Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pék Conto Sipat Karunya Yéhuwa

Pék Conto Sipat Karunya Yéhuwa

Kami PANGERAN, nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya.”​—BUD. 34:6.

KAWIH: 142, 12

1. Kumaha Yéhuwa ngungkabkeun diri-Na ka Musa? Ku naon ieu téh penting?

DINA hiji kajadian, Yéhuwa ngungkabkeun diri-Na ka Musa ku cara masihan terang nami-Na jeung sababaraha sipat-Na. Yéhuwa bisa waé nonjolkeun kawasa jeung hikmat-Na, tapi Mantenna malah nyebutkeun sipat welas jeung karunya-Na. (Baca Budalan 34:5-7.) Yéhuwa nonjolkeun sipat-sipat éta pikeun ngayakinkeun Musa yén Mantenna bakal ngadukung manéhna. (Bud. 33:13) Sanggeus nyaho Yéhuwa hoyong mantuan hamba-hamba-Na, kumaha parasaan Sadérék? Artikel ieu bakal ngabahas sipat karunya, nyaéta rasrasan kana kasangsaraan batur sarta kahayang pikeun nulungan maranéhna.

2, 3. (a) Wajar lamun manusa boga sipat karunya. Sebutkeun contona. (b) Ku naon urang perlu diajar leuwih jero ngeunaan sipat karunya?

2 Yéhuwa téh karunyaan. Lantaran manusa diciptakeun nyeplés jeung Mantenna, wajar lamun manusa perhatian ka batur. Malah, jalma nu can wanoh ka Yéhuwa gé bisa karunyaan. (Kaj. 1:27) Dina Alkitab, aya loba jalma nu karunyaan. Contona, waktu Suléman hayang mastikeun saha indung ti hiji orok, manéhna nitah sangkan éta orok dibeulah dua. Indung benerna karunyaeun, jadi manéhna nyuhunkeun ka raja sangkan méré éta orok ka awéwé nu hiji deui. (1 Rja. 3:23-27) Conto séjénna nyaéta putrina Piraon. Basa ningali Musa nu orok kénéh, manéhna nyaho yén éta orok téh urang Ibrani nu sakuduna mah dipaéhan. Tapi, ”putri ngahelas” tur mutuskeun pikeun ngukut éta orok jadi putrana.​—Bud. 2:5, 6.

3 Ku naon urang perlu diajar leuwih jero ngeunaan sipat karunya? Lantaran Yéhuwa hoyong urang nulad ka Mantenna. (Epe. 5:1) Sanajan diciptakeun boga sipat karunya, urang masih teu sampurna jeung condong mentingkeun diri. Sakapeung, urang sok hésé basa rék milih nulungan batur atawa rék ngurus kapentingan sorangan baé. Kumaha sangkan urang bisa leuwih perhatian ka batur? Kahiji, hayu urang tingali kumaha Yéhuwa jeung hamba Allah séjénna némbongkeun sipat ieu. Kadua, hayu urang tingali carana nyonto sipat karunya Mantenna sarta mangpaatna keur urang.

YÉHUWA JADI TULADAN NU SAMPURNA

4. (a) Ku naon Yéhuwa ngutus malaikat ka Sadumu? (b) Urang bisa diajar naon tina pangalaman kulawarga Elut?

4 Dina Alkitab, aya loba conto yén Yéhuwa téh karunyaan. Misalna, pikirkeun kumaha Mantenna nulungan Elut. Elut téh jalma soléh nu ”ngerik ningali kadorakaan” urang Sadumu jeung Gomora. Maranéhna teu ngajénan Allah, jadi Yéhuwa mutuskeun rék ngabinasakeun maranéhna. (2 Pet. 2:7, 8) Yéhuwa ngutus malaikat pikeun ngélingan Elut sangkan geura kabur sabab dua kota éta rék diancurkeun. Ceuk Alkitab, ”Elut kaleked pisan, tungtungna anjeunna saputra garwa dikekenyang dicandak kaluar ti jero nagara, bawaning ku watir-watirna PANGERAN ka anjeunna. Sanggeus aya di luareun nagara, terus ditilar.” (Kaj. 19:16) Sakumaha Yéhuwa paham kana kaayaan Elut, Mantenna gé paham kana kasusahan naon waé nu kaalaman ku urang.​—Yes. 63:7-9; Yak. 5:11; 2 Pet. 2:9.

