Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 36

Armagédon Mawa Kabungah!

Armagédon Mawa Kabungah!

”Tilu roh tea ngerid raja-raja ka . . . Armagedon.”​—WAHYU 16:16.

KAWIH 150 Andelkeun Allah Sangkan Salamet

NU DIBAHAS *

1-2. (a) Ku naon Armagédon téh matak pikabungaheun? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas dina artikel ieu?

NAHA Sadérék pernah ngadéngé jalma-jalma nyebutkeun yén ”Armagédon” téh perang nuklir atawa ancurna ieu dunya? Tapi, lamun urang maca dina Alkitab, Armagédon téh matak pikabungaheun! (Wahyu 1:3) Perang Armagédon téh lain ngamusnakeun tapi nyalametkeun umat manusa! Naha bisa kitu?

2 Numutkeun Alkitab, perang Armagédon bakal nyalametkeun umat manusa ku cara ngeureunkeun pamaréntahan manusa. Dina perang éta, jalma nu jahat bakal dibinasakeun, tapi jalma nu bener bakal disalametkeun. Salian ti éta, jalma nu ngaruksak bumi ogé bakal dibinasakeun. (Wahyu 11:18) Supaya leuwih jelas, hayu urang bahas opat pananya ieu: Naon Armagédon téh? Aya kajadian naon waé saacan éta datang? Kumaha supaya urang salamet ngaliwatan Armagédon? Kumaha urang bisa tetep satia nepi ka datangna Armagédon?

NAON ARMAGÉDON TÉH?

3. (a) Naon nu dimaksud ”Armagédon”? (b) Numutkeun Wahyu 16:14, 16, naon alesanana Armagédon téh lain tempat nu bener-bener aya?

3 Baca Wahyu 16:14, 16. Kecap ”Armagédon” ngan muncul sakali dina Alkitab. Kecap ieu asalna tina istilah Ibrani nu hartina ”Gunung Mégido”. Mégido téh hiji kota di Israil jaman baheula. (Yos. 17:11) Tapi, Armagédon lain ngaran tempat nu bener-bener aya di bumi. Éta ngan ngamaksudkeun kajadian waktu ”raja-raja” di dunya ngumpul pikeun ngalawan Yéhuwa. (Wahyu 16:14) Tapi dina artikel ieu, urang gé bakal ngagunakeun istilah ”Armagédon” pikeun ngamaksudkeun perang nu kajadianana teu lila sanggeus raja-raja di dunya ngumpul. Ti mana urang nyaho Armagédon téh lain tempat nu bener-bener aya? Kahiji, euweuh gunung nu ngaranna Mégido. Kadua, daérah nu aya di Mégido leutik teuing pikeun ngumpulkeun kabéh ’raja-raja di dunya’ sarta pasukan jeung senjata perangna. Katilu, saperti nu rék dibahas dina artikel ieu, perang Armagédon bakal dimimitian waktu ”raja-raja” di dunya nyerang umat Allah nu aya di sakuliah dunya.

4. Ku naon Yéhuwa ngahubungkeun perang-Na nu agung jeung Mégido?

4 Ku naon Yéhuwa ngahubungkeun perang nu agung ieu jeung Mégido? Loba pangperangan di jaman baheula téh kajadianana di Mégido jeung Lebak Yisrél nu teu jauh ti dinya. Sakapeung, Yéhuwa ngabantu umat-Na unggul. Contona, di ”sisi Walungan Megido” Allah nyieun mujijat pikeun mantuan Hakim Barak ngéléhkeun pasukan Kanaan nu dipingpin ku Siséra. Barak jeung Nabiah Débora muji sukur ka Yéhuwa ku kaunggulan ieu. Maranéhna ngawih, ”Di langit, bentang-bentang milu perang . . . merangan Sisera. Musuh beresih, palid ku banjir Walungan Kison.”​—Hak. 5:19-21.

5. Naon bédana perang Armagédon jeung perangna Barak?

5 Barak jeung Débora mungkas kawihna ku kekecapan, ”Mugi sadaya musuh Gamparan, paehna sing cara kitu, nun PANGERAN. Mugi sadaya mitra Gamparan, maloncorong lir ibarat surya medal!” (Hak. 5:31) Dina perang Armagédon, kabéh musuh Allah bakal dipaéhan, tapi nu nyaah ka Allah bakal disalametkeun. Sanajan kitu, aya hiji hal nu béda pisan di antara dua perang ieu. Dina Armagédon, umat Allah moal milu perang. Malah maranéhna moal boga senjata! Maranéhna bisa kuat lantaran tetep tenang jeung percaya ka Yéhuwa sarta ka pasukan sawarga.​—Yes. 30:15; Wahyu 19:11-15.

