Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Terus Jieun Kamajuan Rohani!

Terus Jieun Kamajuan Rohani!

”Sing narurut kana panuyun Roh Allah.”​—GAL. 5:16.

KAWIH: 22, 75

1, 2. Naon nu dirasakeun ku saurang Sadérék, jeung naon nu dilampahkeun ku manéhna?

ROBERT dibaptis basa keur rumaja kénéh, tapi bebeneran lain nu pangpentingna dina hirup manéhna. Ceuk manéhna, ”Abdi teu ngalakukeun nu salah, tapi kagiatan rohani abdi ngan saukur kabiasaan. Katingalina mah abdi siga nu kuat rohani, getol masamoan, jeung sababaraha kali naratas ékstra dina sataun. Tapi, abdi ngarasa aya nu kurang.”

2 Sanggeusna nikah, kakara Robert sadar naon nu kurang téh. Manéhna jeung pamajikanana osok teteguhan ngeunaan Alkitab. Pamajikanana mani apal kana Alkitab jeung gancang ngajawabna. Tapi, Robert osok teu bisa ngajawab. Manéhna jadi éra jeung ngomong, ”Abdi asa euweuh kanyaho. Abdi jadi mikir, ’Boro-boro bisa ngabingbing karohanian kulawarga mun aing siga kieu mah. Aing kudu robah.’” Jadi, manéhna nyieun upaya. Manéhna nyarita, ”Abdi jadi getol diajar. Lila-lila, abdi ngarti kana Alkitab. Nu leuwih penting, abdi jadi raket jeung Yéhuwa.”

3. (a) Urang diajar naon tina conto Robert? (b) Hal-hal penting naon nu bakal dibahas ayeuna?

3 Aya palajaran penting tina conto Robert. Urang bisa waé apal bebeneran Alkitab sarta rutin masamoan jeung dines. Tapi, ieu lain hartina urang miboga pikiran nu rohani. Atawa, bisa jadi urang geus ngupayakeun pikeun jadi jalma rohani, tapi waktu mariksa diri, masih aya kénéh nu kudu ditingkatkeun ku urang. (Pil. 3:16) Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas tilu pananya penting: (1) Kumaha urang nyaho lamun urang geus jadi jalma rohani? (2) Kumaha carana nguatkeun karohanian? (3) Naon mangpaatna karohanian nu kuat pikeun kahirupan urang?

CARA MARIKSA KAROHANIAN URANG

4. Keur saha naséhat di Epesus 4:23, 24 téh?

4 Waktu mimiti ngawula Allah, urang nyieun loba parobahan dina kahirupan. Sanggeus dibaptis, ulah eureun ngalampahkeunana. Ceuk Alkitab, ”Ganti kabeh ku hate jeung pikiran anu anyar.” Dina basa Yunanina, frasa ”ganti kabeh” téh nunjukkeun kagiatan nu terus lumangsung. (Epe. 4:23, 24) Lantaran teu sampurna, urang kudu terus ngarobah haté jeung pikiran. Sanajan geus mangtaun-taun ngawula Yéhuwa gé, urang kudu terus nguatkeun sosobatan jeung Mantenna.​—Pil. 3:12, 13.

5. Pananya naon waé nu bisa ngabantu urang mariksa kaayaan rohani urang?

5 Boh kolot boh ngora kudu jujur mariksa diri sorangan. Urang bisa ngalenyepan, ’Naha abdi geus ngarasa jadi jalma nu leuwih rohani? Naha abdi geus bener-bener nyonto Kristus? Naon nu ditémbongkeun tina sikep jeung laku lampah abdi di pasamoan? Tina obrolan abdi, naon nu disingkabkeun ngeunaan eusi haté abdi? Naon nu disingkabkeun ngeunaan diri abdi tina kabiasaan diajar Alkitab, cara papakéan jeung dangdanan, sarta sikep abdi lamun aya nu méré naséhat? Waktu aya godaan, naon nu dilakukeun ku abdi? Naha abdi geus jadi urang Kristen nu kuat rohanina?’ (Epe. 4:13) Jawaban urang nyingkabkeun sakumaha maju karohanian urang.

