Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

ARTIKEL PALAJARAN 38

Buktikeun Sadérék téh Bisa Dipercaya

Buktikeun Sadérék téh Bisa Dipercaya

”Jelema laer biwir moal bisa dibawa rasiah. Sabalikna nu satia layak dipercaya.”​—SIL. 11:13, KITAB SUCI © LAI 1991.

KAWIH 101 Digawé Sauyunan

NU DIBAHAS *

1. Jalma nu bisa dipercaya téh jiga kumaha?

 JALMA nu bisa dipercaya téh jujur jeung tara jalir jangji. (Jab. 15:4) Batur nyaho manéhna bisa diandelkeun. Urang hayang dulur-dulur saiman ngarasa jiga kitu ka urang. Kumaha carana supaya urang bisa dipercaya ku maranéhna?

2. Urang kudu kumaha supaya bisa dipercaya ku batur?

2 Urang teu bisa maksa batur percaya ka urang. Urang sorangan anu kudu ngabuktikeun yén urang bisa dipercaya. Aya nu ngomong, kapercayaan ti batur téh ibarat duit, hésé dialana tapi gampang leungitna. Yéhuwa téh Allah anu bisa dipercaya ku urang, sabab ”sugri nu dipidamel-Na taya kuciwana”. (Jab. 33:4, KITAB SUCI © LAI 1991) Yéhuwa hayang urang nyonto Anjeunna. (Éf. 5:1) Ayeuna, hayu urang bahas tuladan sababaraha hamba Allah dina jaman baheula anu geus nyonto Bapa di sorga sarta kabukti bisa dipercaya. Urang gé bakal ngabahas lima sipat nu kudu dipiboga ku urang supaya bisa dipercaya ku batur.

DIAJAR TI HAMBA-HAMBA YÉHUWA NU BISA DIPERCAYA

3-4. Naon buktina Nabi Daniél bisa dipercaya, jeung pananya naon waé nu kudu urang pikirkeun?

3 Nabi Daniél téh conto hamba Yéhuwa nu bisa dipercaya. Manéhna téh salah saurang tawanan di Babilon, tapi manéhna bisa diandelkeun jeung dipercaya ku jalma-jalma di ditu. Jalma-jalma beuki percaya ka Daniél waktu manéhna nerangkeun impian Raja Nébukadnésar ku bantuan Yéhuwa. Hiji waktu, Daniél kudu méré nyaho yén raja geus teu dipikaresep ku Yéhuwa. Ieu téh lain warta nu pikabungaheun. Butuh kawani pikeun nepikeunana, komo deui Nébukadnésar téh gedé ambek! (Dan. 2:12; 4:20-22, 25) Mangtaun-taun sanggeusna, Daniél kabukti deui bisa dipercaya waktu nerangkeun pesen nu teu dipikaharti ku jalma-jalma dina témbok istana. (Dan. 5:5, 25-29) Darius urang Média sarta pajabat-pajabatna gé ningali yén Daniél téh ”kacida nyongcolangna”. Maranéhna merhatikeun Daniél téh ”jalma satuhu, taya codekana jeung jujur”. (Dan. 6:3, 4, KITAB SUCI © LAI 1991) Nya, nu lain umat Yéhuwa gé apal Daniél téh bisa dipercaya!

4 Bari mikirkeun conto Daniél, pék tanya ka diri sorangan, ’Kumaha pandangan batur nu lain Saksi ka abdi? Naha abdi téh dikenal sabagé jalma nu tanggung jawab jeung bisa dipercaya?’ Urang kudu ngajawab pananya-pananya ieu sabab lamun urang dipercaya, urang téh ngamulyakeun Yéhuwa.

Néhémia milih priya-priya nu bisa dipercaya pikeun ngurus tugas nu penting (Tingali paragrap 5)

5. Ku naon Hananya bisa dipercaya?

5 Sanggeus témbok Yérusalém dibangun deui dina taun 455 SM, Gupernur Néhémia néangan priya-priya nu bisa diandelkeun pikeun ngurus éta kota. Salah sahijina nyaéta Hananya, saurang pamingpin bénténg. Ceuk Alkitab, ”Hananya teh jelema [nu bisa dipercaya] tur sieun ku Allah, taya sasamana.” (Neh. 7:2, KITAB SUCI © LAI 1991) Hananya bisa sérius ngajalankeun tanggung jawabna sabab manéhna nyaah jeung embung nguciwakeun Yéhuwa. Lamun urang boga sipat-sipat jiga kitu, urang gé bisa ngalayanan Yéhuwa ku cara nu hadé.

