Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 40

Jaga Naon nu Geus Dipercayakeun ka Sadérék

Jaga Naon nu Geus Dipercayakeun ka Sadérék

”Timoteus anaking! Sing tigin kana pangajaran-pangajaran anu geus dipercayakeun ka hidep.”​—1 TIM. 6:20.

KAWIH 29 Hirup Ngamulyakeun Nami Ama

NU DIBAHAS *

1-2. Ceuk 1 Timoteus 6:20, naon nu kudu dilakukeun ku Timoteus?

URANG sering mercayakeun hal nu penting ka batur. Misalna, urang nyimpen duit di bank. Urang hayang duit urang aman jeung teu leungit atawa dipaok. Jadi lamun urang mercayakeun hal nu penting ka batur, éta hartina urang percaya ka manéhna.

2 Baca 1 Timoteus 6:20. Rasul Paulus ngajurung Timoteus pikeun ngajaga naon nu geus dipercayakeun ka manéhna. Timoteus geus dibéré hal nu istiméwa, nyaéta pamahaman nu akurat ngeunaan tujuan Allah pikeun umat manusa. Timoteus gé dibéré kapercayaan pikeun terus ’ngamashurkeun Injil Kasalametan’. (2 Tim. 4:2, 5) Jiga Timoteus, urang gé geus dipercayakeun hal-hal nu penting ku Yéhuwa, nu ibarat harta. Naon waé éta téh? Jeung ku naon urang kudu ngajaga hal-hal éta?

DIPERCAYAKEUN BEBENERAN NU PENTING

3-4. Ku naon bebeneran dina Alkitab téh penting?

3 Yéhuwa téh bageur sabab geus mantuan urang paham kana bebeneran nu aya dina Firman-Na, Alkitab. Bebeneran éta penting pisan lantaran ngajarkeun carana nyobat jeung Yéhuwa sarta ngajelaskeun carana supaya urang bisa bener-bener bagja. Lamun urang narima jeung nuturkeun bebeneran éta, urang bakal bébas tina pangajaran palsu. Urang gé bakal jadi jalma bener.​—1 Kor. 6:9-11.

4 Bebeneran dina Firman Allah gé penting sabab Yéhuwa ngan nyingkabkeunana ka jalma rendah haté nu ”boga sikep nu bener”. (Ras. 13:48, Terjemahan Dunia Baru) Jalma jiga kitu percaya yén Yéhuwa ngagunakeun gandék nu satia jeung bijaksana keur ngajarkeun bebeneran éta. (Mat. 11:25; 24:45) Mun ngandelkeun diri sorangan mah, urang moal bisa ngarti kana eusi Alkitab. Ngarti kana eusi Alkitab téh hal nu penting pisan jeung teu aya bandingna.​—Sil. 3:13, 15.

5. Yéhuwa mercayakeun naon deui ka urang?

5 Urang gé dipercaya ku Yéhuwa pikeun ngajar batur ngeunaan Mantenna jeung tujuan-Na. (Mat. 24:14) Ieu téh mangrupa kahormatan. Warta nu urang tepikeun téh penting pisan sabab bisa ngabantu batur jadi kulawarga Yéhuwa, sarta méré kasempetan hirup langgeng ka maranéhna. (1 Tim. 4:16) Teu sual urang bisa sering ngawawar atawa henteu, urang téh keur ngadukung pagawéan nu pangpentingna dina jaman ayeuna. (1 Tim. 2:3, 4) Jadi batur gawéna Allah téh kahormatan nu gedé pisan!​—1 Kor. 3:9.

CEKEL PAGEUH NU GEUS DIPERCAYAKEUN KA SADÉRÉK!

