Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 6

’Salaki téh Sirah Pamajikan’

’Salaki téh Sirah Pamajikan’

’Salaki téh sirah pamajikan.’​—1 KOR. 11:3.

KAWIH 13 Kristus Tuladan Urang

NU DIBAHAS *

1. Saacan nikah, pananya naon waé nu kudu dipikirkeun ku sadérék istri?

KABÉH urang Kristen boga kapala nu sampurna, nyaéta Yésus Kristus. Tapi sanggeus nikah, saurang wanita Kristen kudu tunduk ka salakina nu teu sampurna. Éta bisa jadi teu gampang. Ku kituna saacan nikah, sadérék istri kudu mikirkeun pananya-pananya, saperti: ’Naon nu nunjukkeun yén sadérék ieu bakal jadi kapala kulawarga nu hadé? Na manéhna ngutamakeun hal rohani? Lamun henteu, na engké manéhna bisa ngabingbing abdi sacara rohani sanggeus nikah?’ Tapi salian mikirkeun hal-hal éta, manéhna gé kudu mariksa: ’Abdi boga sipat-sipat alus naon waé nu bakal aya mangpaatna pikeun perkawinan? Na abdi sabar jeung teu pedit? Na abdi deukeut jeung Yéhuwa?’ (Pan. 4:9, 12) Lamun sadérék istri mikirkeun pananya-pananya tadi saacan nikah, perkawinanana bisa suksés jeung bagja.

2. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

2 Jutaan sadérék istri tunduk ka salakina. Maranéhna téh picontoeun pisan! Urang pasti resep ngawula Yéhuwa bareng jeung maranéhna. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu pananya: (1) Tangtangan naon waé nu bisa jadi disanghareupan ku para pamajikan? (2) Ku naon pamajikan réla tunduk ka salakina? (3) Salaki pamajikan bisa diajar naon tina tuladan Yésus, Abigail, jeung Mariam pamajikanana Yusup?

TANGTANGAN NAON WAÉ NU DISANGHAREUPAN KU PAMAJIKAN?

3. Ku naon dina unggal perkawinan pasti aya masalah?

3 Perkawinan téh hadiah nu sampurna ti Allah, tapi manusa mah teu sampurna. (1 Yoh. 1:8) Matakna Firman Allah ngingetan, nu nikah téh bakal ”loba karepot,” atawa loba masalah. (1 Kor. 7:28) Hayu urang bahas sababaraha masalah nu disanghareupan ku saurang pamajikan.

4. Ku naon saurang pamajikan bisa ngarasa yén tunduk ka salaki téh ngarendahkeun martabatna?

4 Cara saurang pamajikan digedékeun bisa mangaruhan pandanganana. Bisa waé manéhna mikir, tunduk ka salaki téh ngarendahkeun martabatna. Marisol nu cicing di Amerika Serikat ngomong, ”Di tempat abdi, wanita diajarkeun kudu sajajar jeung priya dina sagala hal. Abdi apal, Yéhuwa geus méré aturan yén pamajikan kudu tunduk ka salaki, sarta salaki kudu ngahargaan pamajikanana. Tapi keur abdi mah, angger wé éta téh hésé.”

5. Sababaraha jalma boga pandangan salah naon ngeunaan wanita?

5 Dina kaayaan séjén, aya wanita nu nikah jeung priya nu nganggap yén wanita téh leuwih rendah tibatan priya. Sadérék Ivon nu cicing di Amerika Selatan ngomong, ”Di tempat abdi, mun rék dahar téh kudu lalaki nu ti heula. Terus, barudak awéwé mah kudu masak jeung bebersih. Ari budak lalaki mah dilayanan ku indung jeung dulur-dulur awéwéna. Di imah téh, maranéhna dianggap ’raja’.” Sadérék istri séjénna ti Asia, nu ngaranna Yingling, ngomong, ”Di tempat abdi aya hiji paribasa, nu hartina kieu: Awéwé mah teu kudu pinter-pinter teuing, da engkéna gé bakal ngurus imah. Awéwé gé teu meunang ngutarakeun pamikiranana ka salaki.” Pandangan jiga kitu téh teu némbongkeun kanyaah sarta teu sajalan jeung Kitab Suci. Mun saurang salaki kapangaruhan ku pandangan jiga kitu, pamajikan téh bisa ngabatin. Manéhna gé teu nyonto Yésus jeung teu nyenangkeun Yéhuwa.​—Epe. 5:28, 29; 1 Pet. 3:7.

