Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Wanoh ka Yéhuwa Siga Nuh, Daniél, jeung Ayub?

Naha Sadérék Wanoh ka Yéhuwa Siga Nuh, Daniél, jeung Ayub?

”Nu jahat mah teu nyaho di adil. Ari nu ngesto ka PANGERAN mah ngarti enya-enya.”​—SIL. 28:5.

KAWIH: 126, 150

1-3. (a) Urang kudu miboga naon sangkan tetep satia ka Allah dina ahir jaman? (b) Urang bakal diajar naon dina artikel ieu?

KIWARI, urang hirup di panungtungan ahir jaman. Jalma jahat téh beuki loba waé. Maranéhna ”mekar cara jujukutan”. (Jab. 92:8) Jadi, urang teu héran lamun loba jalma nolak papakon Allah nu bener. Paulus ngomong yén urang Kristen ”kudu kawas budak soteh kana hal-hal anu jahat” tapi ”pikiran mah kudu sawawa”. (1 Kor. 14:20) Kumaha carana?

2 Jawabanana téh aya dina ayat téma artikel ieu, ”Ari nu ngesto ka PANGERAN mah ngarti enya-enya.” (Sil. 28:5) Ieu hartina maranéhna bisa ngarti naon waé nu dibutuhkeun pikeun nyukakeun Yéhuwa. Siloka 2:6-9 ogé ngajarkeun yén Yéhuwa masihan hikmat ka jalma-jalma nu bener lampahna. Hasilna, maranéhna ”nyaho naon ari adil, temen jeung jujur, nyaho ka anu kudu dipilampah”.

3 Nuh, Daniél, jeung Ayub miboga hikmat ti Allah. (Yeh. 14:14) Kitu ogé jeung umat Allah kiwari. Lamun Sadérék kumaha? Sangkan ”ngarti enya-enya” naon waé nu dibutuhkeun pikeun nyukakeun Yéhuwa, Sadérék kudu bener-bener wanoh ka Mantenna. Dina artikel ieu, urang bakal diajar (1) kumaha Nuh, Daniél, jeung Ayub bisa wanoh ka Yéhuwa, (2) kumaha pangaweruh ngeunaan Allah bisa ngabantu maranéhna, jeung (3) kumaha urang bisa mekarkeun iman siga maranéhna.

NUH RUMAKET KA ALLAH DI DUNYA NU JAHAT

4. Kumaha Nuh bisa wanoh ka Yéhuwa, jeung naon mangpaat hal éta keur manéhna?

Ku cara merhatikeun ciptaan, Nuh apal kana sipat-sipat Mantenna

4 Kumaha Nuh bisa wanoh ka Yéhuwa? Ti saprak Adam jeung Hawa boga turunan, manusa diajar ngeunaan Yéhuwa ti tilu cara: ti ciptaana-Na, ti hamba-hamba Allah nu satia, jeung ti pangalaman sorangan waktu ngarasakeun mangpaatna taat ka Mantenna. (Yes. 48:18) Ku cara merhatikeun ciptaan, Nuh yakin Yéhuwa téh aya jeung manéhna apal kana sipat-sipat Mantenna. Ku kituna, Nuh paham yén Yéhuwa téh hiji-hijina Allah nu bener jeung mahakawasa. (Rum 1:20) Nuh teu ngan saukur percaya, tapi ogé mekarkeun iman nu kuat ka Allah.

5. Ti saha Nuh diajar ngeunaan kahoyong Allah pikeun manusa?

5 Alkitab ngajelaskeun yén ”percaya kana eta warta teh kudu ngadenge heula wartana”. Ieu hartina iman bisa tumuwuh tina naon nu didéngé ku urang. (Rum 10:17) Bisa jadi Nuh diajar ngeunaan Yéhuwa ti barayana. Bapana, Lamék, lahir saacan Adam maot jeung miboga iman ka Allah. (Tingali gambar dina awal artikel.) Akina téh Métusalah, sarta karuhunna téh Yaréd, nu maot 366 taun sanggeus Nuh lahir. * (Tingali catetan handap.) (Luk. 3:36, 37) Bisa jadi maranéhna jeung pamajikanana ngajar Nuh yén Yéhuwa nyiptakeun manusa jeung hoyong maranéhna boga turunan, minuhan bumi, sarta ngawula ka Mantenna. Nuh ogé nyaho yén Adam jeung Hawa teu taat ka Yéhuwa, sarta ningali sorangan balukarna. (Kaj. 1:28; 3:16-19, 24) Nuh resep diajar hal-hal éta sarta kageuing pikeun ngawula Yéhuwa.​—Kaj. 6:9, 10.

