Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 39

”Kaula Ningal Jelema Kacida Lobana”

”Kaula Ningal Jelema Kacida Lobana”

”Kaula ningal jelema kacida lobana nepi ka moal kaitung . . . narangtung di hareupeun tahta jeung Anak Domba.”​—WAHYU 7:9.

KAWIH 60 Kahirupan keur Sadaya

NU DIBAHAS *

1. Kumaha kaayaan Rasul Yohanes dina panungtungan abad kahiji M?

DINA panungtungan abad kahiji M, Rasul Yohanes keur aya dina kaayaan nu susah pisan. Manéhna geus rémpo, dipanjara di Pulo Patmos, jeung bisa jadi hiji-hijina rasul nu hirup kénéh. (Wahyu 1:9) Manéhna apal aya jalma-jalma nu ngajarkeun pangajaran palsu jeung ngalantarankeun sidang-sidang papecah. Katingalina, Kakristenan nu sajati geus téréh pareum.​—Yud. 4; Wahyu 2:15, 20; 3:1, 17.

Rasul Yohanes ningali ’jelema nu kacida lobana’ maraké jubah bodas jeung nyarekel palapah daun palem (Tingali paragrap 2)

2. Numutkeun Wahyu 7:9-14, Yohanes meunang téténjoan nu luar biasa naon ngeunaan mangsa kahareup? (Tingali gambar dina sampul hareup.)

2 Dina kaayaan siga kitu, Yohanes meunang téténjoan nu luar biasa ngeunaan mangsa kahareup. Manéhna ningali aya opat malaikat nu dititah nahan angin nu ngaruksak nepi ka kabéh jalma nu ngarabdi ka Allah dicap. (Wahyu 7:1-3) Angin éta ngalambangkeun mangsa cilaka. Jalma-jalma éta téh bagian ti 144.000 nu bakal maréntah jeung Yésus di sawarga. (Luk. 12:32; Wahyu 7:4) Tuluy, Yohanes nyebutkeun kelompok séjén nu jauh leuwih gedé. Ceuk manéhna, ”Sanggeus kitu kaula ningal jelema kacida lobana nepi ka moal kaitung. Campur ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana, narangtung di hareupeun tahta jeung Anak Domba.” (Baca Wahyu 7:9-14.) Bayangkeun sakumaha bungahna Yohanes waktu apal yén dina mangsa kahareup bakal aya loba pisan jalma nu nyembah Allah ku cara nu bener!

3. (a) Ku naon téténjoan Yohanes nguatkeun iman urang? (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Téténjoan éta tangtu nguatkeun iman Yohanes. Iman urang gé pasti leuwih dikuatkeun lantaran urang hirup dina jaman nubuat éta laksana! Kiwari, geus aya jutaan nu ibadah ka Yéhuwa jeung boga harepan pikeun salamet tina mangsa cilaka sarta hirup langgeng di bumi. Dina artikel ieu, urang bakal diajar yén leuwih ti 80 taun katukang, Yéhuwa geus ngungkabkeun ka umat-Na saha jelema nu kacida lobana éta. Tuluy urang bakal ngabahas dua hal ngeunaan kelompok éta: (1) jumlahna loba pisan jeung (2) anggotana ti sakuliah dunya. Bahasan ieu bakal nguatkeun iman kabéh jalma nu kaasup kelompok nu diberkahan éta.

JELEMA NU KACIDA LOBANA BAKAL HIRUP DI MANA?

4. Garéja-garéja teu ngarti kana bebeneran Alkitab naon? Kumaha jeung Siswa-Siswa Alkitab?

4 Garéja-garéja umumna teu ngajarkeun bebeneran Alkitab ngeunaan hirup langgeng di bumi keur jalma-jalma nu satia. (2 Kor. 4:3, 4) Kiwari, kalolobaan garéja ngajarkeun yén sanggeus maot, kabéh jalma bageur bakal ka sawarga. Tapi, éta béda jeung pamahaman ti kelompok leutik Siswa-Siswa Alkitab nu medalkeun majalah Warta Hadé ti saprak taun 1879. Maranéhna paham Allah bakal mulihkeun Pirdaus di bumi jeung jutaan jalma nu satia bakal hirup di ieu bumi, lain di sawarga. Tapi, maranéhna teu langsung ngarti saha jalma-jalma nu satia ieu.​—Mat. 6:10.

