Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Tebusan—’Kurnia nu Sampurna’ ti Allah

Tebusan—’Kurnia nu Sampurna’ ti Allah

”Kurnia jeung berkah anu hade jeung sampurna, paparin ti Allah.”YAK. 1:17.

KAWIH: 148, 109

1. Ku ayana tebusan Yésus, berkah naon nu bakal katarima ku urang?

KORBAN tebusan Yésus mawa loba berkah. Misalna, tebusan muka jalan sangkan sakabéh turunan Adam nu satia bisa jadi anggota kulawarga Allah. Berkah séjénna, urang bisa hirup bagja salalawasna. Tebusan ogé aya patalina jeung hal nu penting pisan keur kabéh mahluk di sawarga jeung di bumi.Ibr. 1:9.

2. (a) Hal penting naon nu didoakeun ku Yésus? (Tingali gambar dina awal artikel.) (b) Naon nu rék dibahas dina ieu artikel?

2 Dua taun saacanna Yésus pupus, anjeunna ngajar murid-muridna ngadoa, ”Nun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun. Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.” (Mat. 6:9, 10) Ayeuna, urang bakal ngabahas naon patalina tebusan jeung dimulyakeunana nami Yéhuwa, datangna Karajaan Allah, sarta laksanana pangersa Allah.

”MUGI JENENGAN AMA NU SUCI DIMULYAKEUN”

3. Naon nu diwakilan ku nami Yéhuwa? Kumaha Sétan ngaruksak nami Yéhuwa?

3 Dina doana, Yésus ngutamakeun sangkan nami Yéhuwa dimulyakeun atawa disucikeun. Nami Yéhuwa téh ngawakilan Yéhuwa pribadi, Mantenna nu saenyana. Mantenna téh Pribadi nu mahakawasa jeung maha agung sajagat raya. Mantenna gé ku Yésus disebut ”Ama Nu Suci”. (Yoh. 17:11) Ku sabab Yéhuwa téh suci, sagala nu dilampahkeun jeung hukum nu dijieun ku Mantenna téh pasti suci. Tapi basa di Éden, Sétan cangcaya kana hak Yéhuwa pikeun nyieun aturan keur manusa. Manéhna mitnah sarta ngaruksak nami Yéhuwa.Kaj. 3:1-5.

4. Kumaha Yésus ngamulyakeun nami Allah?

4 Sabalikna, Yésus mah bener-bener nyaah sarta hayang terus ngamulyakeun nami Yéhuwa. (Yoh. 17:25, 26) Kumaha carana? Ku laku lampah jeung pangajaranana. Yésus ngajarkeun lamun aturan-aturan Yéhuwa téh salawasna bener tur keur kahadéan manusa. (Baca Jabur 40:9-11.) Sanajan Sétan nyababkeun Yésus dikaniaya nepikeun ka maotna, anjeunna tetep satia. Anjeunna ngabuktikeun lamun manusa sampurna bisa terus taat ka Yéhuwa.

5. Kumaha urang ngamulyakeun nami Allah?

5 Kumaha cara urang mikanyaah nami Yéhuwa? Ku laku lampah urang. Yéhuwa miharep urang ngajadi suci. (Baca 1 Petrus 1:15, 16.) Éta hartina urang ngan nyembah sarta taat ka Mantenna ku sagemblengna haté. Sanajan urang dikaniaya, urang terus ngupayakeun hirup luyu jeung aturan-aturan Yéhuwa. Éta bakal ngamulyakeun nami Yéhuwa. (Mat. 5:14-16) Urang gé méré bukti lamun hukum-hukum Mantenna téh hadé sarta Sétan tukang bohong. Urang bisa waé nyieun kasalahan lantaran teu sampurna. Tapi, urang bakal tobat jeung eureun ngalakukeun hal-hal nu bisa ngaruksak nami Yéhuwa.Jab. 79:9.

6. Sanajan teu sampurna, urang bisa diangken bener ku Yéhuwa. Naon sababna?

6 Teu sual urang téh kaom kaistrén atawa ’domba-domba lian’, Yéhuwa ngahampura dosa urang lamun urang iman kana tebusan. Mantenna narima jalma-jalma nu ngabaktikeun diri sabagé umat-Na. Kaom nu kaistrén diangken bener ku Yéhuwa sabagé putra-putra-Na, sarta ’domba-domba lian’ sabagé sobat-Na. (Yoh. 10:16; Rum 5:1, 2; Yak. 2:21-25) Malahan mah ayeuna gé, tebusan muka jalan sangkan urang boga hubungan nu raket jeung Yéhuwa sarta bisa ngamulyakeun nami-Na.

