Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 6

Sing Percaya kana Cara nu Digunakeun ku Yéhuwa

Sing Percaya kana Cara nu Digunakeun ku Yéhuwa

”PANGERAN teh panulung maraneh anu digjaya, adil sampurna dina saniskara. Allah maraneh satuhu sarta saestu, lempeng bener sagala damel-Na.”​—PAM. 32:4.

KAWIH 3 Harepan tur Kakuatan Abdi

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Ku naon ayeuna aya loba jalma teu percaya ka nu boga wewenang? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

DINA jaman ayeuna, loba jalma sok teu percaya ka nu boga wewenang. Maranéhna ningali kumaha hukum jeung sistim pulitik téh leuwih ngadukung jalma-jalma nu penting atawa nu beunghar tibatan ka nu miskin. Alkitab geus nyebutkeun hal ieu, ”Aya sawatara jelema anu nyarangking kawasa, ari nu sejenna sangsara ku lantaran kakawasaan maranehna.” (Pan. 8:9) Salian ti éta, kalakuan ti para pamingpin agama téh goréng, ku kituna loba jalma jadi teu percaya deui ka Allah. Jadi waktu urang ngajarkeun Alkitab ka batur, urang kudu ngabantu maranéhna pikeun percaya ka Yéhuwa sarta ka wakil-wakil-Na nu aya di bumi.

2 Tangtu, lain palajar Alkitab hungkul nu kudu diajar pikeun percaya ka Yéhuwa jeung organisasi-Na. Kitu gé jeung urang, najan geus ngawula Yéhuwa mangtaun-taun, urang kudu terus percaya yén cara nu digunakeun Yéhuwa téh cara nu panghadéna. Sakapeung aya sababaraha kaayaan nu bisa nyababkeun urang teu percaya deui ka Yéhuwa. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu hal nu bisa nguji iman urang: (1) waktu maca sababaraha kisah dina Alkitab, (2) waktu narima pituduh ti organisasi Yéhuwa, jeung (3) waktu nyanghareupan tangtangan dina mangsa ka hareup.

SING PERCAYA KA YÉHUWA WAKTU SADÉRÉK MACA ALKITAB

3. Waktu maca kisah-kisah dina Alkitab, ku naon bisa jadi kayakinan urang ka Yéhuwa diuji?

 3 Waktu maca Firman Allah, meureun urang sok bingung, ku naon putusan Yéhuwa téh sok béda-béda. Misalna lamun urang maca buku Bilangan, Yéhuwa téh ngahukum pati urang Israél nu ngala suluh dina poé Sabat. Tapi sababaraha abad sanggeusna, dina buku dua Samuel, Yéhuwa téh daék ngahampura Raja Daud nu pernah jinah jeung maéhan saurang jalma. (Bil. 15:32, 35; 2 Sam. 12:9, 13) Meureun urang mikir, ’Ku naon Daud nu geus jinah jeung maéhan saurang jalma bet dihampura ku Yéhuwa, tapi ari lalaki nu katingalina kasalahanana teu pati sérius kalah ka dipaéhan?’ Pikeun meunang jawabanana, aya tilu hal nu kudu dipikirkeun waktu urang maca Alkitab.

4. Kumaha Kajadian 18:20, 21 sarta Pamindo 10:17 leuwih ngayakinkeun urang kana cara Yéhuwa ngahakiman?

4Alkitab teu ngajéntrékeun kabéh rincian ngeunaan hiji kisah. Misalna, urang apal yén Daud mah tobat tina dosa-dosana. (Jab. 51:4-6) Tapi ari jalma nu ngalanggar hukum Sabat kumaha? Naha enya manéhna ngarasa kaduhung? Kumaha baheulana, manéhna sok ngalanggar Hukum Allah teu? Waktu dibéré paringetan, manéhna daék ngadéngékeun atawa kalah ka nyapirakeunana? Mémang Alkitab teu ngajelaskeunana. Tapi urang bisa yakin, Yéhuwa mah ”satuhu sarta saestu”. (Pam. 32:4) Manusa mah biasana ngahakiman téh kapangaruhan ku carita ti batur, prasangka, atawa hal-hal séjénna nu bisa nyababkeun manéhna salah paham. Tapi ari Yéhuwa mah ningali heula kabéh faktana, kakara ngahakiman. (Baca Kajadian 18:20, 21; Pamindo 10:17.) Lamun urang leuwih sering diajar ngeunaan Yéhuwa jeung standar-Na, urang bakal leuwih yakin kana cara Yéhuwa ngahakiman. Mémang waktu maca Alkitab, urang sok bingung jeung teu langsung meunang jawabanana, tapi urang apal Allah urang téh ”adil dina sagala tindakana-Na”.​—Jab. 145:17.