5. Naon nu dipercaya Siswa-Siswa Alkitab ngeunaan 144.000?

5 Tangtu, Siswa-Siswa Alkitab ogé paham tina Alkitab yén sababaraha nu ”ditebus ti dunya” bakal maréntah jeung Yésus di sawarga. (Wahyu 14:3) Aya 144.000 jalma dina kelompok ieu. Maranéhna urang Kristen nu ngabakti jeung sumanget ngawula ka Allah kalawan satia waktu keur di bumi. Tapi saha nu dimaksud jelema nu kacida lobana?

6. Naon nu dipercaya ku Siswa-Siswa Alkitab ngeunaan jelema nu kacida lobana?

6 Dina téténjoanana, Yohanes ningali kelompok éta ”narangtung di hareupeun tahta jeung Anak Domba”. (Wahyu 7:9) Tina kekecapan ieu, Siswa-Siswa Alkitab nyimpulkeun yén jelema nu kacida lobana bakal hirup di sawarga sarua jeung ka-144.000. Lamun dua kelompok ieu ka sawarga, naon bédana? Siswa-Siswa Alkitab boga pamikiran yén jelema nu kacida lobana téh urang Kristen nu teu bener-bener satia basa di bumi. Sanajan nuturkeun papakon moral Alkitab, bisa jadi aya nu masih kénéh anggota garéja. Siswa-Siswa Alkitab nyimpulkeun yén kanyaah jalma-jalma ieu ka Allah teu pati kuat. Ku kituna, maranéhna teu nyumponan sarat pikeun maréntah bareng jeung Yésus. Jadi, maranéhna meunang ka sawarga pikeun aya di hareupeun tahta jeung Anak Domba, tapi teu diuk dina tahta.

7. Ceuk Siswa-Siswa Alkitab, saha nu bakal hirup di bumi dina mangsa Sarébu Taun, jeung naon nu dipercaya ngeunaan priya-priya satia nu maot saacan Kristus?

7 Mun kitu, saha nu hirup di bumi? Siswa-Siswa Alkitab percaya sanggeus ka-144.000 jeung jelema nu kacida lobana dikumpulkeun ka sawarga, jutaan jalma bakal hirup di bumi jeung narima berkah ti Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus. Siswa-Siswa Alkitab teu ngabayangkeun jutaan jalma ieu ngawula Yéhuwa saacan Pamaréntahan Kristus dimimitian. Maranéhna nyangka yén kelompok ieu bakal diajar ngeunaan Yéhuwa dina mangsa Sarébu Taun. Geus kitu, jalma nu nuturkeun papakon Yéhuwa bakal hirup langgeng di bumi, tapi nu barontak bakal dimusnakeun. Siswa-Siswa Alkitab ogé nyangka sababaraha nu jadi ”pangereh” atawa pamingpin dina mangsa éta, kaasup priya-priya satia nu maot saacan Kristus, bakal meunang ganjaran hirup di sawarga dina panungtungan Sarébu Taun.​—Jab. 45:17.

8. Saha tilu kelompok nu jadi umat Allah?

8 Jadi, Siswa-Siswa Alkitab nganggap aya tilu kelompok, (1) ka-144.000 nu bakal maréntah bareng jeung Yésus di sawarga; (2) jelema nu kacida lobana, nyaéta urang Kristen nu teu bener-bener satia, nu bakal narangtung di hareupeun tahta Yésus di sawarga; jeung (3) jutaan jalma di bumi nu bakal diajar ngeunaan Yéhuwa dina mangsa Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus. * Tapi dina waktuna, Yéhuwa ngabantu sangkan caang bebeneran ngeunaan hal ieu beuki béngras.​—Sil. 4:18.

