Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 36

Na Sadérék Siap Jadi Tukang Ngala Jelema?

Na Sadérék Siap Jadi Tukang Ngala Jelema?

”Ulah sieun; ti semet ayeuna maneh bakal ngala jelema.”​—LUK. 5:10.

KAWIH 73 Pasihan Abdi Kawani

NU DIBAHAS *

1. Yésus méré ondangan naon ka opat nalayan? Kumaha réaksi maranéhna?

PÉTRUS, Andréas, Yakobus, jeung Yohanes téh murid-murid Yésus nu baheulana nalayan. Maranéhna pasti reuwas pisan waktu Yésus ngondang maranéhna, ”Hayu, milu ka Kami. Engke ku Kami diajar ngala jelema.” * Kumaha réaksi maranéhna? ”Harita keneh maranehna milu ka Yesus, heurapna ditaringgalkeun.” (Mat. 4:18-22) Putusan éta téh ngarobah kahirupan maranéhna. Maranéhna moal ngala lauk deui, tapi ”bakal ngala jelema”. (Luk. 5:10) Ayeuna gé, Yésus ngondang jalma-jalma nu hadé haté jeung ngahargaan bebeneran pikeun ngalakukeun nu sarua. (Mat. 28:19, 20) Na Sadérék geus narima ondangan ti Yésus sarta jadi tukang ngala jelema?

2. Ku naon urang kudu bener-bener mikirkeun heula waktu rék nyieun putusan pikeun jadi tukang ngala jelema? Naon nu bisa ngabantu urang nyieun putusan éta?

2 Meureun Sadérék geus rada lila diajar Alkitab sarta geus nyieun sababaraha parobahan. Ayeuna, Sadérék kudu mutuskeun rék jadi pawarta atawa henteu. Mun Sadérék masih asa-asa narima ondangan Yésus, tong leutik haté. Éta nunjukkeun yén Sadérék ngarti, ieu téh putusan nu penting pisan. Mémang, Alkitab nyaritakeun yén Pétrus jeung babaturanana ”harita keneh” ninggalkeun heurapna. Tapi, maranéhna teu rurusuhan nyieun putusan éta. Leuwih ti genep bulan saacanna, maranéhna geus apal jeung narima Yésus sabagé Mésias. (Yoh. 1:35-42) Jiga maranéhna, Sadérék gé bisa jadi geus diajar loba ngeunaan Yéhuwa jeung Yésus, sarta hayang beuki raket ka Yéhuwa. Tapi Sadérék kudu mikirkeun bener-bener saacan mutuskeun rék jadi pawarta. Naon nu ngabantu Pétrus jeung nu séjénna mantep nyieun putusan?

3. Naon waé nu bisa ngabantu Sadérék jadi leuwih tarampil dina ngawawar jeung ngajar batur?

3 Murid-murid Yésus nu mimiti téh tarampil nguarkeun warta hadé. Ku naon? Sabab maranéhna boga kahayang, ngarti carana ngajalankeun tugas, wani, jeung disiplin. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha carana urang mupuk hal-hal ieu supaya jadi leuwih tarampil dina ngawawar jeung ngajar batur.

KUATKEUN KAHAYANG

Pétrus jeung babaturanna jadi tukang ngala jelema. Pagawéan penting ieu terus dilakukeun nepi ka ayeuna (Tingali paragrap 4-5)

4. Ku naon Pétrus jadi nalayan?

4 Pétrus ngala lauk téh pikeun nganapkahan kulawargana, tapi ieu teu ngan saukur pagawéan keur manéhna. Jigana, ngala lauk téh hobina Pétrus. (Yoh. 21:3, 9-15) Manéhna gé diajar supaya resep ngala jelema. Ku bantuan Yéhuwa, Pétrus jadi jago pisan ngala jelema.​—Ras. 2:14, 41.

5. Ceuk Lukas 5:8-11, ku naon Pétrus sieun? Mun ngarasa sieun jiga Pétrus, urang kudu kumaha?

5 Ku naon urang daék ngawawar? Alesan utamana lantaran urang nyaah ka Yéhuwa. Mun nyaah ka Yéhuwa, urang bakal tetep ngawawar sanajan ngarasa teu sanggup ngajalankeun tugas ieu. Waktu ngondang Pétrus pikeun ngala jelema, Yésus ngomong, ”Ulah sieun.” (Baca Lukas 5:8-11.) Pétrus teu sieun kana hal nu bakal kaalaman ku manéhna mun jadi murid Yésus. Tapi, manéhna sieun waktu ningali sakitu lobana lauk nu diala ku maranéhna ku bantuan mujijat Yésus. Pétrus jadi ngarasa teu layak mun digawé bareng jeung Yésus. Jiga Pétrus, bisa jadi Sadérék ngarasa sieun mun ngabayangkeun naon waé nu kudu dilakukeun sabagé murid Yésus. Mun kitu, Sadérék kudu beuki nyaah ka Yéhuwa, Yésus, jeung sasama. Ku kituna, Sadérék bakal leuwih hayang narima ondangan Yésus pikeun jadi tukang ngala jelema.​—Mat. 22:37, 39; Yoh. 14:15.

