Artikel Palajaran 6
Sing Terus Satia!
”Nepi ka paéh gé, urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang!”—AYUB 27:5, Terjemahan Dunia Baru (NW).
KAWIH 34 Hirup Satia Satuhu
NU DIBAHAS *
1. Kumaha tilu Saksi nu dicaritakeun dina paragrap ieu tetep satia ka Yéhuwa?
BAYANGKEUN tilu kajadian nu bisa waé kaalaman ku Saksi Yéhuwa. (1) Saurang budak awéwé jeung kabéh batur sakelasna dititah ku guruna pikeun milu ngarayakeun hari raya. Budak awéwé ieu apal acara éta téh teu kamanah ku Allah, jadi ku cara nu sopan manéhna nolak. (2) Saurang budak lalaki nu éraan keur ngawawar ti imah ka imah. Manéhna nyaho yén imah nu rék diketok téh imah batur sakolana nu pernah ngaléléwé Saksi Yéhuwa. Tapi, ku manéhna tetep didatangan. (3) Saurang lalaki getol digawé pikeun nganapkahan kulawargana. Hiji poé, dununganana ménta manéhna ngalanggar hukum atawa teu jujur. Sanajan bisa waé dipecat, manéhna ngajelaskeun yén manéhna kudu jujur jeung taat hukum lantaran éta diparéntahkeun ku Allah.—Rum 13:1-4; Ibr. 13:18.
2. Pananya naon waé nu bakal dibahas, jeung naon sababna?
2 Sipat naon nu ditingali ku Sadérék ti tilu Saksi éta? Bisa jadi aya sababaraha sipat, saperti kawani jeung kajujuran. Tapi aya hiji sipat deui nu kacida pentingna, nyaéta kasatiaan. Tiluanana satia ka Yéhuwa. Maranéhna teu daék ngalanggar papakon Allah. Kasatiaan ngajurung maranéhna ngalampahkeun éta. Yéhuwa tangtu reueus ningali maranéhna némbongkeun sipat ieu. Urang gé hayang Bapa nu di sawarga reueus ka urang. Jadi, hayu urang bahas tilu pananya ieu: Naon kasatiaan téh? Ku naon urang kudu satia? Sarta, kumaha carana nguatkeun tékad urang pikeun terus satia sanajan dina kaayaan nu sulit?
NAON KASATIAAN TÉH?
3. (a) Kumaha hamba-hamba Allah némbongkeun kasatiaan? (b) Conto naon nu némbongkeun yén lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna téh penting keur urang?
3 Kumaha hamba-hamba Allah némbongkeun kasatiaan? Ku cara némbongkeun kanyaah nu kuat jeung sapinuh haté ka Yéhuwa. Hasilna, maranéhna bakal terus ngalampahkeun sagala hal nu kamanah ku Mantenna. Perhatikeun kumaha kecap kasatiaan digunakeun dina Alkitab. Dina Alkitab, kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”kasatiaan” hartina: lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna. Misalna waktu bangsa Israil rék ngurbankeun sato ka Yéhuwa, Hukum maréntahkeun sangkan satona teu aya cacadna. * (Ima. 22:21, 22) Umat Allah teu meunang ngurbankeun sato nu sukuna buntung, ceulina sapat, pécak, atawa gering. Sato nu lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna téh dianggap penting ku Yéhuwa. (Mal. 1:6-9) Urang bisa paham ku naon ieu téh penting keur Yéhuwa. Waktu rék barang beuli, misalna buah, buku, atawa pakakas naon waé, urang embung lamun aya bagian nu buruk, bolong, atawa coplok. Urang hayang nu dibeuli ku urang téh lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna. Kitu ogé Yéhuwa. Mantenna hoyong kanyaah jeung kasatiaan urang lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna.
4. (a) Ku naon jalma nu teu sampurna bisa satia? (b) Numutkeun Jabur 103:12-14, naon nu dipiharep ku Yéhuwa ti urang?
4 Naha éta hartina urang kudu sampurna supaya bisa satia? Bisa jadi urang ngarasa loba nyieun kasalahan, malah loba cacadna. Pikirkeun dua alesan sangkan urang teu hariwang. Kahiji, Yéhuwa teu ngan saukur merhatikeun cacad urang. Firman-Na nyarios, ”Upami dosa abdi-abdi ku Gusti tetep diemutan, saha anu tiasa luput tina hukumanana?” (Jab. 130:3) Yéhuwa apal urang teu sampurna jeung boga dosa. Mantenna ogé jembar hampura. (Jab. 86:5) Kadua, Yéhuwa apal watesan urang jeung teu miharep urang ngalampahkeun hal nu di luar kasanggupan. (Baca Jabur 103:12-14.) Jadi, kumaha urang bisa lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna dina pandangan Yéhuwa?