6. Kumaha carana Allah ngéléhkeun musuh-musuh-Na dina Armagédon?

6 Kumaha Allah ngéléhkeun musuh-musuh-Na dina Armagédon? Mantenna bisa ngagunakeun sababaraha cara, misalna lini, hujan és, jeung kilat. (Ayub 38:22, 23; Yeh. 38:19-22) Mantenna bisa mangaruhan musuhna supaya silih paéhan. (2 Bab. 20:17, 22, 23) Mantenna ogé bisa ngagunakeun malaikat-Na pikeun maéhan nu jahat. (Yes. 37:36) Teu sual naon nu digunakeun ku Allah, Mantenna pasti unggul. Kabéh musuh-Na bakal dimusnakeun, jeung kabéh jalma balener bakal disalametkeun.​—Sil. 3:25, 26.

AYA KAJADIAN NAON WAÉ SAACAN ARMAGÉDON?

7-8. (a) Numutkeun 1 Tesalonika 5:1-6, para pamingpin dunya bakal ngumumkeun naon? (b) Ku naon ieu téh kabohongan nu bahaya?

7 Bakal aya pangumuman ’kaayaan tenang jeung aman’ saacan ”Poe sumpingna Gusti”. (Baca 1 Tesalonika 5:1-6.) Dina 1 Tesalonika 5:2, ”Poe sumpingna Gusti” téh ngamaksudkeun ”mangsa cilaka”. (Mat. 24:21) Ti mana urang apal yén mangsa cilaka rék dimimitian? Naon tandana? Alkitab nyebutkeun bakal aya pangumuman nu teu biasa.

8 Éta téh pangumuman ngeunaan ’kaayaan tenang jeung aman’ saperti nu geus dinubuatkeun. Ku naon para pamingpin dunya ngumumkeun éta? Urang teu nyaho pastina. Naha para pamingpin agama gé bakal pipilueun? Bisa jadi. Nu pasti mah ieu téh kabohongan ti roh-roh jahat. Kabohongan ieu bahaya pisan lantaran jalma-jalma jadi ngarasa aman, padahal maranéhna téréh ngalaman kasangsaraan nu pangparah-parahna. ”Kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna! Datangna bakal ngadadak kawas kusialna kanyeri awewe nu rek ngajuru.” Kumaha jeung hamba Yéhuwa nu satia? Maranéhna bisa jadi reuwas lantaran ”Poe sumpingna Gusti” geus datang, tapi maranéhna geus siap.

9. Kumaha runtuyanana dunya Sétan ieu bakal dibinasakeun?

9 Yéhuwa teu ngabinasakeun sakabéh dunya Sétan sakaligus kawas di jaman Nuh, tapi aya dua tahap. Mimitina, Mantenna bakal ngabinasakeun Babul Raya, nyaéta sakabéh agama palsu. Tuluy dina Armagédon, Mantenna bakal ngabinasakeun sésana, kaasup sistim pulitik, militér, jeung sistim dagang. Hayu urang bahas sacara rinci dua tahap ieu.

10. Numutkeun Wahyu 17:1, 6 jeung 18:24, naon sababna Yéhuwa rék ngabinasakeun Babul Raya?

10 ”Dihukumna palacur anu geus kaceluk jadug.” (Baca Wahyu 17:1, 6; 18:24.) Babul Raya geus ngaruksak nami Allah, misalna ngajarkeun kabohongan ngeunaan Allah. Manéhna ngalacurkeun diri sacara rohani ku cara ulubiung dina pamaréntahan dunya. Manéhna ngagunakeun kawasa jeung pangaruhna pikeun meres anggotana. Salian ti éta, agama palsu gé geus maéhan loba jalma, kaasup hamba Allah. (Wahyu 19:2) Kumaha carana Yéhuwa ngabinasakeun Babul Raya?

