Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 37

Réla Tunduk ka Yéhuwa

Réla Tunduk ka Yéhuwa

”Ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih.”​—IBR. 12:9.

KAWIH 9 Yéhuwa Jadi Raja!

NU DIBAHAS *

1. Ku naon urang kudu tunduk ka Yéhuwa?

URANG kudu tunduk ka Yéhuwa lantaran Mantenna Nu Nyiptakeun urang. Éta sababna, Mantenna boga hak pikeun netepkeun naon nu kudu dilampahkeun ku ciptaana-Na. (Wahyu 4:11) Tapi, aya deui alesan penting ku naon urang kudu taat ka Mantenna: cara Mantenna maréntah téh nu panghadéna. Di sapanjang sajarah, aya loba jalma nu boga kawasa jeung wewenang. Tapi lamun dibandingkeun jeung maranéhna mah, Yéhuwa téh Pangawasa nu paling bijaksana, nyaahan, welas asih, jeung karunyaan.​—Bud. 34:6; Rum 16:27; 1 Yoh. 4:8.

2. Saperti nu ditulis dina Ibrani 12:9-11, ku naon urang kudu tunduk ka Yéhuwa?

2 Yéhuwa hoyong urang taat lain ku lantaran urang sieun, tapi lantaran urang nyaah jeung nganggap Mantenna téh Bapa nu nyaahan. Dina suratna ka urang Ibrani, Paulus ngajelaskeun yén ”ka Rama rohani, urang kudu leuwih ajrih [”tunduk”, Terjemahan Dunia Baru (NW)]” lantaran éta téh ”keur pibagjaeun urang”.​—Baca Ibrani 12:9-11.

3. (a) Kumaha carana urang tunduk ka Yéhuwa? (b) Pananya naon waé nu bakal dibahas?

3 Urang tunduk ka Yéhuwa ku cara satékah polah taat ka Mantenna dina sagala hal sarta teu ngandelkeun kanyaho sorangan. (Sil. 3:5) Urang leuwih gampang tunduk ka Yéhuwa lamun diajar leuwih loba ngeunaan sagala nu dilampahkeun ku Mantenna. Ku naon? Lantaran sipat-sipat-Na nu luar biasa katémbong dina sagala lalampahan Mantenna. (Jab. 145:9) Leuwih loba diajar ngeunaan Yéhuwa, urang bakal leuwih nyaah ka Mantenna. Lamun nyaah ka Yéhuwa, urang teu perlu daptar aturan ngeunaan naon nu kudu jeung ulah dilakukeun. Urang hayang nyonto cara pikir jeung parasaan Yéhuwa ngeunaan nu hadé jeung nu goréng. (Jab. 97:10) Tapi, ku naon taat ka Yéhuwa téh sakapeung teu gampang? Jeung, kumaha para kokolot sidang bisa nyonto Gupernur Néhémia, para bapa nyonto Raja Daud, jeung para indung nyonto Mariam, indungna Yésus? Jawabanana bakal dibahas dina artikel ieu.

KU NAON TUNDUK KA YÉHUWA TÉH BISA JADI TEU GAMPANG?

4-5. Numutkeun Rum 7:21-23, ku naon tunduk ka Yéhuwa téh bisa jadi teu gampang?

4 Salah sahiji alesanana urang hésé tunduk ka Yéhuwa lantaran urang ngawaris dosa jeung teu sampurna. Jadi, sakapeung urang embung taat. Sanggeus Adam jeung Hawa barontak ka Allah jeung ngadahar buah nu dilarang, maranéhna nyieun aturan sorangan. (Kaj. 3:22) Kiwari, kalolobaan jalma gé milih teu taat ka Yéhuwa jeung nangtukeun sorangan naon nu bener jeung nu salah.

5 Nu wanoh jeung nyaah ka Yéhuwa gé masih kénéh bajoang pikeun bener-bener tunduk ka Mantenna. Ieu pernah dirasakeun ku Rasul Paulus. (Baca Rum 7:21-23.) Siga Paulus, urang hayang ngalampahkeun nu bener di payuneun Yéhuwa. Tapi, urang kudu terus ngalawan kahayang nu salah.

6-7. Naon deui nu bisa ngalantarankeun urang hésé tunduk ka Yéhuwa? Béré contona.

6 Alesan séjén urang hésé tunduk ka Yéhuwa téh lantaran kapangaruhan ku kabudayaan di mana urang digedékeun. Loba cara pikir manusa teu sajalan jeung kahoyong Yéhuwa, jadi urang kudu teterusan nampik cara pikir nu umum éta. Hayu perhatikeun contona.

