Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 7

Urang Kacida Nyaahna ka Yéhuwa, Bapa Urang

Urang Kacida Nyaahna ka Yéhuwa, Bapa Urang

”Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.”​—1 YOH. 4:19.

KAWIH 3 Harepan tur Kakuatan Abdi

NU DIBAHAS *

1-2. Ku naon Yéhuwa masihan kasempetan sangkan urang bisa jadi anggota kulawarga-Na, jeung kumaha carana?

YÉHUWA ngondang urang pikeun ngagabung jeung kulawarga nu ibadah ka Mantenna. Ieu téh ondangan nu luar biasa! Nu jadi anggota kulawarga urang téh nyaéta jalma-jalma nu geus ngabaktikeun diri ka Allah jeung nu boga iman kana korban tebusan Putra-Na. Kulawarga urang téh kulawarga nu bagja. Hirup urang ayeuna téh sugema, jeung urang boga harepan pikeun hirup langgeng, di sawarga atawa di Pirdaus di bumi.

2 Yéhuwa masihan kasempetan sangkan urang bisa jadi anggota kulawarga-Na téh lantaran Mantenna nyaah pisan ka urang. Tapi, Yéhuwa kudu nyieun pangorbanan nu gedé. (Yoh. 3:16) Urang ”geus digaleuh” ku harga nu mahal. (1 Kor. 6:20) Ku ayana korban tebusan, urang bisa jadi sobatna Yéhuwa. Urang boga kahormatan pikeun nyebut Bapa ka Pribadi nu Mahakawasa sajagat raya. Jeung saperti nu geus dibahas saacanna, Yéhuwa téh Bapa nu panghadéna.

3. Waktu mikirkeun sakabéh kasaéan Yéhuwa, pananya naon waé nu bisa jadi kapikir ku urang? (Tingali kotak ” Naha Abdi Diperhatikeun ku Yéhuwa?”)

3 Siga salah sahiji nu nulis Alkitab, urang bisa waé mikir, ”Naon atuh pamulang kaula ka PANGERAN kana sagala kasaeana-Na ka kaula?” (Jab. 116:12) Jawabanana, kasaéan Bapa Yéhuwa moal pernah kabayar. Tapi, urang kajurung pikeun mikanyaah Mantenna. Rasul Yohanes nulis, ”Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.” (1 Yoh. 4:19) Kumaha carana némbongkeun kanyaah ka Bapa urang di sawarga?

TETEP RAKET JEUNG YÉHUWA

Urang bisa némbongkeun yén urang nyaah pisan ka Bapa Yéhuwa ku cara terus ngadoa, taat ka Mantenna, jeung ngabantu batur mikanyaah Mantenna (Tingali paragrap 4-14)

4. Numutkeun Yakobus 4:8, upaya naon nu kudu dilakukeun ku urang pikeun ngaraket ka Yéhuwa?

4 Yéhuwa hoyong urang ngaraket sarta sering komunikasi jeung Mantenna. (Baca Yakobus 4:8) Mantenna ngajurung urang ”rajin neneda”, Mantenna gé bakal terus siap ngadangukeun doa urang. (Rum 12:12) Mantenna moal sibuk teuing atawa bosen ngadangukeun urang. Sabalikna, urang ngadangukeun Mantenna ku cara maca Firman-Na, Alkitab, sarta publikasi nu ngabantu urang paham kana Alkitab. Urang gé ngadangukeun Mantenna ku cara bener-bener merhatikeun acara pasamoan. Siga budak jeung kolotna nu bisa tetep akrab lamun sering ngobrol, urang gé bisa tetep raket jeung Yéhuwa lamun rutin komunikasi jeung Mantenna.

Tingali paragrap 5

5. Kumaha carana supaya doa urang leuwih alus?

5 Pikirkeun siga kumaha doa urang. Yéhuwa hoyong urang ngabudalkeun eusi haté urang dina doa. (Jab. 62:9) Urang kudu mikirkeun pananya ieu: ’Naha eusi doa abdi ngan siga kartu ucapan nu dicitak, atawa sapinuh haté siga surat nu ditulis ku sorangan?’ Tangtu, Sadérék nyaah pisan ka Yéhuwa sarta hayang sosobatan Sadérék jeung Mantenna tetep kuat. Supaya bisa kitu, Sadérék kudu rutin komunikasi jeung Mantenna. Caritakeun sagala parasaan Sadérék. Ungkabkeun kabungah jeung kasedih Sadérék. Tong asa-asa ménta tulung ka Mantenna.

