Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pananya ti nu Maca

Pananya ti nu Maca

Rasul Paulus nulis lamun Yéhuwa ”moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan”. (1 Kor. 10:13) Naha ieu hartina cocoba nu bakal ditanggung ku urang téh geus diukur jeung ditangtukeun saméméhna ku Yéhuwa?

Lamun mémang ditangtukeun, coba bayangkeun naon balukarna. Misalna, aya sadérék nu budakna bunuh diri. Sadérék éta tangtu nalangsa. Manéhna mikir, ’Naha Yéhuwa geus nyaho jeung nangtukeun saméméhna lamun kuring jeung pamajikan bisa kuat nanggung cocoba ieu?’ Di dunya ieu, urang bakal ngalaman rupa-rupa kasusah. Naha Yéhuwa mémang ngadalikeun sagala kajadian dina kahirupan urang?

Lamun urang pariksa deui ayat dina 1 Korinta 10:13, urang bakal nyaho yén Alkitab henteu ngajarkeun lamun Yéhuwa geus ngukur jeung nangtukeun saméméhna cocoba nu bisa ditanggung ku urang. Hayu urang bahas opat alesan ku naon urang bisa nyimpulkeun kitu.

Nu kahiji, Yéhuwa masihan kabébasan milih ka urang. Mantenna hoyong urang bisa nyieun putusan sorangan. (Pam. 30:19, 20; Yos. 24:15) Lamun urang nyieun putusan nu nyenangkeun Yéhuwa, Mantenna bakal nungtun urang. (Sil. 16:9) Tapi, lamun nyieun putusan nu goréng, urang kudu nanggung balukarna. (Gal. 6:7) Jadi, lamun Yéhuwa geus nangtukeun heula cocoba keur urang, urang teu boga kabébasan milih.

Kadua, urang pasti aya ”apesna”. Yéhuwa henteu salawasna nangtayungan urang. (Pan. 9:11) Jalma bisa cilaka lantaran kabeneran aya di tempat jeung waktu nu salah. Yésus nyaritakeun ngeunaan 18 urang nu maot lantaran katinggang munara rubuh. Anjeunna ngajelaskeun lamun éta téh lain dilantarankeun ku Allah. (Luk. 13:1-5) Jadi, teu asup akal lamun Allah nangtukeun heula saha nu bakal hirup jeung maot dina hiji musibat.

Katilu, urang masing-masing kudu tetep satia ka Yéhuwa. Sétan nuduh lamun hamba-hamba Allah téh ngawula Mantenna lantaran diberkahan, tapi lamun ngalaman cocoba mah moal tetep satia. (Ayub 1:9-11; 2:4; Wahyu 12:10) Jadi, lamun Yéhuwa nyalindungan urang tina sagala cocoba, éta némbongkeun lamun tuduhan Sétan téh bener.

Kaopat, henteu kabéh kajadian dina kahirupan urang dipikaterang ku Yéhuwa. Tangtu lamun hoyong, Yéhuwa bisa terang kana sagala kajadian dina mangsa kahareup. (Yes. 46:10) Tapi dumasar kana Alkitab, Yéhuwa milih mana nu hoyong dipikaterang, mana nu henteu. (Kaj. 18:20, 21; 22:12) Hal ieu némbongkeun lamun Yéhuwa téh asih tur salawasna bener. Mantenna ngahargaan kabébasan milih urang.​—Pam. 32:4; 2 Kor. 3:17.

Jadi, naon nu dimaksud Paulus lamun Yéhuwa ”moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan”? Dina ayat ieu, Paulus ngajelaskeun naon nu bakal dilampahkeun ku Yéhuwa waktu urang ngalaman cocoba, lain saacanna. Lamun urang ngandelkeun Yéhuwa, Mantenna bakal nguatkeun urang. (Jab. 55:23) Urang bakal ngabahas dua alesan nu ngadukung omongan Paulus ieu.

Alesan nu kahiji, cocoba nu kaalaman ku urang téh ”jamak kaalaman ku sarerea”. Salila urang hirup di dunya Sétan, urang bakal ngalaman kasusah, malahan mah nu leuwih parah. Tapi, lamun urang ngandel ka Yéhuwa, urang bisa nyanghareupanana bari tetep satia. (1 Pet. 5:8, 9) Dina ayat-ayat saacan 1 Korinta 10:13, Paulus nyebutkeun cocoba nu kaalaman ku bangsa Israil di gurun keusik. (1 Kor. 10:6-11) Jalma-jalma nu ngandel ka Yéhuwa bisa nyanghareupan éta cocoba. Tapi, aya sababaraha jalma nu teu taat. Maranéhna henteu satia lantaran teu ngandel ka Yéhuwa.

Alesan nu kadua nyaéta Allah téh ”tigin kana jangji-Na”. Naon maksudna? Lamun urang ningali kumaha Yéhuwa nangtayungan umat-Na, urang nyaho lamun Mantenna téh mantuan ”sakur anu ngesto sarta gumati kana timbalana-Na”. (Pam. 7:9) Mantenna ogé tara jalir jangji. (Yos. 23:14) Jadi, urang bisa yakin lamun (1) Mantenna moal ngantep urang nanggung kasusah leuwih tina kakuatan urang, jeung (2) Mantenna bakal masihan ”jalan kaluarna”.

”Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger”

Kumaha Yéhuwa masihan ’jalan kaluar’ ka jalma nu ngandel ka Mantenna? Tangtu, Mantenna bisa ngaleungitkeun sagala cocoba. Tapi inget, Paulus nyebutkeun lamun Yéhuwa bakal masihan ”kakuatan jeung jalan kaluarna” sangkan urang bisa tetep satia. Hayu urang bahas carana.

  • ”Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin sim kuring ku Allah disina teger.” (2 Kor. 1:3, 4) Mantenna bisa nengtremkeun pikiran, haté, jeung émosi urang ku jalan Alkitab, roh suci-Na, jeung gandék nu satia.​—Mat. 24:45; Yoh. 14:16; Rum 15:4.

  • Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngabingbing urang. (Yoh. 14:26) Roh suci bisa ngingetkeun urang kana kisah jeung prinsip Alkitab nu bisa ngabantu urang nyieun putusan nu bijaksana.

  • Yéhuwa ngagunakeun para malaikat-Na pikeun mantuan urang.​—Ibr. 1:14.

  • Yéhuwa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nguatkeun urang liwat omongan jeung tindakan.​—Kol. 4:11.

Jadi, naon hikmah tina omongan Paulus di 1 Korinta 10:13? Yéhuwa teu nangtukeun cocoba nu bisa ditanggung ku urang. Tapi, urang bisa yakin lamun ngandel ka Mantenna, urang bisa nyanghareupanana. Yéhuwa bakal masihan jalan kaluarna sangkan urang bisa tetep satia.