7 Di sababaraha daérah geus biasa lamun budak ngora didesek pikeun néangan duit saloba-lobana. Saurang sadérék istri nu ngaranna Mira * ngarasakeun hal éta. Saacan diajar ngeunaan Yéhuwa, manéhna téh sakola di salah sahiji universitas panghadéna di nagrina. Mira didesek ku kulawargana pikeun meunangkeun pagawéan nu gajihna gedé supaya dihormat ku batur. Manéhna gé hayangna mah kitu. Tapi, sanggeus diajar ngeunaan Yéhuwa jeung mikanyaah Mantenna, cita-citana barobah. Sanajan kitu, manéhna ngomong, ”Sakapeung, aya kasempetan pikeun meunang loba duit, tapi abdi apal éta bisa ngaruksak kabiasaan rohani abdi. Lantaran didikan kulawarga, abdi sok hésé nolak. Abdi nyuhunkeun ka Yéhuwa supaya teu kabita ku pagawéan nu ngaganggu dines abdi ka Mantenna.”​—Mat. 6:24.

8. Ayeuna, urang rék ngabahas naon?

8 Lamun tunduk ka Yéhuwa, urang bakal meunang mangpaat. Tapi, jalma nu boga wewenang, saperti kokolot sidang, bapa, jeung indung boga alesan séjén pikeun nuturkeun pituduh Allah, nyaéta maranéhna bisa méré mangpaat keur batur. Hayu urang perhatikeun sababaraha conto tina Alkitab nu ngajalankeun wewenangna ku cara nu nyenangkeun Yéhuwa.

KOKOLOT SIDANG BISA DIAJAR TI NÉHÉMIA

Kokolot milu digawé di Balé Karajaan siga Néhémia nu milu ngawangun deui témbok Yérusalém (Tingali paragrap 9-11) *

9. Tangtangan naon nu disanghareupan ku Néhémia?

9 Yéhuwa mercayakeun tanggung jawab penting ka kokolot pikeun ngurus umat-Na. (1 Pet. 5:2) Kokolot bisa loba diajar tina sikep Néhémia ka umat Yéhuwa. Sabagé gupernur Yuda, manéhna boga wewenang nu gedé. (Neh. 1:11; 2:7, 8; 5:14) Bayangkeun sababaraha tangtangan nu disanghareupan ku Néhémia. Manéhna ningali jalma-jalma nganajisan bait jeung teu méré sumbangan keur urang Léwi sakumaha nu geus ditulis dina Hukum. Urang Yahudi ngalanggar hukum Sabat, sarta sababaraha lalakina kawin jeung awéwé ti bangsa séjén. Gupernur Néhémia kudu nyieun tindakan pikeun ngaréngsékeun masalah ieu.​—Neh. 13:4-30.

10. Naon tindakan Néhémia pikeun ngaréngsékeun masalah nu keur disanghareupan?

10 Néhémia teu nyalahgunakeun wewenangna pikeun maksa batur nuturkeun pandangan manéhna. Tapi, manéhna bener-bener ngadoa ka Yéhuwa nyuhunkeun pituduh-Na, tuluy manéhna ngajarkeun Hukum Yéhuwa ka jalma-jalma. (Neh. 1:4-10; 13:1-3) Néhémia ogé rendah haté, manéhna daék gawé bareng jeung jalma-jalma, malahan ngabantu maranéhna ngawangun deui témbok Yérusalém.​—Neh. 4:15, NW.

11. Numutkeun 1 Tesalonika 2:7, 8, kumaha sakuduna sikep para kokolot ka jalma-jalma di sidang?

11 Ayeuna, kokolot teu boga masalah siga Néhémia, tapi dina sababaraha hal maranéhna bisa nyonto Néhémia. Misalna, para kokolot satékah polah ngabantu dulur-dulur saiman. Sanajan boga wewenang, maranéhna teu ngarasa leuwih unggul ti batur. Sabalikna, maranéhna lemah lembut ka anggota sidang. (Baca 1 Tesalonika 2:7, 8.) Lantaran rendah haté jeung nyaah pisan ka batur, kokolot bakal ngomong ku cara nu lemah lembut. Andre, kokolot nu geus pangalaman, nyarita, ”Abdi merhatikeun, lamun kokolot bageur jeung soméah, dulur-dulur saiman bakal kageuing haténa. Lamun kokolot némbongkeun sipat-sipat ieu, sidang kajurung pikeun ngadukung kokolot.” Toni, nu geus lila jadi kokolot, nyarita, ”Abdi sabisa-bisa ngalarapkeun naséhat dina Pilipi 2:3 jeung ngupayakeun pikeun terus nganggap batur leuwih unggul ti batan abdi. Ku kituna, abdi henteu siga diktator.”

