Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 38

Mangpaatkeun Waktu Meungpeung Keur Tengtrem

Mangpaatkeun Waktu Meungpeung Keur Tengtrem

”Salila mangtaun-taun, nagri éta euweuh nu ngaganggu jeung euweuh nu merangan, lantaran Yéhuwa méré katengtreman ka manéhna.”​—2 BAB. 14:6, Terjemahan Dunia Baru [NW]

KAWIH 60 Kahirupan keur Sadaya

NU DIBAHAS *

1. Dina kaayaan kumaha urang jadi leuwih hésé ngawula Yéhuwa?

CEUK Sadérék, dina kaayaan kumaha urang jadi leuwih hésé ngawula Yéhuwa? Pas keur loba masalah nu beurat atawa pas kaayaanana keur rada tenang? Pas loba masalah mah, urang biasana langsung ngandelkeun Yéhuwa. Tapi, kumaha lamun kaayaanana keur rada tenang? Na urang bakal disimpangkeun? Yéhuwa ngingetan urang Israil yén maranéhna bisa waé disimpangkeun.​—Pam. 6:10-12.

Raja Asa nyingkirkeun ibadah palsu (Tingali paragrap 2) *

2. Raja Asa méré tuladan naon?

2 Raja Asa méré tuladan nu alus. Manéhna bijaksana sabab bener-bener ngandelkeun Yéhuwa. Boh keur susah boh keur tengtrem, manéhna terus ngawula Yéhuwa. Sapanjang hirupna, Asa ngawula Yéhuwa ku sapinuh haté. (1 Rja. 15:14) Salah sahiji buktina, Asa nyingkirkeun agama palsu ti Yuda. Ceuk Alkitab, ”Altar-altar bangsa sejen jeung tempat-tempat ngabakti ka brahala ku anjeunna disingkir-singkirkeun, pilar-pilar karamatna dirugrug-rugrugkeun, arca-arca Asera diteukteukan.” (2 Bab. 14:3, 5) Malah ninina sorangan, nyaéta Maaka, diléngsérkeun tina kadudukan ibu suri. Ku naon? Sabab ninina ngajurung rahayat pikeun nyembah brahala.​—1 Rja. 15:11-13.

3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Raja Asa teu ngan saukur nyingkirkeun agama palsu. Manéhna gé ngabantu urang Yuda balik deui ka Yéhuwa. Yéhuwa ngaberkahan Asa jeung rahayatna ku katengtreman. Waktu Asa maréntah, nagri téh ”euweuh nu ngaganggu” salila sapuluh taun. (2 Bab. 14:1, 4; 14:6, NW) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Asa ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem éta. Sanggeusna, urang bakal ngabahas kumaha urang Kristen abad kahiji ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem, jiga Asa. Terus, urang bakal ngajawab pananya: Mun pamaréntah di nagri Sadérék teu ngalarang ibadah ka Yéhuwa, kumaha Sadérék bisa ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem éta?

ASA NGAMANGPAATKEUN KAAYAAN NU TENGTREM

4. Ceuk 2 Babad 14:2, 6, 7, kumaha Asa ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem?

4 Baca 2 Babad 14:2 jeung 14:6, 7 tina catetan handap. * Asa méré nyaho urang Yuda yén Yéhuwa ”méré katengtreman ti sakabéh musuh di sakurilingeun [maranéhna]”. Asa teu mikir éta téh waktu keur senang-senang. Malah, Asa mulai ngawangun kota, témbok, munara, jeung gerbang. Asa méré nyaho rahayatna, ”Nagri ieu téh masih milik urang.” Naon maksudna? Moal aya musuh nu ngaganggu maranéhna sarta ngeureunkeun pangwangunan di nagri éta. Manéhna ngajurung jalma-jalma supaya ngamangpaatkeun kaayaan meungpeung keur tengtrem.

5. Ku naon Raja Asa ngawangun pasukan militér nu kuat?

5 Asa gé ngamangpaatkeun kaayaan tengtrem éta keur ngawangun pasukan militér nu kuat. (2 Bab. 14:8) Na éta hartina Asa teu ngandelkeun Yéhuwa? Teu kitu. Sabagé raja, Asa apal manéhna wajib nyiapkeun rahayatna pikeun nyanghareupan masalah nu bisa waé datang. Manéhna gé nyaho Yuda téh moal salilana tengtrem. Bener wé, kaayaan barobah.

