Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Saha nu Mingpin Umat Allah Kiwari?

Saha nu Mingpin Umat Allah Kiwari?

”Sing aringet ka anu geus narungtun . . . aranjeun.”IBR. 13:7.

KAWIH: 125, 43

1, 2. Sanggeus Yésus ka sawarga, naon nu dipikirkeun para rasul?

BASA di Gunung Jetun, rasul-rasul Yésus ningal guru jeung sobat maranéhna, Yésus, diangkat ka sawarga tuluy kahalangan ku méga. (Ras. 1:9, 10) Salila dua taun, Yésus ngajar, nguatkeun, jeung mingpin maranéhna. Tapi ayeuna, anjeunna geus teu aya. Jadi, maranéhna kudu kumaha?

2 Saacan ka sawarga, Yésus méré nyaho murid-muridna, ’Maraneh bakal jaradi saksi-saksi Kami di Yerusalem, di sakuliah Yudea, di Samaria, nepi ka tungtung bumi.’ (Ras. 1:8) Kumaha ieu bisa kalaksana? Yésus jangji lamun roh suci Allah bakal ngabantu maranéhna. (Ras. 1:5) Tapi, saha nu bakal ngabingbing jeung ngatur kagiatan pangwawaran ieu? Para rasul nyaho lamun di jaman baheula, Yéhuwa ngagunakeun para pamingpin pikeun nungtun bangsa Israil. Ayeuna, maranéhna bingung saha nu bakal dipilih jadi pamingpin nu anyar.

3. (a) Sanggeus Yésus ka sawarga, putusan penting naon nu dijieun ku para rasul? (b) Pananya naon waé nu bakal dijawab dina ieu artikel?

3 Sanggeus Yésus diangkat ka sawarga, murid-murid néangan bingbingan Kitab Suci, ménta bantuan ti Yéhuwa, terus milih Matias sabagé rasul nu ka-12 gaganti Yudas Iskariot. (Ras. 1:15-26) Ku naon ieu téh penting? Ku sabab murid-murid sadar lamun jumlah para rasul téh kudu aya 12. * (Tingali catetan handap.) Yésus geus milih rasul-rasul jeung ngalatih maranéhna nyepeng tugas penting di antara umat Allah. Naon tugasna, sarta kumaha Yéhuwa jeung Yésus ngalatih maranéhna? Siga di abad kahiji, kumaha umat Allah ayeuna diorganisasi? Kumaha urang bisa ”aringet ka anu geus narungtun” urang, utamana ka ”gandek satia jeung bijaksana”?Ibr. 13:7; Mat. 24:45.

YÉSUS MINGPIN BADAN PINGPINAN

4. Naon tugas para rasul jeung kokolot di Yérusalém?

4 Ti saprak Péntakosta 33 M, para rasul mingpin sidang Kristen. Alkitab nyebutkeun lamun ”Petrus ngadeg direncangan ku sawelas rasul” jeung ngajarkeun bebeneran nu nyalametkeun kahirupan ka jalma réa. (Ras. 2:14, 15) Hasilna, réa nu jaradi urang Kristen. Sanggeus éta, urang Kristen nu alanyar téa ”saregep kana piwulang rasul-rasul”. (Ras. 2:42) Para rasul boga tanggung jawab pikeun ngatur duit sidang. (Ras. 4:34, 35) Maranéhna ogé ngajar jeung ngadoakeun umat Allah. Ceuk maranéhna, ”Urang bisa jongjon neneda jeung ngawurukkeun pangandika Allah.” (Ras. 6:4) Maranéhna gé ngutus urang Kristen nu geus pangalaman pikeun ngawawar ka daérah-daérah anyar. (Ras. 8:14, 15) Ka dieunakeun, kokolot nu kaistrén séjénna ngagabung jeung para rasul dina mingpin sidang. Sabagé badan pingpinan, maranéhna méré pituduh ka sakabéh sidang.Ras. 15:2.