12. Ku naon para kokolot kudu rendah haté?

12 Kokolot kudu rendah haté saperti Yéhuwa nu rendah haté. Yéhuwa téh Pangawasa nu Maha Agung sajagat raya, tapi Mantenna kersa ”dongko” pikeun ”nyengkatkeun anu miskin tina lebu”. (Jab. 18:36; 113:6, 7) Yéhuwa geuleuh ka jalma nu sombong jeung adigung.​—Sil. 16:5.

13. Ku naon kokolot perlu ”nyandet letahna”?

13 Kokolot nu tunduk ka Yéhuwa kudu ”nyandet letahna”, lamun henteu, manéhna bisa ngomong sangeunahna ka jalma nu teu ngajénan manéhna. (Yak. 1:26; Gal. 5:14, 15) Andre, nu tadi disebutkeun, ngomong, ”Lamun abdi ngarasa teu dihargaan ku saurang sadérék, hayangna mah ngomong sapokna wé ka manéhna. Tapi, abdi ngalenyepan tuladan priya-priya nu satia dina Alkitab. Abdi diajar pentingna rendah haté jeung lemah lembut.” Kokolot nu tunduk ka Yéhuwa bakal ngomong ku cara nu lemah lembut jeung soméah ka anggota sidang, kaasup ka sasama kokolot.​—Kol. 4:6.

PARA BAPA BISA DIAJAR TI RAJA DAUD

14. Naon tugas nu dipasihkeun ku Yéhuwa ka para bapa, jeung naon nu dipiharep ti maranéhna?

14 Yéhuwa nugaskeun para bapa pikeun jadi kapala kulawarga, jeung Allah miharep para bapa ngalatih sarta ngadidik budakna. (1 Kor. 11:3; Epe. 6:4) Tapi, wewenang saurang bapa aya watesna. Maranéhna kudu tanggung jawab ka Yéhuwa Nu Nyiptakeun kulawarga. (Epe. 3:14, 15) Para bapa tunduk ka Yéhuwa lamun ngajalankeun wewenangna ku cara nu nyenangkeun Allah. Maranéhna bisa loba diajar ti Raja Daud.

Doa saurang bapa sakuduna nunjukkeun yén manéhna rendah haté (Tingali paragrap 15-16) *

15. Raja Daud méré conto naon keur para bapa?

15 Yéhuwa ngalantik Daud teu ngan saukur jadi kapala keur kulawargana, tapi ogé keur sakabéh bangsa Israil. Sabagé raja, Daud boga kawasa nu gedé. Hiji waktu, Daud pernah nyalahgunakeun kawasana jeung nyieun kasalahan gedé. (2 Sam. 11:14, 15) Tapi, manéhna tunduk ka Yéhuwa ku cara daék narima disiplin. Liwat doa, manéhna ngungkabkeun eusi haténa ka Yéhuwa. Manéhna gé sabisa-bisa nuturkeun naséhat Yéhuwa. (Jab. 51:3-6) Salian ti éta, manéhna rendah haté daék narima saran, teu saukur ti lalaki tapi ogé ti awéwé. (1 Sam. 19:11, 12; 25:32, 33) Daud diajar tina kasalahanana jeung ngutamakeun palayananana ka Yéhuwa.

16. Para bapa bisa diajar naon waé ti Daud?

16 Para bapa bisa diajar sababaraha hal ti Raja Daud: Ulah nyalahgunakeun wewenang nu dipasihkeun ku Yéhuwa. Mun nyieun salah, pék ngaku jeung tarima naséhat batur tina Alkitab. Mun Sadérék rendah haté, kulawarga bakal ngajénan Sadérék. Waktu ngadoa bareng jeung kulawarga, budalkeun eusi haté Sadérék supaya maranéhna ngadéngé sakumaha ngandel Sadérék ka Yéhuwa. Nu pangpentingna, utamakeun palayanan Sadérék ka Yéhuwa. (Pam. 6:6-9) Tuladan Sadérék téh hadiah panghadéna keur kulawarga.

PARA INDUNG BISA DIAJAR TI MARIAM

17. Para indung dipasihan tugas naon ku Yéhuwa?

17 Yéhuwa masihan tugas nu penting di kulawarga keur para indung. Manéhna boga wewenang ka barudakna. (Sil. 6:20) Malah, naon nu dilakukeun jeung diucapkeun ku indung téh bisa mangaruhan budakna saumur-umur. (Sil. 22:6) Para indung bisa diajar ti Mariam, indungna Yésus.

18-19. Para indung bisa diajar naon ti Mariam?

18 Mariam bener-bener paham kana Kitab Suci. Manéhna ngajénan pisan Yéhuwa jeung boga hubungan nu akrab jeung Mantenna. Manéhna réla tunduk kana pituduh Yéhuwa sanajan kahirupanana bakal barobah.​—Luk. 1:35-38, 46-55.