Timoteus kudu nyekel pageuh bebeneran waktu aya jalma-jalma nu ninggalkeun bebeneran (Tingali paragrap 6)

6. Naon nu dilakukeun ku jalma-jalma nu teu ngahargaan kapercayaan ti Yéhuwa?

6 Dina jaman Timoteus, aya sababaraha urang Kristen nu teu ngahargaan kahormatan pikeun jadi batur gawé Allah. Misalna, Démas. Lantaran kapikat ku hal-hal nu aya di dunya, manéhna ngaleupaskeun kahormatan pikeun ngalayanan bareng Paulus. (2 Tim. 4:10) Terus, Pigélus jeung Hermogénés katingalina ninggalkeun palayanan lantaran sieun dikaniaya jiga Paulus. (2 Tim. 1:15) Himénius, Pilétus, jeung Aléksander gé jadi murtad sarta ninggalkeun Yéhuwa. (1 Tim. 1:19, 20; 2 Tim. 2:16-18) Tadina mah jalma-jalma ieu téh nyaah ka Yéhuwa, tapi ka dieunakeun maranéhna geus teu nganggap penting hal-hal nu dipercayakeun ku Yéhuwa.

7. Cara naon waé nu digunakeun ku Sétan pikeun nyerang urang?

7 Naon nu dilakukeun ku Sétan supaya urang ngaleupaskeun hal-hal nu geus dipercayakeun ku Yéhuwa? Sétan ngagunakeun sababaraha cara supaya urang ninggalkeun Yéhuwa jeung eureun ngawawar. Misalna, manéhna ngagunakeun film, bacaan, jeung Internét pikeun ngaruksak cara pikir sarta tindakan urang. Manéhna gé mangaruhan jalma-jalma pikeun ngaléléwé jeung nganiaya urang. Terus, Sétan ngabibita urang ku pangajaran murtad nu ku jalma-jalma dianggap bener.​—1 Tim. 6:20, 21.

8. Urang bisa diajar naon tina pangalaman Rendi?

8 Mun teu ati-ati, lila-lila urang bisa ninggalkeun bebeneran. Perhatikeun pangalaman Rendi. * Baheula, manéhna resep pisan maén game. Ceuk Rendi, ”Abdi maén game pas umur sapuluh taunan. Mimitina, game-na teu bahaya-bahaya teuing. Tapi lila-lila, abdi maén game nu eusina kakerasan jeung hal-hal gaib.” Tungtungna, Rendi bisa maén game nepi ka 15 jam sapoé. Manéhna ngomong, ”Sabenerna abdi nyaho, game jiga kieu téh ngajauhkeun abdi ti Yéhuwa, komo mun maénna salila kitu. Tapi, abdi ngabobodo diri sorangan. Abdi teu nuturkeun naséhat Alkitab, da asana mah lain keur abdi.” Jadi, hiburan gé bisa jadi jiret jeung nyababkeun urang teu nyekel pageuh bebeneran. Mun geus kitu, urang bisa kaleungitan hal-hal nu dipercayakeun ku Yéhuwa.

KUMAHA CARANA

NYEKEL PAGEUH BEBENERAN?

9. Dumasar 1 Timoteus 1:18, 19, Paulus ngajurung Timoteus pikeun ngalakukeun naon?

9 Baca 1 Timoteus 1:18, 19. Paulus nyaruakeun Timoteus jiga saurang prajurit jeung ngajurung manéhna pikeun terus bajuang dina peperangan. Ieu téh lain perang nyaanan, tapi perang sacara rohani. Ku naon urang Kristen disaruakeun jiga saurang prajurit nu keur perang? Urang kudu kumaha sabagé prajurit Kristus? Hayu bahas lima palajaran tina ibarat Paulus supaya urang bisa nyekel pageuh bebeneran.

Sanggeus sapoéan digawé, meureun urang kudu maksakeun pikeun datang ka pasamoan. Tapi mun urang ngalakukeunana, urang bakal diberkahan! (Tingali paragrap 11)

10. Ku naon urang kudu ngabdi ka Allah?

10 Kudu ngabdi ka Allah. Prajurit nu hadé téh satia. Manéhna bakal sakuat tanaga ngalindungan jalma nu dipikanyaah atawa hal nu penting keur manéhna. Paulus ngajurung Timoteus pikeun ngalatih diri dina ngabdi ka Allah, maksudna téh satia ka Mantenna. (1 Tim. 4:7) Mun urang beuki satia jeung nyaah ka Allah, urang bakal beuki pageuh nyekel bebeneran.​—1 Tim. 4:8-10; 6:6.

