Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 39

Kumaha Lamun Jalma nu Dipikanyaah Ninggalkeun Yéhuwa?

Kumaha Lamun Jalma nu Dipikanyaah Ninggalkeun Yéhuwa?

”[Maranéhna] sering pisan . . . nganalangsakeun manah-Na.”​—JAB. 78:40.

KAWIH 102 Nulung ka nu Lemah

NU DIBAHAS *

1. Kumaha parasaan sababaraha jalma mun aya anggota kulawarga nu dipecat?

NA AYA anggota kulawarga sadérék nu ninggalkeun Yéhuwa? Éta téh pasti beurat pisan! Saurang sadérék istri nu ngaranna Hilda * nyarita, ”Abdi geus nikah salila 41 taun. Basa salaki abdi maot, karasana téh ieu kajadian nu pangbeuratna keur abdi. Ari pék téh aya nu leuwih beurat deui, nyaéta pas budak lalaki abdi ninggalkeun sidang, pamajikan, jeung barudakna.”

Yéhuwa ngarti pisan kana kasedih Sadérék waktu aya nu eureun ngawula Anjeunna (Tingali paragrap 2-3) *

2-3. Ceuk Jabur 78:40, 41, kumaha parasaan Yéhuwa waktu aya nu ninggalkeun Anjeunna?

2 Pikirkeun sakumaha nyeri haténa Yéhuwa waktu anggota kulawarga-Na sorangan, nyaéta para malaikat, ngabarontak ka Anjeunna! (Yud. 6) Geus kitu, bayangkeun sakumaha sedihna Yéhuwa waktu umat-Na nu dipikanyaah, nyaéta urang Israil, teterusan ngalawan ka Anjeunna. (Baca Jabur 78:40, 41.) Sing yakin Bapa urang nu di sorga téh ngarasakeun kasedih Sadérék. Anjeunna paham kana kapeurih Sadérék. Yéhuwa bakal nguatkeun jeung ngalilipur Sadérék lantaran Anjeunna téh nyaah pisan ka Sadérék.

3 Artikel ieu bakal ngabahas naon nu bisa urang lakukeun supaya Yéhuwa ngabantu urang waktu aya anggota kulawarga nu ninggalkeun Anjeunna. Urang ogé bakal ningali kumaha urang bisa ngabantu sadérék di sidang nu keur nyanghareupan masalah ieu. Tapi, hayu urang bahas heula pamikiran goréng naon nu kudu urang singkahan.

ULAH NYALAHKEUN DIRI SORANGAN

4. Kumaha parasaan kolot waktu budakna ninggalkeun Yéhuwa?

4 Waktu saurang budak ninggalkeun Yéhuwa, meureun kolotna ngarasa, ’Kuduna baheula téh urang bisa mantuan budak urang supaya terus satia ka Yéhuwa.’ Sadérék Luke nu budak lalakina dipecat ngomong kieu, ”Urang terus nyalahkeun diri sorangan, malah nepi ka kababawa ngimpi. Urang gé sok ceurik, haté téh meni nyeri pisan.” Sadérék Elizabeth ogé ngarasakeun nu sarua. Ceuk manéhna, ”Abdi téh asa gagal jadi indung, asa can bener ngajarkeun budak pikeun mikanyaah Yéhuwa.”

5. Saha nu nyababkeun saurang jalma ninggalkeun Yéhuwa?

5 Sing inget, Yéhuwa téh méré urang kabébasan pikeun milih. Éta hartina urang bisa milih rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. Aya kolot nu lain picontoeun keur budakna, tapi budakna tetep milih pikeun ngawula Yéhuwa. Aya ogé kolot nu geus sabisa-bisana ngajarkeun budakna pikeun mikanyaah Yéhuwa, tapi budakna malah milih pikeun ninggalkeun Yéhuwa. Ku kituna, urang sorangan nu kudu milih rék ngawula Yéhuwa atawa henteu. (Yos. 24:15) Jadi sing yakin, lain Sadérék nu nyababkeun budak Sadérék ninggalkeun Yéhuwa!

6. Kumaha parasaan budak lamun kolotna ninggalkeun Yéhuwa?

6 Meureun aya kolot nu ninggalkeun Yéhuwa, malah kulawargana ogé ditinggalkeun. (Jab. 27:10) Barudakna pasti sedih pisan, komo deui mun manéhna nganggap kolot téh sabagé tuladan. Sadérék Esther nu bapana dipecat ngomong kieu, ”Abdi sering ceurik lantaran abdi sadar si Bapa teu ngan ngajauh ti bebeneran. Tapi si Bapa téh milih sorangan pikeun ninggalkeun Yéhuwa. Abdi nyaah pisan ka si Bapa. Jadi waktu si Bapa dipecat, abdi jadi sering mikiran kumaha kaayaan si Bapa. Abdi gé jadi keuna serangan panik.”