”KARAJAAN AMA MUGI RAWUH”

7. Berkah Karajaan naon waé nu bakal kawujud ku ayana tebusan?

7 Dina conto doana, Yésus ngomong, ”Karajaan Ama mugi rawuh.” Naon patalina tebusan jeung Karajaan Allah? Karajaan Allah téh pamaréntahan nu diwangun ku Yésus jeung 144.000 jalma nu dipilih ti manusa. Tebusan muka jalan sangkan jalma-jalma éta bisa dihirupkeun ka sawarga. (Wahyu 5:9, 10; 14:1) Maranéhna bakal jadi imam jeung raja sarta bakal maréntah bumi bareng jeung Yésus salila sarébu taun. Yéhuwa bakal ngagunakeun éta Karajaan pikeun ngarobah bumi jadi pirdaus sarta nyieun manusa jadi sampurna. Ahirna, umat Yéhuwa nu di sawarga jeung nu di bumi bakal jadi hiji kulawarga. (Wahyu 5:13; 20:6) Yésus bakal ngabinasakeun Sétan sarta mungkas sagala masalah nu dijieun ku Sétan.Kaj. 3:15.

8. (a) Kumaha Yésus ngabantu murid-muridna paham kana pentingna Karajaan Allah? (b) Kiwari, kumaha cara urang ngadukung Karajaan Allah?

8 Yésus ngabantu murid-muridna paham kana pentingna Karajaan Allah. Kumaha carana? Sanggeusna dibaptis, Yésus langsung ngawawarkeun ”Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Allah” ka mana-mana. (Luk. 4:43) Yésus oge maréntahkeun murid-muridna supaya jadi saksina ”nepi ka tungtung bumi”. (Ras. 1:6-8) Ayeuna, ku ayana pangwawaran Karajaan, jalma-jalma boga kasempetan diajar ngeunaan tebusan sarta jadi rahayat Karajaan Allah. Urang bisa jadi rahayat nu satia lamun ngadukung kaom kaistrén dina ngawawarkeun warta hadé ka sakuliah dunya.Mat. 24:14; 25:40.

”PANGERSA AMA MUGI LAKSANA”

9. Ku naon urang bisa yakin lamun pangersa Yéhuwa bakal kalaksana?

9 Naon maksud Yésus waktu ngomong, ”Pangersa Ama mugi laksana”? Sagala nu disabdakeun ku Yéhuwa pasti bakal kalaksana. (Yes. 55:11) Barontakna Sétan moal ngeureunkeun Yéhuwa. Naon pangersa Yéhuwa keur bumi? Mantenna hoyong supaya bumi ieu dipinuhan ku turunan nu sampurna ti Adam jeung Hawa. (Kaj. 1:28) Lamun Adam jeung Hawa maot saacan boga turunan, pangersa Allah bisa gagal. Jadi, Yéhuwa ngidinan maranéhna boga anak. Tebusan méré kasempetan ka jalma-jalma nu ariman sangkan bisa hirup sampurna jeung langgeng. Yéhuwa mikanyaah jalma-jalma sarta miharep maranéhna hirup bagja.

10. Naon mangpaat tebusan keur jalma nu geus maraot?

10 Kumaha jeung jutaan jalma nu geus maraot nu can kenal ka Yéhuwa? Yéhuwa hoyong jalma-jalma harirup. Jadi, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui jalma-jalma nu geus maraot. Tebusan muka jalan sangkan maranéhna bisa dihirupkeun deui. Maranéhna bakal diajar ngeunaan Yéhuwa sarta bisa hirup langgeng. (Ras. 24:15) Yéhuwa téh Sumbering hirup. Waktu Yéhuwa ngahirupkeun deui jalma nu geus maot, Mantenna bakal jadi Rama maranéhna. (Jab. 36:10) Dina conto doana, Yésus ngomong lamun Yéhuwa téh ”Ama di sawarga”. (Mat. 6:9) Yéhuwa tos masihan Yésus kawasa pikeun ngahirupkeun deui nu maraot. Yésus ngomong, ”Kami teh anu ngahudangkeun jeung anu ngahirupkeun.”Yoh. 6:40, 44; 11:25.

11. Naon pangersa Allah keur ’jelema nu kacida lobana’?

11 Yésus ogé ngomong, ”Saha-saha anu ngalampahkeun pangersa Allah, eta ibu Kami, dulur-dulur Kami awewe lalaki.” (Mar. 3:35) Yéhuwa hoyong jalma-jalma ti sagala bangsa, sélér, jeung basa bakal jadi umat-Na. Maranéhna téh disebut ’jelema nu kacida lobana nepi ka moal kaitung’. Maranéhna iman kana tebusan sarta taat ka Allah. Maranéhna muji sukur ka Allah, ”Kasalametan teh ti Allah urang, anu linggih dina tahta, jeung ti Anak Domba!”Wahyu 7:9, 10.

12. Tina doa Yésus, urang bisa diajar naon ngeunaan pangersa Yéhuwa?

12 Tina conto doa Yésus, urang geus diajar ngeunaan Yéhuwa sarta pangersa-Na pikeun manusa. Nu kahiji, urang kudu satékah polah dina ngamulyakeun nami Yéhuwa. (Yes. 8:13) Tebusan Yésus nu nyalametkeun urang gé ngamulyakeun nami Yéhuwa. Malahan mah ngaran Yésus téh hartina ”Yéhuwa téh Kasalametan”. Nu kadua, ku jalan Karajaan Allah, sakabéh mangpaat tebusan Yésus bakal dirasakeun ku sakumna manusa nu taat. Nu katilu, urang yakin moal aya nu bisa ngeureunkeun Yéhuwa dina ngalaksanakeun pangersa-Na.Jab. 135:6; Yes. 46:9, 10.