5. Kumaha kateusampurnaan mangaruhan cara urang ngahakiman? (Tingali ogé kotak ” Kateusampurnaan Ngahalangan Pandangan Urang ngeunaan Kaadilan”.)

5Lantaran teu sampurna, cara ngahakiman urang téh osok salah. Urang diciptakeun boga sipat nu mirip siga Allah, jadi urang hayang ningali batur meunang kaadilan. (Kaj. 1:26) Tapi urang téh teu sampurna, jadi urang bisa waé salah ngahakiman sanajan urang nyaho sakabéh faktana. Misalna, Yunus teu satuju kana putusan Yéhuwa pikeun ngahampura urang Niniwé. (Yun. 3:10–4:1) Tapi kumaha hasilna? Ku lantaran putusan ti Yéhuwa ieu, aya leuwih ti 120.000 urang Niniwé nu tobat jeung disalametkeun. Tungtungna, urang nyaho nu salah téh Yunus, lain Yéhuwa.

6. Ku naon Yéhuwa téh henteu wajib pikeun ngajelaskeun alesan Anjeunna nyieun hiji putusan?

6Yéhuwa téh henteu wajib pikeun ngajelaskeun ka manusa ku naon Anjeunna nyieun hiji putusan. Mémang, baheula Yéhuwa ngidinan hamba-hamba-Na ngungkabkeun parasaanana kana putusan nu geus dijieun atawa nu rék dijieun ku Anjeunna. (Kaj. 18:25; Yun. 4:2, 3) Sakapeung Anjeunna gé nerangkeun alesanana. (Yun. 4:10, 11) Tapi, Yéhuwa téh teu wajib ngalakukeunana. Sabagé Nu Nyipta, Yéhuwa teu kudu ménta idin atawa ngajelaskeun ka urang, boh saacan boh sanggeus nyieun tindakan.​—Yes. 40:13, 14; 55:9.

SING PERCAYA KA YÉHUWA WAKTU SADÉRÉK NARIMA PITUDUH

7. Naon nu bisa jadi hésé keur urang, jeung ku naon?

7 Urang percaya pisan yén naon nu dilakukeun ku Yéhuwa téh pasti bener. Tapi bisa jadi, urang hésé percaya ka jalma-jalma nu jadi wakil-Na. Meureun urang mikir, ’Bener kitu sadérék-sadérék nu boga wewenang téh nuturkeun pituduh Yéhuwa, atawa maranéhna nuturkeun kahayangna sorangan?’ Bisa jadi, éta ogé nu dipikirkeun ku jalma-jalma dina jaman baheula. Perhatikeun kisah Alkitab nu aya dina  paragrap 3. Kulawarga ti jalma nu ngalanggar hukum Sabat téh bisa jadi mikir, ’Naha enya Musa geus ménta pituduh ti Yéhuwa waktu rék mutuskeun hukuman pati?’ Terus, kumaha jeung baturna Uria urang Hét? Meureun manéhna mikir, ’Daud geus jinah jeung pamajikanana Uria, tapi abong jadi raja, jigana manéhna maké kakawasaanana supaya teu dihukum.’ Yéhuwa percaya ka wakil-wakil-Na di bumi. Jadi lamun urang teu percaya ka maranéhna, éta sarua jiga urang teu percaya ka Yéhuwa.

