”Pangandika Allah . . . Umurna Langgeng”
”Jukut tangtu layu, kembang tangtu perang, tapi pangandika Allah urang mah umurna langgeng.”—YES. 40:8.
KAWIH: 116, 115
1, 2. (a) Bakal kumaha hirup urang lamun euweuh Alkitab? (b) Kumaha sangkan urang meunang mangpaat tina Firman Allah?
BAKAL kumaha hirup Sadérék lamun euweuh Alkitab? Moal aya bingbingan pikeun kahirupan Sadérék. Sadérék moal nyaho bebeneran ngeunaan Allah, kahirupan, atawa mangsa kahareup. Sadérék ogé moal nyaho naon nu dilakukeun ku Yéhuwa keur manusa baheula.
2 Untungna, kaayaanana teu siga kitu. Yéhuwa masihan urang Firman-Na, Alkitab. Mantenna jangji éta bakal aya salalanggengna. Rasul Pétrus nyutat Yesaya 40:8. Sanajan ayat ieu teu langsung ngabahas ngeunaan Alkitab, tapi bisa dilarapkeun kana eusi Alkitab. (Baca 1 Petrus 1:24, 25.) Urang bisa meunang loba mangpaat lamun maca Alkitab dina basa indung urang. Jalma-jalma nu nyaah ka Firman Allah ngarti kana hal ieu. Mangabad-abad, loba nu geus ngupayakeun pikeun narjamahkeun Alkitab jeung nyebarkeunana sanajan hésé jeung loba tangtangan. Yéhuwa hoyong beuki loba jalma ”salamet sarta daraek narima ka nu sayakti”.—1 Tim. 2:3, 4.
3. Naon nu bakal dibahas dina artikel ieu? (Tingali gambar dina awal artikel.)
3 Dina artikel ieu, urang bakal ngabahas kumaha Firman Allah bisa tetep langgeng sanajan aya (1) parobahan basa, (2) parobahan pulitik nu mangaruhan basa nu umum dipaké, jeung (3) tangtangan dina narjamahkeun Alkitab. Naon mangpaatna ngabahas hal ieu? Urang bakal beuki ngajénan Alkitab jeung Pangarangna.—Mika 4:2; Rum 15:4.
PAROBAHAN BASA
4. (a) Kumaha basa barobah dina lumangsungna waktu? (b) Ti mana urang nyaho yén Allah teu ngabéda-béda basa? Nyaho hal ieu, kumaha parasaan Sadérék?
4 Dina lumangsungna waktu, basa gé barobah. Aya kecap jeung ungkara nu geus robah hartina. Bisa jadi, dina basa Sunda aya contona. Kitu ogé jeung basa-basa nu heubeul. Basa Ibrani jeung Yunani nu dipaké kiwari béda pisan jeung nu dipaké dina Alkitab. Loba nu teu ngartieun, jadi kudu ditarjamahkeun. Aya nu mikir lamun diajar basa Ibrani jeung Yunani kuno, manéhna bakal leuwih paham kana Alkitab. Tapi, teu kitu kanyataanana. * (Tingali catetan handap.) Urang bungah sabab Alkitab jeung babagianana geus ditarjamahkeun ka ampir 3.000 basa. Yéhuwa miharep jalma-jalma ti ”unggal bangsa, suku bangsa, basa” meunang mangpaat ti Firman-Na. (Baca Wahyu 14:6.) Tangtu urang jadi leuwih raket jeung Allah nu welas asih tur teu ngabéda-béda jalma.—Ras. 10:34.
Urang bungah, Alkitab jeung babagianana geus ditarjamahkeun ka ampir 3.000 basa
5. Ku naon Alkitab King James Version téh penting?
5 Robahna basa ngarobah panarjamahan Alkitab. Tarjamahan nu asalna ngeunah dibaca, lila-lila jadi teu merenah deui. Contona, Alkitab King James Version nu mimiti dipedalkeun taun 1611. Harita, ieu téh tarjamahan nu paling dipikaresep. Malahan, kekecapan nu dipaké dina Alkitab ieu mangaruhan basa Inggris. * (Tingali catetan handap.) Tapi, nami Yéhuwa ngan muncul sababaraha kali di tarjamahan ieu. Dina Kitab Ibranina, kalolobaan nami Allah diganti ku gelar nu dina basa Sunda mah disebut ”PANGÉRAN” ku aksara gedé. Citakan nu ka dieunakeun maké kecap ”PANGÉRAN” di sababaraha ayat dina Kitab Yunanina. Ku kituna, Alkitab King James Version ogé ngaku yén nami Allah aya dina Perjangjian Anyar.
