Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Sing Kuat Haté, Geura Prung Digawé

Sing Kuat Haté, Geura Prung Digawé

”Sing pangger, sing junun. Geura prung pigawe, ulah digontot-gontot. GUSTI Allah . . .tan wande nyarengan ka hidep.”​—1 BAB. 28:20.

KAWIH: 6029

1, 2. (a) Suléman narima tugas penting naon? (b) Ku naon Daud melang ka Suléman?

SULÉMAN boga tugas nu istiméwa. Manéhna dipilih Yéhuwa pikeun ngawangun bait di Yérusalém. Éta téh proyék pangwangunan nu pangpentingna! Bait éta ”kudu aheng” jeung kamashur kaéndahanana. Nu utamana, éta bakal jadi ”Bait GUSTI Allah”.​—1 Bab. 22:1, 5, 9-11.

2 Sanajan Raja Daud yakin yén Allah bakal ngabantu Suléman, Suléman téh ”budak keneh jeung can aya kanyahona”. Naha manéhna daék narima tugas ieu, atawa teu daékeun lantaran ngarasa ngora kénéh jeung teu boga pangalaman? Sangkan hasil, Suléman kudu kuat haté jeung prung digawé.

3. Suléman diajar naon ti bapana?

3 Tangtu, Suléman diajar kuat haté ti Daud, bapana. Basa ngora kénéh, Daud wani maéhan sato-sato galak nu ngagusur domba bapana. (1 Sam. 17:34, 35) Manéhna ogé wani ngalawan prajurit raksasa nu kuat jeung pikasieuneun, Goliat. Ku bantuan Allah jeung batu lésang, Goliat bisa diéléhkeun.​—1 Sam. 17:45, 49, 50.

4. Ku naon Suléman kudu kuat haté?

4 Jadi, Daud téh cocog pisan ngajurung Suléman sangkan pangger atawa kuat haté dina ngawangun bait. (Baca 1 Babad 28:20.) Lamun Suléman teu kuat haté, manéhna bisa kuméok méméh dipacok, atawa kaéléhkeun ku kasieun jeung teu ngamimitian proyék. Éta téh leuwih parah ti batan gagal ngalaksanakeunana.

Urang butuh bantuan Yéhuwa sangkan kuat haté dina ngajalankeun tugas ti Mantenna

5. Ku naon urang kudu kuat haté?

5 Siga Suléman, urang butuh bantuan Yéhuwa sangkan kuat haté dina ngajalankeun tugas ti Mantenna. Jadi, hayu urang bahas conto jalma-jalma nu kuat haté di jaman baheula. Terus, urang bisa ngalenyepan kumaha urang ogé bisa kuat haté dina ngaréngsékeun tugas urang.

CONTO JALMA-JALMA NU KUAT HATÉ

6. Ti conto Yusup, naon nu matak Sadérék kataji?

6 Yusup nolak gogoda pikeun ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikan Potipar. Tangtu manéhna nyaho yén manéhna bisa cilaka lamun nolak éta gogoda. Tapi ti batan nyerah, manéhna tetep kuat haté jeung langsung nolak éta gogoda.​—Kaj. 39:10, 12.

7. Naon buktina Rahab téh kuat haté? (Tingali gambar dina awal artikel.)

7 Rahab ogé kuat haté. Basa mata-mata Israil datang ka imahna di Yériho, bisa waé Rahab sieun nulungan maranéhna. Tapi, manéhna iman ka Yéhuwa, jadi manéhna nyumputkeun dua lalaki éta jeung ngabantuan sangkan maranéhna bisa kabur. (Yos. 2:4-6, 9, 12-16) Rahab yakin Yéhuwa téh Allah nu sajati, jeung percaya yén Mantenna bakal nyérénkeun éta nagri ka bangsa Israil. Manéhna teu diéléhkeun ku kasieun ka manusa, kaasup ka raja Yériho jeung baladna. Sabalikna, manéhna wani nyieun tindakan, jadi manéhna tur kulawargana bisa salamet.​—Yos. 6:22, 23.

