Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

’Bagja Maraneh Lamun Daraek Ngalampahkeun Hal Eta!’

’Bagja Maraneh Lamun Daraek Ngalampahkeun Hal Eta!’

”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.”​—YOH. 4:34.

KAWIH: 80, 35

1. Kumaha sikep jalma-jalma nu mentingkeun diri mangaruhan urang?

KU NAON Firman Allah téh hésé dilarapkeun ku urang? Hiji alesanana lantaran pikeun ngalampahkeun nu bener, urang kudu rendah haté. Dina ”ahir jaman” ieu, urang hésé pikeun tetep rendah haté lantaran loba jalma di sakurilingeun ”ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede”, jeung ”bengis” atawa teu bisa ngadalikeun diri. (2 Tim. 3:1-3) Sabagé umat Allah, urang nyaho yén lalampahan siga kitu téh salah. Tapi, jalma-jalma nu lalampahanana siga kitu katingalina suksés jeung senang hirupna. (Jab. 37:1; 73:3) Urang bisa waé mikir, ’Naha miheulakeun kapentingan batur téh bener-bener mawa mangpaat? Mun abdi ngahandapkeun diri, naha batur bakal tetep ngahargaan abdi?’ (Luk. 9:48) Lamun urang dipangaruhan ku sikep nu mentingkeun diri ti dunya ieu, hubungan urang jeung dulur saiman bisa ruksak. Batur gé moal bisa ningali jelas yén urang téh urang Kristen. Pikeun tetep rendah haté, urang kudu diajar ti hamba-hamba Allah nu rendah haté jeung nyonto maranéhna.

2. Urang bisa diajar naon ti hamba-hamba Allah nu satia di jaman baheula?

2 Ku naon hamba-hamba Allah nu satia di jaman baheula bisa nyobat jeung Allah, tetep kamanah ku Mantenna, jeung meunang kakuatan pikeun ngalampahkeun nu bener? Lamun urang maca jeung ngalenyepan tuladan maranéhna dina Alkitab, iman urang bakal dikuatkeun.

CARANA SANGKAN IMAN URANG BISA TETEP KUAT

3, 4. (a) Kumaha carana Yéhuwa ngajar urang? (b) Sangkan iman urang tetep kuat, ku naon pangaweruh wungkul teu cukup?

3 Yéhuwa nyadiakeun loba hal nu bisa nguatkeun iman urang. Urang narima naséhat jeung bingbingan nu hadé tina Alkitab, publikasi, situs jw.org, JW Broadcasting, jeung acara pasamoan sarta kongrés. Tapi, Yésus ngajelaskeun yén boga pangaweruh wungkul téh teu cukup. Ceuk anjeunna, ”Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.”​—Yoh. 4:34.

4 Ngagawékeun atawa ngalampahkeun pangersa Allah téh ibarat dahareun keur Yésus. Awak urang bakal jagjag lamun ngadahar dahareun nu séhat, kitu ogé iman urang bakal kuat lamun ngalampahkeun pangersa Allah. Contona, naha Sadérék pernah ngarasa horéam waktu rék dines tapi ngarasa bungah jeung disegerkeun waktu balik dines?

5. Naon waé mangpaatna boga hikmat?

5 Ku cara ngalampahkeun pangersa Yéhuwa, urang bakal boga hikmat. (Jab. 107:43) Boga hikmat téh loba pisan mangpaatna. ”Sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan eta. . . . Nya bagja anu boga hikmah, hirup teh jadi milikna.” (Sil. 3:13-18) Yésus ngomong, ”Lamun hal eta geus kahalarti, estu bagja maraneh lamun daraek ngalampahkeunana!” (Yoh. 13:17) Murid-murid Yésus bakal bagja lamun terus ngalampahkeun paréntah anjeunna. Nuturkeun pangajaran jeung tuladan Yésus jadi jalan hirup maranéhna.