Yéhuwa paham kana kasusahan naon waé nu kaalaman ku urang

5. Kumaha urang diajar némbongkeun sipat karunya tina Firman Allah?

5 Yéhuwa ogé ngajar umat-Na sangkan karunyaan. Ieu katingali tina hukum nu dibikeun ka bangsa Israil. Lamun hiji jalma ngagadékeun bajuna, nu méré nginjeum duit kudu mulangkeun éta baju saméméh surup panonpoé. (Baca Budalan 22:26, 27.) Ieu téh sangkan jalma éta teu katirisan sapeupeuting. Jalma nu teu karunyaan mah moal daék mulangkeun bajuna. Tapi, Yéhuwa ngajar umat-Na pikeun karunyaan. Naon prinsip nu aya dina hukum ieu? Lamun urang sanggup, geura tulungan dulur saiman nu keur butuh bantuan.​—Kol. 3:12; Yak. 2:15, 16; baca 1 Yohanes 3:17.

6. Urang bisa diajar naon ti Yéhuwa nu karunyaan ka bangsa Israil nu dosa?

6 Sanajan Israil geus dosa, Yéhuwa tetep karunyaan ka maranéhna. Alkitab nyebutkeun, ”Ari PANGERAN, Allah karuhunna masih keneh ngutus nabi-nabi sina ngageuing umat-Na, reh hoyong nyalametkeun ka maranehna kitu deui ka Bait Allah.” (2 Bab. 36:15) Urang ogé kudu karunyaan ka jalma nu can wanoh ka Yéhuwa tapi hayang tobat jeung ngaraket ka Yéhuwa. Mantenna teu hoyong aya nu binasa saurang-urang acan dina Armagédon. (2 Pet. 3:9) Jadi ayeuna, urang hayang ngagunakeun waktu pikeun mépélingan jalma-jalma sangkan dipikarunya ku Allah.

7, 8. Ku naon hiji kulawarga yakin geus dipikawelas ku Yéhuwa?

7 Kiwari, loba umat Allah nu geus ngarasakeun sipat karunya Mantenna. Contona dina taun 1990-an di Bosnia, aya loba sélér nu pagétréng jeung silih paéhan. Aya hiji budak nu umurna 12 taun, sebut wé Milan. Manéhna cicing di ditu jeung kulawargana. Milan, adina, kolotna, jeung Saksi séjénna indit maké bis ti Bosnia ka Serbia. Maranéhna rék indit ka kongrés sabab kolotna Milan rék dibaptis. Di wates nagri, sababaraha prajurit ningali ieu kulawarga téh béda sélérna, jadi maranéhna dititah kaluar bis. Nu sésana dititah indit. Kulawarga ieu ditahan salila dua poé. Ahirna, patugas nanya ka komandanna rék dikumahakeun ieu kulawarga téh. Kulawarga éta aya di dinya basa komandanna ngomong, ”Bawa indit ti dieu jeung témbak maranéhna!”

8 Basa para prajurit keur badami, dua jalma torojol nyampeurkeun éta kulawarga. Bari ngaharéwos, maranéhna ngomong yén maranéhna téh Saksi ogé, sarta nyaritakeun yén dulur saiman di bis geus ngabéjaan naon nu kajadian. Dua Saksi éta méré nyaho sangkan Milan jeung adina asup ka mobil pikeun meuntasan wates nagri sabab para prajurit moal mariksa dokumén barudak. Tuluy dua sadérék éta ngabéjaan sangkan kolot Milan leumpang ka tukangeun pos jaga, engké bakal panggih jeung maranéhna di ditu. Sakitu sieunna Milan nepi ka bingung rék bungah atawa sedih. Kolotna bingbang, ”Naha enya urang bakal diantep indit?” Basa maranéhna leumpang, para prajurit siga nu teu ningalieun. Milan, adina, jeung kolotna papanggih deui di luar wates nagri, tuluy arindit ka kongrés. Maranéhna yakin ieu jawaban doa ti Yéhuwa! Tina Alkitab, urang apal yén Yéhuwa teu salawasna nyalindungan umat-Na cara kitu. (Ras. 7:58-60) Tapi, keur Milan, ”Abdi siga ditulungan ku malaikat nu nutupan panon para prajurit. Abdi ngarasa disalametkeun ku Yéhuwa.”​—Jab. 97:10.

