Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Tujuan Yéhuwa Pasti Laksana!

Tujuan Yéhuwa Pasti Laksana!

”Ku Kami geus ditimbalkeun. Tangtu kajadian.”YES. 46:11.

KAWIH: 147, 149

1, 2. (a) Naon nu geus disingkabkeun Yéhuwa ka urang? (b) Jaminan naon nu aya di Yesaya 46:10, 11 jeung 55:11?

”ALLAH nyiptakeun jagat raya.” (Kaj. 1:1) Sanajan ringkes, ayat ieu téh jero maknana. Tina sakitu lobana ciptaan Allah di jagat raya, ngan saeutik nu bisa katingali ku urang. Urang ogé ngan paham saeutik kana angkasa, cahya, jeung gravitasi. (Pan. 3:11) Sanajan kitu, Yéhuwa nyingkabkeun tujuana-Na pikeun bumi jeung manusa ka urang. Allah nyiptakeun manusa nyeplés jeung Mantenna sarta hoyong manusa hirup senang di bumi. (Kaj. 1:26) Manusa bakal jadi putra-putra Allah, Mantenna gé bakal jadi Bapa maranéhna.

2 Tina pasal katilu buku Kajadian, urang apal yén tujuan Yéhuwa dihalangan ku Sétan. (Kaj. 3:1-7) Sanajan kitu, teu aya masalah nu teu bisa diréngsékeun ku Yéhuwa. Moal aya nu bisa ngahalangan Mantenna. (Yes. 46:10, 11; 55:11) Ku kituna, urang bisa yakin yén tujuan Yéhuwa nu mimiti pasti kalaksana dina waktuna!

3. (a) Urang geus diajar bebeneran penting naon tina Firman Allah? (b) Ku naon urang perlu ngabahas bebeneran éta ayeuna? (c) Pananya-pananya naon nu bakal dibahas dina artikel ieu?

3 Tangtu, urang geus apal kana tujuan Allah pikeun bumi jeung manusa, sarta tugas Yésus dina ngalaksanakeun éta tujuan. Urang geus diajar bebeneran penting ieu ti saprak mimiti diajar Firman Allah. Urang jadi hayang méré nyaho bebeneran ieu ka batur. Ayeuna téh kasempetan nu alus pikeun ngalakukeunana lantaran urang rék ngondang jalma-jalma ka Pangéling-ngéling pupusna Kristus. (Luk. 22:19, 20) Lamun datang ka acara ieu, maranéhna bakal paham kana tujuan Allah. Jadi, urang perlu mikirkeun pananya-pananya nu bisa ngageuing maranéhna datang ka acara ieu. Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu di antarana: Naon tujuan Allah pikeun bumi jeung manusa? Ku naon ayeuna kaayaanana béda? Sarta, ku naon korban tebusan Yésus jadi konci pikeun laksanana tujuan Yéhuwa?

NAON TUJUAN ALLAH NYIPTAKEUN BUMI JEUNG MANUSA?

4. Kumaha ciptaan ”ngebrehkeun kamulyaan Allah”?

4 Yéhuwa téh Allah nu hébat pisan. Sagala nu diciptakeun ku Mantenna téh pohara alusna. (Kaj. 1:31; Yer. 10:12) Urang bisa diajar naon tina ciptaana-Na nu éndah jeung tartib? Sagala ciptaan Yéhuwa, ti nu pangleutikna nepi ka nu pangbadagna, aya mangpaatna. Salian ti éta, waktu Sadérék ngalenyepan sél manusa nu sakitu ruwedna, ningali orok nu kakara lahir, atawa ningali panonpoé surup, kumaha parasaan Sadérék? Urang bisa tajub kana hal-hal éta lantaran Yéhuwa masihan urang kamampuh pikeun ngarasakeun hal-hal nu éndah.Baca Jabur 19:2; 104:24.