CAANG BEBENERAN BEUKI BÉNGRAS

Dina kongrés taun 1935, loba jalma nu boga harepan hirup di bumi dibaptis (Tingali paragrap 9)

9. (a) Naon maksudna jelema nu kacida lobana narangtung ”di hareupeun tahta jeung Anak Domba”? (b) Ku naon pamahaman ngeunaan Wahyu 7:9 ieu asup akal?

9 Dina taun 1935, nu dimaksud jelema nu kacida lobana téh jadi beuki béngras. Saksi-Saksi Yéhuwa ahirna paham yén kelompok ieu teu kudu aya di sawarga pikeun narangtung ”di hareupeun tahta jeung Anak Domba”. Éta téh mangrupakeun lambang. Sanajan bakal hirup di bumi, maranéhna bisa narangtung ”di hareupeun tahta” ku cara narima Yéhuwa sabagé Pangawasa jeung tunduk kana wewenang-Na. (Yes. 66:1) Maranéhna bisa narangtung ’di hareupeun Anak Domba’ ku cara némbongkeun iman kana korban tebusan Yésus. Aya ayat séjén nu ngabantu urang paham yén kecap ”di hareupeun” téh boga harti lambang. Dina Mateus 25:31, 32, ”jelema-jelema saalam dunya”, kaasup nu jahat, ’dijagragkeun ka payuneun’ tahta Yésus nu mulya. Jelas, jalma-jalma éta téh aya di dunya, lain di sawarga. Pamahaman nu geus disaluyukeun ieu asup akal. Éta sababna Alkitab teu pernah nyebutkeun jelema nu kacida lobana diangkat ka sawarga. Ngan aya hiji kelompok nu bakal ka sawarga, nyaéta ka-144.000 nu bakal ”marentah bumi” bareng jeung Yésus.​—Wahyu 5:10.

10. Ku naon jelema nu kacida lobana kudu diajar ngeunaan Yéhuwa saacan Pamaréntahan Sarébu Taun?

10 Ti taun 1935, Saksi-Saksi Yéhuwa geus paham yén jelema nu kacida lobana dina téténjoan Yohanes téh sakelompok urang Kristen nu satia nu boga harepan hirup langgeng di bumi. Supaya bisa salamet tina mangsa cilaka, maranéhna kudu diajar ngeunaan Yéhuwa jeung ngawula Mantenna saacan Pamaréntahan Sarébu Taun. Ku kituna, maranéhna bisa boga iman nu gedé supaya ’kuat nandangan kajadian-kajadian’ saacan Pamaréntahan Sarébu Taun Kristus.​—Luk. 21:34-36.

11. Ku naon bisa muncul pamahaman ngeunaan jalma-jalma nu diangkat ka sawarga sanggeus Sarébu Taun?

11 Kumaha jeung pamahaman ngeunaan sababaraha jalma nu satia di bumi nu bakal diangkat ka sawarga sanggeus Sarébu Taun? Hal ieu pernah disebutkeun dina The Watch Tower 15 Pébruari 1913. Pamahaman ieu bisa muncul lantaran aya nu mikir, ’Ku naon hamba-hamba Allah di jaman baheula nu satia ngan hirup di bumi, ari urang Kristen nu teu bener-bener satia dibéré ganjaran hirup di sawarga?’ Tangtu, pamahaman ieu téh kapangaruhan ku dua anggapan nu salah: (1) jelema nu kacida lobana bakal hirup di sawarga jeung (2) maranéhna téh urang Kristen nu teu bener-bener satia.

12-13. Dua kelompok ieu paham yén maranéhna bisa narima ganjaran téh ku lantaran naon?

