Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 37

”Leungeun Manéh Ulah Disina Reureuh”

”Leungeun Manéh Ulah Disina Reureuh”

”Binih téh taburkeun ti isuk kénéh, leungeun manéh ulah disina reureuh nepi ka peuting.”​—PAN. 11:6, Terjemahan Dunia Baru [NW].

KAWIH 68 Nebarkeun Binih Karajaan

NU DIBAHAS *

1-2. Naon hubungan Pandita 11:6 jeung kagiatan pangwawaran?

DI SABABARAHA nagri, jalma-jalma resep pisan waktu ngadéngé warta hadé. Éta téh nu diarep-arep ku maranéhna! Tapi di nagri-nagri séjén, jalma-jalma teu pati minat ngabahas ngeunaan Allah atawa Alkitab. Ari di daérah Sadérék kumaha? Teu sual kumaha kaayaanna, Yéhuwa hayang urang terus ngawawar nepi ka Mantenna méré nyaho waktuna geus béak.

2 Dina waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa, kagiatan pangwawaran bakal enggeusan, geus kitu ”kakara datang poe kiamat”. (Mat. 24:14, 36) Saacan waktuna béak, urang kudu kumaha supaya bisa taat kana paréntah nu nyebutkeun ”leungeun manéh ulah disina reureuh”? *Baca Pandita 11:6 tina catetan handap. *

3. Urang bakal ngabahas naon dina artikel ieu?

3 Artikel saacanna ngabahas opat hal nu diperlukeun supaya urang bisa hadé dina ”ngala jelema”. (Mat. 4:19) Artikel ieu bakal ngabahas tilu cara supaya urang bisa leuwih sumanget ngawawar, teu sual masalah naon nu keur disanghareupan ku urang. Urang bakal diajar ku naon urang kudu (1) terus ngutamakeun pangwawaran, (2) sabar, jeung (3) ngajaga iman tetep kuat.

TERUS UTAMAKEUN PANGWAWARAN

4. Ku naon urang kudu terus ngutamakeun tugas ti Yéhuwa?

4 Yésus ngaramalkeun bakal kumaha kaayaan dunya jeung jalma-jalma dina ahir jaman. Anjeunna apal aya loba hal nu bisa nyababkeun murid-muridna teu ngutamakeun pangwawaran deui. Jadi, anjeunna ngingetan murid-muridna supaya tetep sayaga. (Mat. 24:42) Dina jaman Nuh, jalma-jalma disimpangkeun ku loba hal, jadi arembungeun ngadéngékeun paringetan Nuh. (Mat. 24:37-39; 2 Pet. 2:5) Urang gé bisa disimpangkeun jiga maranéhna. Éta sababna, urang hayang terus ngutamakeun tugas ti Yéhuwa.

5. Kumaha Rasul 1:6-8 nunjukkeun sakumaha gedé kagiatan pangwawaran?

5 Kiwari, urang kudu ngutamakeun kagiatan pangwawaran. Yésus ngaramalkeun yén sanggeus anjeunna maot, murid-muridna bakal terus ngawawar, malahan pangwawaranna leuwih gedé ti batan nu dilakukeun ku anjeunna. (Yoh. 14:12) Sanggeus Yésus maot, sababaraha muridna jadi nalayan deui. Sanggeus dihirupkeun deui, anjeunna nyieun mujijat supaya murid-murid bisa ngala loba pisan lauk. Harita, anjeunna ngingetan yén tugas ngala jelema téh leuwih penting ti batan pagawéan naon waé. (Yoh. 21:15-17) Percis saacan diangkat ka sawarga, Yésus méré nyaho murid-murid yén pangwawaran téh bakal terus nyebar ka sagala bangsa, nepi ka tungtung bumi. (Baca Rasul 1:6-8.) Sababaraha taun sanggeusna, Yésus méré téténjoan ka Yohanes nu nunjukkeun naon nu bakal kajadian dina ”Poean Gusti”. * Salah sahijina, Yohanes ningali aya malaikat ngabingbing sangkan ”warta hal Injil Kasalametan nu langgeng” diuarkeun ”ka unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung nagara”. (Wahyu 1:10; 14:6) Jelas, Yéhuwa hayang urang miluan kagiatan pangwawaran sadunya nepi ka waktuna béak.