6, 7. Harepan naon nu nguatkeun iman Nuh?

6 Harepan nguatkeun iman urang. Bayangkeun kumaha iman Nuh dikuatkeun basa nyaho yén ngaran manéhna téh hartina ”Reureuh” atawa ”Panglilipur”. Ieu méré harepan. (Kaj. 5:29) Yéhuwa ngilhamkeun Lamék pikeun ngomong ngeunaan Nuh, anakna, ”Ieu budak bakal ngajait urang tina gawe beurat migawe taneuh anu geus keuna ku panyapa PANGERAN.” Jadi, Nuh boga harepan yén Allah bakal ngarobah kaayaan jadi leuwih hadé. Siga Habil jeung Hanok, manéhna miboga iman ka ”turunan” nu bakal ngaremukkeun hulu oray.​—Kaj. 3:15, Terjemahan Dunia Baru (NWT).

7 Nuh teu pati ngarti jangji Allah nu ditulis di Kajadian 3:15. Tapi, manéhna ngarti yén nubuat ngeunaan mangsa kahareup éta téh mawa harepan. Hanok ogé ngawawarkeun warta nu méh sarua yén Yéhuwa bakal numpes jalma-jalma jahat. (Yud. 14, 15) Mémang warta nu diwawarkeun ku Hanok bakal kalaksana sapinuhna dina Armagédon, tapi ieu tangtu nguatkeun iman jeung harepan Nuh!

Iman jeung hikmat ti Allah nyalindungan urang ti siasat Sétan jeung pangaruh dunya

8. Kumaha pangaweruh ngeunaan Yéhuwa nyalindungan Nuh?

8 Kumaha pangaweruh ngeunaan Allah ngabantu Nuh? Ku lantaran Nuh diajar ngeunaan Yéhuwa, manéhna jadi boga iman jeung hikmat ti Allah. Éta nyalindungan Nuh sangkan henteu ngalakukeun naon waé nu bisa nguciwakeun Yéhuwa. Kumaha carana? Nuh hayang jadi sobat Allah, ku kituna manéhna teu nyobat jeung jalma réa nu teu iman ka Yéhuwa jeung nolak Mantenna. Béda jeung maranéhna, Nuh teu katipu ku malaikat-malaikat jahat nu datang ka bumi. Loba jalma tajub ningali kakuatan para malaikat jahat, malahan nepi ka hayang nyembah maranéhna. (Kaj. 6:1-4, 9, 10) Nuh gé apal yén Yéhuwa hoyong manusa boga turunan jeung minuhan bumi. (Kaj. 1:27, 28) Jadi, basa para malaikat kawin jeung awéwé-awéwé di bumi sarta boga budak, Nuh apal éta téh salah. Éta beuki jelas basa barudakna tumuwuh jadi leuwih kuat ti batan barudak séjénna. Ahirna, Yéhuwa ngabéjaan Nuh yén Mantenna bakal ngadatangkeun caah pikeun numpes jalma-jalma jahat. Ku lantaran iman kana pépéling Allah, Nuh ngawangun bahtera sarta salamet bareng jeung kulawargana.​—Ibr. 11:7.

9, 10. Kumaha carana ngawangun iman siga Nuh?