8. Naon nu sarua tina Kisah 16:4, 5 jeung sidang Kristen kiwari?

8 Kiwari Yéhuwa téh ngabingbing organisasi-Na di bumi liwat ”palayan nu satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45) Sarua jiga Badan Pingpinan dina abad kahiji, para palayan ieu ngurus umat Allah di sakuliah dunya sarta méré pituduh ka para kokolot di sidang-sidang. (Baca Kisah 16:4, 5.) Terus, para kokolot mastikeun pituduh éta téh dijalankeun di sidang-sidang. Lamun urang percaya kana cara nu digunakeun ku Yéhuwa, urang bakal nuturkeun kabéh pituduh ti organisasi jeung ti para kokolot.

9. Kaayaan naon nu bisa jadi ngalantarankeun urang hésé nuturkeun pituduh ti para kokolot, jeung ku naon?

9 Sakapeung urang téh hésé pikeun ngadukung putusan ti para kokolot. Misalna, sababaraha taun ka tukang aya pangaturan anyar keur sidang-sidang jeung wilayah-wilayah. Di sababaraha tempat, para kokolot ménta para pawarta pikeun pindah ka sidang séjén supaya korsi di Balé Karajaan bisa dimangpaatkeun sahadé-hadéna. Lamun urang dipénta pikeun pindah sidang, meureun teu gampang keur urang pikeun ninggalkeun babaturan jeung kulawarga. Mémang, para kokolot henteu narima pituduh ti Yéhuwa pikeun mutuskeun unggal pawarta kudu pindah ka sidang mana. Bisa jadi éta nu ngalantarankeun urang hésé nuturkeun pituduh ti maranéhna. Tapi Yéhuwa percaya ka para kokolot pikeun mutuskeunana, urang gé kudu percaya ka maranéhna. *

10. Nurutkeun Ibrani 13:17, ku naon urang kudu ngadukung para kokolot?

10 Ku naon urang kudu daék ngadukung sarta nuturkeun putusan ti para kokolot sanajan urang teu pati satuju? Lamun urang ngalakukeunana, urang téh ngajaga umat Allah tetep rukun jeung ngahiji. (Éf. 4:2, 3) Sidang ogé bakal leuwih gancang maju lamun kabéhanana daék nuturkeun putusan ti badan kokolot. (Baca Ibrani 13:17.) Tapi nu pangpentingna, lamun urang daék ngadukung jalma-jalma nu dipercaya ku Yéhuwa, urang téh némbongkeun yén urang percaya ka Anjeunna.​—Kis. 20:28.

11. Kumaha urang bisa yakin kana pituduh nu urang tarima ti para kokolot?

11 Urang bisa yakin kana pituduh ti para kokolot lantaran maranéhna téh pasti ménta bingbingan ti kawasa suci saacan mutuskeun hiji hal keur sidang. Maranéhna ogé bener-bener mariksa prinsip ti Alkitab jeung pituduh ti organisasi Yéhuwa. Maranéhna bener-bener hayang nyenangkeun Yéhuwa jeung hayang ngurus umat-Na sahadé-hadéna. Para priya nu satia ieu sadar cara maranéhna ngurus umat Yéhuwa téh diperhatikeun ku Anjeunna. (1 Pét. 5:2, 3) Pék pikirkeun hal ieu: Di dunya nu papecah ku ras, agama, jeung pulitik, umat Allah mah ngahiji pikeun ibadah ka hiji-hijina Allah nu sajati. Hal ieu téh bisa ngawujud lantaran Yéhuwa ngaberkahan organisasi-Na!

12. Naon waé nu kudu dipikirkeun ku para kokolot waktu mutuskeun saurang jalma geus tobat atawa henteu?

12 Yéhuwa téh mercayakeun tanggung jawab ka para kokolot pikeun ngajaga sidang tetep bersih. Lamun aya urang Kristen nu nyieun dosa sérius, Yéhuwa hayang para kokolot mutuskeun, jalma éta bisa tetep aya di sidang atawa henteu. Mimitina para kokolot kudu mastikeun, naha enya jelema éta bener-bener kaduhung kana kasalahanana? Bisa jadi manéhna téh ngaku geus tobat, tapi kumaha parasaan manéhna kana kalakuanana, manéhna ijid henteu? Naha bener manéhna embung ngalakukeun dosana deui? Lamun manéhna téh nyieun dosa lantaran kababawa ku babaturanana, manéhna daék teu ninggalkeun babaturanana éta? Para kokolot bakal ngadoa ka Yéhuwa, mastikeun kabéh faktana, néangan pituduh ti Alkitab, jeung mastikeun kumaha parasaan jalma éta kana kasalahanana. Sanggeus éta, para kokolot bakal mutuskeun, manéhna bisa tetep aya di sidang atawa henteu. Dina sababaraha kasus, aya jalma-jalma nu kudu dipecat.​—1 Kor. 5:11-13.

