Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pék Conto Iman jeung Kataatan Nuh, Daniél, sarta Ayub!

Pék Conto Iman jeung Kataatan Nuh, Daniél, sarta Ayub!

”Upama Enoh, Danel jeung Ayub harirup keneh di dinya, kaibadahanana ngan bisa keur nyalametkeun dirina masing-masing.”​—YEH. 14:14.

KAWIH: 89, 119

1, 2. (a) Ku naon tuladan Nuh, Daniél, jeung Ayub bisa ngagedékeun haté urang? (b) Kumaha kaayaanana basa Yéhéskél nulis kekecapan di Yeheskel 14:14?

NAHA Sadérék keur susah lantaran gering, boga masalah ékonomi, atawa keur dikaniaya? Naha sakapeung Sadérék ngarasa teu bagja ngawula Yéhuwa? Lamun éta nu kaalaman ku Sadérék, pék perhatikeun tuladan Nuh, Daniél, jeung Ayub nu bisa ngagedékeun haté Sadérék. Maranéhna téh teu sampurna jeung boga tangtangan nu sarua jeung urang kiwari. Malahan, sakapeung nyawa maranéhna kaancam. Tapi, maranéhna tetep satia ka Yéhuwa. Mantenna ogé nganggap maranéhna jadi tuladan iman jeung kataatan.​—Baca Yeheskel 14:12-14.

2 Kekecapan dina ayat téma ditulis ku Yéhéskél taun 612 SM di Babul. * (Tingali catetan handap.) (Yeh. 1:1; 8:1) Éta téh ngan lima taun saacan Yérusalém diancurkeun taun 607 SM. Nu salamet ngan saeutik, nyaéta jalma-jalma nu ariman jeung taraat siga Nuh, Daniél, jeung Ayub. (Yeh. 9:1-5) Nu salamet téh kaasup Yérmia, Baruk, Ébéd Mélék, jeung anak incu Rékab.

3. Naon nu bakal dibahas dina ieu artikel?

3 Kitu ogé ayeuna, nu bakal salamet tina ahir dunya ieu téh ngan jalma-jalma nu dianggap bener ku Yéhuwa, siga Nuh, Daniél, jeung Ayub. (Wahyu 7:9, 14) Jadi, hayu urang bahas alesanana Yéhuwa ngagunakeun tilu priya ieu sabagé conto jalma-jalma nu bener di pandangan Mantenna. Urang ogé bakal ngabahas (1) tangtangan nu disanghareupan ku maranéhna sarta (2) carana urang bisa nyonto iman jeung kataatan maranéhna.

NUH TETEP IMAN JEUNG TAAT LEUWIH TI 900 TAUN!

4, 5. Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku Nuh, jeung ku naon kasatiaanana luar biasa?

4 Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku Nuh? Dina jaman uyutna Nuh, nyaéta Hanok, jalma-jalma geus kacida jahatna. ”Omong-omonganana nyarogok ngalawan ka [Yéhuwa]!” (Yud. 14, 15) Harita, jalma jahat beuki loba. Dina jaman Nuh, bumi geus pinuh ku jalma jahat, ”katelengesanana geus sumebar ka mana-mana”. Aya ogé malaikat-malaikat jahat nu ngaraga jadi manusa sangkan bisa kawin jeung awéwé-awéwé di bumi. Barudakna téh kejem jeung telenges. (Kaj. 6:2-4, 11, 12) Tapi, katingali yén Nuh mah béda. Alkitab nyebutkeun, ”Ka [Nuh] mah PANGERAN misuka.” Nuh ngalakukeun nu bener, ”hirupna rumaket ka Allah”.​—Kaj. 6:8, 9.

5 Tina kekecapan ieu, urang diajar naon ngeunaan Nuh? Kahiji, pék pikirkeun sabaraha lila Nuh satia ngawula Yéhuwa saacan Caah Gedé datang. Éta téh teu ngan saukur 70 atawa 80 taun, tapi nepi ka kira-kira 600 taun! (Kaj. 7:11) Kadua, harita teu aya sidang nu bisa ngabantu jeung nguatkeun Nuh siga urang kiwari. Katingalina ogé, adi lanceukna teu ngadukung manéhna. *—Tingali catetan handap.