6. Kumaha carana supaya urang bisa terus ngutamakeun kagiatan pangwawaran?

6 Urang bisa terus ngutamakeun kagiatan pangwawaran mun mikirkeun sakumaha lobana bantuan ti Yéhuwa. Contona, Mantenna nyadiakeun loba dahareun rohani, jiga bacaan nu dicitak atawa dina bentuk éléktronik, rekaman audio jeung vidéo, sarta siaran liwat Internét. Pék pikirkeun: Dina situs urang, aya informasi dina 1.000 basa leuwih! (Mat. 24:45-47) Di dunya nu papecah lantaran masalah pulitik, agama, sarta ékonomi, leuwih ti dalapan juta umat Allah di sakuliah dunya bener-bener ngahiji! Contona dina poé Jumaah, 19 April 2019, kabéh Saksi di sakuliah dunya ngahiji, babarengan nongton vidéo nu ngabahas ayat poé éta. Peutingna, 20.919.041 jalma miéling maotna Yésus. Urang jadi hayang terus ngutamakeun kagiatan pangwawaran waktu mikirkeun kahormatan nu urang tarima, nyaéta ningali jeung jadi bagian tina mujijat modéren ieu.

Yésus teu disimpangkeun tina tugasna pikeun nguarkeun bebeneran (Tingali paragrap 7)

7. Yésus méré tuladan naon nu ngabantu urang terus ngutamakeun kagiatan pangwawaran?

7 Urang gé bisa terus ngutamakeun kagiatan pangwawaran mun nuturkeun tuladan Yésus. Anjeunna teu disimpangkeun tina tugasna pikeun ngawawar. (Yoh. 18:37) Yésus teu kabita waktu Sétan ngagoda anjeunna ku ”karajaan-karajaan saalam dunya jeung sagala kaagunganana”, anjeunna gé embungeun waktu rék dijadikeun raja ku jalma-jalma. (Mat. 4:8, 9; Yoh. 6:15) Yésus teu hayang jadi beunghar, sarta teu sieun ku tangtangan nu hébat ti musuh-musuhna. (Luk. 9:58; Yoh. 8:59) Jadi waktu aya ujian iman, sing inget kana naséhat Paulus ngarah urang teu disimpangkeun. Manéhna ngajurung urang Kristen pikeun nyonto tuladan Yésus supaya maranéhna teu ’leutik hate jeung pegat pangharepan’.​—Ibr. 12:3.

SING SABAR

8. Jiga kumaha jalma nu sabar téh? Ku naon urang kudu jadi jalma nu sabar, komo deui ayeuna?

8 Jalma nu sabar bakal tetep kalem bari ngadagoan kaayaan jadi leuwih alus. Urang kudu sabar dina sagala kaayaan, misalna waktu ngarepkeun kaayaan nu susah geura liwat. Atawa, bisa jadi urang hayang hal nu diarep-arep geura kacumponan. Nabi Habakuk ngarepkeun kakejeman di Yuda geura leungit. (Hab. 1:2) Murid-murid Yésus ngarepkeun Karajaan ”ngawujud” sarta ngamerdékakeun maranéhna ti pamaréntahan Rum. (Luk. 19:11) Ayeuna, urang ngarep-ngarep Karajaan Allah nyingkirkeun kajahatan, tuluy minuhan dunya ieu ku jalma-jalma nu taat ka Allah. (2 Pet. 3:13) Tapi, urang kudu sabar nungguan waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa. Yéhuwa ngajarkeun urang pikeun sabar ku sababaraha cara. Hayu urang bahas.