9 Kumaha urang bisa mekarkeun iman siga Nuh? Penting pikeun enya-enya diajar Firman Allah, mikaresep hal éta, jeung ngalarapkeunana pikeun nyieun parobahan sarta nyieun putusan nu hadé. (1 Pet. 1:13-15) Ku kituna, iman jeung hikmat ti Allah bisa nyalindungan urang ti siasat Sétan jeung pangaruh dunya ieu. (2 Kor. 2:11) Loba jalma resep kana katelengesan jeung hal-hal nu rucah sarta osok ngumbar napsuna. (1 Yoh. 2:15, 16) Maranéhna ngabaékeun bukti-bukti yén ahir dunya ieu geus téréh. Lamun teu miboga iman nu kuat, urang gé bisa kababawa. Inget yén waktu Yésus ngabandingkeun jaman urang jeung jaman Nuh, anjeunna teu ngabahas katelengesan atawa hal-hal nu rucah tapi ngabahas bahayana lamun kasimpangkeun tina ngawula Allah.​—Baca Mateus 24:36-39.

10 Pék pikirkeun, ’Naha hirup abdi némbongkeun yén abdi bener-bener wanoh ka Yéhuwa? Naha iman ngajurung abdi pikeun ngalakukeun papakon Yéhuwa nu bener sarta ngajar batur ngeunaan kahoyong Allah?’ Jawaban Sadérék bisa némbongkeun naha Sadérék raket ka Allah siga Nuh atawa henteu.

DANIÉL MIBOGA HIKMAT TI ALLAH SANAJAN HIRUP DI BABUL NU KAPIR

11. (a) Tina kanyaahna Daniél ka Allah, urang diajar naon ngeunaan kolotna Daniél? (b) Sipat Daniél nu mana nu hayang diconto ku Sadérék?

11 Kumaha Daniél bisa wanoh ka Yéhuwa? Kolotna Daniél pasti ngajar manéhna pikeun nyaah ka Allah jeung Firman-Na. Éta nu dilampahkeun ku Daniél. Ti bubudak nepi ka kolot, manéhna diajar Kitab Suci enya-enya. (Dan. 9:1, 2) Daniél wanoh pisan ka Yéhuwa. Manéhna ogé nyaho naon waé nu geus dilampahkeun ku Yéhuwa pikeun bangsa Israil. Ieu katingali tina doa Daniél nu sapinuh haté jeung rendah haté di Daniel 9:3-19. Pék baca jeung lenyepan doa ieu. Tuluy pikirkeun, ’Abdi bisa diajar naon ngeunaan Daniél tina doana?’

12-14. (a) Naon buktina Daniél miboga hikmat ti Allah (b) Kumaha Yéhuwa ngaberkahan kawani jeung kasatiaan Daniél?

12 Kumaha pangaweruh ngeunaan Allah ngabantu Daniél? Teu gampang keur urang Yahudi nu satia pikeun ngawula Allah di Babul. Contona, Yéhuwa nyarios ka urang Yahudi, ”Kudu digarawe keur kamajuan kota-kota tempat maraneh ku Kami dibuang.” (Yer. 29:7) Tapi, Yéhuwa gé maréntahkeun maranéhna pikeun ibadah ngan ka Mantenna. (Bud. 34:14) Kumaha Daniél ngalampahkeun dua paréntah éta? Hikmat ti Allah ngajurung Daniél pikeun taat ka Yéhuwa heula, kakara ka pangawasa. Ratusan taun sanggeusna, Yésus ngajarkeun prinsip ieu.​—Luk. 20:25.

13 Pék pikirkeun, naon nu dilampahkeun ku Daniél basa aya hukum nu ngalarang jalma-jalma ngadoa ka allah atawa manusa salian ti raja salila 30 poé. (Baca Daniel 6:7-10.) Daniél bisa waé nyieun alesan terus ngomong, ’Ah, da ngan 30 poé ieuh.’ Sabalikna, Daniél nganggap ibadah ka Allah leuwih penting ti batan hukum manusa. Bisa waé Daniél ngadoa di tempat nu buni. Tapi, jalma-jalma geus pada nyarahoeun yén Daniél ngadoa unggal poé. Jadi sanajan bahaya, Daniél tetep ngadoa di tempat nu katingali ku jalma-jalma lantaran teu hayang aya nu mikir yén manéhna geus teu ngawula Yéhuwa deui.