13. Bisa jadi naon nu kapikiran ku urang waktu babaturan atawa kulawarga urang dipecat?

13 Kumaha lamun kayakinan urang ka para kokolot diuji? Lamun nu dipecat téh lain jalma nu deukeut jeung urang, meureun urang gampang narima putusan. Tapi kumaha lamun manéhna téh babaturan atawa kulawarga urang? Bisa jadi urang cangcaya atawa mikir, ’Naha enya para kokolot téh geus mikirkeun sakabéh faktana? Cara maranéhna ngahakiman téh sarua kitu jeung cara Yéhuwa ngahakiman?’ Kumaha supaya urang boga sikep nu bener kana putusan ti para kokolot?

14. Lamun para kokolot mutuskeun pikeun mecat babaturan atawa kulawarga urang, naon nu kudu diinget ku urang?

14 Urang kudu inget yén pangaturan pikeun mecat saurang jalma téh asalna ti Yéhuwa. Éta téh mangpaatna keur sidang jeung keur jalma nu geus nyieun dosa. Lamun jalma nu teu daék tobat tetep aya di sidang, manéhna bisa mawa pangaruh goréng ka nu séjén. (Gal. 5:9) Terus, manéhna moal ngarti sakumaha sérius dosa nu geus dilakukeunana. Manéhna gé moal sadar yén manéhna téh kudu ngarobah cara pikir jeung kalakuanana supaya bisa dipikaresep deui ku Yéhuwa. (Pan. 8:11) Urang bisa yakin, waktu para kokolot mutuskeun saurang jalma kudu dipecat atawa henteu, maranéhna téh nganggap ieu tanggung jawab nu sérius pisan. Maranéhna sadar, maranéhna téh jiga para hakim di Israél jaman baheula nu ”ngahakiman lain keur manusa, tapi keur Yéhuwa”.​—2 Bab. 19:6, 7, Terjemahan Dunia Baru.

PERCAYA KA YÉHUWA AYEUNA, NGALATIH URANG KEUR MANGSA KA HAREUP

Dina kasangsaraan nu kacida hébatna, naon nu bisa ngabantu urang percaya jeung taat kana pituduh nu dibéré? (Tingali paragrap 15)

15. Ku naon ayeuna urang kudu leuwih percaya deui kana pituduh ti Yéhuwa?

15 Ahir dunya téh geus beuki deukeut. Ku kituna, urang kudu leuwih percaya deui ka cara nu digunakeun ku Yéhuwa. Ku naon? Dina kasangsaraan nu kacida hébatna, bisa jadi urang bakal narima pituduh nu katingalina anéh, teu gampang diturutan, atawa teu asup akal. Tangtu, Yéhuwa téh moal ngomong langsung ka urang. Anjeunna bakal méré pituduh liwat wakil-wakil-Na nu geus dipilih. Dina mangsa éta, urang geus teu bisa deui bingbang atawa mikir, ’Bener kitu pituduh ieu téh asalna ti Yéhuwa, atawa ngan saukur putusan ti sadérék-sadérék nu boga wewenang?’ Dina mangsa éta, Sadérék bakal percaya henteu ka Yéhuwa sarta organisasi-Na? Éta bisa kaciri ti tanggapan Sadérék ayeuna kana pituduh nu dibéré ku wakil-wakil Allah. Lamun ti ayeuna Sadérék percaya jeung taat kana pituduh-pituduh nu dibéré, dina kasangsaraan nu kacida hébatna gé, Sadérék bakal taat.​—Luk. 16:10.