URANG KRISTEN ABAD KAHIJI NGAMANGPAATKEUN KAAYAAN TENGTREM

6. Kumaha urang Kristen abad kahiji ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem?

6 Urang Kristen abad kahiji téh sering dikaniaya, tapi maranéhna gé pernah ngarasakeun kaayaan nu tengtrem. Kumaha maranéhna ngamangpaatkeun kaayaan éta? Jalma-jalma nu satia ieu terus sumanget ngawawar sarta ibadah ka Yéhuwa. Hasilna, ”anu palercaya beuki loba”. Éta bukti pangwawaran maranéhna dina kaayaan nu tengtrem téh diberkahan ku Yéhuwa.​—Ras. 9:26-31.

7-8. Pas aya kasempetan, naon nu dilakukeun ku Paulus jeung urang Kristen séjénna? Jelaskeun.

7 Urang Kristen abad kahiji ngagunakeun unggal kasempetan pikeun ngawawarkeun warta hadé. Contona, Rasul Paulus. Lantaran apal manéhna bisa ngawawar ka loba jalma di kota Épésus, Paulus milih pikeun cicing leuwih lila di ditu supaya bisa terus ngawawar.​—1 Kor. 16:8, 9.

8 Paulus jeung urang Kristen harita gé boga kasempetan pikeun terus ngawawar sanggeus masalah sunat diréngsékeun dina taun 49 M. (Ras. 15:23-29) Sanggeus putusan ngeunaan sunat diumumkeun ka sidang-sidang, urang Kristen terus ”nguarkeun pangandika Gusti”. (Ras. 15:30-35) Naon hasilna? ”Kaayaan jamaah-jamaah beuki kuat, kapercayaanana tambah mantep, jeung jumlah anggotana nambahan unggal poe.”​—Ras. 16:4, 5.

MANGPAATKEUN KAAYAAN NU TENGTREM AYEUNA

9. Kumaha kaayaan di loba nagri ayeuna? Urang kudu mikirkeun naon?

9 Di loba nagri, kagiatan pangwawaran téh henteu dilarang. Na di nagri Sadérék gé jiga kitu? Mun enya, Sadérék bisa mikirkeun, ’Kumaha abdi ngamangpaatkeun kabébasan ieu?’ Dina ahir jaman, umat Yéhuwa sibuk ngawawar jeung ngajar. Teu pernah aya kagiatan pangwawaran nu sagedé kieu di dunya. (Mar. 13:10) Aya loba hal nu bisa urang lakukeun pikeun ngadukung kagiatan ieu.

Loba nu ngarasakeun berkah limpah sanggeus ngalayanan di nagri séjén atawa ngawawar ku basa séjén (Tingali paragrap 10-12) *

10. Ayat 2 Timoteus 4:2 ngajurung urang ngalakukeun naon?

10 Kumaha Sadérék bisa ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem? (Baca 2 Timoteus 4:2.) Pék pikirkeun, na Sadérék atawa salah sahiji anggota kulawarga Sadérék bisa ngalakukeun leuwih loba hal dina pangwawaran, misalna naratas? Ayeuna lain waktuna pikeun ngumpulkeun harta banda, lantaran éta moal bisa nyalametkeun urang dina mangsa cilaka.​—Sil. 11:4; Mat. 6:31-33; 1 Yoh. 2:15-17.

11. Naon nu dilakukeun ku loba pawarta supaya bisa ngawawar ka saloba-lobana jalma?

11 Loba pawarta diajar basa anyar supaya bisa ngawawar jeung ngajar batur ngeunaan Yéhuwa. Organisasi Allah geus nyadiakeun loba bahan pikeun mantuan urang ngawawar dina basa séjén. Misalna dina taun 2010, publikasi urang kira-kira aya dina 500 basa. Tapi, ayeuna geus aya dina 1.000 basa leuwih!

