mun boga pandangan nu saimbang ngeunaan duit, urang bakal puas kana pangaboga urang (Tingali paragrap 16)

16. Ku naon naséhat dina Siloka 23:4, 5 téh alus pisan keur jaman ayeuna?

16 Kudu puas kana naon nu dipiboga. Alkitab méré naséhat, ”Ulah nyusahkeun diri tipoporose hayang beunghar. Duit mah ku sakilat ge bisa musna, siga nu ngadak-ngadak jangjangan, biur hiber kawas heulang.” (Sil. 23:4, 5) Harta banda téh gancang pisan béakna. Najan kitu, angger wéh jalma-jalma, boh nu beunghar boh nu miskin, sibuk néangan duit. Bakating ku sibuk-sibukna, maranéhna nepi ka ngorbankeun réputasi, kulawarga, sobat, malah kaséhatan sorangan gé teu dijaga. (Sil. 28:20; 1 Tim. 6:9, 10) Tapi, kabijaksanaan téh bisa ngabantu urang boga pandangan nu saimbang ngeunaan duit. Lamun bijaksana, urang moal hawek, tapi bakal puas jeung bagja.​—Pan. 7:12.

Mun mikir heula saacan ngomong, omongan urang moal nganyenyeri haté batur (Tingali paragrap 17)

17. Kumaha supaya urang bisa ngomong ”make akal budi”, siga nu disebutkeun dina Siloka 12:18?

17 Pikir heula saacan ngomong. Lamun teu ati-ati, omongan urang téh bisa nganyenyeri haté batur. Alkitab nyebutkeun, ”Omongan anu teu dipikir heula lir pedang nojos, jero ngaraheutanana. Demi omongan anu make akal budi mah jadi tamba.” (Sil. 12:18) Urang hayang ngajaga karukunan ku cara teu ngagosip ngeunaan batur. (Sil. 20:19) Supaya omongan urang bisa ngalilipur, lainna nganyenyeri, haté urang téh kudu pinuh ku pamahaman Alkitab. (Luk. 6:45) Lamun urang ngalenyepan naséhat tina Alkitab, omongan urang téh bisa siga ”seger lir cai” keur nu ngadéngéna.​—Sil. 18:4.

Mun nuturkeun pituduh ti organisasi, urang bakal beuki tarampil dina dines (Tingali paragrap 18)

18. Kumaha naséhat dina Siloka 24:6 ngabantu urang pikeun leuwih tarampil dina dines?

18 Tuturkeun pituduh ti organisasi. Alkitab méré naséhat nu bijaksana ieu, ”Beuki loba meunang nasehat, beuki pasti kawasna kana baris unggul.” (Sil. 24:6) Pikirkeun kumaha urang bisa leuwih tarampil dina ngawawar jeung ngajar batur lamun ngalarapkeun prinsip dina ayat ieu. Urang moal dines maké cara sorangan, tapi bakal nuturkeun saran-saran nu alus ti organisasi. Saran-saran éta aya dina pasamoan Kristen. Salian ti éta, organisasi Yéhuwa geus nyadiakeun pakakas dines nu alus, nyaéta publikasi jeung vidéo-vidéo nu bisa ngabantu jalma-jalma ngarti kana Alkitab. Pék cobaan maké pakakas-pakakas ieu supaya Sadérék leuwih tarampil dina dines.

19. Kumaha pandangan Sadérék kana kabijaksanaan ti Yéhuwa? (Siloka 3:13-18)

19 Baca Siloka 3:13-18. Urang pasti nganuhunkeun pisan ku lantaran dina Alkitab téh aya loba naséhat nu bijaksana. Bayangkeun kumaha jadina hirup urang mun teu aya naséhat ti Yéhuwa dina Alkitab. Dina artikel ieu, urang geus ngabahas sababaraha conto naséhat nu aya dina kitab Siloka. Nya tangtu, naséhat nu bijaksana téh teu ngan aya dina kitab Siloka hungkul, tapi dina sakabéh eusi Alkitab. Hayu urang tuturkeun naséhat ti Yéhuwa dina kahirupan urang sapopoé. Loba jalma teu ngahargaan naséhat ti Yéhuwa, tapi urang mah yakin kana kekecapan Alkitab, ”Nya bagja anu boga hikmah, hirup teh jadi milikna.”

KAWIH 36 Jaga Haté Urang

^ Kutipan ayat tina kitab Siloka dina artikel ieu dicandak tina KITAB SUCI © LAI 1991.

^ Kabijaksanaan ti Yéhuwa téh jauh leuwih unggul tibatan sagala kanyaho di dunya. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kekecapan dina kitab Siloka, nyaéta ”hikmah cumeluk ti jalan-jalan”. Urang gé bakal ngabahas kumaha carana meunangkeun kabijaksanaan nu sajati, ku naon jalma-jalma embung ngadéngékeun kabijaksanaan ti Yéhuwa, jeung naon mangpaatna lamun urang boga kabijaksanaan éta.

^ Ayat 22 (NW): ”Hé, nu teu boga pangalaman, rék nepi ka iraha maranéh siga kieu? Maranéh tukang moyokan, rék nepi ka iraha moyokan batur? Éh, nu barodo, rék nepi ka iraha maranéh ngéwa kana pangaweruh?”