6. Naon deui nu bisa ngabantu urang mariksa kaayaan rohani urang?

6 Sakapeung, urang mémang butuh bantuan ti jalma séjén pikeun mariksa karohanian urang. Numutkeun Rasul Paulus, jalma jasmani teu ngarti yén kahirupanana téh teu nyukakeun Allah. Tapi, jalma rohani mah paham kana pandangan Yéhuwa. Manéhna apal yén Yéhuwa teu satuju kana kahirupan nu nuturkeun kahayang jasmani. (1 Kor. 2:14-16; 3:1-3) Lamun aya sadérék-sadérék nu mulai nuturkeun kahayang jasmani, kokolot nu boga pikiran Kristus bisa gancang ningali galagatna tuluy geuwat ngabantuan. Lamun aya kokolot nu rék ngabantuan urang, naha urang bakal narima jeung nyieun parobahan? Lamun urang narima, éta ngabuktikeun yén urang téh hayang jadi jalma nu kuat rohanina.​—Pan. 7:5, 9.

CARA NGUATKEUN KAROHANIAN

7. Naon buktina yén apal kana bebeneran Alkitab teu cukup pikeun jadi jalma rohani?

7 Apal kana bebeneran Alkitab teu cukup pikeun nyieun urang jadi jalma rohani. Raja Suléman, nu geus bener-bener wanoh ka Yéhuwa sarta nu kekecapanana dicatet dina Alkitab ogé, ahirna jadi paanggang jeung Yéhuwa sarta teu satia deui. (1 Rja. 4:29, 30; 11:4-6) Jadi, naon deui nu dibutuhkeun salian ti apal kana bebeneran Alkitab? Urang kudu terus nguatkeun iman urang. (Kol. 2:6, 7) Kumaha carana?

8, 9. (a) Naon nu bakal ngabantu urang nguatkeun iman? (b) Naon tujuan urang waktu diajar jeung ngalenyepan prinsip Alkitab? (Tingali gambar dina awal artikel.)

8 Paulus ngajurung urang Kristen abad kahiji, ”Sing nepi ka asak.” (Ibr. 6:1) Kiwari, salah sahiji cara nu penting pikeun ngalampahkeun naséhat Paulus ieu nyaéta diajar buku Carana Tetep Dipikaasih ku Allah. Ieu bisa ngabantu Sadérék pikeun ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab dina kahirupan. Lamun Sadérék geus diajar buku éta, masih aya loba kénéh publikasi nu bisa nguatkeun iman Sadérék. (Kol. 1:23) Urang ogé kudu ngalenyepanana sarta nyuhunkeun pitulung ti Yéhuwa pikeun ngalarapkeunana.

9 Waktu urang diajar jeung ngalenyepan prinsip Alkitab, tujuan urang téh nyaéta nguatkeun tékad pikeun taat jeung nyukakeun Yéhuwa. (Jab. 40:9; 119:97) Urang gé kudu nampik hal-hal nu bakal ngaganggu kamajuan rohani urang.​—Tit. 2:11, 12.

10. Kumaha budak ngora bisa nguatkeun karohanianana?

10 Barudak ngora, naha hidep boga cita-cita rohani? Hiji sadérék nu ngawula di Bétel osok ngobrol jeung barudak ngora nu rék dibaptis di kongrés wilayah sarta nanyakeun naon cita-cita rohani maranéhna. Aya nu geus mikirkeun cita-citana, misalna rék ngawula Yéhuwa sapinuh waktu atawa pindah ka tempat nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. Tapi, aya ogé nu teu bisa ngajawab. Naha éta hartina maranéhna teu ngarasa perlu boga cita-cita rohani? Barudak ngora, pék lenyepan, ’Naha abdi masamoan jeung dines téh lantaran dititah ku kolot? Naha abdi miboga hubungan nu raket jeung Allah?’ Boh kolot boh ngora kudu boga cita-cita rohani. Ieu bakal nguatkeun karohanian urang.​—Pan. 12:1, 13.