11. Ku naon urang kudu disiplin?

11 Kudu disiplin. Saurang prajurit nu disiplin bakal terus latihan supaya siap perang iraha waé. Timoteus bisa terus sayaga sacara rohani sabab manéhna disiplin. Manéhna terus nuturkeun naséhat Paulus pikeun ngalawan kahayang nu salah, boga sipat-sipat nu hadé, sarta gaul jeung dulur saiman. (2 Tim. 2:22) Urang gé kudu disiplin supaya bisa ngalawan kahayang nu salah. (Rum 7:21-25) Terus mun urang disiplin, urang bisa ngarobah kalakuan jeung sipat-sipat urang. (Epe. 4:22, 24) Misalna sanggeus sapoéan digawé, bisa jadi urang capé. Tapi mun urang disiplin, urang bakal maksakeun keur masamoan.​—Ibr. 10:24, 25.

12. Kumaha carana supaya urang leuwih tarampil ngagunakeun Alkitab?

12 Saurang prajurit kudu rutin latihan supaya jago ngagunakeun senjatana. Urang gé kudu tarampil ngagunakeun Firman Allah supaya batur bisa ngarasakeun mangpaat tina bebeneran Alkitab. (2 Tim. 2:15) Dina pasamoan, urang dilatih pikeun tarampil ngagunakeun Firman Allah. Tapi saacan mantuan batur, urang kudu rutin palajaran pribadi. Ku naon? Alkitab bisa nguatkeun iman urang. Jadi, sakuduna urang teu ngan saukur maca Alkitab, tapi bener-bener mikirkeun naon nu urang baca. Urang gé kudu ngarisét tina publikasi supaya bisa bener-bener paham jeung nuturkeun naséhat Alkitab. (1 Tim. 4:13-15) Sanggeus kitu, kakara urang bisa mantuan batur. Tapi, mantuan batur téh lain ngan saukur macakeun ayat keur manéhna. Urang gé hayang batur paham kana ayat éta, sarta ngarasakeun yén Alkitab téh aya mangpaatna. Mun rutin palajaran pribadi, urang bakal beuki tarampil ngagunakeun Alkitab pikeun ngajar batur.​—2 Tim. 3:16, 17.

13. Sajalan jeung Ibrani 5:14, urang kudu kumaha supaya bisa nyingkahan hal nu salah?

13 Kudu waspada. Saurang prajurit kudu awas kana pibahayaeun jeung nyingkahanana. Urang gé kudu waspada kana hal-hal nu bisa ngaruksak sosobatan urang jeung Yéhuwa, tuluy nyingkahanana. (Sil. 22:3; baca Ibrani 5:14.) Misalna, urang kudu bijaksana dina milih hiburan. Loba acara TV jeung film nu nunjukkeun kalakuan cabul. Yéhuwa geuleuh kana kalakuan cabul. Éta gé bisa nganyenyeri urang jeung batur. Jadi, urang kudu ngajauhan hiburan jiga kitu sabab lila-lila éta bisa nyieun urang teu nyaah deui ka Yéhuwa.​—Epe. 5:5, 6.

14. Lantaran apal kana bahaya, Rendi ngalakukeun naon?

14 Rendi nu tadi dicaritakeun mulai sadar, teterusan maén game nu aya kakerasan jeung hal-hal gaibna téh bahaya. Jadi, manéhna ngarisét tina Watchtower Library. Naon hasilna? Manéhna eureun maén game. Ceuk Rendi, ”Baheula abdi sok maén game, tapi ayeuna mah abdi ulin kaluar atawa gaul jeung babaturan sasidang.” Ayeuna, Rendi geus jadi kokolot jeung panaratas.

