Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Siga Kumaha Jalma nu Rohani téh?

Siga Kumaha Jalma nu Rohani téh?

”Mugia ku pitulung [Allah], aranjeun bisa . . . nurutkeun conto ti Kristus Yesus.”​—RUM 15:5.

KAWIH: 17, 13

1, 2. (a) Naon mangpaat nu dirasakeun ku loba sadérék lantaran jadi jalma nu rohani? (b) Pananya penting naon waé nu bakal dibahas dina ieu artikel?

SADÉRÉK istri di Kanada nyarita yén manéhna jadi leuwih bagja jeung bisa ngaréngsékeun loba masalah lantaran jadi jalma nu rohani, atawa nu boga pikiran rohani. Sadérék di Brasil nu geus rumah tangga salila 23 taun ngomong yén lantaran boga pikiran nu rohani, perkawinanana jadi bagja. Sadérék di Filipina gé nyarita yén pikiran manéhna jadi leuwih tengtrem sarta bisa akur jeung dulur saiman, teu ngabéda-bédakeun.

2 Jelas, jadi jalma nu rohani téh loba mangpaatna. Kumaha carana sangkan jadi jalma nu leuwih rohani jeung meunangkeun mangpaatna? Mimitina, urang kudu ngarti naon nu dijelaskeun Alkitab ngeunaan jalma nu rohani, atawa nu dibingbing ku roh suci Allah jeung nu cara pikirna luyu jeung cara pikir Allah. Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas tilu pananya penting: (1) Siga kumaha jalma nu rohani téh? (2) Tuladan saha waé nu bakal ngabantu urang jadi leuwih rohani? (3) Ku naon urang bisa jadi jalma nu rohani lamun ngupayakeun ”panggalih Kristus”?

SIGA KUMAHA JALMA NU ROHANI TÉH?

3. Numutkeun Alkitab, naon bédana jalma nu jasmani jeung jalma nu rohani?

3 Rasul Paulus ngajelaskeun bédana jalma nu rohani jeung jalma nu jasmani. (Baca 1 Korinta 2:14-16.) Jalma nu jasmani ”moal bisa narima hal anu dinyatakeun ku eta Roh. Ku jelema anu kitu mah hal eta teh moal kahartieun, dianggap taya paedahna”. Sabalikna, jalma nu rohani ”bisa neuleuman harti jeung maksud saniskara” jeung miboga ”panggalih Kristus”, nyaéta bajoang pikeun nyonto cara pikir Kristus. Paulus ngajurung urang pikeun jadi jalma nu rohani. Naon deui bédana jalma nu jasmani jeung jalma nu rohani?

4, 5. Naon ciri-ciri jalma nu jasmani téh?

4 Kumaha cara pikir jalma nu jasmani? Manéhna nuturkeun sikep ieu dunya, nyaéta mentingkeun kahayang sorangan. Paulus nyebutkeun yén éta téh ”batin manusa anu ngalawan ka Allah”. (Epe. 2:2) Sikep ieu ngajurung kalolobaan jalma pikeun nuturkeun jalma réa. Maranéhna osok sangeunahna, teu paduli kana papakon Allah. Nu dipikirkeun téh ngan saukur hal-hal jasmani. Maranéhna nganggap status sosial, duit, atawa hak pribadina téh sagala-galana.

5 Alkitab nyebutkeun yén jalma nu jasmani biasana ngalampahkeun ”napsu badan”. (Gal. 5:19-21) Dina suratna nu mimiti ka sidang Korinta, Paulus nyebutkeun hal-hal séjén nu dipilampah ku jalma jasmani. Manéhna resep pagétréng, ngadu domba, ngajurung batur pikeun barontak, silih gugat di pangadilan, teu daék ngajénan wewenang, sarta ngutamakeun dahar jeung nginum. Jalma jasmani gé tara nampik gogoda. (Sil. 7:21, 22) Yudas nyebutkeun yén jalma jasmani bakal kaleungitan roh suci Yéhuwa.​—Yud. 18, 19.