5. Ku naon hamba Yéhuwa bisa satia lamun boga kanyaah?
5 Hamba Yéhuwa bisa satia lamun boga kanyaah. Kanyaah jeung pangabdian urang ka Bapa di sawarga kudu tetep lengkep, teu aya cacadna, atawa sagemblengna. Lamun kanyaah urang tetep siga kitu waktu diuji, éta hartina urang satia. (1 Bab. 28:9; Mat. 22:37) Pikirkeun deui tilu Saksi nu dicaritakeun di awal artikel. Ku naon maranéhna nyieun putusan kitu? Naha budak awéwé éta teu resep senang-senang di sakola, naha budak lalaki éta hayang diléléwé di hareupeun panto, atawa naha sadérék éta hayang dipecat? Tangtu henteu. Tapi, maranéhna apal Yéhuwa boga papakon nu luhur. Nu paling dipikirkeun ku maranéhna téh kumaha cara nyenangkeun Bapa di sawarga. Lantaran nyaah ka Yéhuwa, maranéhna mikirkeun heula naon kahoyong Yéhuwa saacan nyieun putusan. Maranéhna kabukti satia.
KU NAON URANG KUDU SATIA?
6. (a) Ku naon Sadérék kudu satia? (b) Kumaha Adam jeung Hawa gagal satia ka Yéhuwa?
6 Ku naon kasatiaan téh penting? Sadérék kudu satia lantaran Sétan geus nangtang Yéhuwa jeung nangtang Sadérék. Malaikat nu barontak ieu jadi Sétan, atawa ”Tukang Ngalawan”, waktu di Taman Éden. Manéhna ngaruksak nami Yéhuwa ku cara ngagambarkeun Allah téh jahat, mentingkeun diri, jeung Pangawasa nu teu jujur. Hanjakalna, Adam jeung Hawa mihak ka Sétan, tuluy barontak ka Yéhuwa. (Kaj. 3:1-6) Sabenerna waktu hirup di Éden, maranéhna boga loba pisan kasempetan pikeun nguatkeun kanyaah ka Yéhuwa. Tapi waktu maranéhna digoda ku Sétan, kabukti kanyaahna teu lengkep, cacad, atawa teu sagemblengna. Pananya séjén muncul: Naha aya manusa nu bisa tetep taat ka Allah Yéhuwa lantaran nyaah? Atawa, naha manusa bisa satia? Pananya ieu muncul dina kasus Ayub.
7. Numutkeun Ayub 1:8-11, kumaha parasaan Yéhuwa jeung Sétan ningali kasatiaan Ayub?
7 Ayub hirup basa urang Israil keur di Mesir. Euweuh manusa nu satia siga manéhna. Siga urang, manéhna téh teu sampurna jeung sok salah. Tapi, Yéhuwa nyaah ka Ayub lantaran manéhna satia. Katingalina, ti saacanna Sétan geus ngaléléwé Yéhuwa lantaran nganggap moal aya manusa nu satia. Jadi, Yéhuwa nitah Sétan ningali Ayub. Tina cara hirupna, Ayub ngabuktikeun yén tuduhan Sétan téh salah! Sétan ménta kasatiaan Ayub diuji. Yéhuwa yakin ka Ayub, Ayub 1:8-11.
sobat-Na. Jadi, Mantenna ngidinan Sétan nguji Ayub.—Baca8. Kumaha Sétan nyerang Ayub?
8 Sétan téh tukang maéhan jeung kejem. Manéhna ngajabel sakabéh pangaboga Ayub, maéhan bujang-bujangna, jeung ngaruksak ngaran Ayub. Manéhna nyerang kulawarga Ayub, maéhan sapuluh barudakna. Tuluy, Ayub dijieun gering, diterapan ku bisul nu pareurih saawak-awak, ti sirah nepi ka suku. Pamajikan Ayub gé sedih pisan jeung aral, matakna manéhna nitah Ayub nyerah, nyumpahan Allah, jeung paéh. Ayub gé hayang paéh, tapi manéhna tetep satia. Tuluy, Sétan maké cara séjén pikeun nyerang Ayub, nyaéta ngagunakeun tilu babaturan Ayub. Maranéhna nganjangan Ayub pikeun sababaraha poé. Tapi lainna ngalilipur, maranéhna kalah ka mapatahan jeung ngiritik Ayub bébéakan. Maranéhna ngomong yén Allah nu nyababkeun sagala masalah Ayub jeung Allah gé teu paduli manéhna rék satia atawa henteu. Malah maranéhna ngomong Ayub meunang loba kasusah téh lantaran doraka ka Allah!—Ayub 1:13-22; 2:7-11; 15:4, 5; 22:3-6; 25:4-6.