7. Kumaha parasaan Yéhuwa ka budak ngora nu kolotna dipecat?

7 Barudak ngora, lamun kolot anjeun dipecat, urang kabéh milu sedih! Sing yakin, Yéhuwa pasti ngarti kumaha peurihna haté anjeun. Yéhuwa nyaah pisan ka anjeun. Jadi lamun anjeun terus satia, Yéhuwa jeung sadérék-sadérék di sidang pasti bungah pisan. Sing inget, lain anjeun nu nyababkeun hal éta kajadian. Tapi kolot anjeun sorangan nu mutuskeunana. Jiga nu geus dibahas dina paragrap saacanna, Yéhuwa téh méré kabéh jalma kabébasan pikeun milih. Jadi unggal jalma nu geus ngabaktikeun diri jeung dibaptis kudu ”manggul tanggung jawabna sorangan”.​—Gal. 6:5, cth.

8. Bari ngadagoan anggota kulawarga nu dipecat balik deui, naon nu bisa urang lakukeun? (Tingali kotak ” Sing Baralik ka Yéhuwa”.)

8 Waktu aya anggota kulawarga nu dipecat, urang pasti ngarep-ngarep supaya manéhna balik deui. Bari ngadagoan manéhna, naon nu bisa dilakukeun? Urang bisa nguatkeun karohanian urang sorangan. Ku kituna, urang bisa méré tuladan ka anggota kulawarga séjén atawa malah ka jalma nu dipecat éta. Urang gé bisa boga kakuatan pikeun nyanghareupan kasedih ieu. Hayu urang tingali sababaraha carana.

NU BISA DILAKUKEUN PIKEUN NGAJAGA KAROHANIAN

9. Supaya Yéhuwa méré urang kakuatan, naon nu bisa urang lakukeun? (Tingali kotak ” Ayat-Ayat nu Bisa Nguatkeun Urang”.)

9 Pék terus jaga karohanian Sadérék. Sadérék perlu nguatkeun karohanian diri sorangan jeung anggota kulawarga nu séjénna. Naon nu bisa dilakukeun? Sing rutin maca Alkitab, ngalenyepanana, sarta datang ka pasamoan. Ku kituna, Yéhuwa bakal méré kakuatan ka Sadérék. Aya pangalaman ti Sadérék Joanna nu bapa jeung lanceukna téh dipecat. Ceuk manéhna, ”Abdi ngarasa tengtrem pisan waktu maca kisah ti Abigail, Éster, Ayub, Yusuf, jeung Isa. Tuladan maranéhna téh nguatkeun abdi jeung jadi leuwih positif. Abdi ogé ngarasa dikuatkeun ku lagu-lagu ti organisasi.”

10. Ceuk Jabur 32:6-8, naon nu bisa ngabantu urang waktu keur sedih pisan?

10 Ungkabkeun kabéh kahariwangan Sadérék ka Yéhuwa. Waktu Sadérék keur sedih pisan, tong eureun ngadoa. Pénta bantuan ka Yéhuwa supaya Sadérék bisa ningali kaayaanana tina cara pandang Anjeunna. Terus, ménta ogé supaya Yéhuwa méré ”papatah, keur pilampaheun” Sadérék. (Baca Jabur 32:6-8.) Bisa jadi, Sadérék hésé nyaritakeun ka Yéhuwa naon nu dirasakeun. Tapi Yéhuwa ngarti pisan kana kapeurih haté Sadérék. Yéhuwa nyaah pisan ka Sadérék jeung hayang Sadérék ngungkabkeun kabéh parasaan Sadérék ka Anjeunna.​—Bud. 34:6; Jab. 62:8, 9.

11. Siga nu dijelaskeun ku Ibrani 12:11, ku naon urang kudu percaya ka cara Yéhuwa pikeun ngadisiplin? (Tingali kotak ” Pangaturan ngeunaan Dipecatna Saurang Jalma téh Bukti Kanyaah ti Yéhuwa”.)

11 Dukung putusan para kokolot. Dipecatna saurang jalma téh salah sahiji pangaturan ti Yéhuwa. Ieu téh cara panghadéna pikeun ngabantu jalma nu dipecat jeung ngajaga kabéh sadérék nu aya di sidang. (Baca Ibrani 12:11.) Meureun aya nu teu satuju waktu kokolot mutuskeun pikeun ngadisiplin saurang jalma. Tapi, biasana jalma-jalma nu ngomong kitu téh nyapirakeun dosa sérius nu geus dilakukeun ku jalma nu didisiplin éta. Urang teu nyaho kabéh kaayaan nu sabenerna. Para kokolot dina panitia pangadilan téh sabisa-bisana nuturkeun prinsip dina Alkitab. Jadi sing percaya ka para kokolot nu ngahakiman keur Yéhuwa.​—2 Bab. 19:6.

