Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 35

Yéhuwa Ngahargaan Hamba-Hamba-Na nu Rendah Haté

Yéhuwa Ngahargaan Hamba-Hamba-Na nu Rendah Haté

”Yéhuwa . . . merhatikeun jalma nu rendah haté.”​—JAB. 138:6, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 48 Terus Ngaraket ka Yéhuwa

NU DIBAHAS *

1. Kumaha parasaan Yéhuwa ka jalma-jalma nu rendah haté? Jelaskeun.

YÉHUWA nyaah ka jalma-jalma nu rendah haté. Ngan maranéhna nu bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta dipikanyaah ku Mantenna. Sabalikna, ”jalma nu sombong mah dijauhan ku Mantenna”. (Jab. 138:6, NW) Urang kabéh hayang nyenangkeun Yéhuwa jeung dipikanyaah ku Mantenna, jadi alus lamun urang diajar carana mekarkeun karendahan haté.

2. Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

2 Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas tilu pananya, (1) Naon hartina rendah haté? (2) Ku naon sipat éta kudu dimekarkeun? (3) Dina kaayaan nu kumaha karendahan haté urang diuji? Sakumaha nu bakal dibahas, lamun ngamekarkeun karendahan haté, urang nyenangkeun Yéhuwa sarta meunang mangpaat.​—Sil. 27:11; Yes. 48:17.

NAON HARTINA RENDAH HATÉ?

3. Naon hartina rendah haté?

3 Jalma nu rendah haté teu ngarasa diri leuwih penting ti batur jeung henteu sombong. Alkitab nunjukkeun yén jalma nu rendah haté paham yén Yéhuwa jauh leuwih unggul ti batan manéhna. Manéhna ogé paham yén batur leuwih unggul dina sababaraha hal.​—Pil. 2:3, 4.

4-5. Ku naon sipat rendah haté teu bisa ditingali ti luarna wungkul?

4 Aya jalma-jalma nu kacirina rendah haté. Maranéhna bisa jadi cicingeun. Atawa, maranéhna hormat jeung sopan ka batur lantaran kabudayaan jeung cara maranéhna digedékeun. Tapi bisa jadi, maranéhna sabenerna kacida sombongna. Lila-lila sipat nu sabenerna bakal kanyahoan.​—Luk. 6:45.

5 Sabalikna, jalma nu katingalina percaya diri jeung ngomongna terus terang can tangtu jalma sombong. (Yoh. 1:46, 47) Tapi, nu boga sipat kitu kudu ati-ati sangkan teu ngandelkeun teuing kasanggupanana sorangan. Teu sual sipat urang kawas kumaha, urang kabéh kudu ngamekarkeun sipat rendah haté.

Rasul Paulus rendah haté jeung teu nganggap dirina penting (Tingali paragrap 6) *

6. Saperti nu dicatet dina 1 Korinta 15:10, urang bisa diajar naon tina tuladan Rasul Paulus?

6 Contona Rasul Paulus. Manéhna digunakeun pisan ku Yéhuwa pikeun ngadegkeun sidang-sidang anyar di loba kota. Nu dilakukeun ku Paulus katingalina leuwih loba dibandingkeun jeung rasul-rasul Yésus Kristus nu séjén. Tapi, Paulus teu ngarasa leuwih unggul ti batan maranéhna. Kalawan rendah haté, manéhna ngomong, ”Di antara rasul-rasul, sim kuring rumasa panghandapna, lantaran tadina jadi tukang nganiaya jamaah Allah.” (1 Kor. 15:9) Tuluy, Paulus nyebutkeun yén manéhna bisa kamanah ku Allah téh lain ku karana kahébatanana atawa naon nu geus dilakukeunana, tapi ku karana rahmat Allah. (Baca 1 Korinta 15:10.) Paulus jadi tuladan nu hadé ngeunaan karendahan haté. Waktu nulis surat ka sidang Korinta, manéhna teu ngagulkeun diri, sanajan sababaraha anggota sidang éta ngiritik manéhna.​—2 Kor. 10:10.