9. Conto-conto naon nu ngabuktikeun Yéhuwa téh sabar?

9 Yéhuwa téh tuladan nu sampurna dina nunjukkeun kasabaran. Yéhuwa sabar, méré waktu ka Nuh pikeun ngawangun bahtera jeung ngélingan jalma-jalma. (2 Pet. 2:5; 1 Pet. 3:20) Yéhuwa gé sabar ngadéngékeun Ibrahim nu teterusan nanyakeun putusan Mantenna pikeun ngabasmi kabéh jalma nu jahat di kota Sadumu jeung Gomora. (Kaj. 18:20-33) Terus salila ratusan taun, Yéhuwa kacida sabarna ka bangsa Israil nu teu satia. (Neh. 9:30, 31) Ayeuna gé, Yéhuwa masih sabar. Yéhuwa masih méré waktu ka jalma-jalma nu ditarik ku Mantenna pikeun ”tarobat kabeh tina dosana”. (2 Pet. 3:9; Yoh. 6:44; 1 Tim. 2:3, 4) Sanggeus ningali tuladan Yéhuwa, urang tangtu hayang jadi leuwih sabar, bari terus ngawawar jeung ngajar. Yéhuwa gé ngajar urang pikeun sabar liwat salah sahiji ibarat nu aya dina Firman-Na.

Jiga patani nu getol digawé jeung sabar, urang gé kudu ngadagoan hasil tina upaya urang (Tingali paragrap 10-11)

10. Naon palajaran tina ibarat ngeunaan saurang patani nu dicatet dina Yakobus 5:7, 8?

10 Baca Yakobus 5:7, 8Urang bisa diajar sabar tina ibarat ngeunaan saurang patani nu ngadagoan hasil pepelakanana. Aya pepelakan nu gancang tumuwuh. Tapi, kalolobaan pepelakan, komo deui nu ngahasilkeun buah, leuwih lila tumuwuhna. Baheula, patani di Israil kudu nungguan kurang leuwih genep bulan pikeun panén. Manéhna melak binih sanggeus turun hujan nu pangmimitina, nyaéta kira-kira bulan Oktober, terus panénna sanggeus turun hujan panganggeusan, nyaéta kira-kira bulan April. (Mar. 4:28) Urang gé kudu sabar jiga patani Israil. Tapi, bisa jadi éta téh teu gampang.

11. Naon mangpaatna lamun urang sabar dina palayanan?

11 Jalma nu teu sampurna sok hayang langsung ningali hasil tina upayana. Pék inget-inget deui conto patani Israil. Mun manéhna hayang pepelakanana tumuwuh jeung kaala hasilna, manéhna kudu sabar. Manéhna kudu ngali taneuh, melak binih, nyabut jujukutan, jeung nyiram pepelakanana. Ayeuna, urang gé kudu sabar, misalna waktu ngawawar. Mun urang sabar, urang moal leutik haté najan jalma-jalma teu ngadéngékeun warta urang. Urang bakal leukeun néangan jalma nu daék ngadéngékeun. Tapi najan aya nu ngadéngékeun gé, urang masih kénéh kudu sabar. Urang teu bisa ngaburu-buru manéhna nyieun kamajuan. Baheula, murid-murid Yésus gé sok hésé ngarti kana pangajaran anjeunna. (Yoh. 14:9) Jadi, butuh waktu pikeun mantuan palajar Alkitab ngaleungitkeun prasangka jeung teu ngabéda-bédakeun batur. Sing inget, meureun urang nu melak jeung nyiram, tapi nu ngajadikeunana mah Allah.​—1 Kor. 3:6.

12. Kumaha urang bisa sabar waktu nyaritakeun bebeneran ka baraya nu lain Saksi?

12 Meureun urang sok teu sabar waktu nyaritakeun bebeneran ka baraya nu lain Saksi. Aya prinsip nu alus dina Pandita 3:7, ”Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.” Mun kalakuan urang hadé, maranéhna jadi leuwih daék ngadéngékeun bebeneran. Tapi, urangna gé kudu siap nyaritakeun bebeneran ka maranéhna iraha waé. (1 Pet. 3:1, 2) Urang mémang kudu sumanget dina ngawawar jeung ngajar, najan kitu urang kudu sabar ka kabéh jalma, kaasup ka baraya.