16. Kumaha cara Yéhuwa ngahakiman bisa nguji kapercayaan urang ka Anjeunna di mangsa ka hareup?

16 Aya deui nu kudu dipikirkeun ku urang, nyaéta waktu engké Yéhuwa ngahakiman di ahir dunya nu jahat ieu. Saacan ahir éta datang, urang masih kénéh ngarepkeun supaya jalma-jalma daék ngawula Yéhuwa, kaasup dulur-dulur urang nu can jadi Saksi. Tapi engké di Armagédon, Yéhuwa bakal ngagunakeun Isa pikeun ngahakiman maranéhna. (Mat. 25:31-33; 2 Tés. 1:7-9) Lain urang nu mutuskeun saha nu bakal disalametkeun ku Yéhuwa. (Mat. 25:34, 41, 46) Urang bakal percaya henteu kana cara Yéhuwa ngahakiman? Atawa urang kalah ka jadi eureun ngawula Yéhuwa lantaran teu satuju kana putusana-Na? Jadi ti ayeuna urang kudu leuwih percaya ka Yéhuwa supaya engké di mangsa ka hareup urang bisa bener-bener percaya ka Anjeunna.

17. Aya hal alus naon nu bakal kajadian sanggeus Yéhuwa ngahakiman dunya ieu?

17 Bayangkeun kumaha parasaan urang engké sanggeus Yéhuwa ngahakiman jalma-jalma. Di dunya anyar moal aya deui agama palsu sarta moal aya jalma-jalma atawa sistim pulitik nu sarakah nu salila ieu geus nindes umat manusa. Moal aya deui nu gering, ngolotan, atawa ditinggal maot ku babaturan atawa kulawarga. Sétan jeung baladna bakal dikurung salila sarébu taun. Ku kituna, kasangsaraan nu disababkeun ku maranéhna bakal leungit. (Why. 20:2, 3) Engké urang bakal reueus lantaran geus percaya kana cara nu digunakeun ku Yéhuwa!

18. Urang bisa diajar naon tina kisah urang Israél nu dicatet dina Bilangan 11:4-6 jeung 21:5?

18 Engké di dunya anyar, aya henteu nu bisa nguji kapercayaan urang kana cara nu digunakeun ku Yéhuwa? Pék pikirkeun kumaha sikep urang Israél nu kakara dibébaskeun ti pangbudakan di Mesir. Aya nu langsung kukulutus lantaran maranéhna nginget-nginget kana kadaharan di Mesir. Jadi maranéhna teu ngahargaan manna nu disadiakeun ku Yéhuwa. (Baca Bilangan 11:4-6; 21:5.) Kumaha jeung urang engké, bakal jiga maranéhna moal? Sanggeus kasangsaraan nu kacida hébatna anggeusan, urang teu nyaho sakumaha loba pagawéan nu kudu dilakukeun pikeun mersihan sarta ngarobah bumi ieu jadi pirdaus. Bisa jadi, engké téh aya loba pisan pagawéan nu kudu dilakukeun jeung meureun karasana bakal beurat keur urang. Engké urang bakal kukulutus henteu kana naon nu disadiakeun ku Yéhuwa? Nu pasti mah, lamun ayeuna urang ngahargaan naon nu disadiakeun ku Yéhuwa, engké urang gé bakal leuwih ngahargaanana.

19. Naon kasimpulan Sadérék ngeunaan artikel ieu?

19 Cara nu digunakeun ku Yéhuwa téh pasti bener. Urang kudu yakin kana hal éta. Urang gé kudu yakin ka jalma-jalma nu dipercaya ku Yéhuwa pikeun nepikeun pituduh-pituduh ti Anjeunna. Sing inget, kekecapan Yéhuwa liwat Nabi Yésaya, ”Pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.”​—Yes. 30:15.

KAWIH 98 Firman Allah nu Kailham

^ par. 5 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon urang kudu nguatkeun kayakinan urang ka Yéhuwa sarta ka wakil-wakil-Na di bumi. Urang gé bakal ningali naon mangpaatna sarta kumaha éta bisa ngabantu urang nyanghareupan tangtangan dina mangsa ka hareup.

^ par. 9 Bisa jadi, aya sababaraha kaayaan nu nyababkeun saurang pawarta atawa hiji kulawarga henteu bisa pindah ka sidang séjén. Tingali ”Kotak Pertanyaan” dina Pelayanan Kerajaan Nopémber 2002.