Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti Nu Maca

Pananya ti Nu Maca

Nu dicaritakeun dina Pandita 5:8 téh ngan pamaréntahan-pamaréntahan manusa wungkul, atawa kaasup pamaréntahan Yéhuwa ogé?

Ayat ieu nyebutkeun, ”Lamun anjeun nenjo pamarentah ngagencet ka kaum miskin, henteu mere kaadilan jeung teu kersaeun nguruskeun hakna, henteu kudu heran. Unggal pangagung diauban ku nu saluhureunana, tapi eta oge duanana diauban ku anu saluhureunana deui.”​—Pan. 5:8.

Mun dibaca saliwat mah, katingalina ayat ieu ngan ngabahas ngeunaan pangawasa-pangawasa manusa wungkul. Tapi, sabenerna ayat ieu téh méré nyaho hiji bebeneran penting ngeunaan Yéhuwa. Bebeneran ieu bisa nengtremkeun jeung ngayakinkeun urang.

Pandita 5:8 ngabahas ngeunaan pangawasa nu ngagencét jeung teu adil ka jalma nu miskin. Pangawasa ieu kuduna inget aya jalma nu boga jabatan atawa wewenang nu leuwih luhur ti manéhna. Malah di luhureunana gé, meureun aya kénéh nu leuwih luhur. Tapi dina pamaréntahan manusa mah, meureun kabéh pangawasana teu jujur, jadi rahayatna sangsara.

Najan katingalina geus euweuh harepan, urang bisa tenang sabab urang apal Yéhuwa téh ngawaskeun kabéh pangawasa manusa. Urang bisa ménta tulung ka Allah jeung masrahkeun sagala kasusah ka Mantenna. (Jab. 55:23; Pil. 4:6, 7) Urang apal Yéhuwa téh ”neuteup-neuteup ngawaskeun ka saalam dunya, seja maparin pitulung ka sing saha anu suhud hate ka Mantenna”.​—2 Bab. 16:9.

Jadi, Pandita 5:8 téh keur ngabahas ngeunaan kaayaan pamaréntahan manusa, nyaéta di luhureun saurang pangawasa pasti aya waé pangawasa nu boga wewenang nu leuwih gedé. Tapi nu pasti mah, Pribadi nu boga wewenang pangluhurna téh Yéhuwa. Ayeuna, Mantenna keur maréntah liwat Putrana, Yésus Kristus, nu jadi Raja tina Karajaan Allah. Allah Nu Mahakawasa téh merhatikeun sagala hal. Mantenna jeung Putrana bener-bener adil.