6. Kumaha Nuh némbongkeun kawani?

6 Nuh teu ngarasa cukup jadi jelema bener wungkul. Manéhna ogé wani ngabuktikeun imanna ku cara ”ngelingan ka eta nu daroraka”. (2 Pet. 2:5) Rasul Paulus nyebutkeun ngeunaan Nuh, ”Dunya ieu dihukum, tapi [Nuh] mah ku Allah diangken jelema bener, lantaran percaya.” (Ibr. 11:7) Teu héran lamun Nuh diléléwé jeung dihalang-halang ku maranéhna. Malahan bisa jadi maranéhna ngancam rék nyilakakeun Nuh. Tapi, Nuh teu sieun. (Sil. 29:25) Justru manéhna nunjukkeun iman, ku kituna Yéhuwa masihan kawani. Mantenna ogé masihan kawani ka umatna nu satia kiwari.

7. Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku Nuh basa ngawangun bahtera?

7 Basa dititah ngawangun bahtera gedé, Nuh geus satia ka Yéhuwa leuwih ti 500 taun. Bahtera éta bisa dipaké keur nyalametkeun sababaraha manusa jeung sasatoan basa Caah Gedé datang. (Kaj. 5:32; 6:14) Ngawangun bahtera sagedé kitu téh pasti teu gampang. Manéhna ogé sadar yén batur bakal beuki ngaléléwé jeung nyangsarakeun manéhna. Sanajan kitu, Nuh tetep iman jeung taat ka Yéhuwa. Sakabéh ”timbalan Allah ku [Nuh] dijalankeun”.​—Kaj. 6:22.

8. Naon buktina Nuh ngandel ka Yéhuwa dina nganapkahan kulawargana?

8 Nuh nyanghareupan tangtangan séjénna. Manéhna kudu nganapkahan kulawargana. Saacan Caah Gedé, jalma-jalma, kaasup Nuh, kudu digawé leuwih beurat pikeun meunang dahareun. (Kaj. 5:28, 29) Sanajan kudu nyumponan pangabutuh kulawargana, Nuh ngutamakeun pangawulaan ka Yéhuwa. Nuh sibuk ngawangun bahtera salila 40 atawa 50 taun, tapi manéhna tetep ngajaga sosobatanana jeung Yéhuwa. Éta nu terus dilampahkeun ku Nuh nepi ka 350 taun sanggeus Caah Gedé. (Kaj. 9:28) Nuh jadi tuladan iman jeung kataatan!

9, 10. (a) Kumaha urang bisa nyonto iman jeung kataatan Nuh? (b) Lamun Sadérék terus taat ka hukum Allah, Sadérék bisa yakin kana hal naon?

9 Kumaha urang bisa nyonto iman jeung kataatan Nuh? Urang nyonto Nuh ku cara ngajungjung papakon Yéhuwa nu bener, henteu jadi bagian dunya Sétan, sarta ngutamakeun Yéhuwa. (Mat. 6:33; Yoh. 15:19) Éta nu ngalantarankeun urang dipikageuleuh ku dunya. Contona, lantaran urang terus taat ka hukum Allah ngeunaan séks jeung perkawinan, urang bisa jadi digogoréng di média. (Baca Malaki 3:18 tina catetan handap.) * Saperti Nuh, urang teu sieun ka manusa. Urang ngan sieun ka Yéhuwa, hartina, urang ngajénan jeung teu hayang nguciwakeun Mantenna. Urang nyaho ngan Yéhuwa nu bisa masihan kahirupan langgeng.​—Luk. 12:4, 5.

10 Pék lenyepan, ’Naha abdi bakal terus ngalampahkeun nu bener sanajan batur ngaléléwé atawa ngiritik abdi? Waktu ékonomi keur susah, naha abdi yakin Yéhuwa bisa nyumponan pangabutuh kulawarga abdi?’ Lamun Sadérék ngandel jeung taat ka Yéhuwa siga Nuh, Mantenna tangtu bakal nulung Sadérék.​—Pil. 4:6, 7.