6. Naon alesan séjénna urang ngawawar?

6 Pikirkeun alesan-alesan séjén nu bisa nyieun urang beuki hayang ngawawar. Urang hayang ngajalankeun paréntah Yésus, ”Datangan jalma-jalma . . . jaradikeun murid.” (Mat. 28:19, 20) Urang gé ngawawar lantaran jalma-jalma ”digencét jeung diculkeun jiga domba tanpa pangangon”. (Mat. 9:36, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Maranéhna bener-bener butuh diajar bebeneran ngeunaan Karajaan. Yéhuwa hayang kabéh jalma meunangkeun bebeneran nu akurat jeung disalametkeun.​—1 Tim. 2:4.

7. Kumaha Rum 10:13-15 nunjukkeun yén pagawéan pangwawaran téh penting?

7 Urang bakal beuki hayang ngawawar mun mikirkeun yén pagawéan ieu téh bisa nyalametkeun batur. Nalayan mah ngala lauk téh keur dijual atawa didahar. Tapi, urang mah ”ngala” jelema téh supaya maranéhna salamet.​—Baca Rum 10:13-15; 1 Tim. 4:16.

KUDU APAL CARANA NGAJALANKEUN TUGAS

8-9. Nalayan kudu apal kana hal naon waé, jeung ku naon?

8 Dina jaman Yésus, nalayan Israil kudu apal jinis lauk naon nu rék diala. (Ima. 11:9-12) Manéhna gé kudu nyaho laukna aya di mana. Lauk biasana aya di tempat nu loba dahareun jeung kaayaan caina cocog. Waktu pikeun ngala laukna gé penting. Perhatikeun naon nu diomongkeun ku saurang Saksi ti Kapuloan Pasifik waktu manéhna ngajak saurang utusan injil keur ngala lauk. Si utusan injil ngomong, ”Isukan urang panggih nya jam salapan isuk.” Tapi ceuk sadérék éta, ”Teu bisa kitu. Mun rék ngala lauk, waktuna teu bisa sangeunahna. Kudu nyaho waktu nu cocog keur ngala lauk.”

9 Kitu ogé, murid-murid Yésus dina abad kahiji indit ka tempat nu loba jelemana, terus inditna gé dina waktu nu cocog. Contona, maranéhna ngawawar di bait, di tempat-tempat ibadah, ti imah ka imah, jeung di pasar. (Ras. 5:42; 17:17; 18:4) Urang gé kudu apal iraha jeung di mana jalma-jalma di daérah urang bisa diwawaran. Urang kudu daék ngarobah jadwal supaya bisa ngawawar ka maranéhna.​—1 Kor. 9:19-23.

NALAYAN NU JAGO TÉH . . . 1. digawé dina waktu jeung tempat nu cocog (Tingali paragrap 8-9)

10. Organisasi Yéhuwa geus nyadiakeun naon keur urang?

10 Saurang nalayan kudu boga pakakas nu cocog keur ngala lauk jeung apal cara ngagunakeunana. Urang gé kudu boga pakakas nu cocog keur ngawawar jeung apal cara ngagunakeunana. Yésus ngajarkeun murid-murid carana nguarkeun warta hadé. Yésus méré nyaho maranéhna naon waé nu teu meunang dibawa, di mana ngawawarna, jeung naon nu kudu diomongkeun. (Mat. 10:5-7; Luk. 10:1-11) Ayeuna, organisasi Yéhuwa geus nyadiakeun Alat Bantu Pengajaran nu eusina pakakas-pakakas nu cocog pikeun dines. * Urang gé diajarkeun kumaha carana ngagunakeun pakakas-pakakas éta. Urang jadi bisa leuwih percaya diri jeung tarampil waktu ngawawar jeung ngajar.​—2 Tim. 2:15.

NALAYAN NU JAGO TÉH . . . 2. apal carana ngagunakeun pakakas nu cocog (Tingali paragrap 10)

SING WANI

11. Ku naon murid-murid Yésus kudu wani?

11 Nalayan téh kudu wani. Ku naon? Lantaran cuaca di laut téh sok ujug-ujug barobah. Manéhna sering digawé peuting-peuting, jeung kadang di tengah laut sok aya angin ribut. Urang sabagé murid-murid Yésus gé kudu wani. Waktu urang ngawawar jeung jadi Saksi Yéhuwa, bisa jadi urang ditarajang ku ”angin ribut”. Maksudna, bisa jadi urang meunang tangtangan ti kulawarga, dipoyokan ku batur, jeung teu diwaro waktu ngawawar. Tapi, urang teu kudu héran. Yésus geus ngingetan yén murid-muridna téh bakal dimusuhan.​—Mat. 10:16.