TÉMBONGKEUN PANGAJÉN SADÉRÉK KANA TEBUSAN

13. Ku naon urang dibaptis?

13 Lamun urang ngajénan kana tebusan, urang bakal ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Ku cara ieu, urang nunjukkeun lamun urang iman kana tebusan jeung urang téh ”kagungan Pangeran”. (Rum 14:8) Waktu urang dibaptis, urang ménta ”budi rasa nu hade” ka Yéhuwa. (1 Pet. 3:21) Yéhuwa bakal ngajawabna ku cara masihan mangpaat tebusan ka urang. Urang yakin bakal narima sagala nu dijangjikeun ku Mantenna.Rum 8:32.

Kumaha carana urang ngajénan tebusan? (Tingali paragrap 13, 14)

14. Ku naon Yéhuwa maréntahkeun urang pikeun mikanyaah batur?

14 Sagala nu dilampahkeun ku Yéhuwa dijurung ku kaasih. Mantenna hoyong sangkan umat-Na nulad ka Mantenna jeung silih pikaasih. (1 Yoh. 4:8-11) Lamun urang mikanyaah batur, éta nunjukkeun yén urang hayang ”diangken putra ku Rama nu di sawarga”. (Mat. 5:43-48) Aya dua paréntah nu pangutamana. Nu kahiji, mikanyaah Allah, nu kadua, mikanyaah batur. (Mat. 22:37-40) Hiji cara urang mikanyaah batur nyaéta ngawawarkeun warta hadé Karajaan Allah. Lamun taat kana paréntah Yéhuwa pikeun mikanyaah batur, utamana dulur saiman, kanyaah urang ka Mantenna ”datang ka tutugna”.1 Yoh. 4:12, 20.

TEBUSAN MAWA BERKAH TI YÉHUWA

15. (a) Berkah-berkah naon nu bisa ditarima ku urang ayeuna? (b)  Berkah-berkah naon nu bakal ditarima ku urang dina mangsa kahareup?

15 Yéhuwa ngayakinkeun lamun urang iman kana tebusan, dosa-dosa urang bakal ”dihampura” jeung moal diinget-inget deui. (Baca Rasul 3:19-21.) Saperti nu geus dibahas saacanna, tebusan muka jalan sangkan sababaraha jalma bisa diaku putra ku Yéhuwa di sawarga. Maranéhna disebut kaom kaistrén. (Rum 8:15-17) Mantenna gé ngondang ’domba-domba lian’ pikeun jadi anggota kulawarga-Na di bumi. Sanggeus jadi sampurna, maranéhna bakal meunang ujian ahir. Lamun tetep satia ka Yéhuwa, maranéhna bakal diaku putra ku Mantenna. (Rum 8:20, 21; Wahyu 20:7-9) Yéhuwa bakal salawasna nyaah ka putra-putra-Na, sarta mangpaat tebusan gé bakal terus aya. (Ibr. 9:12) Yéhuwa tos masihan urang hadiah panghadéna nu moal bakal bisa direbut ku saha waé.

16. Kumaha tebusan bisa méré kabébasan ka urang?

16 Lamun tobat tina dosa-dosa urang, Sétan moal bisa ngahalangan urang pikeun jadi anggota kulawarga Yéhuwa engkéna. Yésus geus maot ”sakali jeung keur salalanggengna”. Ku kituna, tebusan geus dibayar lunas. (Ibr. 9:24-26) Ku lantaran Adam, urang jadi maot. Tapi, ku korban Yésus, urang bisa hirup langgeng. Tebusan ngabébaskeun urang ti dunya Sétan sarta ti kasieun, sieun maot.Ibr. 2:14, 15.

17. Naon mangpaatna kaasih Yéhuwa keur Sadérék?

17 Sagala jangji Allah bakal kalaksana. Sakumaha hukum alam tara barobah, kitu ogé Yéhuwa. Mantenna moal bakal nguciwakeun urang. (Mal. 3:6) Yéhuwa teu ngan saukur masihan urang kahirupan. Mantenna gé masihan urang kaasih-Na. ”[Urang] mah nya nyaho nya percaya Allah mikaasih ka urang teh. Allah teh sipat asih.” (1 Yoh. 4:16) Sagala jangji-Na bakal jadi nyata. Moal lila deui, bumi bakal dirobah jadi pirdaus nu éndah. Nu caricing di dinya bakal nyonto Yéhuwa sarta silih pikanyaah. Ahirna, sakabéh umat Allah di sawarga jeung di bumi bakal ngucap sukur, ”Puja jeung puji, kaagungan, kaluhungan, pamuji sukur, kahormatan, kakawasaan jeung kawisesaan, kagungan Allah urang salalanggengna. Amin!”Wahyu 7:12.