9. Sanajan meunang loba kasusah, naon nu teu dilakukeun ku Ayub?
9 Kumaha réaksi Ayub? Manéhna teu sampurna, jadi manéhna ambek ka tilu sobat palsuna jeung ngomongna sagawayah. Manéhna gé leuwih sumanget ngabéla dirina ti batan ngabéla Allah. (Ayub 6:3; 13:4, 5; 32:2; 34:5) Tapi, dina kaayaan nu sakitu parahna gé Ayub embung ngalawan Allah Yéhuwa. Manéhna teu percaya kana kabohongan tilu sobat palsuna. Ceuk Ayub, ”Teu kapikir ku urang rék ngaenyakeun yén maranéh téh bener. Nepi ka paéh gé, urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang!” (Ayub 27:5, NW) Kekecapan ieu bukti yén Ayub boga tékad pikeun tetep satia teu sual kumaha kaayaanana. Ayub embung nyerah, urang gé bisa siga kitu.
10. Kumaha Sétan nuduh Sadérék siga nuduh Ayub?
10 Kumaha Sétan nuduh Sadérék siga nuduh Ayub? Manéhna saolah-olah ngomong yén Sadérék teu bener-bener nyaah ka Allah Yéhuwa, Sadérék bakal eureun ngawula Mantenna demi nyalametkeun diri, jeung Sadérék moal bakal terus satia! (Ayub 2:4, 5; Wahyu 12:10) Kumaha parasaan Sadérék? Naha Sadérék nyeri haté? Tapi, coba pikirkeun ieu: Yéhuwa ngidinan Sétan nguji kasatiaan Sadérék. Mantenna percaya jeung méré kasempetan ka Sadérék pikeun tetep satia jeung ngabuktikeun yén Sétan téh bohong. Mantenna yakin Sadérék bisa tetep satia sarta jangji bakal ngabantu Sadérék. (Ibr. 13:6) Bisa dipercaya ku Pangawasa jagat raya téh hak nu istiméwa! Jadi, ku naon kasatiaan téh penting? Lamun satia, urang bisa nampik kabohongan Sétan, ngajungjung nami Bapa urang, jeung ngadukung cara-Na ngawasa. Kumaha urang bisa ngamekarkeun kasatiaan?
KIWARI, KUMAHA URANG BISA TETEP SATIA?
11. Urang bisa diajar naon ti Ayub?
11 Serangan Sétan dina ”ahir jaman” ieu jadi leuwih parah. (2 Tim. 3:1) Dina mangsa nu susah ieu, kumaha urang bisa nguatkeun tékad urang pikeun tetep satia? Urang bisa loba diajar ti Ayub. Jauh saacan diuji, Ayub terus némbongkeun kasatiaan. Sangkan urang boga tékad nu kuat pikeun tetep satia, perhatikeun tilu hal nu dilakukeun Ayub.
12. (a) Numutkeun Ayub 26:7, 8, 14, kumaha Ayub mekarkeun rasa tajub jeung hormat ka Yéhuwa? (b) Kumaha urang bisa minuhan haté urang ku rasa tajub ka Yéhuwa?
12 Ayub nguatkeun kanyaahna ka Allah ku cara mekarkeun rasa tajub ka Yéhuwa. Ayub nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan ciciptaan Yéhuwa nu éndah. (Baca Ayub 26:7, 8, 14.) Manéhna kacida tajubna waktu mikirkeun bumi, langit, méga, jeung guludug. Manéhna ogé ngahargaan pisan kekecapan Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”[Kuring] salawasna nurut kana timbalana-Na.” (Ayub 23:12) Ayub tajub jeung hormat pisan ka Yéhuwa. Manéhna jadi nyaah jeung hayang kamanah ku Mantenna. Hasilna, tékad Ayub pikeun tetep satia jadi beuki kuat. Urang gé kudu siga Ayub. Kiwari, urang nyaho leuwih loba ngeunaan ciciptaan ti batan jalma-jalma di jaman Ayub. Urang gé boga Alkitab lengkep nu ngabantu urang leuwih wanoh ka Yéhuwa. Kabéh hal-hal éta ngalantarankeun haté urang pinuh ku rasa tajub. Lantaran tajub jeung hormat ka Yéhuwa, urang jadi kageuing pikeun nyaah jeung taat ka Mantenna. Tékad urang pikeun terus satia gé jadi beuki kuat.—Ayub 28:28.
13-14. (a) Numutkeun Ayub 31:1, kumaha Ayub némbongkeun kataatan? (b) Kumaha urang bisa nyonto tuladan Ayub?