14 Yéhuwa ngaberkahan kawani jeung kasatiaan Daniél. Ku cara mujijat, Mantenna nyalametkeun Daniél ti singa-singa. Hasilna, jalma-jalma di sakuliah Karajaan Média-Pérsia diajar ngeunaan Yéhuwa!​—Dan. 6:25-27.

15. Kumaha urang bisa mekarkeun iman siga Daniél?

15 Kumaha urang bisa mekarkeun iman siga Daniél? Pikeun miboga iman nu kuat, teu cukup ngan saukur maca Firman Allah. Urang kudu paham kana hal éta. (Mat. 13:23) Urang hayang nyaho kumaha pamikiran jeung parasaan Yéhuwa ngeunaan hiji hal. Éta sababna urang kudu ngalenyepan. Doa ogé penting, utamana lamun urang keur nyanghareupan masalah. Lamun urang ngadoa ménta hikmat jeung kakuatan, urang bisa yakin Yéhuwa bakal masihanana kalawan limpah.​—Yak. 1:5.

BOH SENANG BOH SUSAH, AYUB NGALARAPKEUN PRINSIP ALLAH

16, 17. Kumaha Ayub bisa wanoh ka Yéhuwa?

16 Kumaha Ayub bisa wanoh ka Yéhuwa? Ayub lain urang Israil, tapi boga tatali dulur jeung Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Yéhuwa ngajar tilu priya ieu ngeunaan diri-Na jeung kahoyong-Na. Urang teu nyaho kumaha carana, tapi Ayub ogé apal kana hal-hal éta. (Ayub 23:12) Manéhna ngomong ka Yéhuwa, ”Kapungkur [abdi] terang ka Gusti teh mung tina carios batur.” (Ayub 42:5) Yéhuwa gé nyarios yén Ayub nyaritakeun ngeunaan diri-Na ka batur.​—Ayub 42:7, 8.

Iman urang dikuatkeun ku cara merhatikeun ciptaan jeung diajar leuwih loba ngeunaan sipat-sipat Yéhuwa (Tingali paragrap 17)

17 Ku cara merhatikeun ciptaan, Ayub jadi apal kana sipat-sipat Yéhuwa. (Ayub 12:7-9, 13) Élihu jeung Yéhuwa ngagunakeun ciptaan pikeun ngajar Ayub sakumaha leutikna manusa dibandingkeun jeung Allah. (Ayub 37:14; 38:1-4) Kekecapan Yéhuwa ngageuing haté Ayub pikeun rendah haté ngakukeun, ”Gusti teh kawasa sagala rupi, sakersa-kersa ngajadi.” Ayub ogé ngomong, ”Seja nyanggakeun pertobat, seja nyuksruk kana lebu.”​—Ayub 42:2, 6.

18, 19. Naon buktina yén Ayub téh bener-bener wanoh ka Yéhuwa?

18 Kumaha pangaweruh ngeunaan Allah ngabantu Ayub? Ayub paham prinsip-prinsip Allah. Ku lantaran bener-bener wanoh ka Yéhuwa, manéhna kageuing pikeun ngalampahkeun nu bener. Contona, Ayub sadar yén mikanyaah Allah téh hartina kudu bageur ka batur. (Ayub 6:14, NWT) Manéhna ogé teu ngarasa diri leuwih punjul ti batur, tapi manéhna nganggap batur sabagé kulawargana sorangan, teu sual beunghar atawa miskin. Ceuk Ayub, ”Boh kuring boh badega, tunggal dadamelan Allah.” (Ayub 31:13-22) Basa Ayub beunghar jeung boga kawasa gé, manéhna teu sombong jeung teu nyapirakeun batur. Manéhna béda pisan jeung kalolobaan jalma kiwari nu beunghar jeung boga kawasa.