Karl F. Klein, sadérék nu rendah haté nu pernah ngawula jadi anggota Badan Pingpinan (Tingali paragrap 7)

7. Kiwari, kumaha sadérék-sadérék nu dikenal ku loba dulur saiman nunjukkeun karendahan haté? Béré contona.

7 Loba hamba Yéhuwa dikuatkeun ku pangalaman Sadérék Karl F. Klein, nu pernah ngawula jadi anggota Badan Pingpinan. Dina pangalaman hirupna, Sadérék Klein kalawan rendah haté nyaritakeun sababaraha tangtangan nu disanghareupan ku manéhna dina kahirupanana. Contona, basa taun 1920-an, manéhna ngarasa ngawawar ti imah ka imah téh hésé pisan. Sanggeus mimiti ngawawar, manéhna teu pernah ngawawar deui salila kira-kira dua taun. Tuluy, basa ngawula di Bétel, manéhna pernah ambek sababaraha waktu lantaran dibéré naséhat. Manéhna gé pernah ngalaman strés beurat tuluy ka dieunakeun cageur. Sanajan kitu, manéhna boga loba tugas nu penting. Ieu bukti yén Sadérék Klein téh rendah haté pisan. Sanajan dikenal ku loba dulur saiman, manéhna teu asa-asa nyaritakeun kakuranganana. Loba nu resep kana pangalaman hirup Sadérék Klein nu terus terang jeung jujur. *

KU NAON URANG KUDU NGAMEKARKEUN KARENDAHAN HATÉ?

8. Numutkeun 1 Petrus 5:6, kumaha urang bisa nyaho yén karendahan haté nyenangkeun Yéhuwa?

8 Alesan utama urang ngamekarkeun karendahan haté lantaran éta nyenangkeun Yéhuwa. Rasul Pétrus ngajelaskeun hal ieu. (Baca 1 Petrus 5:6.) Ngeunaan kekecapan Pétrus, buku ”Mari Jadilah Pengikutku” nyebutkeun yén kasombongan téh siga racun. Pangaruhna bener-bener ngaruksak. Jalma nu boga loba pangabisa jadi euweuh gunana di payuneun Yéhuwa. Tapi, lantaran rendah haté, jalma nu dianggap leutik bisa kapaké pisan ku Yéhuwa. Allah resep ngaberkahan jalma nu rendah haté. * Tangtu teu aya nu leuwih hadé ti batan ngabungahkeun haté Yéhuwa!​—Sil. 23:15.

9. Ku naon batur bakal resep deukeut jeung urang lamun urang rendah haté?

9 Salian ti nyenangkeun Yéhuwa, urang gé bakal meunang loba mangpaat lamun ngamekarkeun karendahan haté. Jalma-jalma resep deukeut jeung nu rendah haté. Naon sababna? Pék pikirkeun, Sadérék resep babarengan jeung jalma nu siga kumaha? (Mat. 7:12) Urang biasana teu resep babarengan jeung jalma nu mawa karep sorangan jeung nu teu daék dibéjaan. Tapi, urang resep babarengan jeung dulur saiman lantaran maranéhna ’sapaham saperasaan, silih pikaheman, silih hadean, jeung silih elehan’. (1 Pet. 3:8) Urang resep babarengan jeung nu rendah haté. Maranéhna gé bakal resep babarengan jeung urang, asal urangna rendah haté.

10. Lamun rendah haté, ku naon urang bakal leuwih gampang nyanghareupan masalah dina kahirupan?

10 Lamun rendah haté, urang bakal leuwih gampang nyanghareupan masalah dina kahirupan. Sakapeung, urang bisa jadi ningali atawa ngalaman naon nu ceuk urang mah teu adil. Raja Suléman nu bijaksana ngomong, ”Kami kungsi nenjo jalma-jalma beulian tarumpak kuda, ari pangagung laleumpang cara jalma beulian.” (Pan. 10:7) Jalma nu boga kamampuh nu hébat can tangtu dihormat. Tapi, jalma nu biasa-biasa kalah ka dipuji. Sanajan kitu, Suléman sadar yén urang sakuduna bisa narimakeun kanyataan hirup jeung teu kudu keuheul. (Pan. 6:9) Lamun urang rendah haté, urang bakal leuwih daék narimakeun, moal ngarepkeun kahayang urang nu kudu laksana.