11. (a) Urang kudu kumaha supaya maju rohani? (b) Dina Alkitab, tuladan saha nu bisa dipiconto?

11 Sanggeus urang nyaho naon nu kudu ditingkatkeun, prak lampahkeun. Hirup paéhna urang gumantung kana hal ieu. (Rum 8:6-8) Pikeun maju rohani, Yéhuwa henteu ngarepkeun urang sampurna. Roh suci Allah bisa mantuan urang dina nyieun kamajuan. Tapi, urang gé kudu satékah polah ngupayakeunana. Sadérék John Barr, nu pernah jadi anggota Badan Pingpinan, ngoméntaran Lukas 13:24, ”Loba nu gagal lantaran henteu upaya enya-enya pikeun jadi kuat.” Urang kudu siga Yakub nu teu daék nyerah waktu gelut jeung hiji malaikat nepi ka narima berkahna. (Kaj. 32:26-28) Mémang, urang resep diajar Alkitab, tapi ulah disaruakeun jeung maca novél. Urang kudu ngulik bebeneran nu mangpaat keur urang.

12, 13. (a) Naon nu bisa ngabantu urang ngalarapkeun Rum 15:5? (b) Kumaha conto jeung naséhat Pétrus bisa ngabantu urang? (c) Kumaha carana maju sacara rohani? (Tingali kotak ” Carana Maju Sacara Rohani”.)

12 Waktu urang ngupayakeun kamajuan rohani, roh suci bakal ngabantu ngarobah cara pikir urang. Saeutik-saeutik, cara pikir urang luyu jeung cara pikir Yésus. (Rum 15:5) Roh suci ogé bisa ngabantu urang miceun hasrat nu salah jeung mekarkeun sipat-sipat nu nyenangkeun Allah. (Gal. 5:16, 22, 23) Ulah nyerah lamun urang masih kénéh condong mikirkeun harta banda jeung kasenangan. Suhunkeun roh suci Yéhuwa supaya pikiran urang condong kana hal-hal nu bener. (Luk. 11:13) Inget Rasul Pétrus. Pikiran manéhna teu salawasna luyu jeung pikiran Kristus. (Mat. 16:22, 23; Luk. 22:34, 54-62; Gal. 2:11-14) Tapi, manéhna teu nyerah. Yéhuwa mantuan manéhna. Lila-lila, pikiran Pétrus luyu jeung pikiran Kristus. Urang ogé bisa siga kitu.

13 Ka dieunakeun, Pétrus ngarinci sipat-sipat nu bisa ngabantu urang. (Baca 2 Petrus 1:5-8.) Urang kudu mekarkeun kadali diri, katabahan, kanyaah ka batur sakapercayaan, jeung sipat-sipat hadé séjénna. Unggal poé, urang bisa ngalenyepan, ’Poé ieu, sipat naon nu rék diupayakeun sangkan karohanian abdi leuwih kuat?’

LARAPKEUN PRINSIP ALKITAB UNGGAL POÉ

14. Naon pangaruhna pikiran nu rohani kana kahirupan urang?

14 Lamun pikiran urang luyu jeung pikiran Kristus, ieu bisa mangaruhan laku lampah urang di pagawéan atawa di sakola, cara ngomong urang, jeung cara nyieun putusan sapopoé. Putusan urang bakal némbongkeun yén urang hayang nyonto Kristus. Ku sabab boga pikiran nu rohani, urang moal ngalakukeun hal nu bisa ngaruksak hubungan urang jeung Yéhuwa. Urang gé bisa nampik godaan. Saacan nyieun putusan, urang bakal mikir heula, ’Prinsip Alkitab mana nu bisa ngabantu abdi? Mun Yésus jadi abdi, naon nu bakal dilampahkeun ku anjeunna? Putusan naon nu bakal nyukakeun Yéhuwa?’ Mikirkeun hal-hal ieu kudu dibiasakeun. Ayeuna, hayu urang bahas kaayaan nu bisa waé kaalaman. Dina unggal kaayaan, urang bakal mariksa prinsip Alkitab nu ngabantu urang nyieun putusan nu bijaksana.