13-14. Sebutkeun sababaraha conto alus dina némbongkeun kasabaran.

13 Urang bisa diajar sabar ti jalma-jalma nu satia dina jaman baheula atawa dina jaman ayeuna. Habakuk ngarepkeun kajahatan geura leungit, tapi manéhna tetep sabar. Buktina, manéhna ngomong bakal tetep ’ngadago di munara jaga’. (Hab. 2:1) Paulus gé hayang ”nganggeuskeun” palayananana jeung geura narima upah di sawarga. Tapi, manéhna tetep sabar jeung leukeun ”mertelakeun Injil”.​—Ras. 20:24.

14 Pikirkeun pangalaman ti sapasang salaki pamajikan lulusan Sakola Giléad. Maranéhna ditugaskeun di nagri nu Saksina ngan saeutik. Di ditu, kalolobaan jalmana lain urang Kristen jeung teu minat kana bebeneran. Ngan saeutik pisan nu daék diajar Alkitab. Ari babaturan sakelas maranéhna nu ngalayanan di nagri-nagri séjén mah bisa mandu loba palajaran Alkitab, sarta loba nu geus dibaptis. Tapi, pasangan tadi tetep leukeun ngawawar. Ahirna sanggeus dalapan taun, hiji palajar Alkitabna dibaptis. Maranéhna bungah pisan. Tina conto jalma-jalma nu satia dina jaman baheula jeung jaman ayeuna, urang diajar naon? Maranéhna terus sumanget, sarta leungeunna teu disina reureuh. Yéhuwa ngaberkahan maranéhna lantaran sabar. Urang gé ”kudu nulad ka jelema-jelema anu geus narampa hal anu dijangjikeun ku Allah lantaran percaya, sarta . . . sabar”.​—Ibr. 6:10-12.

JAGA IMAN TETEP KUAT

15. Ku naon iman bisa nguatkeun tékad urang supaya teu eureun ngawawar?

15 Lantaran boga iman kana warta nu urang tepikeun, urang jadi hayang méré nyaho warta ieu ka saloba-lobana jalma. Urang percaya kana jangji-jangji dina Firman Allah. (Jab. 119:42; Yes. 40:8) Urang gé geus ningali ramalan-ramalan Alkitab jadi kanyataan dina jaman urang. Terus, urang nyaksian sorangan jalma-jalma hirupna jadi leuwih hadé lantaran nuturkeun naséhat Alkitab. Bukti-bukti éta ngayakinkeun urang yén kabéh jalma perlu ngadéngékeun warta hadé Karajaan.

16. Ceuk Jabur 46:2-4, ku naon urang bakal beuki sumanget ngawawar lamun boga iman ka Yéhuwa? Jeung ku naon boga iman ka Yésus gé bisa nguatkeun tékad urang?

16 Urang gé boga iman ka Yéhuwa, Sumber tina warta nu urang tepikeun. Urang yakin Yéhuwa bakal terus jadi bénténg jeung kakuatan urang, teu sual kumaha kaayaan urang. (Baca Jabur 46:2-4.) Urang gé boga iman ka Yésus, Pribadi nu dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi Raja dina Karajaan. (Yoh. 14:1) Urang yakin Yésus keur ngabingbing kagiatan pangwawaran ti sawarga, ngagunakeun kawasa jeung wewenang ti Yéhuwa.​—Mat. 28:18-20.