Saperti Yésus, naha Sadérék hayang pisan mantuan jeung ngajar loba jalma ngeunaan Yéhuwa?

9. Kumaha parasaan Yésus basa ningali jalma-jalma nu nuturkeun anjeunna? (Tingali gambar dina awal artikel.)

9 Yésus tuladan sampurna dina némbongkeun sipat karunya. Anjeunna karunya ka ”jelema-jelema anu pinuh ku kabingung jeung katalimbeng lir domba nu taya pangangonna”. Jadi, naon nu dilampahkeun ku anjeunna? ”Prak bae ku Anjeunna diwulang rupa-rupa hal.” (Mat. 9:36; baca Markus 6:34.) Sabalikna, urang Parisi teu karunyaeun jeung teu daékeun nulungan jalma-jalma. (Mat. 12:9-14; 23:4; Yoh. 7:49) Saperti Yésus, naha Sadérék hayang pisan mantuan jeung ngajar loba jalma ngeunaan Yéhuwa?

10, 11. Naha urang kudu teterusan karunyaan ka batur? Jelaskeun.

10 Ieu lain hartina urang kudu teterusan karunyaan. Contona, Raja Saul bisa waé ngarasa dirina téh karunyaan waktu teu maéhan Agag, raja urang Amalék nu ngamusuhan umat Allah. Saul ogé teu ngamusnakeun sasatoan urang Amalék. Padahal, Yéhuwa geus maréntahkeun Saul pikeun maéhan kabéh urang Amalék jeung sasatoanana. Lantaran teu taat, Saul ditolak ku Yéhuwa, moal jadi raja deui. (1 Sam. 15:3, 9, 15) Yéhuwa téh Hakim nu adil. Mantenna bisa maca haté manusa jeung terang iraha kudu némbongkeun sipat karunya. (Tangis 2:17; Yeh. 5:11) Moal lila deui, Mantenna bakal ngahakiman kabéh nu teu daék taat ka Mantenna. (2 Tes. 1:6-10) Harita, Yéhuwa moal bakal karunyaan ka jalma nu jahat. Dimusnakeunana jalma jahat némbongkeun yén Yéhuwa karunyaan ka jalma bener, nu bakal disalametkeun.

11 Tangtu, lain tugas urang pikeun mutuskeun saha nu pantes hirup atawa paéh. Tapi, urang kudu satékah polah dina ngabantu jalma-jalma. Naon waé carana urang bisa némbongkeun sipat karunya ka batur? Mangga tingali sababaraha saran ieu.

CARANA NÉMBONGKEUN SIPAT KARUNYA

12. Kumaha Sadérék bisa karunyaan dina kahirupan sapopoé?

12 Resep nulungan batur dina kahirupan sapopoé. Yéhuwa maréntahkeun urang Kristen sangkan karunyaan ka sasama jeung ka dulur saiman. (Yoh. 13:34, 35; 1 Pet. 3:8) Karunyaan ogé ngahartikeun daék ”sangsara babarengan”. Jalma nu karunyaan kageuing pikeun nulungan batur nu keur susah. Jadi, urang kudu néangan kasempetan pikeun nulungan batur, misalna nawarkeun rék mersihan imahna atawa balanja.​—Mat. 7:12.

