Pananya ti Nu Maca
Saha nu bakal dihirupkeun deui di bumi, jeung naon nu bakal kaalaman ku maranéhna?
Perhatikeun jawaban Alkitab.
Kisah 24:15 nyebutkeun, ”Nu maot bakal dihirupkeun deui, boh jalma bener boh jalma teu bener.” Jalma bener téh nyaéta jalma-jalma nu nepi ka maotna satia ka Allah, ku kituna ngaranna dicatet dina buku kahirupan. (Mal. 3:16) Ari jalma teu bener mah nyaéta jalma-jalma nu nepi ka maotna can boga kasempetan pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa, jadi ngaranna teu dicatet dina buku kahirupan.
Yahya 5:28, 29 nyebutkeun dua kelompok nu sarua jiga nu aya dina Kisah 24:15. Isa nyebutkeun, ”Nu ngalampahkeun hal-hal hadé bakal dihirupkeun pikeun meunangkeun hirup langgeng, tapi nu ngalampahkeun hal-hal jahat bakal dihirupkeun pikeun dihakiman.” Jalma bener téh ngalakukeun hal-hal hadé saacan maranéhna maot. Engké maranéhna bakal dihirupkeun deui pikeun meunangkeun hirup langgeng, sabab ngaran maranéhna téh masih dicatet dina buku kahirupan. Tapi, jalma teu bener téh geus ngalakukeun hal-hal jahat saacan maranéhna maot. Ngaran maranéhna gé can dicatet dina buku kahirupan. Jadi pas engké dihirupkeun deui, maranéhna téh bakal diuji jeung dihakiman. Tapi, maranéhna gé bakal dibéré kasempetan pikeun diajar ngeunaan Yéhuwa. Ngaran maranéhna gé bisa dicatet dina buku kahirupan.
Wahyu 20:12, 13 méré nyaho yén kabéh jalma nu dihirupkeun deui téh kudu nuturkeun ”naon nu ditulis dina gulungan-gulungan”, nyaéta hukum-hukum anyar di dunya anyar. Jalma-jalma nu teu nuturkeun hukum-hukum éta bakal dibinasakeun.—Yes. 65:20.
Daniel 12:2 méré nyaho yén jalma-jalma nu maot téh ”bakal harirup deui, sawareh bakal genah hirup langgeng, sawareh deui bakal nandangan kahinaan salalanggengna”. (KITAB SUCI © LAI 1991) Ayat ieu méré nyaho yén dina ahir 1.000 taun, jalma-jalma nu dihirupkeun deui téh bakal narima ganjaran pikeun laku lampah maranéhna. Aya nu bakal narima ”hirup langgeng”, tapi aya ogé nu bakal narima ”kahinaan salalanggengna”, maksudna dibinasakeun pikeun salilana.—Why. 20:15; 21:3, 4.
Dua kelompok jalma nu dihirupkeun deui téh bisa disaruakeun jiga urang asing nu hayang cicing di nagri séjén. Jalma bener téh jiga urang asing nu narima visa kerja atawa visa tinggal sementara. Maranéhna leuwih diaku jeung dibéré leuwih loba kabébasan. Ari jalma teu bener mah ibarat urang asing nu dibéré visa sementara pikeun wisata. Nah, mun hayang cicing leuwih lila di nagri éta, maranéhna kudu nuturkeun aturan di nagri éta. Kitu ogé jeung jalma teu bener nu dihirupkeun deui di Pirdaus. Mun hayang hirup langgeng, maranéhna téh kudu daék nuturkeun hukum-hukum Yéhuwa. Terus, urang asing nu cicing di nagri séjén téh bisa jadi warga nagara di nagri éta. Tapi, bisa ogé aya nu kudu balik ka nagrina. Éta téh gumantung laku lampah maranéhna di nagri éta. Kitu ogé jeung jalma-jalma nu engké dihirupkeun deui. Maranéhna bisa meunang hirup langgeng atawa dibinasakeun salilana. Éta gumantung kana kasatiaan jeung laku lampah maranéhna di Pirdaus.
Yéhuwa téh tau ngan saukur Allah nu welas asih, tapi ogé Allah nu adil. (Pam. 32:4; Jab. 33:5) Anjeunna bakal nunjukkeun kaasihna ku cara ngahirupkeun deui jalma bener jeung jalma jahat. Tapi, Yéhuwa gé bakal nunjukkeun yén Anjeunna téh adil ku cara tetep ngajungjung patokana-Na ngeunaan nu bener jeung nu salah. Ngan jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna jeung nuturkeun patokana-Na nu bisa hirup langgeng di Pirdaus.