6. Ku naon urang bungah pisan miboga Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru?
6 Waktu mimiti dipedalkeun, Alkitab King James Version ngagunakeun kekecapan nu umum keur harita. Tapi dina lumangsungna waktu, sababaraha kecap geus tinggaleun jaman, jeung ayeuna mah teu dipikaharti. Ieu ogé kaalaman ku tarjamahan Alkitab dina basa séjén. Jadi, urang bungah pisan miboga Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru nu kekecapanna modéren. Tarjamahan ieu aya dina leuwih ti 150 basa boh lengkep boh sabagian. Jadi ayeuna, kalolobaan jalma di dunya bisa maca tarjamahan ieu dina basa indungna. Kekecapan nu modéren jeung jelas ngabantu Firman Allah bisa nanceb kana haté urang. (Jab. 119:97) Tapi nu pangutamana, nami Allah dimunculkeun deui dina Terjemahan Dunia Baru sakumaha mistina.
PAROBAHAN PULITIK
7, 8. (a) Ku naon loba urang Yahudi di abad katilu SM teu pati ngarti Kitab-Kitab Ibrani? (b) Naon Séptuaginta Yunani téh?
7 Sakapeung, parobahan pulitik ngarobah ogé basa nu dipaké ku masarakat. Tapi, Yéhuwa ngajamin yén jalma-jalma bisa maca Alkitab dina basa nu paling dipikaharti ku maranéhna. Misalna, 39 buku nu mimiti dina Alkitab ditulis ku urang Yahudi, atawa bangsa Israil, sabab ”urang Yahudi teh ku Allah dititipan pangandika-Na”. (Rum 3:1, 2) Mimitina, buku-buku ieu ditulis dina basa Ibrani jeung Aram. Tapi dina abad katilu SM, loba urang Yahudi teu ngarti deui kana basa Ibrani. Naon sababna? Aléksander Agung ngalegaan Impérium Yunani ku cara nalukkeun loba wilayah. Hasilna, basa Yunani jadi basa nu umum dipaké di wilayah kakawasaan Yunani. Jadi, loba jalma leuwih sering maké basa Yunani ti batan basa indungna. (Dan. 8:5-7, 20, 21) Loba urang Yahudi gé kitu, jadi maranéhna teu pati ngarti Alkitab basa Ibrani. Naon jalan kaluarna?
8 Kira-kira 250 taun saacan Yésus lahir, lima buku nu mimiti dina Alkitab ditarjamahkeun ka basa Yunani. Tuluy, Kitab-Kitab Ibrani sésana ditarjamahkeun. Ahirna, sakabéh Kitab-Kitab Ibrani ditarjamahkeun ka basa Yunani. Tarjamahan nu mimiti ieu disebut Séptuaginta Yunani.
9. (a) Kumaha Séptuaginta jeung tarjamahan mimiti séjénna ngabantu jalma-jalma? (b) Ayat mana nu paling dipikaresep ku Sadérék tina Kitab-Kitab Ibrani?
9 Ku lantaran aya Séptuaginta, urang Yahudi nu ngomong basa Yunani bisa ngarti Kitab-Kitab Ibrani dina basa Yunani. Kacipta bungahna maranéhna bisa ngadéngé jeung maca Firman Allah dina basa nu dipikaharti! Ahirna, sababaraha bagian Alkitab ditarjamahkeun ka basa-basa nu umum dipaké, saperti Jabur 119:162-165.) Jelas, Firman Allah bisa tetep langgeng sanajan aya parobahan pulitik jeung basa nu umum dipaké.
Siria, Gotik, jeung Latin. Hasilna, loba jalma jadi nyaah ka Alkitab sabab bisa maca jeung ngarti Firman Allah. Siga urang ayeuna, maranéhna ogé boga ayat-ayat nu dipikaresep. (BacaTANGTANGAN DINA NARJAMAHKEUN ALKITAB