12. Naon pangaruhna mun jalma-jalma ngadéngékeun bebeneran dina basana sorangan? Caritakeun hiji pangalaman.

12 Kumaha parasaan jalma-jalma waktu ngadéngé bebeneran dina basana sorangan? Perhatikeun pangalaman saurang sadérék istri. Manéhna miluan kongrés régional di Amerika Serikat. Kongrésna diayakeun dina basa manéhna, nyaéta basa Kinyarwanda. Éta téh basa utama nu dipaké di Rwanda, Kongo (Kinshasa), jeung Uganda. Sanggeus kongrés, manéhna ngomong, ”Abdi geus 17 taun cicing di Amerika, tapi kakara ayeuna abdi bener-bener ngarti sakabéh acara kongrés.” Lantaran maké basa manéhna, nu ditepikeun dina kongrés téh keuna pisan kana haténa. Kumaha jeung Sadérék? Bisa teu Sadérék diajar basa séjén pikeun mantuan batur diajar Alkitab? Sugan wé aya nu leuwih daék ngadéngékeun bebeneran mun Sadérék ngagunakeun basa séjén. Upaya Sadérék pasti ngadatangkeun kabungah.

13. Kumaha dulur-dulur saiman di Rusia ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem?

13 Teu kabéh dulur saiman urang bisa bébas ngawawar. Di sababaraha nagri, pamaréntah ngalarang kagiatan pangwawaran, misalna di Rusia. Salila puluhan taun, dulur-dulur saiman di ditu dikaniaya ku pamaréntah. Tapi dina bulan Maret 1991, pamaréntah méré kabébasan ka maranéhna pikeun ibadah. Harita, aya 16.000 pawarta di Rusia. Tapi dua puluh taun sanggeusna, pawarta di ditu jadi 160.000 leuwih! Éta nunjukkeun dulur-dulur saiman urang di ditu bener-bener ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem ku cara terus ngawawar. Tapi, teu salilana kaayaan tengtrem terus. Sanajan kaayaanna barobah, maranéhna tetep sumanget. Maranéhna terus ngagunakeun sagala cara pikeun ibadah ka Yéhuwa.

KAAYAAN MOAL SALILANA TENGTREM

Sanggeus Raja Asa husu ngadoa, Yéhuwa méré kaunggulan ka Yuda pikeun ngéléhkeun musuh nu jumlahna jauh leuwih loba (Tingali paragrap 14-15)

14-15. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun kawasa-Na pikeun nulungan Asa?

14 Dina jaman Asa, kaayaan barobah jadi teu tengtrem. Pasukan ti Étiopia datang rék nyerang, prajuritna aya sajuta leuwih. Sérah, pamingpinna, yakin yén pasukan manéhna bisa ngéléhkeun Yuda. Tapi, Raja Asa ngandelkeun Yéhuwa. Manéhna ngadoa, ”Tulungan abdi sadaya nun Gusti PANGERAN, reh abdi sadaya percanten ka Gusti, reh bade ngayonan balad anu sakitu ageungna teh ngemban pajenengan Gusti.”​—2 Bab. 14:11.

15 Najan pasukan Étiopia jumlahna ampir dua kalieun pasukan Yuda, Asa yakin Yéhuwa boga kawasa jeung sanggup nyalametkeun umat-Na. Mémang éta nu Yéhuwa lakukeun, Mantenna nyalametkeun umat-Na. Ahirna, pasukan Étiopia éléh jeung dijieun éra.​—2 Bab. 14:8-13.

16. Ti mana urang apal yén katengtreman nu ayeuna urang rasakeun téh moal aya saterusna?

16 Urang mémang teu apal naon percisna nu bakal kajadian dina mangsa kahareup. Tapi nu pasti mah, katengtreman nu ayeuna urang rasakeun moal aya saterusna. Yésus geus méré nyaho yén dina ahir jaman, murid-muridna bakal ”dipikageuleuh ku unggal jelema”. (Mat. 24:9) Rasul Paulus gé ngomong yén ”anu ibadah ka Allah jeung percaya ka Isa Al Masih mah geus pasti nandangan panganiayaan”. (2 Tim. 3:12, Sunda Formal) Sétan ’napsuna ngagugudug’, jadi tong mikir urang bisa luput tina amarahna.​—Wahyu 12:12.

17. Bisa jadi, kumaha iman urang diuji?

17 Moal lila deui, urang kabéh bakal ngalaman ujian iman. Bakal aya ’mangsa cilaka nu ngabalangsakkeunana leuwih-leuwih ti jaman nu enggeus-enggeus ti barang dunya gumelar nepi ka ayeuna’. (Mat. 24:21) Engké, bisa waé aya anggota kulawarga nu malik nyerang urang. Atawa, bisa ogé kagiatan urang dilarang. (Mat. 10:35, 36) Na urang bakal jiga Asa, percaya yén Yéhuwa bakal ngalindungan jeung nyalametkeun urang?