6. Urang kudu kumaha sangkan tetep raket jeung Bapa urang di sawarga?

6 Sangkan tetep raket jeung Bapa urang di sawarga, urang kudu terus boga rasa sukur. Urang satuju jeung nu nulis jabur, ”Kalintang seueurna nu ku Gusti dipidamel pikeun abdi-abdi, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya. Teu aya deui nu sapertos Gusti! Gusti parantos seueur midamel nu araheng ku karana abdi-abdi. Abdi parantos teu tiasa nyebatkeun bilanganana, ku seueur-seueurna.” (Jab. 40:6) Ulah ngan saukur dirasakeun, tapi ungkabkeun rasa sukur ka Yéhuwa dina ucap jeung lampah. Ieu nu ngabédakeun urang ti kalolobaan jalma kiwari, nu teu ngahargaan sagala hal nu geus dipasihan ku Allah. Sabenerna, salah sahiji tanda urang hirup ”dina ahir jaman” téh nyaéta jalma-jalmana taya panarima. (2 Tim. 3:1, 2) Urang mah embung jadi jalma siga kitu!

7. Naon nu dipiharep ku Yéhuwa ti urang, jeung naon sababna?

7 Kolot teu resep lamun barudakna paraséa, tapi hayang maranéhna alakur. Kitu ogé, Yéhuwa hoyong kabéh barudak-Na alakur. Malah, silih pikanyaah téh ciri urang Kristen sajati. (Yoh. 13:35) Urang satuju jeung nu nulis jabur, ”Mana teuing hadena jeung senangna, lamun umat Allah runtut-raut hirupna!” (Jab. 133:1) Lamun urang mikanyaah dulur-dulur saiman, éta téh bukti urang nyaah ka Yéhuwa. (1 Yoh. 4:20) Kacida bungahna urang jadi bagian ti kulawarga nu anggotana téh pada ”sareh, alus budi”!​—Epe. 4:32.

TÉMBONGKEUN KANYAAH KU CARA TAAT

Tingali paragrap 8

8. Numutkeun 1 Yohanes 5:3, naon alesan utama urang taat ka Yéhuwa?

8 Yéhuwa hoyong barudak taat ka kolotna. Yéhuwa gé ngarepkeun urang taat ka Mantenna. (Epe. 6:1) Urang geus sapantesna taat ka Yéhuwa lantaran Mantenna téh Nu Nyipta, Nu nyumponan pangabutuh hirup, jeung Bapa nu pangbijaksanana. Tapi, alesan utama urang taat téh lantaran urang nyaah ka Mantenna. (Baca 1 Yohanes 5:3.) Sanajan urang boga loba alesan pikeun taat ka Yéhuwa, Mantenna moal maksa urang. Yéhuwa masihan kabébasan milih, jadi Mantenna bungah lamun urang milih taat ka Yéhuwa lantaran mikanyaah Mantenna.

9-10. Ku naon urang kudu paham jeung ngajalankeun aturan ti Allah?

9 Kolot hayang barudakna aman. Éta sababna, kolot nyieun aturan nu ngalindungan barudakna. Lamun budakna taat kana aturan éta, éta bukti budakna percaya jeung hormat ka kolotna. Jadi tangtu leuwih penting lamun urang paham jeung ngajalankeun aturan ti Bapa urang nu di sawarga. Éta ngabuktikeun urang nyaah jeung hormat ka Yéhuwa. Urang sorangan gé ngarasakeun mangpaatna. (Yes. 48:17, 18) Sabalikna, jalma nu nampik aturan Yéhuwa mah ngarugikeun dirina sorangan.​—Gal. 6:7, 8.

10 Lamun urang ngajalankeun kahirupan nu kamanah ku Yéhuwa, urang dilindungan tina hal-hal nu ngaruksak awak, nu matak sedih, sarta nu ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa. Yéhuwa apal nu panghadéna keur urang. Aurora ti Amerika Serikat nyebutkeun, ”Lamun taat ka Yéhuwa, hirup abdi jadi leuwih bagja.” Éta téh bener pisan. Mangpaat naon waé nu geus dirasakeun ku Sadérék lantaran taat kana aturan ti Yéhuwa nu nyaahan?

11. Kumaha doa bisa ngabantu urang?

11 Doa bisa ngabantu lamun urang ngarasa hésé taat ka Yéhuwa. Sakapeung taat ka Yéhuwa téh teu gampang lantaran urang boga dosa. Tapi, urang kudu terus ngalawan kahayang nu salah. Nu nulis jabur mundut ka Allah, ”Paparin kadaek nurut ka Gusti.” (Jab. 51:14) Denise, saurang panaratas biasa, nyebutkeun, ”Lamun abdi hésé taat kana salah sahiji paréntah Yéhuwa, abdi ngadoa sangkan dibéré kakuatan pikeun ngalakukeunana.” Urang yakin, Yéhuwa bakal ngajawab paménta saperti kitu.​—Luk. 11:9-13.