10. Di jaman John Wycliffe, naon sababna kalolobaan jalma teu bisa maca Alkitab?
10 Geus mangtaun-taun, loba pangawasa ngahalangan masarakat maca Alkitab. Tapi, jalma nu nyaah ka Allah terus ngupayakeun sangkan Alkitab tetap aya keur kabéh jalma. Salah sahijina téh John Wycliffe, nu hirup di Inggris di abad ka-14. Manéhna yakin yén kabéh jalma kudu bisa maca Alkitab. Harita, kalolobaan urang Inggris tara ngadéngé eusi Alkitab dina basa indungna. Alkitab kacida mahalna lantaran ditulis leungeun. Ngan saeutik jalma nu boga Alkitab. Kalolobaanna mah teu bisa maca. Di garéja gé ayat Alkitab dibacakeun dina basa Latin, tapi éta téh basa nu tinggaleun jaman jeung teu dipikaharti ku rahayat biasa. Kumaha carana Yéhuwa nyadiakeun Alkitab keur sakabéh jalma dina basa indungna?—Sil. 2:1-5.
11. Naon pangaruh Alkitab Wycliffe ka jalma-jalma?
11 Dina taun 1382, John Wycliffe jeung babaturanana narjamahkeun Alkitab ka basa Inggris. Tarjamahan ieu kasohor di kalangan kaom Lollard, nu ngadukung Wycliffe. Maranéhna nyaah ka Alkitab. Kaom Lollard osok leumpang nganjangan désa-désa di Inggris pikeun macakeun Alkitab tur ngabagikeun salinan bagian Alkitab nu ditulis leungeun. Upaya maranéhna ngahudang minat loba jalma kana Alkitab.
12. Kumaha parasaan para pamingpin agama ka Wycliffe jeung karyana?
12 Para pamingpin agama ngéwa pisan ka Wycliffe, Alkitabna, jeung ka kaom Lollard. Maranéhna nganiaya kaom Lollard jeung ngamusnakeun Alkitab Wycliffe nu kapanggih. Sanajan Wycliffe geus maot, pamingpin
agama ngumumkeun yén Wycliffe téh jalma murtad, atawa musuhna Garéja. Tulang-tulang Wycliffe digali, diduruk, terus lebuna dipiceun ka Walungan Swift. Tapi, beuki loba jalma nu hayang maca jeung ngarti Alkitab, Garéja teu bisa ngahalangan. Ratusan taun sanggeusna, jalma-jalma di Eropa jeung nagri séjén mulai narjamahkeun jeung nyitak Alkitab dina basa nu dipikaharti ku loba jalma.’NU NGAWURUKAN KEUR KAPENTINGAN MARANEH’
13. Urang yakin kana hal naon? Kumaha ieu bisa nguatkeun iman urang?
13 Sanajan Alkitab diilhamkeun ku Allah, lain hartina Alkitab Séptuaginta, Alkitab Wycliffe, King James Version, jeung tarjamahan séjénna téh diilhamkeun langsung ku Allah. Tapi, waktu urang ngalenyepan kumaha tarjamahan ieu dijieun, kabukti yén Yéhuwa nedunan jangji-Na sangkan Firman-Na langgeng. Tangtu, ieu nguatkeun iman urang yén sagala jangji Yéhuwa bakal kawujud.—Yos. 23:14.
14. Kumaha Firman Allah bisa nguatkeun kanyaah urang ka Mantenna?
14 Waktu urang diajar kumaha Yéhuwa nyalindungan Firman-Na, iman urang beuki kuat sarta urang beuki nyaah ka Mantenna. * (Tingali catetan handap.) Jadi, ku naon Yéhuwa nyadiakeun Alkitab sarta jangji bakal nyalindunganana? Lantaran Mantenna nyaah jeung hoyong ngajarkeun hal-hal nu mangpaat. (Baca Yesaya 48:17, 18.) Tangtu, ieu ngageuing urang pikeun nyaah jeung taat ka Mantenna.—1 Yoh. 4:19; 5:3.
15. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?
15 Urang nyaah pisan ka Firman Allah. Tapi, kumaha urang sorangan bisa meunang loba mangpaat waktu maca Alkitab? Dina pangwawaran, kumaha carana urang bisa mantuan jalma-jalma sangkan ngajénan Alkitab? Kumaha nu ngajar di pasamoan bisa mastikeun lamun pangajaranana tina Alkitab? Ieu bakal dibahas dina artikel saterusna.
^ par. 4 Tingali artikel ”Perlukah Kita Belajar Bahasa Ibrani dan Yunani?” di Menara Pengawal 1 Nopémber 2009.
^ par. 5 Loba ungkara basa Inggris nu kasohor asalna tina Alkitab King James Version.
^ par. 14 Tingali kotak ” Mangga Tingali!”