12. Naon hasilna lamun urang ngadukung disiplin ti Yéhuwa?

12 Lamun urang ngadukung putusan para kokolot, urang ngabantu anggota kulawarga nu dipecat pikeun balik deui ka Yéhuwa. Sadérék Elizabeth nu tadi dicaritakeun ngomong kieu, ”Nu panghéséna téh teu bisa komunikasi deui jeung budak urang. Tapi waktu budak urang geus balik deui, manéhna ngaku yén mémang baheula manéhna téh kudu dipecat. Cenah manéhna ogé diajar loba hal, salah sahijina téh jadi leuwih ngahargaan disiplin ti Yéhuwa.” Salakina Elizabeth nyaéta Mark ngomong kieu, ”Ka dieunakeun, budak urang ngomong yén manéhna téh hayang balik deui lantaran baheula urang bener-bener teu komunikasi deui jeung manéhna. Abdi nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa, Anjeunna ngabantu urang duaan pikeun tetep taat.”

13. Naon nu bisa ngabantu Sadérék supaya teu teterusan sedih?

13 Caritakeun ka babaturan nu bisa ngarti kana parasaan Sadérék. Pék deukeutan sadérék-sadérék nu geus pangalaman. Maranéhna bisa ngabantu Sadérék pikeun terus satia. (Sil. 12:25; 17:17) Joanna nu tadi dicaritakeun ngomong kieu, ”Abdi téh asa teu boga sasaha. Tapi abdi ngarasa dikuatkeun sanggeus ngobrol jeung babaturan nu bisa dipercaya.” Tapi kumaha lamun di sidang aya nu omonganana kalah ka beuki nganyenyeri haté Sadérék?

14. Ku naon urang kudu ”terus silih sabaran jeung iklas silih hampura”?

14 Sing sabar ka dulur-dulur saiman. Urang sadar kabéh jalma téh bisa salah ngomong. (Yak. 3:2) Urang kabéh teu sampurna, jadi bisa waé dulur-dulur saiman téh bingung rék ngomong naon atawa omonganana kalah ka nganyenyeri haté urang. Sabenerna maksudna mah teu kitu. Perhatikeun naséhat ti Paulus, ”Aranjeun kudu terus silih sabaran jeung iklas silih hampura sanajan aya nu pikakeuheuleun.” (Kol. 3:13) Saurang sadérék istri nu putrana pernah dipecat ngomong kieu, ”Yéhuwa téh geus ngabantu abdi ngahampura dulur-dulur nu nganyenyeri abdi, nu sabenerna mah niatna nyumangetan abdi.” Lamun kitu naon nu bisa sidang lakukeun pikeun ngabantu anggota kulawarga nu masih satia?

SIDANG BISA NGABANTU SADÉRÉK

15. Kumaha urang bisa ngabantu anggota kulawarga nu masih satia?

15 Pikanyaah jeung terus maturan anggota kulawarga nu masih satia. Sadérék istri nu ngaranna Miriam ngarasa sieun waktu rék datang ka pasamoan sanggeus adi lalakina dipecat. Ceuk manéhna, ”Abdi sieun pisan naon nu bakal diomongkeun ku sadérék-sadérék di sidang. Tapi geuningan maranéhna teu ngagogoréng adi abdi, justru maranéhna milu sedih. Jadi abdi teu ngarasa sorangan.” Sadérék istri séjénna nyarita, ”Sanggeus anak lalaki abdi dipecat, babaturan abdi téh daratang ka imah pikeun nguatkeun abdi. Aya nu ngabéjaan yén maranéhna téh bingung kudu ngomong naon. Nu séjénna deui milu ceurik jeung abdi. Aya ogé nu nulis surat pikeun nguatkeun abdi. Maranéhna téh ngabantu abdi pisan.”

16. Kumaha anggota sidang bisa nguatkeun jeung ngabantu kulawarga ti jalma nu dipecat?

16 Pék terus kuatkeun anggota kulawarga nu masih satia. Maranéhna téh bener-bener butuh dikuatkeun jeung ngarasa dipikanyaah. (Ibr. 10:24, 25) Bisa jadi aya nu ngarasa lantaran hiji anggota kulawargana dipecat, kabéhanana dianggap jiga nu keur dipecat ogé. Maranéhna ngarasa sababaraha sadérék di sidang ngajauhan jeung teu ngajak ngobrol deui maranéhna. Ulah nepi ka maranéhna ngarasa kitu! Lamun aya budak ngora di sidang nu kolotna dipecat, urang bisa nguatkeun jeung ngahargaan manéhna. Maria nu salakina dipecat jeung ninggalkeun kulawargana ngomong kieu, ”Babaturan abdi sok datang ka imah. Maranéhna mangnyieunkeun dahareun jeung ngayakeun ibadah kulawarga. Maranéhna téh ngarti kana parasaan abdi, malah nepi ka milu ceurik. Terus mun aya batur nu ngagogoréng abdi, maranéhna nu ngabéla abdi. Abdi bener-bener dikuatkeun!”​—Rm. 12:13, 15.