6. Ku naon urang kudu terus ngalampahkeun naon nu geus dipikanyaho ku urang?

6 Kiwari, urang ogé kudu terus ngalampahkeun naon nu geus dipikanyaho ku urang. Bayangkeun saurang montir nu nyaho téori, boga pakakas, jeung bahan. Éta kabéh kakara aya gunana lamun dipaké. Sanajan manéhna boga loba pangalaman, éta kudu terus dipaké sangkan manéhna tetep tarampil. Sarupa kitu, mimiti diajar bebeneran, urang ngarasa bagja waktu ngalarapkeun naon nu dibaca tina Alkitab. Tapi sangkan kabagjaan urang langgeng, urang kudu terus ngalarapkeun pangajaran Yéhuwa.

7. Urang kudu kumaha sanggeus diajar tina tuladan hamba-hamba Allah?

7 Aya sababaraha kaayaan nu ngalantarankeun urang hésé pikeun tetep rendah haté. Dina ieu artikel, urang bakal diajar kumaha hamba-hamba Allah baheula bisa tetep rendah haté. Tapi, teu cukup saukur nyaho kana hal ieu. Urang kudu mikirkeun kumaha prakprakanana tuluy ngalarapkeunana.

ULAH NGARASA DIRI LEUWIH HÉBAT

8, 9. Tina Rasul 14:8-15, kumaha urang bisa ningali yén Paulus téh rendah haté? (Tingali gambar dina awal artikel.)

8 Allah hoyong sakabéh manusa ”salamet sarta daraek narima ka nu sayakti”. (1 Tim. 2:4) Kumaha pandangan urang ka jalma-jalma nu acan diajar bebeneran? Rasul Paulus ngawawar ka urang Yahudi nu geus wanoh ka Yéhuwa. Tapi, manéhna ogé ngawawar ka jalma-jalma nu nyembah brahala. Ngawawar ka maranéhna nguji karendahan haté Paulus. Ku naon?

9 Dina perjalanan utusan injil nu kahiji, Paulus jeung Barnabas indit ka kota Listra. Urang Likonia nu cicing di kota éta ngagul-ngagulkeun Paulus jeung Barnabas. Maranéhna disebut Déwa Hérmés jeung Déwa Zéus. Naha Paulus jeung Barnabas ngarasa agul? Naha maranéhna ngarasa senang ku parobahan ieu lantaran saacanna osok dikaniaya di dua kota saacanna? Naha maranéhna mikir yén meungpeung keur diagul-agul maranéhna bisa mantuan jalma-jalma narima warta hadé? Henteu! Maranéhna langsung ngagero, ”Nanaonan, dulur-dulur? Kaula manusa cara aranjeun!”​—Ras. 14:8-15.

10. Ku naon Paulus jeung Barnabas teu ngarasa leuwih hébat ti batan urang Likonia?

10 Paulus jeung Barnabas ngomong kitu téh lain maksudna cara ibadah maranéhna sarua jeung urang Likonia. Paulus jeung Barnabas keur nunjukkeun yén maranéhna ogé manusa nu teu sampurna. Sanajan maranéhna téh utusan injil nu diutus ku Allah, diistrénan ku roh suci, jeung boga harepan nu mulya, éta kabéh lain alesan pikeun ngarasa leuwih hébat. (Ras. 13:2) Maranéhna paham yén jalma-jalma ieu gé bisa boga harepan hirup di sawarga lamun narima warta hadé.

11. Kumaha urang bisa rendah haté saperti Paulus waktu ngawawar?

11 Salah sahiji cara pikeun némbongkeun karendahan haté saperti Paulus nyaéta urang moal ngarasa leuwih punjul lantaran tugas pangwawaran urang atawa naon nu geus kahontal ku urang lantaran bantuan Yéhuwa. Pék pikirkeun, ’Kumaha parasaan abdi ngeunaan jalma-jalma di daérah dines abdi? Naha abdi boga prasangka ka sababaraha kelompok jalma?’ Di sakuliah dunya, Saksi-Saksi Yéhuwa néangan jalma-jalma nu daék ngadéngékeun warta hadé. Aya nu diajar basa atawa kabiasaan ti jalma-jalma nu dipandang rendah ku nu séjén. Tapi, maranéhna tara ngarasa leuwih punjul ti jalma-jalma nu diwawaran. Maranéhna ngupayakeun pikeun paham ka unggal jalma sangkan bisa ngabantu saloba-lobana jalma narima warta Karajaan.

