Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ku Karana Soméah!

Ku Karana Soméah!

AYA dua mojang nu keur leumpang di daérah bisnis di kota Baguio, Filipina. Maranéhna ningali, aya nu keur méré kasaksian di tempat umum maké rak roda. Harita, nu keur jaga rak téh Sadérék Helen. Manéhna seuri mani soméah ka dua mojang éta. Maranéhna resepeun, tapi terus wé leumpang, teu nyampeurkeun.

Geus kitu, dua mojang éta balik naek beus. Waktu di jalan, maranéhna ningali aya lambang jw.org nu gedé di Balé Karajaan. Maranéhna inget, éta téh tulisan nu sarua jiga nu aya dina rak roda. Jadi maranéhna turun tina beus, terus ningali sababaraha jadwal pasamoan nu dipasang di lawang Balé Karajaan.

Maranéhna datang ka salah sahiji pasamoan. Waktu asup ka Balé Karajaan, maranéhna reuwas lantaran ningali Helen! Maranéhna langsung inget, Helen téh awéwé nu soméah téa. Helen nyarita, ”Waktu maranéhna nyampeurkeun, abdi rada deg-degan, bisi abdi boga salah ka maranéhna.” Dua mojang éta nyarita, maranéhna ningali Helen waktu keur méré kasaksian di tempat umum.

Maranéhna resep milu masamoan sarta gaul jeung dulur-dulur saiman. Malah waktu ningali dulur-dulur saiman bebersih Balé Karajaan sanggeus pasamoan, maranéhna gé hayang milu bebersih. Ka dieunakeun, salah sahiji ti dua mojang éta pindah ka luar nagri. Tapi, nu hijina deui mah ayeuna geus mulai datang ka pasamoan sarta diajar Alkitab. Éta kabéh bisa kajadian, ku karana soméah!