5. Naon nu dijieun ku Yéhuwa sangkan kabéh ciptaana-Na tetep tartib?

5 Yéhuwa nyieun watesan pikeun sagala ciptaana-Na. Éta mangrupa hukum alam jeung hukum moral. (Jab. 19:8-10) Ku ayana hukum-hukum éta, sagala nu aya di jagat raya bisa tetep dina tempatna jeung bisa ngajalankeun tugasna masing-masing. Contona, hukum gravitasi dijieun pikeun ngatur pasang surudna laut sarta sangkan atmosfér tetep ngalimpudan bumi. Lamun euweuh gravitasi, mustahil aya kahirupan di bumi. Jadi, Yéhuwa nyieun watesan sangkan eusi jagat raya tetep tartib. Ieu némbongkeun yén Mantenna geus netepkeun tujuan pikeun bumi jeung umat manusa. Dina pangwawaran, urang bisa méré nyaho batur ngeunaan Pribadi nu nyiptakeun jagat raya nu hébat ieu.Wahyu 4:11.

6, 7. Yéhuwa masihan naon waé ka Adam jeung Hawa?

6 Yéhuwa boga tujuan sangkan manusa hirup langgeng di bumi. (Kaj. 1:28; Jab. 37:29) Ku sabab Yéhuwa téh béréhan, Mantenna masihan hal-hal nu saé supaya Adam jeung Hawa hirup senang. (Baca Yakobus 1:17.) Maranéhna dipasihan kabébasan milih, pikiran, parasaan, jeung kamampuh pikeun nyieun sosobatan. Adam diajar carana ngalampahkeun pituduh Allah. Adam gé diajar carana ngurus diri, sasatoan, jeung bumi. (Kaj. 2:15-17, 19, 20) Salian ti éta, Yéhuwa masihan indra pikeun ngarasa, nyabak, ningali, ngadéngé, jeung ngambeu hal-hal nu diciptakeun ku Mantenna. Ku kituna, hirup moal matak ngabosenkeun. Adam jeung Hawa ogé boga pagawéan nu nyugemakeun. Maranéhna bisa terus diajar jeung manggihan hal-hal nu anyar.

7 Naon deui nu jadi tujuan Allah téh? Adam jeung Hawa dipasihan kasanggupan pikeun boga anak-anak nu sampurna. Terus, anak-anakna ogé bakal boga turunan deui nepi ka manusa minuhan bumi. Yéhuwa hoyong indung bapa mikanyaah barudakna sakumaha Yéhuwa mikaasih Adam jeung Hawa. Yéhuwa ogé masihan bumi jeung sagala eusina nu éndah sangkan manusa bisa hirup salawasna di dinya.Jab. 115:16.

KU NAON AYEUNA KAAYAANANA BÉDA?

8. Ku naon Adam jeung Hawa dipasihan hukum nu aya di Kajadian 2:16, 17?

8 Naon nu kajadian téh teu luyu jeung nu dipiharep ku Yéhuwa. Ku naon bisa kitu? Adam jeung Hawa dipasihan hukum supaya maranéhna sadar yén kabébasanna téh aya watesna. Mantenna nyarios, ”Bubuahan tangkal nu mana bae di ieu taman, meunang didahar, kajaba ti tangkal anu mere pangarti geusan ngabedakeun nu hade ti nu goreng. Eta buahna teu meunang didahar, sabab mun didahar, poe eta keneh maneh paeh.” (Kaj. 2:16, 17) Éta hukum téh sabenerna jelas jeung gampang diturutan ku sabab masih loba kénéh dahareun nu bisa didahar di éta taman.

9, 10. (a) Naon tuduhan Sétan ka Yéhuwa? (b) Naon nu diputuskeun ku Adam jeung Hawa? (Tingali gambar dina awal artikel.)

9 Sétan ngagunakeun oray pikeun ngabobodo Hawa supaya teu nurut ka Yéhuwa. (Baca Kajadian 3:1-5; Wahyu 12:9) Sétan ngabohong lamun manusa dilarang ngadahar sagala ”bubuahan nu aya di ieu taman”. Éta téh sarua jeung ngomong kieu, ’Maenya dahar waé teu meunang?’ Sanggeus kitu, Sétan nambahan deui, ”Hamo matak paeh.” Naon nu diomongkeun Sétan téh teu bener. Sétan ogé mangaruhan Hawa sangkan teu nurut ka Allah. Ceuk manéhna, ”Allah sasauran kitu teh pedah uninga, yen upama aranjeun ngadahar eta buah kapinteran, aranjeun bakal mapakan Mantenna, bisa terang kana hade jeung goreng.” Sétan ngomong lamun Yéhuwa ngalarang manusa ngadahar éta buah lantaran engkéna maranéhna jadi bisa nyaho nu hadé jeung goréng. Malahan, Sétan méré jangji palsu, ”aranjeun bakal mapakan Mantenna”.