12. Ceuk Yosua 1:7-9, naon waé nu bisa ngabantu urang jadi leuwih wani?

12 Kumaha supaya Sadérék bisa leuwih wani? Kahiji, Sadérék kudu yakin Yésus terus ngabingbing kagiatan pangwawaran ti sawarga. (Yoh. 16:33; Wahyu 14:14-16) Kadua, Sadérék kudu boga iman yén Yéhuwa bakal ngurus Sadérék. (Mat. 6:32-34) Mun iman Sadérék beuki kuat, Sadérék bakal beuki wani. Pétrus jeung babaturanana nunjukkeun iman nu kuat waktu maranéhna ninggalkeun bisnis sabagé tukang ngala lauk, terus jadi murid Yésus. Kitu ogé, Sadérék nunjukkeun iman nu kuat waktu méré nyaho kulawarga jeung babaturan yén Sadérék geus diajar Alkitab bareng Saksi Yéhuwa sarta milu masamoan! Sadérék gé pasti geus ngarobah kalakuan jeung cara hirup supaya bisa nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. Nyieun parobahan jiga kitu téh butuh iman jeung kawani. Bari terus ngupayakeun sangkan leuwih wani, tong poho ”PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan”.​—Baca Yosua 1:7-9.

NALAYAN NU JAGO TÉH . . . 3. wani digawé sanajan cuaca ujug-ujug barobah (Tingali paragrap 11-12)

13. Ku naon Sadérék bisa leuwih wani mun ngadoa jeung mikirkeun bener-bener tindakan Yéhuwa?

13 Kumaha deui carana supaya Sadérék leuwih wani? Pék ngadoa ménta kawani. (Ras. 4:29, 31) Yéhuwa bakal ngajawab doa Sadérék, sarta terus ngadukung jeung nyarengan Sadérék. Pikirkeun bener-bener kumaha Yéhuwa nyalametkeun umat-Na baheula. Pikirkeun ogé kumaha Yéhuwa geus mantuan Sadérék nyanghareupan masalah sarta geus méré kakuatan supaya Sadérék bisa nyieun parobahan. Tong boro mantuan Sadérék jadi murid Kristus, mantuan bangsa Israil meuntas Laut Beureum gé Yéhuwa mah bisaeun. (Bud. 14:13) Sadérék bisa boga iman jiga nu nulis jabur, ”PANGERAN nyarengan kami, kami taya karisi; rek bisa kumaha jelema ka kami?”​—Jab. 118:6.

14. Urang diajar naon tina pangalaman Masae jeung Tomoyo?

14 Cara séjénna supaya leuwih wani nyaéta mikirkeun kumaha Yéhuwa ngabantu jalma-jalma nu tadina éraan jadi wani. Perhatikeun pangalaman sadérék istri nu ngaranna Masae. Manéhna téh éraan sarta ngarasa moal pernah sanggup ngawawar. Keur manéhna mah, ngomong ka jalma nu teu dikenal téh hésé pisan, ibarat kudu nérékél témbok nu luhur. Tapi ahirna manéhna jadi wani, malah bisa naratas biasa. Ku naon bisa kitu? Lantaran manéhna ngupayakeun sangkan leuwih mikanyaah Allah jeung sasama. Manéhna gé mikirkeun sakumaha pentingna kagiatan pangwawaran dina ahir jaman ieu sarta ngadoa supaya bisa leuwih sumanget ngawawar. Yéhuwa gé bisa ngabantu pawarta anyar supaya teu sieun. Perhatikeun pangalaman sadérék istri séjén nu ngaranna Tomoyo. Waktu mimiti ngawawar, di imah nu kahiji pisan, nu boga imahna nyarékan, ”Aing mah teu hayang ngobrol jeung Saksi Yéhuwa!” Tuluy, pantona dijeblagkeun. Tomoyo teu sieun, malah manéhna ngomong kieu ka batur dinesna, ”Éh, kadéngé teu? Urang can ngomong nanaon gé, manéhna geus apaleun urang téh Saksi. Bisa kitu nya!” Ayeuna, Tomoyo jadi panaratas biasa.