BANTU BATUR MIKANYAAH BAPA URANG

12. Numutkeun Epesus 5:1, naon nu kudu dilakukeun ku urang?

12 Baca Epesus 5:1. Salaku ’putra nu dipikaasih’ ku Yéhuwa, urang sabisa-bisa nyonto Mantenna. Urang nyonto sipat-sipat-Na nu nyaahan, bageur, jeung réla ngahampura kasalahan batur. Waktu ningali laku lampah urang nu hadé, jalma-jalma nu can kenal ka Allah bisa kajurung pikeun diajar ngeunaan Mantenna. (1 Pet. 2:12) Indung bapa kudu nyonto Yéhuwa dina ngurus barudak. Lamun éta dilakukeun, barudak bisa jadi hayang nyobat jeung Bapa Yéhuwa.

Tingali paragrap 13

13. Naon nu kudu terus dipikirkeun ku urang sangkan wani?

13 Biasana, budak leutik reueus jeung resep nyaritakeun ngeunaan bapana. Kitu ogé, urang reueus ka Bapa Yéhuwa di sawarga jeung hoyong nyaritakeun ngeunaan Mantenna ka batur. Ti jero haté, parasaan urang sarua jeung Raja Daud nu nulis, ”Seja muji sugri padamelana-Na.” (Jab. 34:3) Tapi, kumaha lamun urang éraan? Kumaha urang bisa wani? Urang bakal leuwih wani lamun terus mikirkeun sakumaha bagjana Yéhuwa waktu urang nyaritakeun ngeunaan Mantenna jeung mikirkeun sakumaha gedé mangpaatna keur batur. Yéhuwa bakal masihan kawani. Mantenna tos ngabantu dulur-dulur saiman dina abad kahiji jadi wani, urang gé pasti dibantu.​—1 Tes. 2:2.

14. Ku naon ngawawar téh penting?

14 Yéhuwa teu ngabéda-béda. Mantenna bungah lamun urang némbongkeun kanyaah ka sakabéh jalma, teu sual kasang tukangna. (Ras. 10:34, 35) Salah sahiji cara némbongkeun kanyaah ka batur téh nyaéta nyaritakeun warta hadé ka maranéhna. (Mat. 28:19, 20) Naon hasilna? Jalma nu narima warta urang, hirupna bisa leuwih hadé jeung dina mangsa kahareup, bisa meunangkeun hirup langgeng.​—1 Tim. 4:16.

PIKANYAAH BAPA URANG SANGKAN BAGJA

15-16. Naon waé alesanana urang bagja?

15 Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan, jadi Mantenna hoyong kulawarga-Na bagja. (Yes. 65:14) Ti ayeuna kénéh gé, loba alesan pikeun ngarasa bagja sanajan aya kasusah. Misalna, urang yakin yén Bapa urang di sawarga téh nyaah pisan ka urang. Urang boga pamahaman nu akurat ngeunaan Firman Allah, Alkitab. (Yer. 15:16) Urang gé jadi bagian ti kulawarga bagja nu mikanyaah Yéhuwa, nu silih pikanyaah, jeung resep ngajalankeun hukum-hukum-Na.​—Jab. 106:4, 5.

16 Urang bisa terus bagja lantaran urang yakin yén dina mangsa kahareup, hirup urang bakal leuwih hadé. Urang apal, moal lila deui Yéhuwa bakal nyingkirkeun kabéh kajahatan. Liwat Karajaana-Na, Yéhuwa bakal mulihkeun sakuliah bumi jadi Pirdaus. Urang gé boga harepan nu éndah yén jalma-jalma nu geus maot bakal dihirupkeun deui sarta bakal ngumpul deui jeung urang. (Yoh. 5:28, 29) Kacida bungahna engké! Jeung nu pangpentingna, urang yakin sakeudeung deui kabéh nu di sawarga jeung di bumi bakal méré kahormatan, pujian, jeung bisa ibadah ka Bapa urang nu dipikanyaah.

KAWIH 12 Yéhuwa Nu Maha Agung

^ par. 5 Urang apal Bapa Yéhuwa téh kacida nyaahna ka urang jeung ngajadikeun urang kulawarga-Na nu ibadah ka Mantenna. Urang jadi kajurung pikeun mikanyaah Mantenna. Kumaha urang bisa ngungkabkeun kanyaah ka Bapa urang? Artikel ieu bakal méré nyaho sababaraha carana.