DINA KAAYAAN NU KUMAHA KARENDAHAN HATÉ URANG DIUJI?

Kumaha karendahan haté diuji dina kaayaan siga kieu? (Tingali paragrap 11-12) *

11. Urang kudu kumaha lamun dibéré naséhat?

11 Unggal poé, aya loba kasempetan pikeun ngabuktikeun naha urang rendah haté atawa henteu. Pikirkeun sababaraha kaayaan ieu. Waktu dibéré naséhat. Urang kudu inget, lamun aya nu nepi ka méré naséhat ka urang, bisa jadi kasalahan urang leuwih gedé ti batan nu dipikirkeun ku urang. Waktu dibéré naséhat, mimitina mah urang hayang nolak naséhat éta. Bisa jadi urang malah ngiritik jalma nu méré naséhat atawa carana nepikeun naséhat. Tapi lamun urang rendah haté, urang bakal ngupayakeun sangkan boga sikep nu bener.

12. Numutkeun Siloka 27:5, 6, ku naon urang kudu ngahargaan jalma nu méré naséhat ka urang? Ibaratkeun.

12 Jalma nu rendah haté ngahargaan naséhat. Ibaratna siga kieu: Bayangkeun Sadérék aya di pasamoan. Sanggeus ngobrol jeung sababaraha dulur saiman, aya saurang sadérék anu narik Sadérék tuluy ngaharéwos yén aya nu nyelap dina huntu. Sadérék tangtu éra, tapi pasti Sadérék gé nganuhunkeun geus dibéjaan. Malah hayangna mah aya nu ngabéjaan ti tadi kénéh. Kitu ogé, urang kudu rendah haté jeung ngahargaan mun aya dulur saiman nu wani méré naséhat waktu urang keur butuh. Manéhna kudu dianggap sabagé babaturan, lainna musuh.​—Baca Siloka 27:5, 6; Gal. 4:16.

Ku naon urang kudu rendah haté lamun batur narima hak istiméwa? (Tingali paragrap 13-14) *

13. Kumaha urang kabukti rendah haté waktu batur narima hak istiméwa?

13 Waktu batur narima hak istiméwa. Saurang kokolot nu ngaranna Jason ngomong, ”Basa ningali batur narima hak istiméwa, abdi sok mikir, naha lain abdi nu dipilih.” Naha Sadérék pernah ngarasa kitu? Mémang teu salah lamun urang ”hayang” boga hak istiméwa di organisasi. (1 Tim. 3:1) Tapi, urang kudu ngajaga pikiran urang. Mun teu ati-ati, kasombongan bisa akaran di jero haté. Misalna, saurang sadérék bisa waé ngarasa manéhna nu paling cocog narima hiji tugas. Atawa, saurang sadérék istri bisa jadi mikir, ’Mending salaki abdi atuh ti batan sadérék éta mah!’ Tapi lamun urang bener-bener rendah haté, urang moal boga pikiran nu sombong siga kitu.

14. Urang diajar naon tina réaksi Musa waktu aya sababaraha priya Israil nu narima hak istiméwa?

14 Urang bisa diajar ti Musa waktu aya sababaraha priya Israil nu narima hak istiméwa. Musa ngahargaan pisan tugasna sabagé pamingpin bangsa Israil. Tapi, kumaha réaksi Musa waktu Yéhuwa ngidinan nu séjén mantuan manéhna? Manéhna teu sirik. (Bil. 11:24-29) Musa rendah haté jeung daék dibantu ku batur pikeun ngahakiman bangsa Israil. (Bud. 18:13-24) Ku kituna, pasualan nu aya di antara urang Israil bisa leuwih gancang diurusna. Jadi, Musa leuwih mikirkeun kapentingan bangsa Israil ti batan hak istiméwana. Conto nu alus pisan keur urang! Inget, lamun urang hayang bener-bener digunakeun ku Yéhuwa, karendahan haté leuwih penting ti batan kasanggupan urang. ”Sanajan Yéhuwa téh mulya, Mantenna merhatikeun jalma nu rendah haté.”​—Jab. 138:6, NW.