11. Saha ”sato rupa beureum” téh, jeung kumaha éta digunakeun ku Allah pikeun ngabinasakeun Babul Raya?

11 Yéhuwa bakal ngagunakeun ’sapuluh tanduk’ ti ”sato rupa beureum” pikeun ngabinasakeun ”palacur anu geus kaceluk jadug”. Sato éta ngalambangkeun organisasi Perserikatan Bangsa-Bangsa. Sapuluh tanduk ngalambangkeun pamaréntah-pamaréntah nu ngadukung organisasi éta. Dina waktu nu geus ditangtukeun ku Allah, pamaréntah-pamaréntah éta bakal nyerang Babul Raya. ”Hartana bakal dijabel” sarta ”awakna ditaranjangan” atawa kajahatanana dibolékérkeun. (Wahyu 17:3, 16) Ancurna Babul Raya bakal gancang pisan, saolah-olah dina sapoé. Jalma-jalma nu ngadukung manéhna bakal reuwas pisan lantaran manéhna sok gedé omong, ”Aing teh jeneng, aing ratu! Aing lain randa. Aing pamohalan ngalaman susah.”​—Wahyu 18:7, 8.

12. Yéhuwa moal ngantep bangsa-bangsa ngalakukeun naon, jeung naon alesanana?

12 Allah moal ngantep bangsa-bangsa ngabinasakeun umat-Na. Umat-Na reueus nyandang nami-Na jeung taat kana paréntah-Na pikeun kaluar ti Babul Raya. (Ras. 15:16, 17; Wahyu 18:4) Maranéhna ogé sakuat tanaga nulungan batur kaluar ti dinya. Jadi, hamba Yéhuwa moal ”kabawa ku hukumanana” Babul Raya. Tapi, iman maranéhna bakal diuji.

Teu sual maranéhna aya di mana, umat Allah bakal percaya ka Mantenna waktu diserang (Tingali paragrap 13) *

13. (a) Saha Gog téh? (b) Numutkeun Yeheskel 38:2, 8, 9, naon nu nyababkeun perang Armagédon dimimitian?

13 Serangan Gog. (Baca Yeheskel 38:2, 8, 9.) Sanggeus kabéh organisasi agama palsu dibinasakeun, umat Yéhuwa bakal jadi hiji-hijina agama di dunya kawas hiji tangkal nu tetep ngadeg sanggeus aya angin ribut. Sétan tangtu ngamuk. Manéhna bakal ngabudalkeun amarahna ku cara ngagunakeun ”tilu roh najis”, nyaéta kabohongan ti roh-roh jahat, pikeun ngajurung gabungan bangsa-bangsa nyerang umat Yéhuwa. (Wahyu 16:13, 14) Gabungan bangsa-bangsa ieu disebut ’Gog di tanah Magog’. Waktu bangsa-bangsa nyerang umat Yéhuwa, perang Armagédon bakal dimimitian.​—Wahyu 16:16.

14. Gog bakal sadar kana hal naon?

14 Gog bakal ngandelkeun ”kakuatan manusa” nyaéta kakuatan militér. (2 Bab. 32:8) Tapi, urang mah bakal ngandelkeun Yéhuwa Allah urang. Tindakan ieu dianggap bodo ku bangsa-bangsa lantaran allah-allahna Babul Raya nu kuat gé teu bisa nyalametkeun manéhna ti ”tanduk nu sapuluh jeung ku satona”! (Wahyu 17:16) Jadi, Gog ngarasa bakal gampang ngéléhkeun urang. Manéhna bakal nyerang umat Yéhuwa ”lir angin ribut anu ngagelebug”. (Yeh. 38:16) Tapi, ahirna Gog sadar manéhna téh salah léngkah. Siga Piraon di Laut Beureum, Gog sadar nu dilawan ku manéhna téh Yéhuwa.​—Bud. 14:1-4; Yeh. 38:3, 4, 18, 21-23.

15. Naon nu dilakukeun ku Yésus dina perang Armagédon?

15 Kristus jeung pasukan sawargana bakal ngabéla umat Allah jeung ngabinasakeun gorombolan Gog. (Wahyu 19:11, 14, 15) Tapi, kumaha jeung musuh utama Yéhuwa, nyaéta Sétan, nu geus nipu bangsa-bangsa supaya nyerang umat Allah dina Armagédon? Yésus bakal ngagebluskeun manéhna jeung roh-roh jahat ka guha kereman jeung diranté salila sarébu taun.​—Wahyu 20:1-3.

KUMAHA SADÉRÉK BISA SALAMET NGALIWATAN ARMAGÉDON?

16. (a) Kumaha urang bisa némbongkeun yén urang ”kenal ka Allah”? (b) Naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma nu kenal ka Allah dina Armagédon?