6. Naon buktina Tikhikus téh babaturan nu bisa dipercaya ku Paulus?

6 Conto séjénna nyaéta Tikhikus, babaturan nu dipercaya ku Paulus. Basa jadi tahanan imah, Paulus ngandelkeun Tikhikus jeung nyebut manéhna ”palayan Juragan nu satia”. (Éf. 6:21, 22) Paulus mercayakeun tugas pikeun ngirim surat ka sadérék-sadérék di Éfésus jeung Kolose ka Tikhikus. Tapi teu ngan éta hungkul. Paulus percaya, Tikhikus bisa negerkeun jeung nguatkeun dulur-dulur saiman di ditu. Tikhikus ngingetkeun urang ka priya-priya nu bisa diandelkeun jeung ngurus kabutuhan rohani urang.​—Kol. 4:7-9.

7. Sadérék diajar naon ti para kokolot jeung palayan sidang nu bisa dipercaya?

7 Urang ngahargaan pisan para kokolot jeung palayan sidang nu bisa dipercaya. Maranéhna téh jiga Daniél, Hananya, jeung Tikhikus nu sérius ngajalankeun tanggung jawabna. Misalna, dina pasamoan tengah minggu, urang yakin pasti aya sadérék-sadérék anu nepikeun unggal bagian pasamoan. Lamun sadérék-sadérék nu dibéré tugas téh persiapan heula jeung bisa nepikeun bagianana, para kokolot gé pasti ngahargaan pisan. Terus saupama urang ngajak palajar Alkitab milu masamoan dina ahir minggu, urang moal sieun bisi nu nepikeun hutbahna poho. Terus mun rék dines, urang yakin pasti aya sadérék anu nyadiakeun majalah jeung brosur pikeun dines. Urang geus diurus ku priya-priya anu satia ieu, jadi urang pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa! Tapi, ku cara naon waé urang gé bisa ngabuktikeun yén urang téh bisa dipercaya?

SING BISA DIPERCAYA KU CARA NGAJAGA RASIAH

8. Urang hayang perhatian ka dulur-dulur saiman, tapi urang kudu ati-ati kana hal naon? (Siloka 11:13)

8 Urang nyaah jeung hayang merhatikeun dulur-dulur saiman. Tapi urang gé kudu ati-ati, ulah nepi ka pipilueun urusan pribadina. Baheula, sababaraha jalma di sidang Kristen abad kahiji osok ”ngomongkeun batur jeung pipilueun urusan batur, ngobrolkeun hal-hal nu teu sakuduna”. (1 Tim. 5:13) Pasti urang embung siga maranéhna. Tapi, bisa waé aya nu nyaritakeun hal-hal pribadina ka urang jeung mikir urang moal carita deui ka sasaha. Misalna, meureun aya sadérék istri nu nyarita yén manéhna boga masalah kaséhatan atawa masalah séjén. Manéhna ngomat-ngomat supaya urang teu carita deui ka sasaha. Urang kudu bisa ngajaga rasiahna. * (Baca Siloka 11:13.) Dina hal naon deui urang kudu ngajaga rasiah?

9. Kumaha carana supaya unggal anggota kulawarga bisa dipercaya?

9 Dina kulawarga. Unggal anggota kulawarga téh boga tanggung jawab pikeun ngajaga hal-hal nu sipatna pribadi ti kulawargana. Misalna, saurang sadérék istri meureun boga kabiasaan anu ngan dipikanyaho ku salakina. Tangtu salakina moal nyaritakeun kabiasaan éta ka batur sabab manéhna nyaah jeung embung nganyenyeri pamajikanana. (Éf. 5:33) Terus, kolot kudu ngarti yén barudak rumaja téh perlu ngarasa dihargaan. Jadi, kolot sakuduna teu nyaritakeun kasalahan budakna ka batur, engké budakna bisa éra. (Kol. 3:21) Barudak leutik gé perlu diajar pikeun teu nyaritakeun hal-hal anu matak éra keur kulawargana. (Pam. 5:16) Lamun unggal anggota kulawarga bisa ngajaga rasiah kulawarga, hubungan di antara kulawarga téh bakal leuwih akrab.

10. Sobat sajati téh nu jiga kumaha? (Siloka 17:17)

10 Dina sosobatan. Kadang, urang hayang nyaritakeun parasaan atawa hal-hal pribadi ka babaturan. Tapi, éta téh teu gampang. Meureun urang teu biasa nyarita ka batur. Atawa, bisa jadi urang sieun lamun caritana jadi nyebar ka mana-mana. Lamun babaturan urang bisa ngajaga rasiah, urang pasti ngahargaan manéhna. Éta nu disebut sobat sajati téh.​—Baca Siloka 17:17.