15. Loba sadérék ngalaman parobahan naon?

15 Waktu kaayaan barobah. Sababaraha taun katukang, loba sadérék nu geus mangpuluh-puluh taun ngawula Yéhuwa narima tugas anyar. Misalna, dina taun 2014, teu aya deui pangawas distrik, jadi sadérék-sadérék éta jeung pamajikanana narima tugas anyar. Dina taun éta ogé, pangawas wilayah nu umurna geus 70 taun teu bisa neruskeun tugasna. Jeung, sadérék nu umurna 80 taun atawa leuwih geus teu bisa jadi koordinator badan kokolot sidang. Salian ti éta, anyar-anyar ieu, aya loba kulawarga Bétel nu ditugaskeun jadi panaratas. Nu séjénna kudu eureun tina dines sapinuh waktu husus ku lantaran masalah kaséhatan, tanggung jawab kulawarga, atawa alesan séjénna.

16. Kumaha sadérék-sadérék urang kabukti rendah haté waktu nyaluyukeun diri jeung parobahan?

16 Loba ti sadérék-sadérék éta ngarasa hésé nyaluyukeun diri jeung parobahan. Jelas, éta téh lantaran maranéhna cinta kana tugasna jeung loba ogé nu geus mangtaun-taun ngalaksanakeun tugasna. Aya nu ngarasa sedih lantaran kudu nyaluyukeun diri jeung kaayaan nu anyar. Tapi, lila-lila maranéhna bisa nyaluyukeun diri. Naon sababna? Utamana lantaran nyaah ka Yéhuwa. Maranéhna nyaho ngabakti téh ka Allah, lain kana tugas atawa hak istiméwa. (Kol. 3:23) Maranéhna bungah bisa terus ngawula Yéhuwa kalawan rendah haté dina tugas naon waé. Maranéhna gé ’ngunjukkeun sagala kasusah ka Mantenna’ lantaran apal Mantenna nyaah ka maranéhna.​—1 Pet. 5:6, 7.

17. Ku naon urang ngahargaan pituduh Firman Allah pikeun rendah haté?

17 Urang tangtu ngahargaan pituduh Firman Allah nu ngajurung urang pikeun rendah haté. Waktu urang mekarkeun sipat nu alus ieu, urang jeung batur bakal narima mangpaatna. Urang jadi leuwih sanggup nyanghareupan tangtangan dina kahirupan. Nu pangutamana, urang jadi beuki raket jeung Bapa urang nu di sawarga. Urang tangtu bungah pisan lantaran apal Mantenna téh ”maha luhur jeung suci” tapi tetep mikanyaah jeung ngahargaan hamba-hamba-Na nu rendah haté.​—Yes. 57:15.

KAWIH 45 Nu Dilenyepan ku Abdi

^ par. 5 Salah sahiji sipat nu kudu dimekarkeun téh nyaéta rendah haté. Naon hartina rendah haté? Ku naon sipat éta kudu dimekarkeun? Jeung kumaha parobahan kaayaan bisa nguji karendahan haté urang? Pananya-pananya penting ieu bakal dibahas dina ieu artikel.

^ par. 7 Tingali artikel ”Yehuwa Telah Berbuat Baik Kepadaku” dina Menara Pengawal séri 4 taun 1984 atawa The Watchtower 1 Oktober 1984.

^ par. 8 Tingali psl. 3, par. 23.

^ par. 53 KATERANGAN GAMBAR: Waktu keur di imah dulur saimanna, Rasul Paulus kalawan rendah haté campur gaul jeung saha waé, kaasup budak leutik.

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék narima naséhat nu dumasar kana Alkitab ti sadérék nu leuwih ngora.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék nu leuwih kolot teu sirik ningali sadérék nu leuwih ngora boga hak istiméwa di sidang.