Témbongkeun sipat karunya ku cara nulungan batur (Tingali paragrap 12)

13. Naon nu dilakukeun ku umat Allah lamun aya musibat?

13 Ngadukung bantuan kamanusaan. Tangtu urang karunya ka jalma-jalma nu keuna musibat jeung hayang nulungan maranéhna. Saksi Yéhuwa kasohor dina hal ieu. (1 Pet. 2:17) Contona, saurang sadérék istri di Jepang cicing di daérah nu ruksak ku lini jeung tsunami taun 2011. Manéhna ngarasa ”dikuatkeun jeung dililipur” waktu ningali sukarélawan daratang ti sababaraha daérah di Jepang jeung ti luar nagri pikeun ngoméan imah-imah jeung Balé Karajaan. Manéhna nyarita, ”Tina kajadian ieu, abdi sadar yén Yéhuwa téh nyaah, para Saksi silih pikanyaah, sarta loba sadérék di sakuliah dunya gé ngadoakeun abdi sadaya.”

14. Kumaha Sadérék bisa mantuan nu gering jeung nu geus kolot?

14 Mantuan nu gering jeung nu geus kolot. Urang karunya ka jalma nu susah lantaran gering jeung geus kolot. Urang ngadago-dago ahir tina ieu masalah sarta ngadoakeun Karajaan Allah geura datang. Tapi ayeuna, urang hayang sabisa-bisa mantuan maranéhna. Saurang pangarang buku nulis yén hiji poé, indungna nu keuna panyakit Alzheimer, ngotoran bajuna. Basa keur mersihan bajuna, aya nu ngabél imahna. Dua Saksi nu osok nganjangan geus datang. Maranéhna nawarkeun bantuan. Ceuk éta ibu, ”Aduh, punten nya ngarépotkeun.” Jadi, dua sadérék éta mantuan mersihan bajuna. Tuluy maranéhna mangnyieunkeun ci entéh sarta ngobrol jeung éta ibu. Putrana nganuhunkeun pisan jeung ngomong yén Saksi Yéhuwa ”ngalampahkeun pangajaranana”. Naha sipat karunya ngageuing Sadérék pikeun sabisa-bisa mantuan nu gering jeung nu geus kolot?​—Pil. 2:3, 4.

15. Naon mangpaat kagiatan pangwawaran urang keur batur?

15 Mantuan jalma-jalma wanoh ka Yéhuwa. Cara panghadéna nyaéta ngajar maranéhna ngeunaan Allah jeung Karajaan-Na. Sarta bantu maranéhna paham yén taat ka papakon Yéhuwa téh mawa mangpaat. (Yes. 48:17, 18) Kagiatan pangwawaran téh cara pikeun ngamulyakeun Yéhuwa jeung némbongkeun sipat karunya ka batur. Naha Sadérék bisa ningkatkeun upaya dina ngawawar?​—1 Tim. 2:3, 4.

SADÉRÉK OGÉ BISA MEUNANG MANGPAAT!

16. Naon mangpaatna lamun urang karunyaan?

16 Para ahli kaséhatan méntal ngomong yén karunyaan téh alus keur kaséhatan sarta hubungan urang jeung batur. Waktu mantuan nu keur susah, Sadérék bakal leuwih bagja, leuwih sumanget, loba batur, jeung leuwih positif. Karunyaan alus keur Sadérék. (Epe. 4:31, 32) Lamun kanyaah ngageuing urang pikeun mantuan batur, urang bakal boga haté sanubari nu bersih lantaran geus ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa. Sipat karunya bakal ngabantu urang jadi indung bapa, batur hirup, jeung sobat nu leuwih hadé. Jalma nu karunyaan bakal dipikarunya ogé ku batur.​—Baca Mateus 5:7; Lukas 6:38.

17. Ku naon Sadérék hayang jadi jalma nu karunyaan?

17 Sanajan karunyaan loba mangpaatna, alesan utama urang némbongkeun sipat ieu téh lantaran hayang nulad ka Yéhuwa jeung ngamulyakeun Mantenna. Yéhuwa sumber kanyaah jeung sipat karunya. (Sil. 14:31) Mantenna tuladan sampurna keur urang. Jadi, hayu urang satékah polah nyonto Mantenna dina némbongkeun sipat karunya. Hasilna, urang bakal leuwih raket jeung dulur saiman sarta hirup rukun jeung sasama.​—Gal. 6:10; 1 Yoh. 4:16.