17. Caritakeun pangalaman nu nunjukkeun yén urang kudu terus ngawawar.

17 Lantaran boga iman, urang jadi beuki yakin yén Yéhuwa bakal ngaberkahan upaya urang dina ngawawar, malah kadang ku cara nu teu kabayangkeun. (Pan. 11:6, NW) Misalna, unggal poé rébuan jalma ningali méja jeung rak roda nu dipaké pikeun majang publikasi urang. Na cara ngawawar jiga kieu téh ampuh? Tangtu! Pelayanan Kerajaan Kita édisi Nopémber 2014 nyaritakeun pangalaman saurang mahasiswi nu hayang nyieun karya tulis ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa. Manéhna teu apaleun lokasi Balé Karajaan, tapi di kampusna aya Saksi nu keur majang bacaan-bacaan urang dina méja. Manéhna jadi boga bahan keur karya tulisna. Ka dieunakeun manéhna dibaptis, tuluy ayeuna jadi panaratas biasa. Pangalaman jiga kieu ngabuktikeun yén loba kénéh jalma nu perlu ngadéngékeun warta Karajaan. Jadi, urang sakuduna kajurung pikeun terus ngawawar.

LEUNGEUN URANG ULAH DISINA REUREUH

18. Ku naon urang yakin yén kagiatan pangwawaran bakal réngsé sakumaha kahayang Yéhuwa?

18 Urang bisa yakin yén kagiatan pangwawaran bakal anggeusan dina waktuna jeung moal telat. Pikirkeun kajadian dina jaman Nuh. Waktu nu ditangtukeun ku Yéhuwa téh kabukti teu pernah mélését. Caah Gedé téh geus diramalkeun ti 120 taun saacanna. Puluhan taun sanggeus Yéhuwa nangtukeun iraha Caah Gedé bakal datang, Mantenna nitah Nuh ngawangun bahtera. Kira-kira salila 40 nepi ka 50 taun saacan Caah Gedé datang, Nuh getol digawé. Sanajan jalma-jalma embung ngadéngékeun, Nuh terus nguarkeun warta paringetan, nepi ka Yéhuwa nitah Nuh mawa asup sasatoan ka jero bahtera. Geus kitu, ”panto kapal [”bahtera”, NW] teh ditutup ku PANGERAN”, pas dina waktuna.​—Kaj. 6:3; 7:1, 2, 16.

19. Naon berkahna mun leungeun urang teu disina reureuh?

19 Yéhuwa geus téréh ngeureunkeun kagiatan pangwawaran. Dunya Sétan bakal diancurkeun. Dunya anyar bakal pinuh ku jalma-jalma nu taat ka Allah. Nepi ka waktuna datang, hayu urang nyonto tuladan Nuh, Habakuk, jeung jalma satia séjénna, leungeun ulah disina reureuh. Pék terus utamakeun pangwawaran, sabar, jeung boga iman nu kuat ka Yéhuwa sarta jangji-jangji-Na.

KAWIH 75 ’Huwa, Mangga Utus Abdi!’

^ par. 5 Artikel saacanna ngajurung palajar Alkitab nu keur nyieun kamajuan pikeun narima ondangan Yésus keur jadi tukang ngala jelema. Ayeuna, urang bakal ngabahas tilu cara nu bisa ngabantu kabéh pawarta, boh nu anyar boh nu geus pangalaman, supaya leuwih sumanget ngawawar nepi ka Yéhuwa méré nyaho waktuna geus béak.

^ par. 2 KATERANGAN TAMBAHAN: Dina artikel ieu, istilah ”leungeun manéh ulah disina reureuh” ngamaksudkeun yén urang kudu boga tékad pikeun terus ngawawar nepi ka Yéhuwa méré nyaho waktuna geus béak.

^ par. 2 Pandita 11:6 (NW): Binih téh taburkeun ti isuk kénéh, leungeun manéh ulah disina reureuh nepi ka peuting, sabab manéh teu nyaho mana nu pijadieun, nu ieu atawa nu itu, atawa malah duanana.

^ par. 5 ”Poean Gusti” téh dimimitian basa Yésus jadi Raja dina taun 1914. Éta bakal terus lumangsung nepi ka ahir Pamaréntahan Sarébu Taun.