6. Naon ciri-ciri jalma nu rohani téh?

6 Sabalikna, jalma nu rohani mah ngahargaan pisan sosobatanana jeung Allah. Manéhna hayang dibingbing ku roh suci Allah sarta bajoang pikeun nyonto Yéhuwa. (Epe. 5:1) Manéhna enya-enya diajar cara pikir Yéhuwa sarta boga pandangan nu sarua jeung Mantenna. Allah téh nyata pikeun manéhna. Teu siga jalma jasmani, manéhna ngajénan papakon Yéhuwa dina hirupna. (Jab. 119:33; 143:10) Jalma nu rohani gé teu ngalampahkeun ”napsu badan”, tapi ”hirupna dituyun ku Roh Allah”. (Gal. 5:22, 23) Pikeun leuwih jelasna, perhatikeun babandingan ieu: Jalma nu pikiranana positif, condong mikirkeun hal-hal nu positif. Kitu ogé, jalma nu rohani condong mikirkeun hal-hal nu rohani.

7. Naon nu disebutkeun dina Alkitab ngeunaan jalma nu boga pikiran rohani?

7 Di Lukas 11:28, Yésus nyebutkeun yén jalma nu boga pikiran rohani téh jalma nu bagja, ”Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!” Rum 8:6 ngajelaskeun yén hirup urang gumantung kana pikiran nu rohani, ”Pikiran anu dipurba ku tabeat sorangan nungtun kana maot; pikiran anu ditungtun ku Roh Allah nungtun kana hirup jeung kanugrahaan.” Jadi, lamun urang boga pikiran nu rohani, ti ayeuna kénéh gé urang bisa rukun jeung Allah, rukun jeung diri sorangan, sarta miboga harepan hirup langgeng.

8. Ku naon jadi jalma nu rohani jeung mertahankeun karohanian téh teu gampang?

8 Tapi, urang hirup di dunya nu jahat. Ku sabab urang dikurilingan ku jalma-jalma nu pikiranana jauh ti Allah, urang kudu bajoang pikeun ngajaga pikiran urang. Lamun teu dieusi ku pikiran Allah, pikiran urang bakal kaeusi ku pikiran jeung sikep dunya ieu. Kumaha carana nampik hal éta? Kumaha carana mekarkeun karohanian urang?

DIAJAR TINA CONTO NU HADÉ

9. (a) Kumaha carana miboga pikiran nu rohani? (b) Conto hadé ti saha waé nu bakal dibahas?

9 Siga barudak nu diajar ti kolotna jeung nyonto tuladanna, urang gé kudu diajar jeung nyonto jalma-jalma nu nyobat jeung Yéhuwa. Ku kituna, urang bakal nyaho carana miboga pikiran nu rohani. Sabalikna, urang ogé bisa nyaho naon nu kudu disingkahan ti conto jalma nu jasmani. (1 Kor. 3:1-4) Alkitab nyaritakeun conto nu goréng jeung nu hadé. Hayu urang bahas sababaraha conto hadé ti Yakub, Mariam, jeung Yésus.

Urang diajar naon ti conto Yakub? (Tingali paragrap 10)

10. Naon buktina yén Yakub téh jalma nu rohani?

10 Teu béda ti jalma-jalma kiwari, hirup Yakub téh susah. Manéhna rék dipaéhan ku Ésau, lanceukna, ogé dilicikan ku mitohana. Tapi, iman Yakub kana jangji Yéhuwa ka Ibrahim tetep kuat. Yakub paham yén kulawargana jadi bagian penting dina kalaksanana jangji éta. Jadi, Yakub sabisa-bisa ngajaga kulawargana. (Kaj. 28:10-15) Sikep jalma-jalma di sakurilingeunana nu jauh ti Allah henteu ngalantarankeun Yakub mopohokeun jangji Yéhuwa. Contona, Yakub sasambat ka Yéhuwa ménta ditulungan basa ngarasa kaancam ku lanceukna. Manéhna ngadoa, ”Mugi Gusti emut kana jangji, ’Kami baris hade-hade ngurus ka maneh. Turunan maneh baris loba tanpa wilangan, tinanding keusik di sapanjang basisir.’” (Kaj. 32:6-12) Iman Yakub nu kuat kana jangji Yéhuwa kabukti dina lalampahanana.