SEBUTKEUN NGARAN DULUR URANG DINA DOA

12. Naon nu némbongkeun yén Épapras nyaah ka dulur-dulur saimanna?

12 Cara séjénna pikeun némbongkeun karendahan haté nyaéta ngadoakeun sadérék-sadérék urang nu ”nu geus baroga kayakinan anu mulya saperti kayakinan” urang. (2 Pet. 1:1) Éta nu dilampahkeun ku Épapras. Alkitab ngan tilu kali nyebutkeun ngaran manéhna. Basa dipanjara di hiji imah di Rum, Paulus nulis surat ka urang Kristen di Kolosa yén Épapras ”tara kendat-kendat mangnedakeun aranjeun”. (Kol. 4:12) Épapras kenal jeung nyaah ka dulur-dulur saimanna. Ku Paulus, manéhna disebut ”anu reureujeungan dipanjara”, jadi manéhna ogé boga masalah. (Pilm. 23) Tapi, Épapras tetep mikirkeun kapentingan batur jeung nyieun tindakan. Manéhna ngadoakeun dulur-dulur saimanna. Urang gé bisa ngalakukeun nu sarua, malah nyebutkeun ngaran maranéhna. Doa-doa saperti kitu gedé pisan pangaruhna.​—2 Kor. 1:11; Yak. 5:16.

13. Kumaha Sadérék bisa nyonto Épapras waktu ngadoa?

13 Pikirkeun saurang jalma nu bisa disebutkeun ngaranna dina doa Sadérék. Bisa jadi aya sobat di sidang atawa kulawarga nu keur boga tangtangan, meureun kudu nyieun putusan nu hésé atawa kudu nolak gogoda. Sadérék gé bisa ngadoakeun dulur-dulur nu ngaranna disebutkeun dina artikel jw.org ”Saksi-Saksi Yehuwa yang Dipenjarakan Karena Iman Mereka”. (Tingali RUANG BERITA > BERITA HUKUM.) Sadérék ogé bisa ngadoakeun sadérék-sadérék nu kakara dikantunkeun, nu kakara ngalaman musibat atawa perang, atawa nu ngalaman masalah ékonomi. Aya loba dulur urang nu kudu didoakeun! Ku cara kitu, urang ngabuktikeun yén urang téh teu ngan mikirkeun kapentingan sorangan waé tapi kapentingan batur ogé. (Pil. 2:4) Yéhuwa ngadangukeun doa-doa saperti kitu.

”SING CEPET KANA NGADENGE”

14. Kumaha Yéhuwa masihan tuladan dina ngadangukeun batur?

14 Cara séjén pikeun némbongkeun karendahan haté nyaéta enya-enya ngadéngékeun batur. Yakobus 1:19 nyebutkeun, ”Sing cepet kana ngadenge.” Yéhuwa masihan tuladan nu panghadéna. (Kaj. 18:32; Yos. 10:14) Sabagé conto, mangga baca Budalan 32:11-14. (Baca.) Sanajan teu butuh saran ti Musa, Yéhuwa tetep ngadangukeun waktu Musa ngungkabkeun parasaanana. Naha Sadérék bakal sabar ngadéngékeun hiji jalma nu pernah salah tuluy nuturkeun saranna? Tapi, Yéhuwa mah sabar ngadangukeun kabéh manusa nu ngadoa dibarengan ku iman.