Para kokolot moal méré nyaho hal-hal nu sipatna rasiah ka kulawargana (Tingali paragrap 11) *

11. (a) Kumaha para kokolot jeung pamajikanana ngabuktikeun yén maranéhna bisa dipercaya? (b) Urang meunang palajaran naon tina pangalaman saurang kokolot nu bisa ngajaga rasiah sidang ti kulawargana? (Tingali gambar.)

11 Di sidang. Para kokolot anu bisa ngajaga rasiah téh ibarat ”tempat nyalindung ari keur hujan jeung angin”. (Yes. 32:2, KITAB SUCI © LAI 1991) Urang bisa laluasa nyarita ka para kokolot lantaran yakin maranéhna moal nyaritakeun deui ka batur. Tapi, urang gé sakuduna teu tatanya hal anu sipatna rasiah ka para kokolot. Salian ti éta, urang tangtu ngahargaan pisan pamajikan ti para kokolot, lantaran maranéhna teu tatanya hal anu sipatna rasiah ka salakina. Saurang pamajikan ti kokolot nyarita, ”Abdi nganuhunkeun pisan, salaki abdi bisa ngajaga rasiah ngeunaan sadérék-sadérék anu butuh bantuan para kokolot. Ngaran maranéhna gé teu dibéjaan ka abdi. Abdi jadi teu kabeungbeurat ku hal-hal anu sabenerna lain urusan abdi, da abdi mémang teu nyaho. Abdi gé jadi bisa laluasa ngobrol jeung sadérék-sadérék. Abdi yakin, mun abdi nyaritakeun parasaan atawa masalah abdi ka salaki, manéhna gé pasti moal nyaritakeun deui ka batur.” Urang kabéh tangtu hayang jadi jalma nu bisa dipercaya. Sipat-sipat naon waé anu bisa ngabantu urang jadi jalma nu siga kitu? Hayu urang bahas lima di antarana.

MEKARKEUN SIPAT-SIPAT NU NGABANTU SADÉRÉK JADI JALMA NU BISA DIPERCAYA

12. Jelaskeun ku naon urang bisa percaya ka batur lamun boga kanyaah.

12 Urang bisa percaya ka batur lamun boga kanyaah. Aya dua paréntah nu pangpentingna nu disebutkeun ku Isa, nyaéta urang kudu nyaah ka Yéhuwa jeung ka sasama. (Mat. 22:37-39) Urang nyaah ka Yéhuwa, jadi urang hayang nyonto Anjeunna jeung jadi jalma nu bisa dipercaya. Urang gé nyaah ka dulur-dulur saiman, jadi urang hayang ngajaga rasiah maranéhna. Urang sakuduna teu nyebarkeun hal-hal pribadi nu matak manéhna éra jeung nyeri haté.​—Yah. 15:12.

13. Kumaha karendahan haté ngabantu urang jadi jalma nu bisa dipercaya?

13 Karendahan haté bisa ngabantu urang jadi jalma nu bisa dipercaya. Urang Kristen nu rendah haté moal hayang jadi nu pangheulana méré nyaho hiji hal pédah hayang dianggap hébat ku batur. (Flp. 2:3) Manéhna gé moal nyirikeun yén manéhna boga rasiah. Mun urang rendah haté, urang gé moal nyebarkeun pandangan urang nu dasarna lain tina Alkitab atawa publikasi urang.

14. Kumaha kabijaksanaan bakal mantuan urang jadi jalma nu bisa dipercaya?

14 Kabijaksanaan bakal ngabantu urang Kristen nyaho iraha ”waktuna ngajejempe” iraha ”waktuna nyarita”. (Pan. 3:7, KITAB SUCI © LAI 1991) Dina sababaraha kabudayaan, aya paribasa ”jempé téh ibarat emas”. Maksudna, sakapeung mending kénéh jempé tibatan ngomong. Éta luyu jeung nu disebutkeun dina Siloka 11:12, ”Nu lantip mah sungutna repeh.” Perhatikeun hiji conto. Saurang kokolot nu boga loba pangalaman sering dipénta pikeun mantuan sidang-sidang séjén pas aya masalah. Kokolot séjénna ngomong, ”Waktu keur ngobrol, manéhna téh ati-ati supaya teu nyaritakeun rasiah ti sidang-sidang séjén ka urang-urang.” Lantaran kokolot ieu bijaksana, manéhna dipihormat ku para kokolot di sidangna. Maranéhna gé yakin, kokolot ieu moal nyaritakeun rasiah sidangna ka batur.