13 Ayub nguatkeun tékadna pikeun tetep satia ku cara taat dina sagala hal. Ayub apal sangkan bisa satia manéhna kudu taat ka Yéhuwa. Sabenerna unggal urang taat, tékad urang pikeun tetep satia jadi beuki kuat. Ayub satékah polah taat ka Allah dina kahirupan sapopoé. Misalna, manéhna ngajaga kalakuanana ka awéwé. (Baca Ayub 31:1.) Sabagé salaki, Ayub apal yén némbongkeun minat romantis ka jalma nu lain batur hirup téh salah. Kiwari, gogoda séksual téh loba pisan. Siga Ayub, naha urang gé henteu némbongkeun minat romantis ka jalma nu lain batur hirup? Naha urang nyingkahan gambar cabul atawa porno di mana waé? (Mat. 5:28, Sunda Formal) Lamun urang satékah polah ngadalikeun diri unggal poé, tékad urang pikeun tetep satia bakal beuki kuat.
14 Kataatan Ayub ogé katémbong tina cara pandangna kana harta banda. Ayub ngarti lamun manéhna ngandelkeun harta banda, manéhna bisa kajurung pikeun ngalampahkeun dosa jeung bakal dihukum. (Ayub 31:24, 25, 28) Kiwari, urang hirup di dunya nu mata duitan. Lamun urang boga pandangan nu bener kana duit jeung harta banda, luyu jeung pituduh Alkitab, tékad urang pikeun tetep satia bakal beuki kuat.—Sil. 30:8, 9; Mat. 6:19-21.
15. (a) Naon nu dipikirkeun ku Ayub pikeun tetep satia? (b) Kumaha mikirkeun éta ogé bisa ngabantu urang?
15 Ayub tetep satia ku cara mikirkeun ganjaran nu bakal dipasihkeun ku Allah. Manéhna yakin Allah merhatikeun kasatiaanana. (Ayub 31:6) Sanajan loba kasusah, Ayub yakin Yéhuwa bakal ngaganjar manéhna. Lantaran yakin, manéhna bisa tetep satia. Yéhuwa bungah ningali kasatiaan Ayub nepi ka masihan ganjaran nu gedé waktu manéhna masih can sampurna! (Ayub 42:12-17; Yak. 5:11) Dina mangsa kahareup, Ayub bakal meunang ganjaran nu leuwih gedé deui. Naha Sadérék yakin pisan Yéhuwa bakal ngaganjar kasatiaan Sadérék? Allah urang tara barobah. (Mal. 3:6) Lamun inget Allah ngahargaan kasatiaan urang, urang bakal tetep satia jeung yakin mangsa kahareup urang pasti éndah.—1 Tes. 5:8, 9.
16. Naon tékad urang?
16 Jadi, sing boga tékad pikeun tetep satia! Sakapeung, bisa jadi Sadérék ngarasa di sakurilingeun Sadérék teu aya nu ngajaga kasatiaan, tapi Sadérék teu sorangan. Sadérék aya di antara jutaan jalma di sakuliah dunya nu ngajaga kasatiaanana. Sadérék ogé bakal kaasup dina barisan jalma-jalma nu ngajaga kasatiaanana di jaman baheula sanajan kudu maot. (Ibr. 11:36-38; 12:1) Mugia urang sadaya boga tékad pikeun hirup luyu jeung kekecapan Ayub, ”Urang moal nyingkirkeun kasatiaan urang!” Sarta mugia kasatiaan urang ngamulyakeun Yéhuwa salawasna!
KAWIH 124 Terus Satia
^ par. 5 Naon kasatiaan téh? Ku naon Yéhuwa ngahargaan sipat ieu ti hamba-hamba-Na? Ku naon urang kabéh kudu terus satia? Artikel ieu bakal ngabahas jawaban Alkitab pikeun pananya-pananya éta. Artikel ieu gé bakal ngajelaskeun kumaha carana nguatkeun tékad urang pikeun terus satia unggal poé. Urang bakal meunang loba berkah lamun ngalampahkeunana.
^ par. 3 Kecap Ibrani nu ditarjamahkeun ”teu aya cacadna” keur sato aya hubunganana jeung kecap ”kasatiaan” keur manusa.
^ par. 50 KATERANGAN GAMBAR: Ayub nu ngora kénéh ngajar barudakna ngeunaan ciciptaan Yéhuwa nu éndah.
^ par. 52 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nampik ajakan batur gawéna pikeun ningalian pornografi;
^ par. 54 KATERANGAN GAMBAR: manéhna embungeun waktu ditawaran meuli TV nu leuwih gedé jeung leuwih mahal lantaran teu butuh jeung teu kabeuli;
^ par. 56 KATERANGAN GAMBAR: sarta manéhna ngalenyepan harepan Pirdaus jeung ngadoakeunana.