DANIÉL TETEP IMAN JEUNG TAAT SANAJAN HIRUP DI KOTA NU BEJAD

11. Tangtangan beurat naon waé nu disanghareupan ku Daniél jeung tilu babaturanana? (Tingali gambar dina awal artikel.)

11 Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku Daniél? Lantaran kaayaan, Daniél kapaksa hirup di Babul, kota nu pinuh ku brahala jeung spiritisme. Bangsa Babul teu resep ka urang Yahudi sarta ngaléléwé Allah Yéhuwa. (Jab. 137:1, 3) Daniél jeung urang Yahudi séjénna nu nyaah ka Yéhuwa tangtu sedih ku kaayaan ieu! Salian ti éta, loba jalma merhatikeun Daniél jeung tilu babaturanana, Hananya, Misaél, jeung Asaria, sabab maranéhna bakal dilatih jadi pajabat karaton di Babul. Maranéhna dititah ngadahar kadaharan raja, kaasup kadaharan nu dilarang ku Yéhuwa. Tapi, Daniél boga tékad ”moal seja ngarurujit diri ngarempak cegahan agama ku kadaharan jeung inuman ti karaton”.​—Dan. 1:5-8, 14-17.

12. (a) Jalma nu saperti kumaha Daniél téh? (b) Kumaha pandangan Yéhuwa ka Daniél?

12 Daniél gé nyanghareupan tangtangan séjénna nu katingalina teu pati hésé. Ku lantaran manéhna parigel, raja mercayakeun tugas husus ka manéhna. (Dan. 1:19, 20) Tapi, éta teu ngalantarankeun Daniél sombong atawa ngarasa pangbenerna sorangan. Manéhna tetep rendah haté sarta ngakukeun yén Yéhuwa nu nyieun manéhna suksés. (Dan. 2:30) Pék pikirkeun, Yéhuwa nyebutkeun ngaran Daniél bareng jeung Nuh tur Ayub sabagé tuladan nu kudu dipiconto. Harita, Nuh jeung Ayub geus satia ngawula ka Yéhuwa sapanjang hirupna. Tapi, Daniél mah ngora kénéh. Yéhuwa bener-bener percaya ka Daniél! Manéhna kabukti satia jeung taat sapanjang hirupna. Waktu umur Daniél téréh 100 taun, malaikat Yéhuwa ngomong kieu ka manéhna, ”Daniel, Allah asiheun ka maneh.”​—Dan. 10:11.

13. Naon sababna Yéhuwa ngabantu Daniél pikeun jadi pajabat luhur di Babul?

13 Lantaran dukungan ti Yéhuwa, Daniél bisa jadi pajabat penting, mimitina di Karajaan Babul tuluy di Karajaan Média-Pérsia. (Dan. 1:21; 6:1, 2) Bisa jadi Yéhuwa nu masihan kadudukan luhur ka Daniél sangkan bisa nulungan umat-Na, saperti Yusup di Mesir, sarta Éster jeung Mordekai di Pérsia. * (Tingali catetan handap.) (Dan. 2:48) Tangtu Yéhéskél jeung urang Yahudi nu ditawan dikuatkeun haténa basa nyaho yén Yéhuwa ngagunakeun Daniél pikeun nulungan maranéhna!

Yéhuwa bakal asiheun ka urang lamun urang tetep satia (Tingali paragrap 14, 15)

14, 15. (a) Kumaha kaayaan urang teu béda jeung Daniél? (b) Kiwari, kumaha kolot bisa diajar ti kolotna Daniél?

14 Kumaha urang bisa nyonto iman sarta kataatan Daniél? Kiwari, dunya dipinuhan ku hal-hal nu rucah jeung agama palsu lantaran dipangaruhan ku Babul Raya, nyaéta kumpulan agama palsu sadunya, atawa ”pangulinan setan-setan”. (Wahyu 18:2) Urang téh ibarat urang asing di dunya ieu. Jadi, urang katingali béda pisan nu matak diléléwé ku jalma-jalma. (Mar. 13:13) Hayu urang nyonto Daniél ku cara ngaraket ka Allah Yéhuwa. Lamun urang rendah haté, sarta ngandel jeung taat ka Yéhuwa, Mantenna gé bakal mikaasih urang.​—Hag. 2:7.