Urang Kristen abad kahiji nyaho lamun Yéhuwa ngagunakeun Yésus pikeun ngabingbing badan pingpinan

5, 6. (a) Kumaha badan pingpinan dibingbing ku roh suci? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Kumaha badan pingpinan dibantu ku para malaikat? (c) Kumaha badan pingpinan dibingbing ku Firman Allah?

5 Urang Kristen abad kahiji nyaho lamun Yéhuwa ngagunakeun Yésus pikeun ngabingbing badan pingpinan. Naon nu ngayakinkeun maranéhna? Kahiji, badan pingpinan miboga kawasa roh suci. (Yoh. 16:13) Kabéh urang Kristen nu kaistrén narima roh suci, tapi éta hususna ngabingbing para rasul jeung kokolot di Yérusalém pikeun ngajalankeun tugas sabagé pangawas. Contona, dina taun 49 M, badan pingpinan dibingbing roh suci pikeun nyieun putusan ngeunaan sunat. Sidang-sidang nurut kana putusan éta. Hasilna, ”kaayaan jamaah-jamaah beuki kuat, kapercayaanana tambah mantep, jeung jumlah anggotana nambahan unggal poe”. (Ras. 16:4, 5) Tina surat ngeunaan sunat, kaciri lamun badan pingpinan dibingbing ku roh suci lantaran némbongkeun sipat asih jeung iman nu kuat.Ras. 15:11, 25-29; Gal. 5:22, 23.

6 Kadua, badan pingpinan dibantu ku para malaikat. Contona, malaikat ngabéjaan Kornélius pikeun manggihan rasul Pétrus. Sanggeus diwawaran ku Pétrus, Kornélius jeung kulawargana narima roh suci, sanajan maranéhna téh can disunat. Kornélius jadi urang Kapir mimiti nu jadi Kristen. Sanggeus ngadéngé hal ieu, para rasul jeung sadérék nu séjén jadi apal kana kahoyong Allah, jeung narimakeun urang Kapir di sidang Kristen. (Ras. 11:13-18) Ieu ngabuktikeun lamun malaikat ngadukung kagiatan pangwawaran nu diatur ku badan pingpinan. (Ras. 5:19, 20) Katilu, badan pingpinan dibingbing ku Firman Allah. Maranéhna ngagunakeun Kitab Suci pikeun nyieun putusan penting ngeunaan pangajaran Kristen jeung ngaorganisasi sidang-sidang.Ras. 1:20-22; 15:15-20.

7. Ti mana urang nyaho lamun Yésus nu mingpin urang Kristen nu mimiti?

7 Sanajan boga wewenang di sidang, badan pingpinan paham lamun Yésus nu jadi Pamingpin maranéhna. Ti mana urang nyaho? Rasul Paulus ngabéjaan lamun Kristus nu ngalantik sababaraha urang ”jadi rasul”. Manéhna ogé ngomong lamun ”sirah”, atawa Pamingpin, sidang téh Kristus. (Epe. 4:11, 15) Ti batan kasohor ku ngaran para rasul, murid-murid ku bingbingan ilahi katelah sabagé ”Urang Kristen”. (Ras. 11:26) Paulus ogé nyaho pentingna nurut kana pangajaran para rasul jeung kokolot nu dumasar kana Alkitab. Sanajan kitu, Paulus ngomong, ”Kristus teh sirah sakabeh lalaki.” Ieu kaasup ogé keur badan pingpinan. Terus, Paulus nambahkeun, ”Allah mastaka Kristus.” (1 Kor. 11:2, 3) Jadi jelas, Yéhuwa ngalantik Yésus Kristus, Putra-Na, pikeun mingpin sidang.

”IEU MAH LAIN PAGAWÉAN MANUSA”

8, 9. Sadérék Russell boga tugas penting naon?