8. Kumaha para rasul nyonto Yésus?

8 Conto alus séjénna nyaéta rasul-rasul Yésus nu satia. Maranéhna geus ningali yén Yésus téh teu sieunan, jeung nyonto ka anjeunna. (Mat. 8:28-32; Yoh. 2:13-17; 18:3-5) Waktu golongan Saduki nyaram maranéhna ngawawar ngeunaan Yésus, para rasul teu daékeun.​—Ras. 5:17, 18, 27-29.

9. Numutkeun 2 Timoteus 1:7, kumaha urang bisa kuat haté?

9 Yusup, Rahab, Yésus, jeung para rasul boga tékad pikeun ngalampahkeun nu bener. Maranéhna kuat haté lain lantaran ngandelkeun kamampuh sorangan, tapi lantaran ngandelkeun Yéhuwa. Basa butuh kakuatan haté, urang gé kudu ngandel ka Yéhuwa, ulah ka diri sorangan. (Baca 2 Timoteus 1:7.) Hayu urang bahas kumaha urang perlu kuat haté di kulawarga jeung di sidang.

KAAYAAN NU NGABUTUHKEUN KAKUATAN HATÉ

10. Ku naon budak ngora perlu kuat haté?

10 Budak ngora perlu kuat haté dina loba kaayaan sangkan bisa ngawula Yéhuwa. Maranéhna bisa nyonto tuladan Suléman nu kuat haté basa mutuskeun pikeun ngaréngsékeun pangwangunan bait. Sanajan budak ngora bisa jeung kudu dibingbing ku kolotna, maranéhna tetep kudu nyieun sorangan putusan nu penting. (Sil. 27:11) Maranéhna kudu kuat haté basa mutuskeun saha sobatna, naon hiburanna, kumaha ngajaga kabersihan moral, jeung iraha rék dibaptis. Maranéhna perlu kuat haté lantaran kudu ngalawan kahayang Sétan, nu nyela Allah.

11, 12. (a) Naon buktina Musa téh kuat haté? (b) Kumaha budak ngora bisa nyonto Musa?

11 Hiji putusan penting nu kudu dijieun téh nyaéta nangtukeun cita-cita nu rék dihontal. Di sababaraha nagri, budak ngora dijurung pikeun sakola saluhur-luhurna jeung néangan gawé nu gedé gajihna. Di nagri séjén, néangan duit téh hésé pisan, jadi barudak ngora ngarasa kudu digawé pikeun nganapkahan kolotna sarta kulawargana sorangan. Teu sual kaayaanana, pék lenyepan conto Musa. Manéhna digedékeun ku putri Piraon, jadi bisa waé manéhna boga cita-cita hayang beunghar atawa kasohor. Tangtu aya loba pangaruh ti kulawarga Piraon jeung guru-guruna di Mesir! Tapi, Musa tetep kuat haté jeung milih mihak umat Allah. Sanggeus ninggalkeun Mesir jeung sagala harta bandana, manéhna pengkuh ngandel ka Yéhuwa. (Ibr. 11:24-26) Hasilna, Yéhuwa ngaberkahan manéhna harita jeung bakal masihan leuwih loba berkah di mangsa kahareup.

12 Lamun budak ngora nyieun cita-cita pikeun ngawula Yéhuwa jeung miheulakeun Karajaan Allah, maranéhna bakal diberkahan. Mantenna bakal mantuan basa manéhna kudu nyumponan pangabutuh kulawargana. Di abad kahiji, Timoteus ngawula Yéhuwa ti ngongora, anjeun gé bisa. * (Tingali catetan handap.)—Baca Pilipi 2:19-22.

Naha Sadérék tékad pikeun tetep kuat haté dina sagala kaayaan? (Tingali paragrap 13-17)

13. Ku naon saurang sadérék istri perlu kuat haté dina ngahontal cita-citana?

13 Saurang sadérék istri di Alabama, AS, perlu kuat haté dina nangtukeun cita-cita rohanina. Manéhna nulis, ”Ti leuleutik, abdi téh éraan. Abdi jarang ngobrol jeung batur di sidang, komo deui ngetok imah batur nu teu dikenal.” Ku bantuan kolotna sarta sadérék-sadérék di sidang, manéhna bisa ngahontal cita-citana jadi panaratas biasa. Ceuk manéhna, ”Dunya Sétan ngagul-ngagulkeun cita-cita pikeun sakola luhur, kasohor, loba duit, jeung loba harta banda.” Tapi, manéhna sadar yén éta téh moal kahontal ku kalolobaan jalma, nu aya kalah ka strés jeung kanyeri. Ceuk manéhna deui, ”Tapi, ngawula Yéhuwa mah mawa loba kabagjaan jeung kasugemaan.”