15 Indung bapa bisa diajar ti kolotna Daniél. Basa Daniél leutik kénéh, jalma-jalma di Yuda téh jarahat. Tapi, manéhna bisa nyaah ka Yéhuwa. Naha manéhna ujug-ujug kitu? Henteu. Tangtu manéhna diajar ngeunaan Yéhuwa ti kolotna. (Sil. 22:6) Malahan mah ngaran Daniél téh hartina ”Hakim Abdi téh Allah” nu némbongkeun yén kolotna nyaah ka Yéhuwa. Jadi, kolot kudu sabar waktu ngajar barudakna ngeunaan Yéhuwa. Ulah nyerah. (Epe. 6:4) Pék doa bareng jeung barudak. Doakeun ogé maranéhna. Upayakeun sabisa-bisa supaya maranéhna nyaah ka bebeneran. Tangtu Yéhuwa bakal ngaberkahan Sadérék.​—Jab. 37:5.

AYUB TETEP IMAN JEUNG TAAT BOH KEUR BEUNGHAR BOH KEUR MISKIN

16, 17. Tangtangan naon nu disanghareupan ku Ayub boh keur beunghar jeung boh keur miskin?

16 Tangtangan naon waé nu disanghareupan ku Ayub? Ayub ngalaman parobahan dina kahirupanana. Mimitina, Ayub téh jalma nu ”pangbeungharna di tatar Wetan”. (Ayub 1:3) Manéhna kasohor jeung diajénan ku loba jalma. (Ayub 29:7-16) Sanajan kitu, Ayub teu ngarasa leuwih punjul ti batur atawa ngarasa teu butuh Allah. Buktina, Yéhuwa nyebut manéhna ”abdi Kami” jeung nyarios yén manéhna ”estu gumusti, tata titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah”.​—Ayub 1:8.

17 Tapi, kahirupan Ayub ujug-ujug barobah. Manéhna kaleungitan sagalana nepi ka aral, hayang paéh. Urang nyaho yén éta téh dilantarankeun ku Sétan. Manéhna nuduh yén Ayub ngawula Yéhuwa lantaran aya pamrihna. (Baca Ayub 1:9, 10.) Tuduhan nu jahat éta teu diantep ku Yéhuwa. Naon nu bakal dilakukeun ku Mantenna pikeun ngabuktikeun yén Sétan téh tukang bohong nu jahat? Mantenna masihan kasempetan ka Ayub pikeun ngabuktikeun yén manéhna satia téh ku lantaran nyaah ka Allah.

18. (a) Naon nu luar biasa tina kasatiaan Ayub? (b) Urang diajar naon ngeunaan Yéhuwa ti pangalaman Ayub?

18 Sétan teu eureun-eureun nyerang Ayub kalawan kejem. Manéhna nyieun Ayub mikir yén saolah-olah éta téh asalna ti Allah. (Ayub 1:13-21) Terus, tilu lalaki nu ngaku sobat Ayub nuduh manéhna ngalampahkeun nu jahat, éta sababna manéhna dihukum ku Allah. (Ayub 2:11; 22:1, 2, 5-10) Sanajan kitu, Ayub tetep satia ka Yéhuwa. Mémang, sakapeung omongan Ayub téh ngaco. (Ayub 6:1-3) Tapi, Yéhuwa ngarti Ayub kitu téh lantaran keur nalangsa jeung déprési, geus mah diserang bébéakan, dihina deuih ku Sétan. Yéhuwa apal Ayub teu ninggalkeun Mantenna. Sanggeus ngalaman kasangsaraan éta, Yéhuwa ngaberkahan Ayub ku cara masihan harta banda dua kalieun ti saacanna sarta nambahan umur Ayub 140 taun deui. (Yak. 5:11) Nepi ka maotna, Ayub terus satia ngawula Yéhuwa sapinuh haté. Naon buktina? Yeheskel 14:14 nu jadi ayat téma artikel ieu ditulis ratusan taun sanggeus Ayub maot.