8 Ti saprak taun 1870, Charles Taze Russell jeung babaturanana nyieun upaya nyaluyukeun ibadahna jeung Alkitab. Maranéhna ogé hayang mantuan batur pikeun ngalakukeun nu sarua, kaasup nu maraké basa séjén. Ku sabab kitu, Zion’s Watch Tower Tract Society diadegkeun dina taun 1884, sarta Sadérék Russell nu jadi présidénna. * (Tingali catetan handap.) Manéhna soson-soson diajar Alkitab jeung wani ngabolékérkeun pangajaran garéja nu teu luyu jeung Alkitab, saperti Tritunggal jeung jiwa nu teu bisa maot. Manéhna paham lamun datangna Kristus dina mangsa kahareup moal katingali, jeung ”waktu pikeun [bangsa-bangsa] anu ditangtukeun ku Pangeran” béak dina taun 1914. (Luk. 21:24) Sadérék Russell ngagunakeun waktu, tanaga, jeung duitna pikeun ngajarkeun bebeneran ieu ka batur. Jadi, jelas lamun Sadérék Russell digunakeun ku Yéhuwa jeung Yésus pikeun mingpin kagiatan dina jaman éta.

9 Dina taun 1896, Sadérék Russell nulis lamun manéhna jeung sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab henteu néangan kamulyaan ti batur jeung embung dibéré gelar-gelar husus. Maranéhna gé embung lamun ngaranna dijadikeun ngaran hiji kelompok. Manéhna ngomong kieu, ”Ieu mah lain pagawéan manusa.”

”Gandek satia jeung bijaksana” téh sarua jeung Badan Pingpinan nu diwangun ku sadérék-sadérék kaistrén

10. (a) Iraha Yésus ngalantik ”gandek satia jeung bijaksana”? (b) Kumaha bédana Badan Pingpinan jeung lembaga Watch Tower téh jadi beuki jelas?

10 Dina taun 1919, tilu taun sanggeus Sadérék Russell maot, Yésus ngalantik ”gandek satia jeung bijaksana”. Naon tujuanna? Pikeun ”ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna”. (Mat. 24:45) Malahan dina taun-taun nu mimiti gé, geus aya sakelompok leutik sadérék-sadérék nu kaistrén di kantor pusat di Brooklyn, New York, nu nyadiakeun kadaharan rohani keur murid-murid Yésus. Sanggeus taun 1940, istilah ”badan pingpinan” mulai aya dina publikasi urang. Basa éta, sadérék-sadérék biasana nganggap badan pingpinan téh diréksi lembaga Watch Tower Bible and Tract Society. Tapi dina taun 1971, kakara jelas lamun lembaga éta béda jeung Badan Pingpinan. Lembaga éta ngan ngurus masalah hukum wungkul. Ti saprak éta, nu jadi anggota Badan Pingpinan teu kudu jadi diréksi lembaga. Ka dieunakeun, sadérék-sadérék ti ’domba-domba lian’ gé bisa jadi diréksi lembaga atawa badan hukum séjénna ti umat Allah. Jadi, Badan Pingpinan bisa jongjon dina nyadiakeun pituduh jeung pangajaran tina Alkitab. (Yoh. 10:16; Ras. 6:4) Dina Menara Pengawal 15 Juli 2013, dijelaskeun lamun ”gandek satia jeung bijaksana” téh sarua jeung Badan Pingpinan nu diwangun ku sadérék-sadérék kaistrén.

Badan Pingpinan taun 1950-an

11. Kumaha carana Badan Pingpinan nyieun putusan?

11 Saacan nyieun putusan penting, Badan Pingpinan badami heula dina rapat mingguan. Ku sabab kitu, maranéhna bisa tetep raket jeung ngahiji. (Sil. 20:18) Nu mingpin rapat gé silihgenti unggal taunna lantaran teu aya nu leuwih punjul ti anggota séjénna. (1 Pet. 5:1) Nu mingpin rapat dina genep panitia Badan Pingpinan gé silihgenti. Unggal anggota Badan Pingpinan henteu rumasa jadi pamingpin dulur-dulurna. Sacara pribadi, maranéhna gé kaasup ti gandék-gandék lianna nu butuh kadaharan rohani ti gandék nu satia jeung taat kana pituduhna.