14. Dina kaayaan naon kolot Saksi kudu kuat haté?

14 Kolot Saksi gé perlu kuat haté. Contona, dunungan bisa waé ménta Sadérék ngalembur, padahal éta waktu pikeun ibadah kulawarga, dines, jeung masamoan. Sadérék kudu kuat haté sangkan bisa nolak jeung jadi tuladan keur barudak Sadérék. Atawa, bisa waé aya kolot di sidang nu ngantep barudakna ngalampahkeun hal nu dicaram ku Sadérék. Waktu aya nu nanyakeun alesanana, naha Sadérék bisa kuat haté jeung bijaksana ngajelaskeunana?

15. Kumaha Jabur 37:25 jeung Ibrani 13:5 bisa mantuan kolot?

15 Urang kudu kuat haté sangkan bisa mantuan budak urang pikeun nangtukeun jeung ngahontal cita-cita rohani. Aya kolot nu sieun ngajurung budakna pikeun naratas, ngawula di tempat nu leuwih ngabutuhkeun, ngawula di Bétel, atawa ngabantu pangwangunan Balé Karajaan jeung Balé Kongrés. Bisa jadi kolotna hariwang yén engkéna éta budak moal bisa ngurus maranéhna jeung ngurus diri sorangan. Tapi, indung bapa nu bijaksana bakal kuat haté jeung iman ka jangji Yéhuwa. (Baca Jabur 37:25; Ibrani 13:5.) Kolot nu kuat haté jeung ngandel ka Yéhuwa jadi tuladan keur budakna.​—1 Sam. 1:27, 28; 2 Tim. 3:14, 15.

16. Naon nu dilampahkeun ku sababaraha kolot pikeun mantuan budakna nangtukeun cita-cita rohani, sarta naon mangpaat keur budakna?

16 Sapasang salaki pamajikan di Amerika Serikat ngajurung budakna pikeun ngudag cita-cita rohani. Salakina ngomong, ”Saacan barudak bisa leumpang jeung ngomong, abdi duaan geus nyaritakeun suka bungahna naratas jeung ngawula di sidang. Ayeuna, éta cita-cita maranéhna.” Manéhna ogé nyarita yén lantaran barudakna nangtukeun jeung ngahontal cita-cita éta, barudakna bisa ngalawan gogoda dunya Sétan sarta terus ngawula Yéhuwa. Saurang sadérék nu boga dua anak nyarita, ”Loba indung bapa nu ngorbankeun loba upaya jeung harta banda sangkan barudakna bisa ngahontal cita-cita di bidang olahraga, hiburan, jeung pendidikan. Tapi, leuwih bijaksana lamun upaya jeung harta banda dikorbankeun pikeun ngarojong barudak ngahontal cita-cita nu kamanah ku Yéhuwa. Abdi sugema pisan lantaran bisa ningali jeung ngarojong upaya barudak ngahontal cita-cita rohanina.” Urang bisa yakin yén kolot nu ngajurung budakna pikeun nangtukeun jeung ngahontal cita-cita rohani, kamanah ku Allah.

KUAT HATÉ DI SIDANG

17. Sebutkeun conto-conto urang bisa kuat haté di sidang.

17 Urang ogé kudu kuat haté di sidang. Misalna, kokolot kudu kuat haté waktu ngurus masalah dosa gedé di sidang atawa waktu kudu mantuan sadérék nu nyawana kaancam lantaran gering atawa cilaka. Aya kokolot séjén nu kudu ngajar atawa mandu pasamoan di panjara. Kumaha jeung sadérék istri nu léngoh kénéh? Maranéhna bisa kabukti kuat haté dina ngawula Yéhuwa ku cara naratas, pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun, ngarojong program Rancang/Bangun Setempat, sarta ngalamar pikeun miluan Sakola kanggo Pawarta Injil Karajaan. Malahan aya nu diondang ka Sakola Giléad.