15, 16. Kumaha cara pikir Yésus ngabantu urang nyieun putusan ngeunaan (a) milih batur hirup? (b) milih babaturan?

15 Milih batur hirup. Prinsipna aya di 2 Korinta 6:14, 15. (Baca.) Paulus ngajéntrékeun yén jalma nu rohani béda pisan pandanganana jeung jalma nu jasmani. Kumaha prinsip ieu bisa ngabantu Sadérék dina milih batur hirup?

16 Milih babaturan. Prinsipna aya di 1 Korinta 15:33. (Baca.) Jalma nu rohani embung jadi babaturan jalma nu bisa ngalemahkeun karohanianana. Pék lenyepan kumaha prinsip ieu bisa dilarapkeun dina sababaraha kaayaan. Contona, kumaha ieu bisa ngabantu Sadérék nyieun putusan ngeunaan sosial média? Kumaha ieu ogé ngabantu Sadérék mutuskeun naha rék ulin game online jeung jalma nu teu dikenal?

Naha putusan nu dijieun ngabantu abdi jadi jalma nu leuwih rohani? (Tingali paragrap 17)

17-19. Kumaha pikiran nu rohani ngabantu Sadérék pikeun (a) nyingkahan kagiatan nu taya mangpaatna? (b) boga cita-cita rohani? (c) ngaréngsékeun masalah?

17 Kagiatan nu bisa ngaruksak karohanian. Aya pépéling di Ibrani 6:1. (Baca.) ”Kalakuan nu taya mangpa’atna” nu kudu disingkahan nyaéta kagiatan nu moal nguatkeun karohanian urang. Pépéling ieu bisa ngabantu urang ngajawab pananya saperti: ’Naha kagiatan ieu téh aya mangpaatna atawa henteu? Naha abdi rék gabung jeung bisnis ieu? Naha abdi rék miluan organisasi nu boga tujuan pikeun ngarobah kaayaan dunya?’

Naha putusan nu dijieun ngabantu abdi jadi jalma nu boga cita-cita rohani? (Tingali paragrap 18)

18 Cita-cita rohani. Dina hutbahna di gunung, Yésus méré naséhat nu alus ngeunaan cita-cita. (Mat. 6:33) Jalma nu boga pikiran rohani miheulakeun Karajaan dina kahirupanana. Prinsip ieu bisa ngabantu urang ngajawab pananya saperti: ’Naha abdi rék kuliah sanggeus bérés sakola? Naha abdi rék narima pagawéan ieu?’

Naha putusan nu dijieun ngabantu abdi jadi jalma nu resep rukun jeung batur? (Tingali paragrap 19)

19 Masalah jeung dulur saiman. Naséhat Paulus ka urang Kristen di Rum bisa ngabantu urang. (Rum 12:18) Lamun urang nyonto Kristus, urang bakal ”neangan pijalaneun akur jeung saha bae”. Urang bakal kumaha lamun aya masalah jeung dulur saiman? Naha urang hésé narima pandangan batur? Atawa, naha urang dikenal sabagé jalma nu resep rukun?​—Yak. 3:18.

20. Naon alesan Sadérék hayang ngupayakeun kamajuan rohani?

20 Conto-conto ieu nunjukkeun yén prinsip Alkitab bisa ngabantu urang nyieun putusan nu luyu jeung bingbingan roh suci. Lamun pikiran urang rohani, kahirupan urang bakal bagja jeung sugema. Robert, nu tadi disebutkeun, ngomong, ”Sanggeus boga hubungan nu raket jeung Yéhuwa, abdi ngarasa jadi salaki jeung bapa nu leuwih hadé. Abdi ngarasa bagja jeung sugema.” Lamun satékah polah ngupayakeun kamajuan rohani, urang bisa ngarasakeun loba mangpaat. Ayeuna urang bisa leuwih bagja, jeung di mangsa kahareup gé bisa narima ”hirup sajati”.​—1 Tim. 6:19.