Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 8

Naha Enya Naséhat Sadérék téh Nyegerkeun Batur?

Naha Enya Naséhat Sadérék téh Nyegerkeun Batur?

”Minyak jeung seuseungitan kaangseuna seger, ari sobat dalit matak teger.”​—SIL. 27:9.

KAWIH 102 Nulung ka nu Lemah

NU DIBAHAS *

1-2. Saurang kokolot diajar naon ngeunaan méré naséhat?

SABABARAHA taun ka tukang, aya dua kokolot nu nganjangan saurang sadérék istri nu geus rada lila teu masamoan. Salah sahiji kokolot éta macakeun sababaraha ayat ngeunaan pentingna datang ka pasamoan. Mimitina, kokolot éta mikir yén manéhna téh geus nguatkeun sadérék istri éta. Tapi pas dua kokolot éta rék balik, sadérék istri éta ngomong, ”Nya, aranjeun mah teu ngarti kana kaayaan abdi.” Para kokolot éta henteu tatanya heula ngeunaan masalah jeung kaayaan sadérék istri éta, tapi kalah ka langsung méré naséhat. Tungtungna, sadérék istri éta ngarasa naséhatna téh henteu nguatkeun.

2 Waktu mikirkeun deui kajadian éta, kokolot nu mukakeun ayat téh ngomong kieu, ”Harita abdi nganggap sadérék istri éta meni teu ngahargaan naséhat nu ditepikeun. Tapi mun dipikirkeun deui, sabenerna harita abdi téh ngan mikirkeun ayat naon waé nu bisa dibacakeun, lainna sadérék istri éta. Sakuduna abdi tatanya heula, ’Kumaha kaayaan Sadérék ayeuna?’ ’Aya nu bisa dibantu ku abdi?’” Kokolot éta meunang palajaran penting tina kajadian éta. Ayeuna, manéhna jadi pangangon nu rasrasan jeung sok ngabantu batur.

3. Bisa jadi, saha waé nu perlu méré naséhat?

 3 Sabagé pangangon, para kokolot téh sakapeung perlu méré naséhat. Tapi bisa waé, sadérék-sadérék di sidang gé kudu méré naséhat ka batur. Misalna, boh sadérék pameget boh sadérék istri, bisa méré naséhat tina Alkitab ka babaturanana. (Jab. 141:5; Sil. 25:12) Bisa jadi, sadérék istri nu leuwih kolot kudu ”méré naséhat ka wanita nu ngora” ngeunaan hal-hal nu disebutkeun dina Titus 2:3-5. Geus kitu, indung bapa gé kudu sering méré naséhat ka barudakna. Mémang artikel ieu téh dihususkeun keur para kokolot di sidang, tapi urang kabéh bisa diajar carana méré naséhat nu mawa mangpaat, nguatkeun, jeung matak ”seger”.​—Sil. 27:9.

4. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

4 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas opat hal nu kudu dipikirkeun saacan méré naséhat: (1) Naon tujuan urang méré naséhat? (2) Naséhatna mémang diperlukeun kitu? (3) Saha nu sakuduna méré naséhat? (4) Kumaha cara nu hadé pikeun méré naséhat?

NAON TUJUAN URANG MÉRÉ NASÉHAT?

5. Kumaha kanyaah bisa ngabantu saurang kokolot pikeun nepikeun naséhat ku cara nu hadé? (1 Korintus 13:4, 7)

5 Para kokolot téh nyaah ka dulur-dulur saimanna. Sakapeung, manéhna némbongkeun kanyaahna ku cara méré naséhat ka sadérék nu rék salah léngkah. (Gal. 6:1) Tapi saacan méré naséhat, para kokolot bisa mikirkeun ciri-ciri kanyaah nu disebutkeun ku Rasul Paulus. ”Jalma nu boga kanyaah téh sabar jeung bageur. . . . Manéhna sabar nyanghareupan sagalana, percaya kana sagala hal, terus boga harepan, jeung tabah dina sagala kaayaan.” (Baca 1 Korintus 13:4, 7.) Lamun saurang kokolot mikirkeun ayat éta, manéhna bisa mariksa tujuanana méré naséhat jeung bisa nepikeunana ku cara nu hadé. Sadérék nu dibéré naséhat gé bisa ngarasakeun kanyaah ti kokolot éta jeung bakal leuwih gampang narima naséhatna.​—Rm. 12:10.