18. Ceuk Ibrani 10:38, 39, naon nu bakal ngabantu urang siap mun kaayaan geus teu tengtrem?

18 Yéhuwa geus nyiapkeun urang supaya iman urang kuat keur nyanghareupan hal-hal nu bakal datang. Mantenna ngabingbing ”gandek satia jeung bijaksana” pikeun nyadiakeun dahareun rohani nu pas dina waktuna. (Mat. 24:45) Dahareun rohani éta bisa nguatkeun urang. Tapi, urangna gé kudu upaya sabisa-bisana supaya boga iman nu kuat ka Yéhuwa.​—Baca Ibrani 10:38, 39.

19-20. Sanggeus maca 1 Babad 28:9, naon waé nu kudu urang pikirkeun? Ku naon?

19 Jiga Raja Asa, urang kudu ”ngalampahkeun pangersa PANGERAN”. (2 Bab. 14:4; 15:1, 2) Kumaha carana? Mimitina, urang kudu diajar ngeunaan Yéhuwa jeung dibaptis. Geus kitu, urang gé kudu terus ngalakukeun sagala cara supaya bisa beuki nyaah ka Yéhuwa. Na urang geus ngalakukeunana? Pék pikirkeun, ’Na abdi rutin masamoan?’ Dina pasamoan, urang disegerkeun ku dahareun rohani jeung dikuatkeun ku dulur-dulur saiman. (Mat. 11:28) Pikirkeun ogé: ’Na abdi rutin ngayakeun palajaran pribadi?’ Atawa, mun hidep cicing jeung kulawarga, na hidep sakulawarga ngayakeun ibadah kulawarga unggal mingguna? Mun geus teu cicing jeung kulawarga, na hidep masih nyadiakeun waktu unggal minggu pikeun diajar? Terus, na hidep sabisa-bisa ngawawar jeung ngajar?

20 Ku naon urang kudu mikirkeun hal-hal éta? Ceuk Alkitab, Yéhuwa mariksa pikiran jeung haté urang, jadi urang gé kudu mastikeun, eusi pikiran jeung haté urang téh nyenangkeun Yéhuwa atawa henteu. (Baca 1 Babad 28:9.) Mun urang ngarasa aya nu kudu dirobah dina diri urang, misalna cita-cita, sikep, atawa cara pikir urang, pék pénta bantuan Yéhuwa supaya bisa barobah. Ayeuna, urang kudu nyiapkeun diri pikeun ujian iman nu bakal datang. Pék terus mangpaatkeun kaayaan nu tengtrem ieu!

KAWIH 62 Kawih nu Anyar

^ par. 5 Na Sadérék bisa ibadah ka Yéhuwa sacara laluasa di nagri Sadérék? Mun enya, kumaha Sadérék ngamangpaatkeun kaayaan nu tengtrem éta? Artikel ieu bakal ngabantu Sadérék pikeun nyonto Raja Asa ti Yuda jeung urang Kristen dina abad kahiji. Maranéhna ngamangpaatkeun waktu sacara bijaksana pas kaayaan keur tengtrem.

^ par. 4 2 Babad 14:6, 7 (NW): ”Manéhna ngawangun kota-kota nu dibénténgan, sabab salila mangtaun-taun, nagri éta euweuh nu ngaganggu jeung euweuh nu merangan, lantaran Yéhuwa méré katengtreman ka manéhna. Asa ngomong ka urang Yuda, ’Hayu urang ngawangun kota-kota, sarta ngawangun témbok jeung munara, gerbang jeung palang, di sakurilingeun kota-kota éta. Nagri ieu téh masih milik urang, sabab urang geus ngajalankeun kahayang Yéhuwa Allah urang. Urang geus ngajalankeun kahayang-Na, jadi Mantenna méré katengtreman ti sakabéh musuh di sakurilingeun urang.’ Prak ngawangun téh lulus mulus.”

^ par. 57 KATERANGAN GAMBAR: Ku Raja Asa, ninina sorangan diléngsérkeun tina kadudukan ibu suri sabab ninina ngajurung rahayat pikeun nyembah brahala. Nu ngadukung Raja Asa nuturkeun tuladanna jeung ngancurkeun brahala-brahala.

^ par. 59 KATERANGAN GAMBAR: Pasangan salaki pamajikan nyaderhanakeun kahirupanna supaya bisa ngalayanan di tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta.