Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Yéhuwa Mingpin Umat-Na

Yéhuwa Mingpin Umat-Na

”Ku Kami baris diaping.”YES. 58:11.

KAWIH: 152, 22

1, 2. (a) Naon bédana Saksi Yéhuwa jeung agama nu séjén? (b) Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel jeung artikel saterusna?

LOBA jalma osok nanya, ”Saha pamingpinna Saksi-Saksi Yéhuwa?” Nanya kitu téh lantaran loba agama biasana boga pamingpin manusa. Namung, urang reueus lantaran pamingpin urang téh Yésus Kristus, lainna manusa nu teu sampurna. Anjeunna taat ka Rama jeung Pamingpinna, nyaéta Yéhuwa.Mat. 23:10.

2 Kiwari, aya ogé sakelompok priya nu disebut ”gandek satia jeung bijaksana”, nu mingpin umat Allah. (Mat. 24:45) Tapi, kumaha urang bisa nyaho lamun sabenerna téh Yéhuwa nu mingpin urang ku jalan Putra-Na? Urang bakal ngabahas tilu alesan nu bisa ngayakinkeun urang. Sanajan Yéhuwa ngagunakeun manusa pikeun mingpin umat-Na, saenyana mah tetep Mantenna nu jadi Pamingpin.Yes. 58:11.

MIBOGA KAWASA ROH SUCI

3. Naon nu ngabantu Musa mingpin bangsa Israil?

3 Wakil-wakil Allah miboga kawasa roh suci. Allah milih Musa pikeun mingpin bangsa Israil. Naon nu ngabantu Musa ngajalankeun tugasna? Yéhuwa masihan Musa ”sumanget” atawa roh suci-Na. (Baca Yesaya 63:11-14.) Jadi, sabenerna mah Yéhuwa nu mingpin umat-Na lantaran Musa dibingbing ku roh suci Allah.

4. Naon buktina Musa boga roh Allah? (Tingali gambar dina awal artikel.)

4 Ti mana jalma-jalma bisa nyaho lamun Musa boga roh Allah? Ku sabab roh suci, Musa bisa nyieun loba mujijat sarta wani ngenalkeun nami Yéhuwa ka Piraun, raja Mesir nu perkasa. (Bud. 7:1-3) Roh suci ogé ngabantu Musa jadi pamingpin nu nyaahan tur sabar. Manéhna béda pisan jeung pangawasa séjénna nu kejem tur mentingkeun diri! (Bud. 5:2, 6-9) Jadi jelas, lamun Yéhuwa geus milih Musa pikeun mingpin umat-Na.

5. Saha deui nu dipasihan roh suci ku Yéhuwa pikeun mingpin umat-Na?

5 Saha deui nu dipasihan roh suci ku Yéhuwa pikeun mingpin umat-Na? Alkitab nyebutkeun, ”Yosua putra Nun, pinuh ku roh nu méré hikmat.” (Pam. 34:9, Terjemahan Dunia Baru [NW]) ”Roh PANGERAN tumerap ka Gidion.” (Hak. 6:34) ”Daud kasumpingan ku Roh PANGERAN.” (1 Sam. 16:13) Roh suci ngalantarankeun maranéhna bisa ngalakukeun hal-hal nu leuwih ti kasanggupan maranéhna. (Yos. 11:16-18; Hak. 7:7, 22; 1 Sam. 17:37, 50) Jadi, jelas lamun Yéhuwa nu masihan kakuatan ka maranéhna. Ku kituna ngan Mantenna nu layak dipuji.

Lamun umat Allah taat ka Musa, Yosua, Gidion, jeung Daud, éta hartina maranéhna taat ka Yéhuwa salaku Pamingpin

6. Ku naon Allah miharep bangsa Israil ngahormat ka nu jaradi pamingpin?

6 Bangsa Israil kudu kumaha sanggeus ningali bukti lamun Musa, Yosua, Gidion, jeung Daud miboga roh Allah? Bangsa éta sakuduna ngahormat ka maranéhna. Basa aya nu kukulutus ngeunaan Musa, Yéhuwa nyarios, ”Rek iraha enggeusna eta jelema-jelema nampik ka Kami teh?” (Bil. 14:2, 11) Jadi jelas, Yéhuwa milih maranéhna pikeun mingpin umat-Na. Taat ka maranéhna sarua jeung taat ka Yéhuwa salaku Pamingpin.

DIBANTUAN KU PARA MALAIKAT

7. Kumaha para malaikat mantuan Musa?

7 Wakil-wakil Allah dibantuan ku malaikat. (Baca Ibrani 1:14.) Allah ngutus malaikat pikeun ngaping Musa. Conto kahiji, malaikat nu ”nembongan dina rungkun cucuk” méré tugas ka Musa pikeun mingpin jeung ngabébaskeun bangsa Israil. (Ras. 7:35) Kadua, Yéhuwa ngutus malaikat pikeun méré Hukum ka Musa. (Gal. 3:19) Katilu, Yéhuwa maréntahkeun Musa, ”Anteurkeun eta jelema-jelema teh ka tanah anu ku Kami geus diandikakeun tea. . . . Maneh bakal dipingpin ku malaikat Kami.” (Bud. 32:34) Alkitab teu nyaritakeun lamun bangsa Israil bisa ningali malaikat éta. Tapi, tina cara Musa méré pituduh jeung ngabingbing bangsa Israil, kaciri lamun manéhna dibantuan ku malaikat.

8. Kumaha malaikat mantuan Yosua jeung Hiskia?

8 Saha deui nu dibantuan ku para malaikat? Alkitab nyaritakeun aya ”panglima perang PANGERAN”, nyaéta hiji malaikat nu nulungan Yosua merangan urang Kanaan. (Yos. 5:13-15; 6:2, 21) Terus, basa Raja Hiskia maréntah, pasukan Asur datang rék ngancurkeun Yérusalém. Dina waktu sapeuting, ”malaikat PANGERAN . . . niwaskeun 185.000 serdadu [Asur]”.2 Rja. 19:35.

9. Sanajan wakil-wakil Allah teu sampurna, naon nu kudu dilampahkeun ku bangsa Israil?

9 Para malaikat téh sampurna, tapi priya-priya nu dibantuan ku maranéhna mah henteu. Contona, Musa pernah gagal ngamulyakeun Yéhuwa. (Bil. 20:12) Yosua henteu ménta pituduh heula ti Yéhuwa waktu rék nyieun perjangjian jeung urang Gibon. (Yos. 9:14, 15) Sakali waktu, Hiskia jadi sombong. (2 Bab. 32:25, 26) Sanajan priya-priya ieu teu sampurna, bangsa Israil kudu tetep nurut ka maranéhna. Bangsa Israil bisa ningali lamun Yéhuwa ngagunakeun malaikat-Na pikeun ngadukung priya-priya ieu. Jadi jelas, Yéhuwa nu mingpin umat-Na.

DIBINGBING KU FIRMAN ALLAH

10. Kumaha Musa dibingbing ku Hukum Allah?

10 Wakil-wakil Allah dibingbing ku Firman Allah. Dina Alkitab, Hukum nu dibikeun ka bangsa Israil téh disebut ”Hukum Musa”. (1 Rja. 2:3) Tapi, Alkitab kalawan jelas nyebutkeun lamun Allah nu masihan éta Hukum. Musa ogé kudu taat kana Hukum éta. (2 Bab. 34:14) Contona, sanggeus Yéhuwa miwarang Musa nyieun kémah tepangan, ”Musa ngajalankeun piwarangan PANGERAN.”Bud. 40:1-16.

11, 12. (a) Naon nu kudu dilakukeun ku Yosua jeung raja-raja nu mingpin umat Allah? (b) Kumaha Firman Allah ngabingbing priya-priya nu jaradi pamingpin?

11 Waktu Yosua jadi pamingpin bangsa Israil, Yéhuwa maréntahkeun, ”Karepkeun yen maneh rek maca eta kitab Hukum salawasna dina ngajalankeun ibadah. Ulik beurang peuting, tiginkeun sakumaha anu ditulis di dinya.” (Yos. 1:8) Ka dieunakeun, raja-raja Israil gé diparéntahkeun pikeun maca kitab Hukum unggal poé, nyieun salinan, sarta ”ngestokeun sakur anu kaungel di dinya”.Baca Pamindo 17:18-20.

12 Kumaha Firman Allah ngabingbing priya-priya nu jaradi pamingpin? Pikirkeun conto ti Raja Yosia. Sanggeus Hukum Musa katimu, éta Hukum dibacakeun ku sékertarisna Yosia. * (Tingali catetan handap.) ”Anggeus eta kitab dibaca, raja nyosoeh anggoanana.” Firman Allah ngajurung Yosia pikeun ngancurkeun sakabéh brahala nu aya di sakuliah nagri sarta nyieun pésta Paska panggedéna nu pernah diayakeun di Israil. (2 Rja. 22:11; 23:1-23) Ku sabab Yosia jeung para pamingpin nu satia séjénna nuturkeun Firman Allah, maranéhna réla nyaluyukeun putusan-putusanna pikeun ngabantu umat Allah taat ka Mantenna.

13. Naon bédana pamingpin umat Allah jeung pamingpin bangsa séjén?

13 Para pamingpin ti bangsa séjén mah dibingbing ku hikmat manusa nu kawates. Contona, para pamingpin urang Kanaan jeung rahayatna ngalakukeun hal-hal nu kacida goréngna, éta kaasup insés, homoséksualitas, béstialitas, ngorbankeun budak, jeung muja brahala. (Ima. 18:6, 21-25) Kitu ogé, para pamingpin Babul jeung Mesir teu boga aturan kabersihan sakumaha nu dipiboga ku umat Allah. (Bil. 19:13) Tapi, umat Allah mah dijurung ku para pamingpinna nu satia pikeun ngajaga kabersihan rohani, pisik, jeung moral. Jadi jelas, Yéhuwa nu ngabingbing para pamingpin éta.

14. Ku naon Yéhuwa ngahukum sababaraha pamingpin umat-Na?

14 Teu kabéh raja nu mingpin umat Allah ngajalankeun pituduh Mantenna. Raja-raja nu teu satia ieu nolak dibingbing ku roh suci, malaikat, jeung Firman-Na. Sakapeung, Yéhuwa ngahukum atawa ngaganti maranéhna. (1 Sam. 13:13, 14) Ka dieunakeun, Yéhuwa ngalantik hiji pribadi nu bakal jadi pamingpin nu sampurna.

YÉHUWA NGALANTIK PAMINGPIN NU SAMPURNA

15. (a) Naon nubuat para nabi ngeunaan pamingpin nu sampurna nu bakal datang? (b) Saha pamingpin nu sampurna téh?

15 Salila ratusan taun, Yéhuwa geus jangji bakal ngalantik pamingpin nu sampurna keur umat-Na. Misalna, Musa ngomong kieu ka urang Israil, ”Mantenna baris ngutus hiji nabi ka maraneh, ti bangsa urang keneh, cara Bapa ayeuna. Ku maraneh kudu diturut.” (Pam. 18:15) Yésaya ogé nganubuatkeun lamun Pribadi éta bakal jadi ”pamingpin”. (Yes. 55:4) Daniél ogé nuliskeun ngeunaan Mésias nu bakal jadi ”pamingpin”. (Dan. 9:25) Ahirna, Yésus ngenalkeun dirina sabagé ”Pamingpin” umat Allah. (Baca Mateus 23:10.) Murid-murid Yésus réla nuturkeun anjeunna jeung percaya lamun anjeunna téh pilihan Allah. (Yoh. 6:68, 69) Ti mana maranéhna yakin lamun Yésus téh nu dipilih ku Allah pikeun mingpin umat-Na?

Yéhuwa ngalantik Yésus jadi pamingpin nu sampurna

16. Naon buktina lamun Yésus boga kawasa roh suci?

16 Yésus miboga kawasa roh suci. Waktu Yésus dibaptis, Yohanes ”nenjo [Yésus] diauban ku Roh Allah anu lungsur ti sawarga ngarupakeun manuk japati”. Sanggeusna, ”digerakkeun ku Roh Allah, [Yésus] tuluy angkat ka gurun keusik”. (Yoh. 1:32; Mar. 1:10-12) Salila ngawula di bumi, roh suci Allah méré kawasa ka Yésus pikeun ngajar sarta nyieun loba mujijat. (Ras. 10:38) Roh suci ogé ngabantu Yésus pikeun mekarkeun sipat-sipat saperti kanyaah, suka bungah, jeung iman nu kuat. (Yoh. 15:9; Ibr. 12:2) Roh suci méré bukti nu kuat lamun Yéhuwa geus milih Yésus sabagé Pamingpin.

Kumaha para malaikat mantuan Yésus sanggeus anjeunna dibaptis? (Tingali paragrap 17)

17. Kumaha para malaikat mantuan Yésus?

17 Yésus dibantuan ku malaikat. Teu lila sanggeusna dibaptis, ”malaikat ngalalayanan ka Yesus”. (Mat. 4:11) Sababaraha jam saacanna pupus, ”hiji malaikat ti sawarga nembongan, maparin kakuatan ka Anjeunna”. (Luk. 22:43) Yésus nyaho lamun anjeunna ngabutuhkeun bantuan, Yéhuwa bakal ngutus para malaikat-Na.Mat. 26:53.