6. Tuladan alus naon nu ditémbongkeun ku Rasul Paulus?

6 Sabagé kokolot, Rasul Paulus téh méré tuladan nu alus. Misalna, manéhna teu asa-asa méré naséhat nu dibutuhkeun keur dulur-dulur saimanna di Tésalonika. Dina suratna, Paulus muji maranéhna nu getol ngajalankeun tugasna ku lantaran iman, kanyaah, sarta katabahan maranéhna. Paulus gé mikirkeun kaayaan maranéhna jeung ngarti kana kasusah nu disanghareupanana. Manéhna gé apal yén dulur-dulurna téh tabah nyanghareupan panganiayaan. (1 Tés. 1:3; 2 Tés. 1:4) Paulus muji jeung ngabéjaan yén maranéhna téh jadi tuladan nu alus keur urang-urang Kristen séjénna. (1 Tés. 1:8, 9) Maranéhna pasti bungah pisan waktu maca surat ti Paulus! Paulus téh pasti nyaah pisan ka dulur-dulur saimanna. Éta nu ngabantu Paulus bisa nepikeun naséhat ku cara nu hadé dina dua suratna ka dulur-dulur saiman di Tésalonika.​—1 Tés. 4:1, 3-5, 11; 2 Tés. 3:11, 12.

7. Bisa jadi, ku naon sababaraha jalma embung ngadéngékeun waktu dibéré naséhat?

7 Naon akibatna mun naséhat téh ditepikeunana henteu merenah? Saurang kokolot nu geus pangalaman ngomong kieu, ”Sababaraha sadérék embung ngadéngékeun téh lain lantaran naséhatna salah, tapi lantaran cara nepikeunana teu merenah.” Jadi, naon palajaranana? Batur bakal leuwih gampang narima naséhat lamun tujuan urang nepikeunana téh lantaran nyaah ka manéhna, lain hayang nganyenyeri manéhna.

NASÉHATNA MÉMANG DIPERLUKEUN KITU?

8. Naon nu kudu dipikirkeun ku saurang kokolot saacan méré naséhat?

8 Para kokolot sakuduna teu buru-buru pikeun méré naséhat. Saacan méré naséhat, saurang kokolot kudu mikirkeun: ’Abdi perlu kitu ngomong ka manéhna? Mémang manéhna téh nyieun kasalahan? Aya prinsip Alkitab nu dilanggar henteu, atawa ngan béda pamikiran hungkul jeung abdi?’ Para kokolot nu bijaksana pasti embung ’ngomong teu jeung pikiran’. (Sil. 29:20) Lamun saurang kokolot teu yakin manéhna perlu méré naséhat atawa henteu, manéhna bisa tatanya ka kokolot séjén jeung ngabahas naha enya jalma éta ngalanggar prinsip Alkitab jeung perlu dibéré naséhat.​—2 Tim. 3:16, 17.

9. Waktu rék méré naséhat ngeunaan pakéan jeung dangdanan, urang bisa diajar naon ti Paulus? (1 Timotius 2:9, 10)

9 Pikirkeun conto ieu. Aya saurang kokolot nu hariwang kana pakéan jeung dangdanan ti saurang sadérék. Kokolot éta bisa mikirkeun, ’Aya dasar tina Alkitab henteu pikeun méré naséhat ka manéhna?’ Kokolot éta pasti embung ngan nuturkeun pamikiranana sorangan, jadi manéhna bisa tatanya ka kokolot séjén atawa sadérék nu geus pangalaman. Maranéhna bisa ngabahas naséhat Paulus ngeunaan pakéan jeung dangdanan. (Baca 1 Timotius 2:9, 10.) Baheula Paulus ngan méré prinsip hungkul, nyaéta pakéan urang Kristen téh nu penting kudu pantes jeung sopan. Paulus henteu nyieun aturan mana nu meunang jeung nu teu meunang. Manéhna ngahargaan pilihan sadérék-sadérékna salila henteu ngalanggar prinsip Kitab Suci. Jadi waktu mutuskeun rék méré naséhat atawa henteu, para kokolot bisa mikirkeun, pakéan sadérék éta téh masih pantes jeung sopan atawa henteu.

10. Naon nu kudu urang inget ngeunaan pilihan pribadi unggal jalma?

10 Urang kudu inget, lamun aya dua sadérék nu boga pilihan nu béda, éta lain hartina nu hiji bener jeung nu hiji salah. Urang teu bisa maksakeun pamikiran urang ngeunaan nu bener jeung nu salah ka sadérék urang.​—Rm. 14:10.

SAHA NU SAKUDUNA MÉRÉ NASÉHAT?

11-12. Lamun perlu méré naséhat, naon nu kudu dipikirkeun ku saurang kokolot, jeung ku naon?

11 Nah, ayeuna lamun saurang sadérék mémang perlu dibéré naséhat, saha nu sakuduna méré naséhatna? Saacan méré naséhat ka sadérék istri nu geus nikah atawa ka saurang budak, meureun saurang kokolot bisa ngabahas jeung kapala kulawargana heula. Bisa jadi, kapala kulawarga éta leuwih resep mun manéhna sorangan nu méré naséhat ka kulawargana. * Meureun, kokolot gé bisa ménta kapala kulawarga éta pikeun maturan kulawargana waktu keur dibéré naséhat. Terus siga nu geus dibahas dina  paragrap 3, dina sababaraha kaayaan, meureun leuwih alus lamun nu méré naséhat ka sadérék istri nu ngora téh nyaéta sadérék istri nu leuwih kolot.

12 Aya deui nu kudu dipikirkeun. Saurang kokolot bisa mikirkeun, ’Naha enya abdi téh jelema nu paling cocog pikeun méré naséhatna atawa aya batur nu leuwih cocog?’ Misalna, lamun aya saurang sadérék nu sok minder, meureun leuwih cocog lamun nu méré naséhat téh saurang kokolot nu pernah ngarasa kitu ogé. Kokolot nu boga parasaan nu sarua bisa jadi leuwih ngarti kana kaayaan manéhna jeung bisa leuwih ngayakinkeun manéhna. Najan kitu, unggal kokolot téh boga tanggung jawab pikeun nguatkeun jeung ngajurung dulur-dulur saimanna pikeun nyieun parobahan nuturkeun prinsip Kitab Suci. Jadi najan teu boga pangalaman nu sarua, lamun aya nu perlu dibéré naséhat, nya para kokolot kudu tetep méré naséhat.

KUMAHA CARA NU HADÉ PIKEUN MÉRÉ NASÉHAT?

Ku naon para kokolot téh kudu ”gancang ngadéngé”? (Tingali paragrap 13-14)

13-14. Ku naon saurang kokolot kudu daék ngadéngékeun?

13Kudu daék ngadéngékeun. Waktu saurang kokolot rék méré naséhat, manéhna kudu mikirkeun: ’Abdi apal teu kana kaayaan sadérék abdi? Naon nu keur disanghareupan ku manéhna? Meureun, manéhna boga masalah nu abdi teu nyaho? Naon nu bener-bener dibutuhkeun ku manéhna ayeuna?’

14 Prinsip nu aya dina Yakobus 1:19 ogé bisa dilarapkeun ku nu méré naséhat. Yakobus nulis, ”Unggal jalma kudu gancang ngadéngé, ulah gancang ngomong, jeung ulah gancang ambek.” Meureun, saurang kokolot ngarasa geus apal kabéh kaayaanana, tapi mémang bener kitu? Siloka 18:13 ngingetan urang, ”Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.” Jadi, nu panghadéna téh tanyakeun langsung kaayaanana ka manéhna. Saurang kokolot kudu ngadéngé heula saacan ngomong. Pék pikirkeun deui pangalaman ti saurang kokolot dina awal artikel. Manéhna téh langsung macakeun ayat-ayat nu geus disiapkeun. Sakuduna manéhna bisa nanya heula, jiga: ”Kumaha kaayaan Sadérék ayeuna?” ”Aya nu bisa dibantu ku abdi?” Lamun para kokolot daék upaya pikeun nyaho heula kaayaanana, para kokolot bakal leuwih gampang ngabantu jeung nguatkeun dulur-dulur saimanna.

15. Kumaha para kokolot bisa ngalarapkeun prinsip dina Siloka 27:23?

15Sing kenal ka sadérék-sadérék. Jiga nu disebutkeun dina awal artikel, méré naséhat nu hadé téh lain ngan saukur macakeun ayat-ayat atawa méré saran. Tapi, sadérék-sadérék urang kudu ngarasa yén urang téh nyaah ka manéhna, ngarti kana parasaanana, jeung hayang mantuan maranéhna. (Baca Siloka 27:23.) Para kokolot kudu ngusahakeun pikeun akrab jeung dulur-dulur saimanna.