Sadérék-sadérék di sidang bisa mantuan anggota kulawarga nu masih satia (Tingali paragrap 17) *

17. Kumaha para kokolot bisa ngalilipur sadérék-sadérék nu keur sedih?

17 Para kokolot kudu sabisa-bisana nguatkeun anggota kulawarga nu masih satia. Sadérék téh boga tugas penting pikeun ngalilipur maranéhna. (1 Tés. 5:14) Ajak ngobrol sarta kuatkeun maranéhna saacan jeung sanggeus pasamoan. Sadérék bisa datang ka imahna jeung ngadoa bareng. Ajak maranéhna dines atawa miluan ibadah kulawarga sadérék. Sabagé pangangon, para kokolot téh kudu némbongkeun sikep lemah lembut jeung kanyaah ka domba-domba Yéhuwa nu keur sedih.​—1 Tés. 2:7, 8.

TETEP TEGER JEUNG TERUS NGANDELKEUN YÉHUWA

18. Dina 2 Pétrus 3:9, kumaha parasaan Yéhuwa ka jalma-jalma nu nyieun dosa?

18 Yéhuwa ”teu hayang saurang-saurang acan dibinasakeun, tapi hayang kabéhanana tobat.” (Baca 2 Pétrus 3:9.) Sanajan saurang jalma nyieun dosa sérius, manéhna masih dipikanyaah ku Allah. Pikirkeun naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa. Anjeunna nepi ka ngorbankeun putra nu dipikanyaah pikeun nebus dosa unggal jalma. Yéhuwa terus sabar jeung mantuan jalma-jalma supaya baralik deui ka Anjeunna. Siga ibarat Isa ngeunaan anak nu leungit, Yéhuwa hayang maranéhna balik deui. (Luk. 15:11-32) Ayeuna, aya loba sadérék nu geus balik deui ka Yéhuwa. Sidang gé pasti bungah nyambut maranéhna deui. Sadérék Elizabeth nu tadi dicaritakeun bungah pisan waktu budakna balik deui. Manéhna ngomong, ”Abdi nganuhunkeun pisan ka sadérék-sadérék nu terus ngabantu urang supaya teu nyerah.”

19. Ku naon urang bisa terus ngandelkeun Yéhuwa?

19 Urang bisa terus ngandelkeun Yéhuwa. Naséhat ti Anjeunna pasti aya mangpaatna. Anjeunna téh Bapa nu murah haté jeung lemah lembut. Anjeunna nyaah pisan ka jalma-jalma nu ibadah jeung nyaah ogé ka Anjeunna. Sing yakin, Yéhuwa téh moal pernah ninggalkeun Sadérék nu keur sedih pisan. (Ibr. 13:5, 6) Ceuk Mark nu tadi dicaritakeun, ”Yéhuwa teu pernah ninggalkeun urang. Anjeunna terus mantuan urang nyanghareupan kasusah ieu.” Yéhuwa gé bakal méré ”kasanggupan nu hébat” keur Sadérék. (2 Kor. 4:7) Jadi sing yakin, Sadérék bisa tetep satia jeung teger najan jalma nu dipikanyaah ku Sadérék ninggalkeun Yéhuwa.

KAWIH 44 Doa Waktu keur Nalangsa

^ par. 5 Urang pasti sedih pisan lamun aya jalma nu urang pikanyaah ninggalkeun Yéhuwa! Dina artikel ieu urang bakal ngabahas kumaha parasaan Yéhuwa lamun aya anu ninggalkeun Anjeunna. Urang ogé bakal ngabahas naon nu bisa dilakukeun ku anggota kulawarga ti jalma nu dipecat éta supaya teu teterusan sedih jeung terus bisa satia. Terus, urang gé bakal ngabahas kumaha jalma-jalma di sidang bisa ngalilipur jeung nguatkeun kulawarga nu keur sedih.

^ par. 1 Sababaraha ngaran geus diganti.

^ par. 79 KATERANGAN GAMBAR: Lamun aya saurang bapa ninggalkeun Yéhuwa jeung kulawargana, engké pamajikan jeung barudakna bakal nalangsa.

^ par. 81 KATERANGAN GAMBAR: Dua kokolot datang ka hiji kulawarga di sidangna pikeun nguatkeun maranéhna.