12 Jadi sakumaha nu geus dibahas, ti taun 1935, Saksi-Saksi Yéhuwa geus boga pamahaman nu jelas yén nu salamet tina Armagédon téh nyaéta jelema nu kacida lobana dina téténjoan Yohanes. Maranéhna téh jalma-jalma di bumi ”anu tas dikaniaya kacida hebatna [”anu saralamet tina mangsa cilaka”, Terjemahan Dunia Baru (NW)]”. Tuluy ”maranehna nyoara tarik ngucapkeun, ’Kasalametan teh ti Allah urang, anu linggih dina tahta, jeung ti Anak Domba!’” (Wahyu 7:10, 14) Kitab Suci ogé ngajarkeun yén jalma-jalma nu dihirupkeun ka sawarga bakal narima harepan nu leuwih unggul ti batan priya-priya satia dina jaman baheula. (Ibr. 11:40) Jadi ti harita, sadérék-sadérék urang sumanget ngondang jalma-jalma pikeun ngawula Yéhuwa supaya bisa hirup langgeng di bumi.

13 Jelema nu kacida lobana bungah narima harepan éta. Maranéhna paham yén Yéhuwa anu mutuskeun naha hamba-Na nu satia bakal ngawula di sawarga atawa di bumi. Dua kelompok ieu paham yén maranéhna bisa narima ganjaran éta téh ngan ku lantaran rahmat Yéhuwa liwat korban tebusan Yésus Kristus.​—Rum 3:24.

JUMLAHNA LOBA PISAN

14. Sanggeus taun 1935, ku naon loba kénéh nu bingung kumaha nubuat ngeunaan jelema nu kacida lobana bisa laksana?

14 Sanggeus umat Yéhuwa boga pamahaman nu jelas dina taun 1935, loba kénéh nu bingung kumaha jalma nu boga harepan hirup di bumi jumlahna bakal jadi loba pisan. Contona, Ronald Parkin umurna 12 taun waktu pamahaman ngeunaan jelema nu kacida lobana disaluyukeun. Manéhna inget, ”Harita, aya kira-kira 56.000 pawarta di sakuliah dunya, jeung lolobana mah nu diistrénan. Jadi, jelema nu kacida lobana téh kacirina teu pati loba.”

15. Kumaha jumlah jelema nu kacida lobana terus ningkat?

15 Tapi puluhan taun sanggeusna, misionaris-misionaris dikirim ka loba nagri, jadi jumlah Saksi Yéhuwa terus ningkat. Ti taun 1968, buku Kebenaran yang Membimbing kepada Hidup yang Kekal dipaké keur palajaran Alkitab. Buku ieu ngajelaskeun bebeneran Alkitab ku cara nu saderhana, jadi loba jalma nu rendah haté kataji kana bebeneran. Dina waktu opat taun, leuwih ti satengah juta murid dibaptis. Salian ti éta, aya jutaan deui nu dibaptis lantaran kakawasaan Garéja Katolik di Amerika Latin jeung di nagri-nagri séjén geus ngurangan, sarta kagiatan urang dibébaskeun di Eropa Timur jeung sababaraha nagri di Afrika. (Yes. 60:22) Sababaraha taun katukang, organisasi Yéhuwa nyieun pakakas-pakakas alus pikeun ngajar jalma-jalma ngeunaan Alkitab. Jelas, jelema nu kacida lobana keur dikumpulkeun. Ayeuna, jumlahna leuwih ti dalapan juta.

ANGGOTANA TI SAKULIAH DUNYA

16. Ti mana asalna jelema nu kacida lobana?

16 Dina catetan ngeunaan téténjoanana, Yohanes nyebutkeun yén jelema nu kacida lobana téh ”ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana”. Nabi Jakaria saacanna geus nganubuatkeun hal nu sarupa. Manéhna nulis, ”Harita, sapuluh jalma urang asing [ti sakabéh bangsa jeung basa, NW] bakal datang ka urang Yahudi saurang ngaromong kieu, ’Kaula ge hayang bagja cara anjeun; rehna kaula nguping yen anjeun diberkahan ku Allah.’”​—Jak. 8:23.