15. Kumaha urang bisa nyonto Yéhuwa dina ngajénan batur?

15 Pék lenyepan: ’Lamun Yéhuwa sakitu rendah haténa nepi ka daék ngadéngékeun Ibrahim, Rahél, Musa, Yosua, Manoah, Élias, jeung Hiskia, naha abdi gé sakuduna ngupayakeun nyonto Mantenna? Naha abdi bisa leuwih ngajénan kabéh dulur saiman ku cara ngadéngékeun jeung nuturkeun saran maranéhna lamun bisa? Naha aya dulur saiman di sidang atawa di kulawarga nu bisa leuwih diperhatikeun ku abdi? Naon nu bakal dilakukeun ku abdi?’​—Kaj. 30:6; Hak. 13:9; 1 Rja. 17:22; 2 Bab. 30:20.

’MUGA-MUGA KABALANGSAKAN KAMI DIGENTOS KU KABAGJAAN’

Daud ngomong, ”Keun bae.” Lamun Sadérék bakal kumaha? (Tingali paragrap 16, 17)

16. Kumaha sikep Raja Daud waktu disumpahan ku Siméi?

16 Karendahan haté ngabantu urang ngadalikeun diri waktu aya nu jahat ka urang. (Epe. 4:2) Aya conto nu alus pisan di 2 Samuel 16:5-13. (Baca.) Siméi, barayana Raja Saul, nyumpahan jeung ngabalédogan Daud sarta pangiringna. Siméi bisa waé disingkirkeun ku Daud, tapi manéhna sabar jeung ngantep Siméi. Ku naon Daud bisa ngadalikeun diri saperti kitu? Lamun mariksa Jabur nu katilu, urang bisa nyaho carana.

17. Ku naon Daud bisa ngadalikeun diri, jeung kumaha urang bisa nyonto Daud?

17 Daud nyieun Jabur nu katilu waktu diudag-udag rék dipaéhan ku Absalom, putrana. Dina kaayaan ieu Daud dibalédogan ku Siméi, tapi Daud boga kakuatan pikeun tetep tenang. Ku naon? Jabur 3:5 nyebutkeun kekecapan Daud, ”Kami sasambat ka PANGERAN, sarta Mantenna ngawaler ti pasir suci-Na.” Waktu aya nu jahat ka urang, urang kudu ngadoa saperti Daud. Yéhuwa bakal masihan roh suci-Na pikeun tetep tabah. Dina kaayaan naon Sadérék kudu leuwih ngadalikeun diri atawa ngahampura batur? Naha Sadérék yakin yén Yéhuwa paham kana kasusahan Sadérék jeung bakal ngabantu sarta ngaberkahan Sadérék?

”MEUNANGKEUN HIKMAH TEH USAHA PANGPENTINGNA”

18. Naon mangpaatna lamun urang ngalarapkeun pangajaran Yéhuwa?

18 Lamun urang ngalampahkeun nu bener, urang bakal boga hikmat jeung diberkahan ku Yéhuwa. Dina Siloka 4:7 disebutkeun, ”Meunangkeun hikmah teh usaha pangpentingna.” Hikmat mémang dumasar kana pangaweruh, tapi éta wungkul teu cukup, hikmat kudu katémbong dina prakprakanana waktu nyieun putusan. Sireum boga hikmat. Maranéhna nyimpen kadaharan keur usum salju. (Sil. 30:24, 25) Kristus nu disebut ”kabijaksanaan Allah” terus ngalampahkeun naon nu kamanah ku Bapana. (1 Kor. 1:24; Yoh. 8:29) Allah bakal ngaberkahan lamun urang némbongkeun hikmat ku cara milih ngalampahkeun nu bener jeung tetep rendah haté. (Baca Mateus 7:21-23.) Jadi, upayakeun pikeun rendah haté. Lamun kitu, kabéh nu aya di sidang bisa kajurung pikeun rendah haté ogé. Mémang, ngalarapkeun nu bener téh butuh waktu jeung kasabaran, tapi éta hartina urang rendah haté. Lamun rendah haté, urang bakal bagja ayeuna jeung salawasna.