15. Ku naon carita-carita bohong téh bahaya?

15 Jiga Timoteus, urang kudu waspada kana kabohongan ti jalma-jalma murtad. (1 Tim. 4:1, 7; 2 Tim. 2:16) Misalna, meureun maranéhna mitnah sadérék-sadérék urang, atawa hayang urang teu percaya ka organisasi Yéhuwa. Kabohongan jiga kitu bisa ngalemahkeun iman urang. Ulah daék dibobodo ku kabohongan jiga kitu. Ku naon? Sabab carita-carita bohong jiga kitu téh asalna ti jalma-jalma nu ”jalan pikiranana geus buntu, bebeneranana geus musna”. Maranéhna hayang urang silih ’bantahan jeung parebut omong’. (1 Tim. 6:4, 5) Lamun urang percaya kana kabohongan maranéhna, urang jadi curigaan ka sadérék-sadérék.

16. Urang teu meunang disimpangkeun ku hal-hal naon?

16 Ulah disimpangkeun. Sabagé ”prajurit Yesus Kristus”, Timoteus teu meunang disimpangkeun ku harta banda atawa hal-hal nu aya di dunya ieu. (2 Tim. 2:3, 4) Jiga Timoteus, urang gé sakuduna teu disimpangkeun ku hal-hal matéri. Mun urang nuturkeun ”napsu hayang beunghar”, urang bisa jadi teu nyaah deui ka Yéhuwa, teu ngahargaan Firman Allah, jeung embung ngabagikeun warta hadé ka batur. (Mat. 13:22) Hirup urang kudu tetep saderhana. Gunakeun waktu jeung tanaga urang pikeun ngutamakeun kahayang Allah.​—Mat. 6:22-25, 33.

17-18. Urang kudu kumaha pikeun ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa?

17 Kudu siap nyieun tindakan. Saurang prajurit kudu mikirkeun manéhna rék kumaha mun aya bahaya. Urang gé kudu kitu. Ku naon éta téh penting? Sabab pas aya bahaya, urang kudu geura nyieun tindakan pikeun ngajaga hal nu geus dipercayakeun ku Yéhuwa.

18 Ibaratna kieu. Saacan hiji acara dimimitian, jalma-jalma sok dibéré nyaho heula di mana panto kaluar pangdeukeutna. Jang naon? Supaya mun aya kaayaan darurat, maranéhna bisa gancang kaluar. Sarupa kitu, urang gé kudu mikirkeun heula, mun ningali hal nu teu balég, urang kudu kumaha? Misalna mun keur lalajo atawa maén Internét, bisa waé ujug-ujug muncul gambar porno, hal-hal nu némbongkeun kakerasan, atawa hal-hal ti jalma murtad. Mun ti mimiti urang geus nyaho kudu kumaha, urang bisa gancang nyieun tindakan pikeun ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa. Urang gé bisa tetep bersih dina pandangan Yéhuwa.​—Jab. 101:3; 1 Tim. 4:12.

19. Berkah naon waé nu bakal urang tarima mun urang ngajaga hal-hal nu geus dipercayakeun ku Yéhuwa?

19 Urang kudu ngajaga hal-hal penting nu geus dipercayakeun ku Yéhuwa, nyaéta bebeneran Alkitab jeung kahormatan pikeun ngajarkeunana ka batur. Ku kituna, haté urang bisa tenang, urang boga harepan hirup nu jelas, sarta urang bakal bungah ngabantu batur kenal ka Yéhuwa. Ku bantuan Mantenna, urang pasti sanggup ngajaga naon nu geus dipercayakeun ka urang.​—1 Tim. 6:12, 19.

KAWIH 127 Jadi Jalma nu Kamanah ku Ama

^ par. 5 Urang dibéré kahormatan pikeun apal kana bebeneran sarta ngajarkeunana ka batur. Artikel ieu bakal mantuan urang pikeun ngajaga hal éta jeung teu ngaleupaskeunana.

^ par. 8 Ngaran geus diganti.