18, 19. Kumaha Firman Allah ngabingbing kahirupan jeung pangajaran Yésus?

18 Yésus dibingbing ku Firman Allah. Ti mimiti ngawula nepikeun ka pupusna, Yésus terus dibingbing ku Firman Allah. Malahan mah basa keur sakarat gé, anjeunna masih kénéh nyutat nubuat ngeunaan Mésias. (Mat. 4:4; 27:46; Luk. 23:46) Tapi, para pamingpin agama jaman éta mah béda pisan jeung Yésus. Maranéhna teu daék nurut kana Firman Allah lamun teu cocog jeung pangajaran maranéhna. Yésus nyutat Firman Allah waktu ngomong ngeunaan maranéhna, ”Ieu jelema-jelema, dawuhan Allah, hormatna ka Kami ngan semet omonganana, hatena mah jauh ti Kami. Cumah bae ibadah ka Kami, sabab ngajarkeun aturan beunang manusa.” (Mat. 15:7-9) Yéhuwa moal milih jalma nu teu daék nurut kana Firman-Na pikeun mingpin umat-Na.

19 Yésus salawasna maké Firman Allah pikeun ngajar batur. Basa pamingpin agama nyual ka Yésus, anjeunna teu ngandelkeun hikmat atawa pangalamanana sorangan. Sabalikna, anjeunna ngandelkeun Kitab Suci. (Mat. 22:33-40) Yésus tara nyaritakeun kahirupanana di sawarga atawa basa jagat raya diciptakeun sangkan dipihormat ku batur. Sabalikna, anjeunna leuwih resep nyaritakeun Firman Allah ka batur, sarta ”mukakeun pikiran maranehanana supaya ngalarti kana Kitab Suci”. Anjeunna nyaah ka Firman Allah.Luk. 24:32, 45.

20. (a) Kumaha Yésus ngamulyakeun Yéhuwa? (b) Naon bédana tabéat Yésus jeung Hérodes Agripa I?

20 Sanajan nu ngadaréngékeun Yésus olohokkeun ku cara Yésus ngajar, Yésus méré kamulyaan ka Yéhuwa, nu jadi Guruna. (Luk. 4:22) Basa aya jalma beunghar nyebut Yésus ”Guru nu sae”, kalawan rendah haté Yésus némbalan, ”Ku naon Kami disebut hade? Jelema mah taya nu hade, ngan Allah bae.” (Mar. 10:17, 18) Dalapan taun ti harita, Hérodes Agripa I jadi pamingpin Yuda. Tabéat manéhna béda pisan ti Yésus. Hiji waktu basa keur aya riungan, manéhna maké pakéan nu ginding ngarah kapuji ku batur. Tuluy jalma-jalma nu ningali jeung ngadéngékeun manéhna sarurak, ”Ieu gentra dewa, lain sora manusa!” Hérodes agul kana pujian. Tapi, naon balukarna? ”Harita keneh Herodes digebug ku malaikat Pangeran, lantaran kacida heunteu hormatna ka Allah, salirana dihakanan ku bilatung tuluy pupus.” (Ras. 12:21-23) Jadi jelas, Hérodes lain pilihan Yéhuwa. Geus bukti lamun Yésus nu dipilih ku Yéhuwa. Anjeunna terus ngamulyakeun Yéhuwa sabagé Pamingpin Utama umat-Na.

21. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

21 Yéhuwa milih Yésus pikeun jadi pamingpin lain keur sababaraha taun wungkul. Sanggeus dihirupkeun deui, Yésus ngabéjaan murid-muridna, ”Kakawasaan di sawarga jeung di bumi, sagemblengna geus diserenkeun ka Kami.” Anjeunna gé jangji, ”Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.” (Mat. 28:18-20) Tapi, kumaha Yésus bisa mingpin umat Allah di bumi padahal anjeunna aya di sawarga? Saha nu dipilih ku Yéhuwa pikeun ngawakilan Yésus di bumi? Kumaha urang Kristen bisa nyaho saha nu jadi wakil-wakil Allah? Pananya-pananya éta bakal dibahas dina artikel saterusna.

^ par. 12 Bisa jadi ieu téh naskah asli nu ditulis ku Musa.