Ti saprak dilantik taun 1919, gandék nu satia terus nyadiakeun kadaharan rohani keur umat Allah (Tingali paragrap 10, 11)

”CIK NU DISEBUT GANDEK SATIA JEUNG BIJAKSANA TEH NU KUMAHA?”

12. Pananya naon waé nu bakal dibahas ayeuna?

12 Badan Pingpinan téh lain jalma nu sampurna jeung teu dibéré ilham. Jadi, maranéhna bisa waé nyieun kasalahan waktu ngajelaskeun Alkitab jeung waktu ngatur organisasi. Contona, dina Indeks Publikasi Menara Pengawal aya bagian ”Pengertian yang Diperjelas” nu ngamuat daptar pamahaman nu geus diluyukeun ti taun 1870. Yésus gé teu nyebutkeun lamun gandék nu satia bakal nyadiakeun kadaharan rohani nu sampurna. Jadi, kumaha urang ngajawab pananya Yésus, ”Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha?” (Mat. 24:45) Naon buktina lamun Badan Pingpinan téh sarua jeung gandék nu satia? Hayu urang bahas tilu hal nu ngabantu Badan Pingpinan ayeuna ogé para rasul baheula.

13. Ku naon urang yakin lamun Badan Pingpinan téh dibantu ku roh suci?

13 Badan Pingpinan dibantu ku roh suci. Roh suci ngabantu Badan Pingpinan pikeun leuwih paham kana bebeneran Alkitab. Contona, pék pariksa daptar pamahaman nu geus diluyukeun nu disebutkeun dina paragrap saacanna. Tanpa bantuan roh suci, manusa teu bisa paham jeung ngajelaskeun ”maksad-maksad Allah anu pangbunina”! (Baca 1 Korinta 2:10.) Badan Pingpinan satuju jeung omongan Rasul Paulus, ”Sim kuring nerangkeun . . . teh henteu nurutkeun pikiran sorangan, tapi nurutkeun pituduh Roh Allah.” (1 Kor. 2:13) Sanajan geus ratusan taun euweuh pituduh nu jelas jeung loba pangajaran palsu, ti saprak taun 1919 urang jadi leuwih paham kana Alkitab. Ku naon bisa kitu? Tangtu ku lantaran bantuan roh suci Allah!

14. Luyu jeung Wahyu 14:6, 7, kumaha para malaikat mantuan Badan Pingpinan jeung umat Allah kiwari?

14 Badan Pingpinan dibantu ku para malaikat. Maranéhna kudu ngaorganisasi leuwih ti dalapan juta pawarta di sakuliah dunya. Éta téh tanggung jawab nu gedé pisan. Ku naon bisa hasil? Salah sahijina téh lantaran bantuan para malaikat. (Baca Wahyu 14:6, 7.) Sering pisan para pawarta ditungtun ku malaikat ka jalma nu kakara bérés ngadoa ménta tulung ka Allah! * (Tingali catetan handap.) Sanajan aya loba musuh nu ngahalangan, kagiatan pangwawaran jeung ngajadikeun murid bisa tetep mekar. Tangtu ieu téh bantuan ti para malaikat.

15. Naon bédana Badan Pingpinan jeung para pamingpin garéja? Sebutkeun contona.

15 Badan Pingpinan dibingbing ku Firman Allah. (Baca Yohanes 17:17.) Contona, Menara Pengawal 1 Juni 1973 ngabahas naha jalma nu osok ngaroko meunang dibaptis atawa henteu. Dumasar kana prinsip-prinsip Alkitab, jawabanana téh henteu! Menara Pengawal éta nyebutkeun sababaraha ayat nu ngajelaskeun lamun jalma nu terus ngaroko kudu dikaluarkeun ti sidang. (1 Kor. 5:7; 2 Kor. 7:1) Artikel éta nyebutkeun lamun aturan ieu téh lain ti manusa, tapi ”ti Allah, nu ditulis dina Firman-Na”. Euweuh agama séjén nu sakitu taatna kana Firman Allah sanajan éta téh hésé dijalankeun. Di Amerika Serikat, aya hiji buku anyar ngeunaan agama nu nyebutkeun kieu, ”Para pamingpin garéja sering ngarobah pangajaranana supaya luyu jeung pandangan sarta kapercayaan anggotana atawa jalma réa.” Tapi, Badan Pingpinan mah béda. Maranéhna dibingbing ku Firman Allah. Éta téh ngabuktikeun lamun saenyana Yéhuwa nu ngabingbing umat-Na.