Urang diajar naon ti conto Mariam? (Tingali paragrap 11)

11. Naon buktina yén Mariam téh jalma nu rohani?

11 Hayu urang perhatikeun conto Mariam. Mariam dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi indungna Yésus lantaran manéhna jalma nu rohani. Pék baca kekecapan Mariam waktu nganjangan Jakaria jeung Élisabét, barayana. (Baca Lukas 1:46-55.) Katingali pisan yén Mariam mikaresep Firman Allah jeung bener-bener apal kana Kitab-Kitab Ibrani. (Kaj. 30:13; 1 Sam. 2:1-10; Mal. 3:12) Malahan, sanggeus Mariam jeung Yusup nikah, maranéhna henteu ngalakukeun hubungan séksual nepi ka Yésus lahir. Tugas ti Allah leuwih penting ti batan hasrat maranéhna. (Mat. 1:25) Mariam ogé bener-bener merhatikeun unggal kajadian dina kahirupan Yésus sarta ngaregepkeun pangajaranana. Éta kabéh ”disimpen sajeroning manah” Mariam. (Luk. 2:51) Jelas yén Mariam minat pisan kana jangji Allah ngeunaan Mésias. Naha urang bisa nyonto Mariam nu ngalampahkeun sagala kahoyong Allah?

12. (a) Naon buktina Yésus nyonto Bapana? (b) Kumaha urang bisa nyonto Yésus? (Tingali gambar dina awal artikel.)

12 Ti sakabéh manusa nu pernah hirup di bumi, Yésus téh jalma rohani nu panghadéna. Tina kahirupan jeung palayanan Yésus di bumi, kabukti anjeunna hayang nyonto Bapana. Pikiran, parasaan, jeung lalampahan Yésus nyeplés jeung Yéhuwa. Anjeunna ogé ngalampahkeun kahoyong Allah jeung ngajénan papakon-Na. (Yoh. 8:29; 14:9; 15:10) Misalna, bandingkeun antara sipat welas asih Yéhuwa nu dijelaskeun ku Yésaya jeung parasaan Yésus nu dijelaskeun ku Markus. (Baca Yesaya 63:9; Markus 6:34.) Naha urang nyonto Yésus ku cara welas asih ka jalma nu ngabutuhkeun? Naha urang ogé siga Yésus nu getol ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé? (Luk. 4:43) Jalma nu rohani bakal welas asih jeung resep nulungan batur.

13, 14. (a) Urang bisa diajar naon ti jalma-jalma nu rohani di jaman kiwari? (b) Béré contona.

13 Kiwari ogé, loba dulur saiman nu rohani ngupayakeun nyonto Kristus. Bisa jadi Sadérék ningali sumanget maranéhna dina dines, sipatna nu béréhan sarta welas asih. Sanajan teu sampurna, maranéhna satékah polah mekarkeun sipat-sipat nu hadé jeung ngalampahkeun naon nu dipiharep ku Yéhuwa. Sadérék di Brasil nu ngaranna Rachel nyarita, ”Abdi sok pipilueun kana mode nu keur usum. Tapi, cara papakéan abdi jadina teu basajan. Bebeneran Alkitab ngageuing abdi pikeun ngupayakeun jadi jalma nu rohani. Mémang nyieun parobahan téh teu gampang, tapi abdi jadi leuwih bagja jeung boga tujuan hirup.”