16 Teu sual urang geus mangtaun-taun atawa kakara jadi Saksi, urang kudu ”kenal ka Allah” jeung ”taat kana warta hadé ngeunaan Yésus Gusti urang” sangkan bisa salamet dina Armagédon. (2 Tes. 1:7-9, Terjemahan Dunia Baru) Urang ”kenal ka Allah” lamun apal kana papakon-Na, naon nu dipikaresep, jeung naon nu dipikaijid ku Mantenna. Urang gé kenal ka Allah lamun nyaah, taat, sarta ngabakti ngan ka Mantenna. (1 Yoh. 2:3-5; 5:3) Lamun kenal ka Allah, urang meunang kahormatan pikeun ’dikenal ku Allah’ nyaéta dipikaresep ku Mantenna. (1 Kor. 8:3) Éta nu bakal nyalametkeun urang dina Armagédon!

17. Naon hartina ”taat kana warta hadé ngeunaan Yésus Gusti urang”?

17 ”Warta hadé ngeunaan Yésus Gusti urang” téh kaasup bebeneran nu diajarkeun ku Yésus nu aya dina Firman Allah. Urang taat kana warta hadé éta lamun ngalarapkeunana dina kahirupan. Urang gé taat lamun ngutamakeun kapentingan Karajaan, hirup sajalan jeung papakon Allah nu bener, sarta nguarkeun Karajaan Allah. (Mat. 6:33; 24:14) Salian ti éta, urang gé bakal ngadukung dulur-dulur Kristus nu diistrénan dina ngajalankeun tugasna nu penting.​—Mat. 25:31-40.

18. Kumaha carana hamba Allah nu diistrénan ngabales kahadéan nu ditémbongkeun ka maranéhna?

18 Hamba Allah nu diistrénan sakeudeung deui bakal bisa ngabales kahadéan nu ditémbongkeun ku ’domba-domba lian’. (Yoh. 10:16) Kumaha carana? Saméméh perang Armagédon dimimitian, kabéh anggota 144.000 geus aya di sawarga jadi mahluk roh nu moal bakal maot. Maranéhna bakal jadi bagian ti pasukan sawarga nu bakal ngamusnakeun Gog jeung nyalametkeun ’jelema nu kacida lobana’, nyaéta umat Yéhuwa. (Wahyu 2:26, 27; 7:9, 10) Jelema nu kacida lobana ieu bungah pisan bisa ngadukung hamba Yéhuwa nu diistrénan salila maranéhna masih kénéh aya di bumi!

KUMAHA URANG BISA TETEP SATIA NEPI KA DATANGNA ARMAGÉDON?

19-20. Teu sual naon tangtangan urang, kumaha urang bisa tetep satia nepi ka datangna Armagédon?

19 Dina poé-poé panungtungan nu susah ieu, loba umat Yéhuwa nyanghareupan tangtangan. Sanajan kitu, urang bisa tetep tabah bari jeung bungah. (Yak. 1:2-4) Salah sahiji hal nu bener-bener bisa ngabantu urang téh doa nu sapinuh haté. (Luk. 21:36) Tapi doa gé kudu dibarengan jeung diajar Firman Allah unggal poé sarta ngalenyepanana, kaasup diajar nubuat-nubuat nu bakal kajadian. (Jab. 77:13) Ngalampahkeun hal-hal ieu bari getol ngawawar bakal nguatkeun iman jeung harepan urang!

20 Bayangkeun sakumaha gumbirana Sadérék waktu Babul Raya geus musna jeung Armagédon geus bérés! Bayangkeun ogé sakumaha bungahna Sadérék waktu sakabéh jalma ngahormat nami Allah jeung hak-Na pikeun maréntah! (Yeh. 38:23) Tangtu Armagédon téh matak pikabungaheun keur jalma-jalma nu kenal ka Allah tur taat ka Putra-Na, jeung tetep tabah nepi ka panungtungan.​—Mat. 24:13.

KAWIH 143 Terus Dagoan Poé Yéhuwa

^ par. 5 Umat Yéhuwa geus lila ngadago-dago datangna Armagédon. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas naon Armagédon téh, aya kajadian naon waé saacan éta datang, jeung kumaha urang bisa tetep satia nepi ka datangna Armagédon.

^ par. 71 KATERANGAN GAMBAR: Waktu aya pangumuman ’kaayaan tenang jeung aman’, urang bakal tetep ngawawar salila masih kénéh bisa dilakukeun. Waktu agama palsu diancurkeun, urang bakal tetep rutin diajar. Waktu Gog di tanah Magog nyerang, urang bakal terus nyalindung ka Yéhuwa.

^ par. 85 KATERANGAN GAMBAR: Pulisi rék ngagerebeg imah kulawarga Kristen nu percaya yén kajadian éta diperhatikeun ku Yésus jeung malaikatna.