15. Ku naon batur bakal percaya mun urang jujur? Béré contona.

15 Kajujuran téh sipat séjénna nu diperlukeun supaya urang bisa dipercaya ku batur. Urang percaya ka jalma nu jujur sabab omonganana pasti bisa dipercaya. (Ef. 4:25; Ibr. 13:18) Misalna, mun Sadérék hayang leuwih tarampil dina ngajarkeun Alkitab, meureun Sadérék ménta bantuan ka batur pikeun merhatikeun pas Sadérék nepikeun bagian dina pasamoan. Kira-kira, jalma jiga kumaha nu bakal dipéntaan bantuan ku Sadérék? Nu omonganana ngeunah kana ceuli hungkul, atawa nu terus terang tapi bageur? Pasti hayangna mah nu terus terang, pan? Ceuk Alkitab, ”Leuwih hade nyawad terus terang, ti batan disangka embung malire-malire acan. Najan matak nyeri, ari ti sobat mah hade maksudna.” (Sil. 27:5, 6, KITAB SUCI © LAI 1991) Sanajan peurih kadéngéna, tapi saran nu terus terang mah bakal langgeng mangpaatna.

16. Dumasar Siloka 10:19, ku naon urang téh kudu bisa nahan diri?

16 Urang gé kudu bisa nahan diri lamun hayang dipercaya ku batur. Mun urang bisa nahan diri, urang moal kagoda pikeun méré nyaho hal-hal nu sipatna rasiah. (Baca Siloka 10:19 tina catetan handap.) * Misalna, waktu ngagunakeun média sosial, bisa jadi urang hésé pikeun nahan diri. Mun teu ati-ati, urang bisa waé nyebarkeun informasi nu sipatna rasiah. Sakalina geus kasebar, éta bisa disalahgunakeun ku batur jeung nyababkeun loba masalah. Salian ti éta, mun bisa nahan diri, urang gé bakal jempé waktu pulisi tatanya ngeunaan dulur-dulur saiman urang, misalna di nagri nu ngalarang kagiatan urang. Dina kaayaan-kaayaan jiga kitu, urang bisa inget kana ayat ieu, ”[Urang] moal ngomong naon-naon.” (Jab. 39:2, KITAB SUCI © LAI 1991) Urang kudu bisa dipercaya ku kabéh jalma, rék éta kulawarga, babaturan, dulur-dulur saiman, atawa nu séjénna. Ku kituna, urang kudu bisa nahan diri.

17. Naon nu bisa diupayakeun ku urang sangkan kabéh anggota sidang bisa silih percaya?

17 Urang tangtu nganuhunkeun pisan ka Allah Yéhuwa nu geus narik urang ka organisasi-Na nu pinuh ku jalma-jalma nu nyaahan jeung bisa dipercaya. Urang kabéh kudu upaya ngarah bisa dipercaya ku dulur-dulur saiman. Mun kabéh anggota sidang terus nunjukkeun kanyaah, karendahan haté, kabijaksanaan, kajujuran, jeung bisa nahan diri, kabéh anggota sidang bisa silih percaya. Urang perlu ngabuktikeun yén urang bisa dipercaya. Hayu urang nyonto Allah Yéhuwa jeung buktikeun yén urang téh jalma nu bisa dipercaya!

KAWIH 123 Satia jeung Tunduk ka Aturan Yéhuwa

^ Lamun hayang dipercaya ku batur, urang kudu ngabuktikeun urang téh bisa dipercaya. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas ku naon urang jeung dulur-dulur saiman kudu silih percaya. Urang gé bakal ngabahas sipat naon waé nu kudu dipiboga ku urang ngarah bisa dipercaya ku batur.

^ Lamun urang apal di sidang aya nu ngalakukeun dosa nu gedé, urang kudu ngajurung manéhna pikeun ménta bantuan ka para kokolot. Lamun manéhna teu ngadatangan kokolot, urang nu kudu méré nyaho para kokolot, lantaran urang hayang satia ka Yéhuwa jeung ngajaga sidang Kristen tetep bersih.

^ Siloka 10:19 (NW): ”Beuki loba omong beuki loba kasalahan. Tapi nu kénéh balem mah bijaksana.”

^ KATERANGAN GAMBAR: Kokolot moal méré nyaho hal nu sipatna rasiah ka kulawargana.