Waktu saurang indung keur capé jeung jéngkél, manéhna kudu bajoang pikeun ngungkabkeun kanyaah ka anggota kulawargana (Tingali paragrap 19) *

19 Para indung, Sadérék bisa nyonto Mariam dina sababaraha hal. Kahiji, Sadérék kudu ngajaga sosobatan jeung Yéhuwa ku cara diajar Alkitab jeung ngadoa sacara pribadi. Kadua, Sadérék kudu réla nyieun parobahan dina kahirupan pikeun nyenangkeun Yéhuwa. Misalna, bisa jadi Sadérék digedékeun di kulawarga nu gancang ambek jeung ngomong kasar ka barudakna. Jadi, bisa waé Sadérék ngarasa ngomong ku cara kitu ka budak téh wajar. Sanajan Sadérék geus diajar papakon Yéhuwa gé, bisa jadi Sadérék ngarasa hésé pikeun tetep tenang jeung sabar ka budak, komo deui lamun budak téh bangor jeung Sadérékna keur capé. (Epe. 4:31) Dina kaayaan kitu, Sadérék kudu leuwih ngandelkeun Yéhuwa dina doa. Saurang indung nu ngaranna Lidia ngomong, ”Sakapeung, waktu budak keur hésé diatur, abdi kudu bener-bener ngadoa supaya teu ambek-ambekan. Malahan, basa keur ngomong gé, abdi kudu eureun heula tuluy ngadoa di jero haté ménta bantuan Yéhuwa. Doa ngabantu abdi tenang.”​—Jab. 37:5.

20. Sababaraha indung boga masalah naon deui, jeung kumaha cara ngaréngsékeunana?

20 Sababaraha indung bisa jadi boga masalah séjén. Maranéhna hésé ngungkabkeun kanyaah ka budakna. (Tit. 2:3, 4) Meureun, aya nu baheulana digedékeun ku kolot nu teu pati deukeut jeung budak. Lamun Sadérék digedékeun ku cara kitu, ulah nyieun kasalahan nu sarua. Indung nu tunduk ka Yéhuwa bakal diajar pikeun ngungkabkeun kanyaah ka budakna. Mémang, pikeun ngarobah cara pikir, parasaan, jeung tindakan téh teu gampang, tapi éta bisa dilakukeun. Parobahan éta bakal mawa mangpaat boh keur Sadérék boh keur kulawarga.

TERUS TUNDUK KA YÉHUWA

21-22. Numutkeun Yesaya 65:13, 14, naon mangpaatna tunduk ka Yéhuwa?

21 Raja Daud nyaho mangpaatna tunduk ka Yéhuwa. Manéhna nulis, ”Papakon PANGERAN saestu, matak bagja nu mituhu. Parentah PANGERAN teh adil, matak lantip budi akal. Tina eta abdi kenging pangarti, tigin ka eta kenging ganjaran.” (Jab. 19:9, 12) Kiwari, urang bisa ningali bédana jalma nu tunduk ka Yéhuwa jeung nu nampik naséhat-Na. Jalma nu tunduk ka Yéhuwa ”bakal barungah”.​—Baca Yesaya 65:13, 14.

22 Lamun kokolot sidang, bapa, jeung indung réla tunduk ka Yéhuwa, kahirupan maranéhna bakal leuwih hadé, kulawargana bakal leuwih bagja, jeung kabéh anggota sidang jadi leuwih raket. Nu pangpentingna, maranéhna bisa nyenangkeun haté Yéhuwa. (Sil. 27:11) Naha aya kabagjaan nu leuwih gedé ti batan hal ieu?

KAWIH 123 Satia jeung Tunduk ka Aturan Yéhuwa

^ par. 5 Artikel ieu bakal ngabahas ku naon urang kudu tunduk ka Yéhuwa. Di dieu ogé bakal dibahas kumaha jalma-jalma nu boga wewenang, saperti kokolot sidang, bapa, jeung indung, bisa diajar tina conto Gupernur Néhémia, Raja Daud, jeung Mariam, indungna Yésus.

^ par. 7 Sababaraha ngaran dina artikel ieu geus diganti.

^ par. 61 KATERANGAN GAMBAR: Saurang kokolot sidang bareng jeung budakna ngoméan Balé Karajaan siga Néhémia nu milu digawé ngawangun deui témbok Yérusalém.

^ par. 63 KATERANGAN GAMBAR: Saurang bapa nepikeun doa nu sapinuh haté bareng jeung kulawargana.

^ par. 65 KATERANGAN GAMBAR: Saurang budak kamalinaan maén video game nepi ka teu ngagawékeun tugas imah jeung tugas sakolana. Indungna, nu capé sanggeus balik gawé, mapatahan budakna tapi teu ngomong kasar atawa ambek-ambekan.