6. Supaya bisa terus nyobat jeung Yéhuwa, pamajikan Kristen kudu kumaha?

6 Jiga nu geus dibahas dina artikel saacanna, Yéhuwa méré tanggung jawab ka para salaki pikeun nyumponan pangabutuh jasmani jeung rohani kulawargana. (1 Tim. 5:8) Najan kitu, pamajikan kudu nyadiakeun waktu pikeun maca Firman Allah unggal poé, ngalenyepanana, sarta ngadoa sapinuh haté ka Yéhuwa. Meureun éta téh teu gampang, sabab maranéhna gé sibuk. Jadi, bisa waé maranéhna ngarasa geus teu boga waktu jeung euweuh tanaga pikeun ngalakukeun hal-hal éta. Tapi sabenerna, éta téh penting pisan. Ku naon? Sabab Yéhuwa hayang urang masing-masing nyobat jeung Mantenna.​—Ras. 17:27.

7. Kumaha carana supaya pamajikan bisa leuwih babari pikeun nurut jeung hormat ka salaki?

7 Bisa jadi, pamajikan téh kudu bener-bener upaya pikeun tunduk ka salakina nu teu sampurna. Tapi mun diajar Alkitab, manéhna bisa ngarti ku naon pamajikan kudu nurut jeung hormat ka salaki. Ku kituna, manéhna bisa leuwih babari pikeun nurut jeung hormat.

KU NAON PAMAJIKAN RÉLA TUNDUK KA SALAKI?

8. Jiga nu ditunjukkeun dina Epesus 5:22-24, ku naon pamajikan Kristen réla tunduk ka salakina?

8 Pamajikan Kristen réla tunduk ka salakina sabab éta téh paménta Yéhuwa. (Baca Epesus 5:22-24.) Manéhna percaya ka Bapana di sawarga, jeung apal yén Mantenna nyaah ka manéhna. Jadi mun Mantenna ménta manéhna ngalakukeun hiji hal, éta pasti aya mangpaatna.​—Pam. 6:24; 1 Yoh. 5:3.

9. Kumaha jadina lamun pamajikan tunduk ka salaki?

9 Loba nu mikir, wanita téh teu kudu tunduk ka priya sabab éta mah ngarendahkeun martabatna. Ku kituna, loba pamajikan jadi embung nuturkeun aturan ti Yéhuwa pikeun nurut ka salaki. Tapi, jalma-jalma nu boga pamikiran jiga kitu téh teu kenal ka Allah nu nyaah ka urang. Yéhuwa moal pernah méré paréntah nu ngarendahkeun martabat barudak awéwé-Na. Sadérék istri nu taat ka Yéhuwa jeung nurut ka salakina bakal nyieun kaayaan di imah jadi tengtrem. (Jab. 119:165) Salakina, manéhna sorangan, jeung barudakna bakal bagja.

10. Urang bisa diajar naon tina carita Carol?

10 Pamajikan nu nurut ka salakina nu teu sampurna téh nunjukkeun yén manéhna nyaah jeung hormat ka Yéhuwa, Pribadi anu méré wewenang ka salaki. Ceuk Carol ti Amerika Selatan, ”Abdi apal, salaki pasti nyieun salah. Tapi mun abdi ngahargaan sosobatan jeung Yéhuwa, abdi moal ngarendahkeun salaki waktu manéhna nyieun salah. Jadi abdi hayang terus tunduk ka salaki, sabab abdi hayang nyenangkeun Bapa di sawarga.”