18. Kumaha sadérék istri nu geus karolot kabukti kuat haté?

18 Urang nyaah sarta ngajénan sadérék istri nu geus karolot di sidang. Sanajan pangawulaan maranéhna teu siga baheula, maranéhna bisa tetep kuat haté jeung sumanget digawé. (Baca Titus 2:3-5.) Contona, saurang sadérék istri nu geus kolot kudu kuat haté waktu kokolot sidang ménta manéhna mapatahan sadérék istri nu leuwih ngora ngeunaan papakéan nu pantes. Tangtu manéhna moal langsung nyarékan, tapi ku cara nu lembut, manéhna bakal ngabantu sadérék istri nu leuwih ngora éta sangkan paham yén pilihanana bisa mangaruhan batur. (1 Tim. 2:9, 10) Lamun sadérék istri nu geus karolot némbongkeun kanyaah sarupa kitu, sidang jadi leuwih kuat.

19. (a) Kumaha priya-priya nu geus dibaptis bisa kuat haté? (b) Kumaha Pilipi 2:13 jeung Yesaya 12:2 bisa mantuan maranéhna jadi kuat haté?

19 Priya-priya nu geus dibaptis ogé kudu kuat haté jeung prung digawé. Sidang bisa meunang loba mangpaat lamun maranéhna réla ngawula salaku palayan sidang jeung kokolot sidang. (1 Tim. 3:1) Tapi, aya nu asa-asa. Bisa jadi lantaran pernah ngalakukeun dosa, maranéhna ngarasa teu layak jadi palayan sidang atawa kokolot. Aya ogé sadérék nu ngarasa teu boga kabisa pikeun ngawula. Lamun éta kaalaman ku Sadérék, Yéhuwa bisa nyieun Sadérék jadi kuat haté. (Baca Pilipi 2:13; Yesaya 12:2.) Inget tuladan Musa. Manéhna ogé ngarasa teu sanggup ngalampahkeun tugas ti Yéhuwa. (Bud. 3:11) Tapi, Yéhuwa mantuan manéhna pikeun kuat haté jeung ngaréngsékeun tugasna. Kumaha priya-priya nu geus dibaptis gé bisa kuat haté? Ku cara nyuhunkeun bantuan ti Yéhuwa jeung maca Alkitab unggal poé. Manéhna bisa ngalenyepan conto jalma-jalma nu kuat haté dina Alkitab. Kalawan rendah haté, manéhna bisa nawarkeun bantuan ka kokolot sidang sarta ménta dilatih ku maranéhna. Organisasi ngajurung sadérék-sadérék pikeun kuat haté jeung getol digawé di sidang!

”ALLAH . . . NYARENGAN KA HIDEP”

20, 21. (a) Suléman diyakinkeun naon ku Raja Daud? (b) Urang bisa yakin kana hal naon?

20 Raja Daud ngayakinkeun Suléman yén Yéhuwa bakal nyarengan manéhna pikeun ngaréngsékeun pangwangunan bait. (1 Bab. 28:20) Suléman ngalenyepan kekecapan éta, ku kituna manéhna henteu nolak tugas éta sanajan ngora kénéh jeung kurang pangalaman. Ku bantuan Yéhuwa, manéhna tetep kuat haté jeung bisa ngaréngsékeun bait nu ahéng éta dina tujuh satengah taun.

21 Sakumaha Yéhuwa mantuan Suléman, Mantenna ogé bakal mantuan urang sangkan kuat haté jeung ngaréngsékeun tugas boh di kulawarga boh di sidang. (Yes. 41:10, 13) Lamun urang kuat haté dina ngawula Yéhuwa, urang bisa yakin yén Mantenna bakal ngaberkahan urang ayeuna, ogé di mangsa kahareup. Ku kituna, ”sing pangger . . . geura prung pigawe”.

^ par. 12 Anjeun bisa manggihan saran-saran ngeunaan carana nangtukeun cita-cita rohani dina artikel ”Gunakanlah Cita-Cita Rohani untuk Memuliakan Pencipta Saudara” dina Menara Pengawal 15 Juli 2004.