”SING ARINGET KA ANU GEUS NARUNGTUN . . . ARANJEUN”

16. Kumaha carana urang inget ka Badan Pingpinan?

16 Baca Ibrani 13:7. Ceuk Alkitab, ”Sing aringet ka anu geus narungtun . . . aranjeun.” Salah sahiji carana nyaéta ngadoakeun Badan Pingpinan. (Epe. 6:18) Maranéhna téh boga loba tanggung jawab, ieu kaasup nyadiakeun kadaharan rohani, ngaorganisasi kagiatan pangwawaran sadunya, jeung ngatur sumbangan. Jadi, maranéhna kudu sering didoakeun ku urang!

17, 18. (a) Kumaha carana urang nuturkeun pituduh ti Badan Pingpinan? (b) Kumaha carana urang ngadukung Badan Pingpinan jeung Yésus dina pangwawaran?

17 Cara séjénna nyaéta nuturkeun pituduh jeung pangajaran ti Badan Pingpinan. Pituduh maranéhna téh aya dina publikasi, pasamoan, jeung kongrés. Maranéhna ogé ngalantik pangawas wilayah nu bakal ngalantik kokolot sidang. Lamun pangawas wilayah jeung kokolot nuturkeun pituduh ti Badan Pingpinan, éta hartina maranéhna inget ka Badan Pingpinan. Kitu ogé jeung urang, lamun urang taat ka priya-priya ieu, éta hartina urang hormat ka Pamingpin urang, Yésus.Ibr. 13:17.

18 Urang ogé inget ka Badan Pingpinan lamun satékah polah dina ngawawar. Ibrani 13:7 ngajurung urang pikeun nyonto iman sadérék-sadérék nu jaradi pamingpin. Badan Pingpinan téh boga iman nu kuat, éta kaciri tina sumanget maranéhna dina ngawawarkeun warta hadé. Lamun urang ngadukung maranéhna dina pagawéan penting ieu, éta hartina urang ngadukung Yésus, lantaran ceuk Yésus, ”Waktu aranjeun ngalampahkeun kitu ka salah sahiji dulur Kami anu panglaipna, eta sarua jeung ngalampahkeun kitu ka Kami!”Mat. 25:34-40.

19. Ku naon Sadérék yakin rék nuturkeun Yésus?

19 Waktu Yésus balik deui ka sawarga, anjeunna henteu ngantep murid-muridna. (Mat. 28:20) Basa di bumi, Yésus dibantu ku roh suci, para malaikat, jeung Firman Allah. Gandék nu satia gé narima bantuan nu sarua. ”Ka mana-mana”, Badan Pingpinan ”ngingiring bae ka Anak Domba”, Yésus. (Wahyu 14:4) Jadi, lamun urang nuturkeun pituduh Badan Pingpinan, urang gé nuturkeun Pamingpin urang, Yésus. Moal lila deui, Yésus bakal nungtun urang ka kahirupan nu langgeng. (Wahyu 7:14-17) Euweuh pamingpin manusa nu bisa kitu!

^ par. 3 Katingalina, Yéhuwa hoyong aya 12 rasul nu jadi ”dua belas batu tatapakan” Yérusalém Anyar. (Wahyu 21:14) Éta sababna rasul-rasul satia nu maraot teu perlu diganti.

^ par. 8 Ti saprak 1955, ngaran lembaga ieu dirobah jadi Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania.

^ par. 14 Tingali buku ”Memberikan Kesaksian yang Saksama tentang Kerajaan Allah” kaca 58-59.