KUDU DISIPLIN

15. Jalma nu disiplin téh jiga kumaha, jeung ku naon urang Kristen kudu disiplin?

15 Nalayan nu jago téh pasti disiplin. Jalma nu disiplin bisa ngajurung dirina sorangan pikeun ngalakukeun naon nu kudu dilakukeun. Saurang nalayan kudu disiplin, misalna manéhna kudu hudang isuk-isuk, kudu leukeun digawé, sarta kudu tetep ngala lauk sanajan cuacana goréng. Urang gé kudu disiplin supaya bisa leukeun jeung nganggeuskeun tugas urang.​—Mat. 10:22.

16. Kumaha urang bisa ngalatih diri supaya jadi disiplin?

16 Disiplin téh lain sipat bawaan urang, da urang mah biasana hayang ngagawékeun hiji hal ku cara nu panggampangna. Tapi, justru hal-hal nu penting téh biasana teu gampang digawékeunana. Jadi, urang butuh bantuan supaya bisa ngalatih diri ngagawékeun tugas-tugas nu hésé. Yéhuwa bakal ngabantu urang liwat roh suci-Na.​—Gal. 5:22, 23, NW.

17. Dumasar 1 Korinta 9:25-27, naon nu kudu dilakukeun ku Paulus supaya bisa jadi jalma nu disiplin?

17 Rasul Paulus téh jalma nu disiplin. Tapi, manéhna ngaku kudu ”ngalatih diri enya-enya” supaya bisa ngalakukeun nu bener. (Baca 1 Korinta 9:25-27, Sunda Formal.) Manéhna ngajurung batur pikeun disiplin sarta ngalakukeun sagala hal ”sing rapih, sing beres entep-entepanana”. (1 Kor. 14:40) Urang gé kudu disiplin dina ibadah ka Yéhuwa. Ieu téh kaasup rutin ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé.​—Ras. 2:46.

TONG NGAENGKÉ-ENGKÉ

18. Naon nu kudu dilakukeun supaya urang suksés dina pandangan Yéhuwa?

18 Biasana, nalayan nganggap dirina suksés mun bisa ngala loba lauk. Tapi, urang mah teu kitu. Kasuksésan urang teu diukur tina sabaraha loba jalma nu geus urang bantu pikeun jadi Saksi. (Luk. 8:11-15) Salila urang leukeun ngawawar jeung ngajar, urang geus suksés dina pandangan Yéhuwa. Ku naon? Sabab urang terus ngalakukeun naon nu dipiharep ku Yéhuwa jeung Putra-Na.​—Mar. 13:10; Ras. 5:28, 29.

19-20. Ku naon ayeuna urang kudu leuwih getol ngawawar?

19 Di sababaraha nagri, ngala lauk téh ngan diidinan dina sababaraha bulan wungkul. Mun waktuna geus téréh béak, para nalayan meureun ngarasa kudu leuwih getol ngala laukna. Sabagé murid Kristus, urang gé ngarasa kudu leuwih getol ngawawar lantaran dunya Sétan geus téréh diancurkeun! Waktu pikeun ngawawarkeun warta hadé nu bisa nyalametkeun hirup batur téh geus téréh béak. Ulah ngaengké-engké atawa nungguan kaayaanna jadi leuwih alus heula pikeun bisa miluan kagiatan nu penting ieu.​—Pan. 11:4.

20 Jadi, ayeuna Sadérék kudu nguatkeun kahayang, leuwih getol diajar Alkitab, leuwih wani, jeung kudu disiplin. Hayu ngagabung jeung leuwih ti dalapan juta umat Allah. Engké, Yéhuwa bakal méré kabungah ka Sadérék. (Neh. 8:10) Kudu sabisa-bisa ngawawar nepi ka engké Yéhuwa méré nyaho waktu keur ngawawar téh geus béak. Artikel saterusna bakal ngabahas tilu cara supaya urang bisa leuwih sumanget dina ngawawarkeun warta hadé.

KAWIH 66 Émbarkeun Injil Kasalametan

^ par. 5 Baheula, Yésus ngondang para nalayan nu rendah haté jeung getol digawé pikeun jadi muridna. Nepi ka ayeuna gé, Yésus masih ngondang jalma-jalma nu rendah haté jeung getol digawé pikeun jadi muridna sarta nguarkeun warta hadé. Artikel ieu bakal ngabahas naon nu kudu dilakukeun ku palajar Alkitab nu asa-asa narima ondangan Yésus.

^ par. 1 KATERANGAN TAMBAHAN: Istilah ”tukang ngala jelema” téh ngamaksudkeun kabéh jelema nu nguarkeun warta hadé jeung ngajar batur pikeun jadi murid Kristus.

^ par. 10 Tingali artikel ”Ngajarkeun Bebeneran” dina Warta Hadé bulan Oktober 2018, kaca 9-15.