19, 20. (a) Kumaha urang bisa nyonto iman sarta kataatan Ayub? (b) Kumaha urang bisa karunyaan ka batur cara Yéhuwa?

19 Kumaha urang bisa nyonto iman sarta kataatan Ayub? Teu sual kumaha kaayaan urang, Yéhuwa kudu tetep jadi Pribadi nu pangpentingna dina kahirupan. Urang kudu ngandel jeung taat ka Yéhuwa ku sapinuh haté. Urang boga alesan nu leuwih kuat ti batan Ayub pikeun taat ka Yéhuwa. Pék pikirkeun, ayeuna urang geus apal ngeunaan Sétan jeung siasatna. (2 Kor. 2:11) Tina Alkitab, hususna buku Ayub, urang nyaho ku naon Allah ngidinan kasangsaraan manusa. Tina nubuat Daniél, urang gé nyaho yén Karajaan Allah téh pamaréntahan nyata nu diparéntah ku Yésus Kristus. (Dan. 7:13, 14) Sakeudeung deui, Karajaan ieu bakal maréntah sakuliah bumi jeung mungkas kasangsaraan.

20 Tina pangalaman Ayub, urang gé diajar pikeun karunyaan ka sadérék-sadérék nu keur susah. Saperti Ayub, omongan maranéhna bisa waé ngaco. (Pam. 28:34) Urang ulah boga panyangka goréng atawa nuduh maranéhna boga salah. Sabalikna, urang kudu ngartikeun kaayaan maranéhna. Ku cara kitu, urang nyonto Bapa Yéhuwa nu nyaahan jeung welas asih.​—Jab. 103:8.

YÉHUWA BAKAL ’NGUATKEUN ARANJEUN’

21. Ku naon ayat 1 Petrus 5:10 ngingetkeun urang kana pangalaman Nuh, Daniél, jeung Ayub?

21 Nuh, Daniél, jeung Ayub hirup di jaman nu béda, kaayaanana ogé béda. Tapi, tiluanana tabah nyanghareupan tangtangan. Pangalaman maranéhna ngingetkeun urang kana kekecapan Rasul Pétrus, ”Lamun sangsara geus liwat, da moal lila, Allah nu kagungan saniskara sih kurnia, . . . bakal nyampurnakeun, nguatkeun jeung mageuhkeun kaayaan aranjeun.”​—1 Pet. 5:10.

22. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

22 Kekecapan di 1 Petrus 5:10 ngayakinkeun urang yén Yéhuwa bakal mengkuhkeun jeung nguatkeun hamba-hamba-Na. Ayat ieu ogé bisa dilarapkeun kiwari. Urang hayang dikuatkeun ku Yéhuwa pikeun tetep pengkuh tur satia. Éta sababna urang hayang nyonto iman jeung kataatan Nuh, Daniél, jeung Ayub. Dina artikel saterusna, urang bakal diajar yén tilu priya ieu bisa tetep satia lantaran bener-bener wanoh ka Yéhuwa. Malahan, maranéhna ”ngarti enya-enya” sagala kahoyong Mantenna. (Sil. 28:5) Urang ogé bisa siga kitu.

^ par. 2 Yéhéskél ditawan ka Babul taun 617 SM. Manéhna nulis kekecapan di Yeheskel 8:1–19:14 ”sanggeus genep taun di pangbuangan”, nyaéta taun 612 SM.

^ par. 5 Lamék, bapana Nuh, percaya ka Allah, tapi geus maot lima taun saacan Caah Gedé. Lamun indung jeung adi lanceukna Nuh hirup kénéh pas Caah Gedé datang, maranéhna henteu salamet.

^ par. 9 Malaki 3:18 (Terjemahan Dunia Baru): ”Maranéh bakal ningali deui bédana jalma nu bener jeung jalma nu jahat, bédana jalma nu ngawula Allah jeung nu henteu.”

^ par. 13 Bisa jadi Yéhuwa mantuan Hananya, Misaél, jeung Asaria pikeun jadi pajabat di Babul sangkan bisa nulungan urang Yahudi.​—Dan. 2:49.