14 Reylene di Filipina nyanghareupan masalah nu béda. Sanajan geus dibaptis, manéhna kalah ka milih sakola luhur jeung pagawéan nu alus. Ahirna, manéhna kasimpangkeun ti cita-cita rohanina. Ceuk Reylene, ”Abdi sadar aya nu leungit tina hirup abdi, nu leuwih penting ti batan pagawéan.” Manéhna nyaluyukeun cara pikirna tur miheulakeun pangawulaan ka Yéhuwa. Ayeuna, manéhna yakin kana jangji Yéhuwa di Mateus 6:33, 34. Ceuk manéhna, ”Abdi yakin pisan Yéhuwa bakal ngurus pangabutuh abdi!” Bisa jadi aya dulur saiman di sidang Sadérék nu boga sikep nu sarua. Waktu ningali upaya maranéhna nyonto Kristus, urang ogé kageuing pikeun nuturkeun tuladan maranéhna.​—1 Kor. 11:1; 2 Tes. 3:7.

MIBOGA ”PANGGALIH KRISTUS”

15, 16. (a) Urang kudu kumaha sangkan bisa miconto Yésus? (b) Kumaha urang bisa diajar ”panggalih Kristus”?

15 Kumaha urang bisa miconto Yésus? Hiji Korinta 2:16 ngajelaskeun yén urang kudu ”kaserepan panggalih Kristus”. Rum 15:5 ngingetkeun urang pikeun ”nurutkeun conto ti Kristus Yesus”. Supaya jadi saperti Kristus, urang kudu diajar cara pikir, parasaan, jeung lalampahanana. Yésus ngahargaan pisan hubunganana jeung Allah ti batan naon waé. Jadi, nyonto Yésus téh sarua jeung nyonto Yéhuwa. Éta sababna penting pisan lamun urang diajar cara pikir Yésus.

16 Kumaha urang bisa diajar cara pikir Yésus? Murid-muridna ngadéngékeun anjeunna ngajar loba jalma, ningali anjeunna nyieun mujijat, bageur ka sagala rupa jalma, jeung ningali anjeunna ngalarapkeun prinsip Yéhuwa. Maranéhna nyaksian ”sagala perkawis anu ku Anjeunna dipidamel”. (Ras. 10:39) Kiwari, urang teu bisa panggih jeung Yésus. Tapi, catetan Injil bisa ngabantu urang leuwih kenal ka Yésus. Lamun urang maca jeung ngalenyepan buku Mateus, Markus, Lukas, jeung Yohanes, urang bakal diajar leuwih loba ngeunaan cara pikir Yésus. Ieu ngabantu urang nyonto ”tuladan” anjeunna sarta ”boga tekad anu kuat” saperti anjeunna.​—1 Pet. 2:21; 4:1.

17. Naon mangpaatna boga pikiran Kristus?

17 Naon mangpaatna boga pikiran Kristus? Ibarat ngadahar dahareun nu séhat bisa nyieun awak urang kuat, ngasupkeun pipikiran Kristus ka pikiran urang gé nyieun karohanian urang kuat. Lila-lila, urang apal naon nu dilakukeun ku anjeunna dina sagala kaayaan. Jadi, urang bisa nyonto anjeunna dina nyieun putusan nu bakal nyukakeun Allah jeung teu ngaganggu haté sanubari urang. Tangtu ieu téh alesan nu hadé pikeun ”nulad ka Gusti Yésus Kristus”!​—Rum 13:14, Terjemahan Dunia Baru.

18. Sadérék geus diajar naon ngeunaan jalma nu rohani?

18 Artikel ieu ngabantu urang paham siga kumaha jalma nu rohani téh. Urang geus diajar conto hadé ti jalma-jalma nu dibingbing ku roh suci. Urang gé geus diajar yén miboga ”panggalih Kristus” ngabantu urang miboga cara pikir Yéhuwa sarta ngaraketkeun sosobatan urang jeung Mantenna. Tapi, urang bisa diajar leuwih loba deui. Misalna: Ti mana urang nyaho yén karohanian urang téh kuat? Urang kudu ngalakukeun naon sangkan karohanian urang jadi leuwih kuat? Jeung, kumaha karohanian mangaruhan kahirupan urang? Ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.