19 Keur Ayub mah nanaon gé, kaasup kakayaan, henteu leuwih penting ti batan Yéhuwa sabab manéhna teu hayang ”mungkir ti Nu Maha Kawasa”. (Baca Ayub 31:24-28.) Pikeun Ayub, perkawinan téh ikrar nu suci di antara salaki pamajikan. Manéhna nepi ka ikrar moal pelang-pelong ka mojang bari dilamun. (Ayub 31:1) Ieu téh luar biasa lantaran Ayub hirup dina mangsa Yéhuwa ngidinan lalaki boga pamajikan leuwih ti hiji. Jadi lamun daék, Ayub gé bisa boga pamajikan kadua. Tangtu Ayub paham yén perkawinan mimiti nu diatur ku Yéhuwa téh ngan ngalibetkeun hiji lalaki jeung hiji awéwé. Éta sababna Ayub boga pamadegan kitu. * (Tingali catetan handap.) (Kaj. 2:18, 24) Kira-kira 1.600 taun sanggeusna, Yésus ngajarkeun prinsip nu sarua yén séks jeung perkawinan téh ngan dihususkeun pikeun hiji salaki jeung hiji pamajikan.​—Mat. 5:28; 19:4, 5.

20. Kumaha pangaweruh ngeunaan Yéhuwa sarta papakon-Na ngabantu urang milih sobat jeung hiburan nu hadé?

20 Kumaha urang bisa mekarkeun iman siga Ayub? Tangtu urang gé kudu bener-bener wanoh ka Yéhuwa sarta dibingbing ku pangaweruh éta. Misalna, Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa ”ijid ka jalma anu ingkar ti hukum” sarta urang teu meunang campur gaul jeung jalma nu teu jujur. (Baca Jabur 11:5; 26:4.) Pék pikirkeun, ’Tina dua ayat ieu, kumaha abdi bisa paham kana cara pikir Yéhuwa? Kumaha éta mangaruhan hal nu diutamakeun ku abdi? Kumaha éta mangaruhan urang dina milih situs Internét, sobat, sarta hiburan?’ Jawabanana némbongkeun sakumaha wanoh Sadérék ka Yéhuwa. Urang teu hayang kapangaruhan ku dunya ieu. Ku kituna, urang kudu ngalatih pamahaman sangkan bisa ngabédakeun nu bener jeung nu salah sarta nu bijaksana jeung nu henteu.​—Ibr. 5:14; Epe. 5:15.

21. Naon nu bisa ngabantu urang ”ngarti enya-enya” kana sagala hal nu dibutuhkeun pikeun nyukakeun Yéhuwa?

21 Nuh, Daniél, jeung Ayub satékah polah sangkan bisa wanoh ka Yéhuwa. Mantenna ngabantu maranéhna ”ngarti enya-enya” kana naon waé nu dibutuhkeun pikeun nyukakeun Mantenna. Conto maranéhna ngabuktikeun yén ngalampahkeun bingbingan Yéhuwa ngahasilkeun kahirupan nu suksés. (Jab. 1:1-3) Jadi pék lenyepan, ’Naha abdi wanoh ka Yéhuwa siga Nuh, Daniél, jeung Ayub?’ Sabenerna, ayeuna urang bisa wanoh ka Yéhuwa leuwih ti batan maranéhna lantaran Mantenna tos nyingkabkeun bebeneran ngeunaan diri-Na. (Sil. 4:18) Jadi, sing enya-enya diajar Alkitab, pék lenyepan, sarta suhunkeun roh suci. Ku kituna, Sadérék moal kapangaruhan ku dunya nu jahat ieu. Sabalikna, Sadérék bakal dibingbing ku hikmat ti Allah sarta leuwih raket jeung Bapa di sawarga.​—Sil. 2:4-7.

^ par. 5 Hanok ogé, uyutna Nuh, ”sapanjang jumenengna raraketan jeung Allah”. Tapi, manéhna maot 69 taun saacan Nuh lahir.​—Kaj. 5:23, 24.

^ par. 19 Nuh ogé sarua. Manéhna ngan boga hiji pamajikan sanajan loba lalaki boga leuwih ti hiji pamajikan teu lila sanggeus Adam jeung Hawa barontak ka Allah.​—Kaj. 4:19.