10 Adam jeung Hawa kudu mutuskeun, rék nurut ka saha, Allah atawa oray? Hanjakalna, maranéhna teu taat ka Allah. Ku kituna, maranéhna nolak Yéhuwa sabagé Bapa, malah leuwih resep nuturkeun Sétan. Ayeuna, maranéhna geus teu dibingbing deui ku Yéhuwa.Kaj. 3:6-13.

11. Ku naon Yéhuwa teu bisa cicing waé ningali dosa Adam jeung Hawa?

11 Ku sabab Adam jeung Hawa teu nurut ka hukum Allah, maranéhna jadi teu sampurna. Malah, maranéhna jadi musuh Allah lantaran Mantenna ngéwa ka nu doraka. ”Soca Gusti kalintang sucina, moal kiat ningali dosa.” (Hab. 1:13) Yéhuwa teu bisa cicing waé ningali dosa Adam jeung Hawa, ku sabab lamun Mantenna cicing waé, kabéh ciptaana-Na moal boga harepan. Terus, engkéna malaikat jeung manusa moal percaya deui ka Yéhuwa. Padahal cariosan Yéhuwa mah bisa dicepeng, Mantenna tara jalir jangji. (Jab. 119:142) Sanajan Adam jeung Hawa boga kénéh kabébasan milih, maranéhna teu bisa nyingkahan balukar tina ngalawan Yéhuwa. Ahirna, maranéhna maot terus balik deui ngajadi taneuh.Kaj. 3:19.

12. Naon nu kaalaman ku turunan Adam?

12 Waktu Adam jeung Hawa ngadahar éta buah, maranéhna teu dianggap sabagé anggota kulawarga Yéhuwa deui. Maranéhna diusir ti Taman Éden jeung teu meunang asup deui. (Kaj. 3:23, 24) Maranéhna kudu nanggung balukar tina kasalahanana. (Baca Pamindo 32:4, 5.) Maranéhna teu bisa nyonto sipat-sipat Yéhuwa kalawan sampurna. Adam teu ngan saukur ngaleungitkeun harepan, tapi ogé ngawariskeun dosa, kateusampurnaan, jeung maot ka turunanana. (Rum 5:12) Ku lantaran Adam, turunanana jadi teu bisa hirup abadi. Adam jeung Hawa teu bisa boga turunan nu sampurna, kitu ogé turunanana. Ti saprak Adam jeung Hawa kapangaruh, Sétan ogé mangaruhan kabéh manusa pikeun barontak ka Allah.Yoh. 8:44.

KU AYANA TEBUSAN URANG BISA NYOBAT JEUNG ALLAH

13. Naon nu dipikahoyong ku Yéhuwa pikeun manusa?

13 Sanajan Adam jeung Hawa geus ninggalkeun Yéhuwa, Mantenna tetep mikaasih manusa. Allah teu hoyong manusa maot, malah hoyong manusa bisa raket deui jeung Mantenna. (2 Pet. 3:9) Yéhuwa mukakeun jalan sangkan manusa bisa nyobat deui jeung Mantenna. Kumaha Yéhuwa bisa ngalakukeunana bari teu ngalanggar papakon-Na? Hayu urang tingali.

Teu lila sanggeus Adam jeung Hawa barontak ka Allah, Mantenna mukakeun jalan sangkan manusa bisa nyobat deui jeung Mantenna

14. (a) Nurutkeun Yohanes 3:16, naon nu dilakukeun Allah pikeun nyalametkeun manusa tina dosa jeung maot? (b) Pananya naon nu bisa urang bahas jeung batur?

14 Baca Yohanes 3:16. Sababaraha jalma nu diondang ka Pangéling-ngéling bisa jadi geus apal pisan kana ayat ieu. Tapi, kumaha pangorbanan Yésus bisa ngawujudkeun hirup langgeng? Urang boga kasempetan pikeun ngajelaskeun jawabanana waktu ngondang batur ka acara Pangéling-ngéling, waktu hadir jeung maranéhna dina acara éta, sarta waktu ngadatangan deui maranéhna. Lamun beuki paham kana tebusan, maranéhna bakal beuki ngarti sakumaha bijaksana jeung nyaahna Allah ka manusa. Hal penting naon nu bisa urang jelaskeun ka maranéhna?