11. Ku naon Sadérék Aneese daék ngahampura? Jeung, urang diajar naon ti pangalamanana?

11 Pamajikan bakal hésé pikeun hormat jeung nurut ka salakina mun manéhna ngarasa salaki téh teu mikirkeun parasaan jeung kahariwangan manéhna. Tapi perhatikeun naon ceuk Aneese nu ngarasakeun hal éta, ”Sabisa-bisa abdi henteu keuheul. Urang kabéh pasti nyieun salah. Abdi mah hayangna ngahampura, jiga Yéhuwa. Mun ngahampura, haté téh jadi tenang.” (Jab. 86:5) Pamajikan nu daék ngahampura biasana leuwih gampang pikeun nurut ka salaki.

URANG BISA DIAJAR NAON TINA CONTO-CONTO DINA ALKITAB?

12. Conto-conto dina Alkitab nunjukkeun naon?

12 Aya nu ngarasa, jalma nu tunduk ka batur téh jalma nu lemah. Tapi éta téh salah pisan. Dina Alkitab, aya loba conto nu nunjukkeun yén jalma nu tunduk téh jalma nu kuat jeung wanian. Hayu urang bahas tuladan Yésus, Abigail, jeung Mariam.

13. (a) Ku naon Yésus tunduk ka Yéhuwa? (b) Tina conto Yésus, ku naon jalma nu tunduk téh lain jalma nu lemah?

13 Yésus tunduk ka Yéhuwa. Na éta lantaran anjeunna kurang pinter atawa teu bisa nanaon? Henteu! Yésus bisa ngajar ku cara nu saderhana jeung jelas. Ngan jalma nu pinter pisan nu bisa jiga kitu. (Yoh. 7:45, 46) Yéhuwa ngahargaan pisan kamampuh Yésus, ku kituna Mantenna ngidinan Yésus pikeun milu digawé waktu Mantenna nyiptakeun jagat raya. (Sil. 8:30; Ibr. 1:2-4) Terus sanggeus Yésus dihirupkeun deui, Yéhuwa méré ”kakawasaan di sawarga jeung di bumi” ka anjeunna. (Mat. 28:18) Tapi najan Yésus loba pangabisana, anjeunna tetep ménta bingbingan ti Yéhuwa. Ku naon? Sabab anjeunna nyaah ka Bapana.​—Yoh. 14:31.

14. Salaki bisa diajar naon tina pandangan Yéhuwa ka wanita jeung tina kekecapan nu aya dina Siloka 31?

14 Palajaran keur salaki. Yéhuwa hayang pamajikan nurut ka salaki lain lantaran Mantenna nganggap wanita leuwih rendah tibatan priya. Buktina, wanita ogé dipilih ku Yéhuwa pikeun maréntah bareng jeung Yésus, teu ngan para priya wungkul. (Gal. 3:26-29) Yéhuwa percaya ka Yésus ku cara méré wewenang ka anjeunna. Kitu ogé, salaki nu bijaksana bakal méré sababaraha wewenang ka pamajikanana. Alkitab méré nyaho hal-hal nu bisa dilakukeun ku pamajikan nu binangkit. Misalna, pamajikan bisa ngatur pagawéan rumah tangga, meuli jeung ngajual tanah, sarta ngurus usaha. (Baca Siloka 31:15, 16, 18.) Pamajikan téh lain badéga, jadi manéhna gé boga hak pikeun ngutarakeun pamikiranana. Ku kituna, sakuduna salaki percaya jeung ngadéngékeun manéhna. (Baca Siloka 31:11, 26, 27.) Mun salaki ngahargaan pamajikan jiga kitu, pamajikan bakal réla tunduk ka manéhna.

Para pamajikan bisa diajar naon ti Yésus nu tunduk ka Yéhuwa? (Tingali paragrap 15)

15. Pamajikan bisa diajar naon ti Yésus?

15 Palajaran keur pamajikan. Sanajan Yésus geus ngalakukeun hal-hal anu hébat, anjeunna tetep tunduk ka Yéhuwa. Anjeunna teu ngarasa éta téh ngarendahkeun martabatna. (1 Kor. 15:28; Pil. 2:5, 6) Pamajikan bisa nyonto tuladan Yésus. Manéhna moal ngarasa direndahkeun mun nurut ka salaki. Pamajikan bakal ngadukung salaki lantaran nyaah ka salakina, terus pangpangna lantaran nyaah jeung hormat ka Yéhuwa.