Kumaha supaya para kokolot bisa leuwih gampang méré naséhat? (Tingali paragrap 16))

16. Kumaha saurang kokolot bisa méré naséhat ku cara nu hadé?

16 Para kokolot pasti embung dianggap mun manéhna ngajak ngobrol téh pasti tujuanana rék méré naséhat. Jadi para kokolot kudu sering ngobrol jeung dulur-dulur saimanna sarta némbongkeun kanyaahna waktu aya nu keur boga masalah. Ceuk saurang kokolot nu geus pangalaman, ”Lamun Sadérék ngalakukeun éta, Sadérék bakal akrab jeung maranéhna. Tuluy waktu rék méré naséhat, Sadérék gé bakal leuwih gampang nepikeunana.” Geus kitu, sadérék nu dibéré naséhat gé bakal leuwih gampang narimana.

Ku naon kokolot kudu sabar jeung bageur waktu méré naséhat? (Tingali paragrap 17)

17. Iraha hususna saurang kokolot kudu sabar jeung bageur?

17Sing sabar jeung bageur. Dua sipat éta téh bener-bener dibutuhkeun, hususna waktu saurang jalma mimitina embung ngadéngékeun naséhat tina Alkitab. Saurang kokolot ulah nyeri haté lamun naséhatna teu langsung ditarima atawa dituturkeun. Alkitab ngomong kieu ngeunaan Isa, ”Jarami nu geus ngaplék moal dipiteskeun, sumbu lampu nu téréh pareum gé moal dipareuman.” (Mat. 12:20) Jadi, para kokolot gé bisa ngadoa sacara pribadi ka Yéhuwa pikeun mantuan sadérék éta supaya daék narima naséhat jeung nuturkeunana. Sadérék nu dibéré naséhat téh meureun butuh waktu pikeun mikirkeunana. Jadi lamun saurang kokolot sabar jeung bageur, sadérék nu dibéré naséhat téh bakal leuwih daék ngadéngékeun jeung nuturkeun naséhatna. Tapi nu pangpentingna, naséhatna kudu tina Firman Allah.

18. (a) Waktu méré naséhat, naon nu kudu diinget ku urang? (b) Siga gambar nu aya dina kotak, naon nu keur dibahas ku indung bapa ieu?

18Diajar tina kasalahan Sadérék. Urang téh teu sampurna, jadi urang moal bisa sapinuhna ngalarapkeun saran-saran dina artikel ieu. (Yak. 3:2) Urang kabéh téh bakal nyieun salah, tapi urang bisa diajar tina kasalahan urang. Lamun sadérék-sadérék urang ngarasa urang téh nyaah ka maranéhna, maranéhna bakal leuwih gampang ngahampura lamun aya kekecapan atawa kalakuan urang nu nganyenyeri maranéhna.​—Tingali ogé kotak ” Panginget keur Para Kolot”.

URANG GEUS DIAJAR NAON WAÉ?

19. Kumaha urang bisa nyegerkeun sadérék-sadérék urang?

19 Jiga nu geus dibahas, mémang méré naséhat nu alus téh henteu gampang. Urang téh teu sampurna, kitu deui jeung batur nu dibéré naséhat. Sing inget naon waé prinsip-prinsip nu geus dibahas dina artikel ieu. Pariksa naon tujuan urang waktu rék méré naséhat. Pastikeun, naséhatna mémang bener-bener diperlukeun henteu? Naha enya urang téh jelema nu cocog pikeun méré naséhatna? Saacan méré naséhat, urang bisa nanyakeun heula kumaha kaayaan manéhna tuluy déngékeun enya-enya. Ku kituna urang bisa ngarti masalah manéhna. Pikirkeun kumaha lamun urang jadi manéhna. Sing bageur sarta usahakeun sangkan bisa akrab jeung sadérék-sadérék urang. Sing inget tujuan urang téh lain ngan saukur hayang méré naséhat nu alus, tapi nu matak ”seger” ogé.​—Sil. 27:9.

KAWIH 103 Para Pangangon Kurnia ti Allah

^ par. 5 Mémang méré naséhat téh sok teu gampang. Lamun kudu méré naséhat, kumaha supaya naséhat urang bisa nyegerkeun jeung mawa mangpaat keur batur? Artikel ieu bisa ngabantu para kokolot supaya bisa méré naséhat ku cara nu gampang katarima ku batur.

^ par. 11 Tingali artikel ”Kudu Paham kana Wewenang Kokolot di Sidang” dina Warta Hadé Pébruari 2021.