17. Naon nu geus dilakukeun pikeun ngabantu jalma-jalma ti sagala bangsa jeung basa?

17 Saksi-Saksi Yéhuwa sadar, supaya jalma-jalma ti sagala basa bisa dikumpulkeun, warta hadé kudu diwawarkeun dina loba basa. Leuwih ti 130 taun, urang geus narjamahkeun bahan palajaran Alkitab. Tapi ayeuna, urang narjamahkeun bacaan ka ratusan basa, ieu téh upaya panarjamahan nu panggedéna sapanjang sajarah. Jelas, ngumpulkeun jelema nu kacida lobana ti sakabéh bangsa téh mujijat Yéhuwa di jaman kiwari. Lantaran Alkitab jeung bacaan Alkitab aya dina loba basa, maranéhna bisa ngahiji ibadah ka Yéhuwa sanajan asalna ti rupa-rupa bangsa. Umat Yéhuwa gé katelah sumanget ngawawar jeung silih pikanyaah. Ieu tangtu nguatkeun iman urang!​—Mat. 24:14; Yoh. 13:35.

NAON HARTINA TÉTÉNJOAN IEU KEUR URANG?

18. (a) Luyu jeung Yesaya 46:10, 11, ku naon urang teu héran Yéhuwa ngalaksanakeun nubuat ngeunaan jelema nu kacida lobana? (b) Ku naon jalma nu boga harepan hirup di bumi teu ngarasa disapirakeun?

18 Urang bungah pisan bisa paham nubuat ngeunaan jelema nu kacida lobana! Urang tangtu teu héran Yéhuwa ngalaksanakeun nubuat ieu ku cara nu matak tajub. (Baca Yesaya 46:10, 11.) Jelema nu kacida lobana ieu ngahargaan pisan harepan ti Yéhuwa. Sanajan teu diistrénan ku roh Allah pikeun ngawula bareng jeung Yésus di sawarga, maranéhna teu ngarasa disapirakeun. Kitab Suci nyebutkeun aya priya jeung wanita nu satia nu dibingbing ku roh suci sanajan lain bagian ti 144.000. Contona, Yohanes Jurubaptis. (Mat. 11:11) Conto séjénna Daud. (Ras. 2:34) Maranéhna jeung loba deui nu séjénna bakal dihirupkeun deui di bumi pirdaus. Maranéhna bareng jeung jelema nu kacida lobana boga kasempetan pikeun némbongkeun kasatiaanana ka Yéhuwa jeung kana pamaréntahan Mantenna.

19. Lantaran paham kana téténjoan Yohanes ngeunaan jelema nu kacida lobana, naon nu kudu dilakukeun ku urang?

19 Dina sapanjang sajarah, can pernah Yéhuwa ngumpulkeun jutaan jalma ti sagala bangsa ku cara kieu. Teu sual harepan urang di sawarga atawa di bumi, urang kudu ngabantu saloba-lobana jalma jadi bagian ti ’jelema nu kacida lobana’ nu kaasup ’domba-domba lian’. (Yoh. 10:16) Sakeudeung deui, Yéhuwa bakal ngalaksanakeun nubuat-Na ngeunaan mangsa cilaka. Engké, kabéh pamaréntah jeung agama nu nyusahkeun umat manusa bakal musna. Tapi, kabéh nu kaasup jelema nu kacida lobana bakal boga hak istiméwa nu luar biasa pikeun ngawula Yéhuwa di bumi salalanggengna!​—Wahyu 7:14.

KAWIH 139 Pék Bayangkeun Hirup di Dunya Anyar

^ par. 5 Artikel ieu bakal ngabahas téténjoan Yohanes nu nganubuatkeun dikumpulkeunana ’jelema nu kacida lobana’. Tangtu ieu bakal nguatkeun iman kabéh nu kaasup dina kelompok nu diberkahan ieu.

^ par. 8 Tingali Saksi-Saksi YehuwaPemberita Kerajaan Allah, kaca 159-163.