Sanggeus ngirimkeun dahareun ka Daud jeung pasukanana, Abigail nyampeurkeun Daud. Manéhna sujud jeung ménta Daud teu ngabales Nabal supaya Daud teu ngalakukeun dosa gedé (Tingali paragrap 16)

16. Dumasar 1 Samuel 25:3, 23-28, masalah naon nu disanghareupan ku Abigail? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

16 Abigail boga salaki nu ngaranna Nabal. Salakina téh égois, sombong, jeung teu ngahargaan upaya batur. Mun hayang leupas tina perkawinanana, sabenerna Abigail bisa waé ngantep Daud jeung pasukanana maéhan salakina. Tapi Abigail mah henteu kitu. Manéhna ngalindungan salaki sarta rumah tanggana. Bayangkeun, Abigail téh butuh kawani pikeun nyampeurkeun 400 tentara jeung ngomong ka Daud ku cara nu sopan. Malah najan salakina nu salah, Abigail nu ménta hampura. (Baca 1 Samuel 25:2-3, 23-28.) Daud langsung engeuh, Yéhuwa nu ngutus wanita nu wanian ieu. Wanita ieu diutus jang ngingetan manéhna ngarah teu ngalakukeun dosa gedé.

17. Salaki bisa diajar naon tina kisah Daud jeung Abigail?

17 Palajaran keur salaki. Abigail téh wanita nu bijaksana. Daud gé bijaksana, lantaran daék ngadéngékeun saran ti Abigail. Éta nu nyegah Daud maéhan jalma-jalma nu teu salah. Kitu ogé, salaki nu bijaksana bakal bener-bener ngadéngékeun pamajikanana waktu rék nyieun putusan nu penting. Bisa jadi, saran pamajikanana téh ngabantu manéhna supaya teu nyieun putusan nu salah.

18. Pamajikan bisa diajar naon ti Abigail?

18 Palajaran keur pamajikan. Pamajikan nu nyaah jeung hormat ka Yéhuwa bakal jadi berkah keur kulawargana, najan salakina teu nuturkeun patokan ti Yéhuwa atawa salakina lain saurang Saksi. Manéhna moal néang-néang cara ngarah bisa pepegatan. Tapi, manéhna bakal terus hormat jeung nurut ka salakina. Mun salakina teu saiman, manéhna gé bakal upaya ngarah salakina daék diajar ngeunaan Yéhuwa. (1 Pet. 3:1, 2) Tapi saupama salakina tetep embung ngawula Yéhuwa, Yéhuwa ningali upaya manéhna. Yéhuwa senang lantaran manéhna nurut ka salaki jeung satia ka Mantenna.

19. Dina kaayaan naon pamajikan moal nurut ka salakina?

19 Tapi najan kudu tunduk ka salaki, pamajikan Kristen moal daék mun dititah ngalanggar hukum jeung prinsip Alkitab. Misalna, manéhna moal nurut mun dititah ngabohong, maok, atawa ngalakukeun hal séjén nu teu dipikaresep ku Yéhuwa. Kabéh urang Kristen, kaasup sadérék istri nu geus nikah, kudu ngutamakeun pikeun tunduk ka Allah Yéhuwa. Jadi mun pamajikan dititah ngalanggar prinsip-prinsip Alkitab, manéhna kudu nolak jeung ngajelaskeun alesanana. Ngajelaskeunana téh kudu sopan, tapi teges.​—Ras. 5:29.