15. Naon bédana Yésus jeung Adam?

15 Yéhuwa nyadiakeun manusa sampurna nu daék ngorbankeun hirupna pikeun jadi tebusan. Éta manusa kudu satia ka Yéhuwa sarta kudu réla masrahkeun kahirupanana pikeun manusa. (Rum 5:17-19) Yéhuwa mindahkeun kahirupan ciptaana-Na nu mimiti nyaéta Yésus, ti sawarga ka bumi. (Yoh. 1:14) Ku kituna, Yésus jadi manusa sampurna kawas Adam nu mimiti. Tapi teu jiga Adam, Yésus daék ngalakukeun nu dipiharep ku Yéhuwa ti manusa sampurna. Sanajan meunang cocoba nu beurat, Yésus teu pernah ngalanggar hukum Allah.

16. Naon mangpaat tebusan?

16 Pupusna Yésus sabagé manusa sampurna bisa nyalametkeun manusa tina dosa jeung maot. Sabagé manusa nu sampurna, Yésus ngalakukeun naon nu sakuduna dilakukeun ku Adam nyaéta taat jeung satia ka Allah. (1 Tim. 2:6) Anjeunna masrahkeun kahirupanana sangkan kabéh lalaki, awéwé, jeung barudak bisa hirup langgeng. (Mat. 20:28) Tebusan téh konci nu muka jalan sangkan tujuan Allah kalaksana.2 Kor. 1:19, 20.

YÉHUWA MUKAKEUN JALAN SANGKAN URANG JADI PUTRA-PUTRA-NA

17. Ku ayana tebusan, urang jadi boga kasempetan naon?

17 Yéhuwa geus nyieun pangorbanan nu gedé pikeun nyadiakeun tebusan. (1 Pet. 1:19) Mantenna sakitu mikaasihna ka urang nepi ka réla masihkeun putra-Na nu dipikaasih pikeun jadi tebusan. (1 Yoh. 4:9, 10) Ku kituna, Yésus ngagantikeun Adam sabagé bapa keur umat manusa. (1 Kor. 15:45) Ku jalan Yésus, urang teu ngan saukur bisa hirup langgeng, tapi ogé bisa jadi anggota kulawarga Allah deui. Ku ayana tebusan, manusa bakal jaradi sampurna, jeung Yéhuwa bakal narima maranéhna jadi anggota kulawarga-Na tanpa ngalanggar papakon-Na sorangan. Bayangkeun kumaha hélokna lamun kabéh jalma nu satia jadi sampurna! Ahirna, sakabéh nu di sawarga jeung di bumi bakal jadi hiji kulawarga. Maranéhna bakal jaradi putra-putra Allah.Rum 8:21.

18. Iraha Yéhuwa ”bakal murba ka sakabeh”?

18 Sanajan kolot urang nu mimiti teu daék nurut ka Yéhuwa, Mantenna teu eureun mikaasih manusa, malahan mah nyadiakeun tebusan. Sanajan urang teu sampurna, Sétan teu bisa ngahalangan urang satia ka Yéhuwa. Ku ayana tebusan, urang bisa diangken bener ku Yéhuwa. Bayangkeun kumaha éndahna waktu jalma-jalma nu ”geus narenjo jeung percaya ka Putra-Na” narima hirup langgeng! (Yoh. 6:40) Bapa urang nu welas asih jeung bijaksana bakal ngalaksanakeun tujuan-Na jeung ngabantu manusa jadi sampurna. Sanggeusna, Yéhuwa ”bakal murba ka sakabeh”.1 Kor. 15:28.

19. (a) Lamun ngahargaan tebusan, urang bakal kumaha? (Tingali kotak ” Hayu Urang Néangan nu Daékeun Dianjrekan”.) (b) Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

19 Lamun urang ngahargaan tebusan, urang bakal nyaritakeunana ka batur. Jalma-jalma kudu nyarahoeun lamun ku jalan tebusan, Yéhuwa masihan kasempetan hirup langgeng ka sakumna manusa. Tapi, nu dihontal ku tebusan téh lain éta wungkul. Tebusan ogé bakal ngaréngsékeun tuduhan Sétan di Taman Éden. Éta bakal dibahas dina artikel saterusna.