Tingali paragrap 20 *

20. Naon buktina Mariam boga hubungan nu deukeut jeung Yéhuwa?

20 Mariam boga hubungan nu deukeut pisan jeung Yéhuwa. Manéhna inget kana ayat-ayat Kitab Suci. Waktu ngobrol jeung Élisabét, indungna Yohanes Jurubaptis, Mariam ngutip ayat tina Kitab-Kitab Ibrani leuwih ti 20 kali. (Luk. 1:46-55) Terus, pikirkeun hal ieu: Najan harita Mariam geus tunangan jeung Yusup, malaikat Yéhuwa mimitina némbongan ka manéhna, lain ka Yusup. Malaikat méré nyaho, Mariam bakal ngalahirkeun Putra Allah. (Luk. 1:26-33) Yéhuwa kenal pisan ka Mariam. Mantenna yakin, Mariam bakal nyaah jeung ngurus Putra-Na. Mariam gé pasti terus nyobat jeung Yéhuwa sanggeus Yésus maot sarta dihirupkeun deui di sawarga.​—Ras. 1:14.

21. Salaki bisa diajar naon tina carita ngeunaan Mariam?

21 Palajaran keur salaki. Salaki nu bijaksana bakal senang mun pamajikanana paham kana eusi Alkitab. Manéhna moal keuheul atawa ngarasa kasaingan. Manéhna sadar, mun pamajikanana boga pamahaman jeung apal kana prinsip-prinsip Alkitab, pamajikan téh bisa jadi berkah keur kulawarga. Tapi saupama pamajikan leuwih pinter tibatan salaki gé, anu boga tanggung jawab pikeun mingpin ibadah kulawarga sarta kagiatan rohani séjénna téh tetep salaki.​—Epe. 6:4, Terjemahan Dunia Baru.

Para pamajikan bisa diajar naon tina tuladan Mariam, indungna Yésus, ngeunaan diajar Alkitab jeung ngalenyepan? (Tingali paragrap 22) *

22. Pamajikan bisa diajar naon ti Mariam?

22 Palajaran keur pamajikan. Pamajikan kudu tunduk ka salaki, tapi manéhna gé kudu tanggung jawab kana karohanianana sorangan. (Gal. 6:5) Ku kituna, manéhna kudu nyadiakeun waktu pikeun diajar Alkitab sarta ngalenyepanana. Éta bisa ngabantu manéhna tetep nyaah jeung hormat ka Yéhuwa. Terus, manéhna gé bakal réla tunduk ka salakina.

23. Kumaha para pamajikan nu nurut ka salaki bisa jadi berkah keur dirina sorangan, kulawargana, jeung sidang?

23 Para pamajikan nu tunduk ka salaki lantaran nyaah ka Yéhuwa bakal leuwih bagja jeung sugema tibatan pamajikan nu embung nuturkeun aturan ti Yéhuwa. Maranéhna jadi tuladan keur barudak ngora, boh lalaki boh awéwé. Maranéhna gé bisa nyieun kaayaan di imah jeung di sidang jadi tengtrem. (Tit. 2:3-5) Ayeuna, nu jadi umat Yéhuwa téh lolobana para wanita. (Jab. 68:12) Tapi urang kabéh, teu sual priya atawa wanita, bisa nyieun kaayaan sidang jadi pikaresepeun. Kumaha carana? Éta bakal dibahas dina artikel saterusna.

KAWIH 131 ”Anu Geus Dihijikeun ku Allah”

^ par. 5 Yéhuwa geus méré aturan yén pamajikan kudu tunduk ka salaki. Tunduk téh maksudna kumaha? Salaki jeung pamajikan Kristen bisa diajar ngeunaan hal éta tina tuladan Yésus jeung para wanita anu dicatet dina Alkitab.

^ par. 68 KATERANGAN GAMBAR: Waktu ngobrol jeung Élisabét, indungna Yohanes Jurubaptis, Mariam bisa ngutip ayat-ayat tina Kitab-Kitab Ibrani nu diinget ku manéhna.

^ par. 70 KATERANGAN GAMBAR: Kitu ogé, supaya bisa nguatkeun iman, para pamajikan Kristen nyadiakeun waktu pikeun diajar Alkitab.