Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Pék Conto Yéhuwa nu Bageur jeung Resep Mikirkeun Batur

Pék Conto Yéhuwa nu Bageur jeung Resep Mikirkeun Batur

”Bagja jalma nu sok tatalang ka nu walurat.”​—JAB. 41:2.

KAWIH: 130, 107

1. Kumaha umat Yéhuwa némbongkeun kanyaahna?

UMAT Yéhuwa di sakuliah dunya téh hiji kulawarga. Maranéhna silih pikanyaah. (1 Yoh. 4:16, 21) Sakapeung, maranéhna nyieun pangorbanan gedé keur dulur saimanna, tapi seringna mah maranéhna nyieun kahadéan-kahadéan leutik liwat omongan jeung tindakan. Waktu urang perhatian ka batur, urang keur nyonto Bapa urang di sawarga.​—Epe. 5:1.

2. Kumaha Yésus nyonto kanyaah Bapana?

2 Yésus nyonto Bapana kalawan sampurna. Anjeunna bageur ka batur. Ceuk anjeunna, ”Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun.” (Mat. 11:28, 29) Lamun urang nyonto Yésus jeung ”sok tatalang ka nu walurat”, Yéhuwa bagja ningalina, urang gé bakal bagja. (Jab. 41:2) Dina ieu artikel, urang bakal ngabahas kumaha urang bisa mikirkeun parasaan jeung kaayaan anggota kulawarga, dulur saiman, sarta jalma-jalma nu diwawaran.

DINA KULAWARGA

3. Kumaha salaki bisa mikirkeun parasaan pamajikanana? (Tingali gambar dina awal artikel.)

3 Salaki kudu jadi tuladan jeung nyaah pisan ka kulawargana. (Epe. 5:25; 6:4) Alkitab nyebutkeun yén salaki kudu mikirkeun parasaan jeung ngartikeun pamajikanana. (1 Pet. 3:7) Salaki nu siga kitu paham yén sanajan manéhna béda jeung pamajikanana, manéhna teu jadi leuwih punjul. (Kaj. 2:18) Manéhna mikirkeun parasaan pamajikanana jeung ngahargaan martabatna. Saurang pamajikan di Kanada nyarita, ”Salaki abdi mah tara nyapirakeun parasaan abdi atawa ngomong, ’Ah nu kitu waé gé mani dipikiran.’ Manéhna bener-bener ngadéngékeun carita abdi. Manéhna gé tara ambek-ambekan lamun pandangan abdi aya nu salah.”

Salaki satia lantaran nyaah ka pamajikanana sarta ijid ka lalampahan nu salah

4. Naon nu moal dilakukeun ku salaki nu mikirkeun parasaan pamajikanana?

4 Salaki nu mikirkeun parasaan pamajikanana moal ngagoda, pelang-pelong, atawa tual-toél ka awéwé séjén. (Ayub 31:1) Manéhna moal ngagunakeun média sosial pikeun ngagoda atawa ningalian situs Internét nu teu pantes. Manéhna tetep satia lantaran nyaah ka pamajikanana jeung nyaah ka Yéhuwa. Manéhna ogé ijid ka lalampahan nu salah.​—Baca Jabur 19:15; 97:10.

5. Kumaha pamajikan bisa mikirkeun parasaan salakina?

5 Lamun salaki nyonto kanyaah Yésus Kristus, kapalana, pamajikan bakal leuwih gampang ”hormat” ka manéhna. (Epe. 5:22-25, 33) Pamajikan nu hormat ka salakina bakal mikirkeun parasaan jeung kaayaan salakina waktu keur sibuk ku urusan sidang atawa keur aya masalah. Saurang salaki di Inggris nyarita, ”Sakapeung, pamajikan abdi apal lamun abdi keur aya nu dipikiran. Manéhna ngalarapkeun prinsip di Siloka 20:5. Manéhna ngadagoan waktu nu cocog pikeun ’nimba’ eusi pikiran abdi, tapi éta gé ngeunaan hal-hal nu meunang dicaritakeun ka manéhna.”

6. Kumaha urang kabéh bisa ngajurung barudak pikeun bageur jeung mikirkeun batur, sarta naon mangpaatna keur barudak?

6 Salaki pamajikan nu sok mikirkeun parasaan pasanganana bakal jadi tuladan keur budakna. Salian ti éta, indung bapa kudu ngajar budakna pikeun bageur jeung mikirkeun batur. Misalna, budak kudu diajar sangkan ulah lulumpatan di Balé Karajaan. Atawa lamun keur acara kumpul-kumpul, ajar budak Sadérék sina miheulakeun nu geus karolot waktu rék nyokot dahareun. Tangtu, kabéh anggota sidang gé bisa ngadukung para indung bapa. Waktu aya budak nu nyieun kahadéan, misalna mukakeun panto keur urang, puji manéhna. Manéhna pasti bungah sarta bakal inget yén ”leuwih bagja mere ti batan nampa”.​—Ras. 20:35.

DI SIDANG

7. Kumaha Yésus mikirkeun parasaan jalma nu torék, jeung naon palajaranana keur urang?

7 Hiji poé, waktu Yésus keur aya di daérah Dékapolis, jalma-jalma ”mawa jelema anu nya torek nya pireu”. (Mar. 7:31-35) Yésus nyageurkeun manéhna tapi teu di hareupeun jalma réa. Ku naon? Ku sabab éta jelema téh torék, bisa jadi manéhna ngarasa risi aya di antara loba jalma. Yésus paham kana parasaanana, tuluy ”nyandak eta jelema misah ti nu rea” ka tempat nu sepi pikeun nyageurkeun manéhna. Mémang urang mah teu bisa nyieun mujijat, tapi urang bisa mikirkeun pangabutuh jeung parasaan dulur saiman urang sarta bageur ka maranéhna. Rasul Paulus nulis, ”Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah.” (Ibr. 10:24) Yésus paham kana parasaan jalma nu torék éta sarta bageur ka manéhna. Tuladan nu kacida hadéna!

Kanyaah ngajurung urang nulungan nu geus kolot atawa nu cacad

8, 9. Kumaha carana némbongkeun kanyaah ka nu geus kolot jeung cacad? Béré contona.

8 Pikirkeun kaayaan sadérék-sadérék nu geus kolot atawa nu cacad. Ciri utama ti sidang Kristen téh kanyaah, lain gancang henteuna ngalaksanakeun hiji tugas. (Yoh. 13:34, 35) Kanyaah ngajurung urang pikeun sabisa-bisa nulungan dulur saiman nu geus kolot atawa nu cacad pikeun datang ka pasamoan atawa milu dines. Urang tetep daék mantuan maranéhna sanajan urang jadi riweuh atawa sanajan teu loba nu bisa dilakukeun ku maranéhna. (Mat. 13:23) Michael, nu maké korsi roda, nganuhunkeun pisan ka kulawarga jeung dulur-dulur di sidang nu geus ngabantu manéhna. Ceuk manéhna, ”Ku bantuan maranéhna, abdi jadi bisa sering masamoan jeung rutin ngawawar. Abdi resep pisan ngawawar di tempat umum.”

9 Di loba imah Bétel, aya sadérék-sadérék nu geus karolot atawa rémpo. Para pangawas némbongkeun kanyaah ku cara ngatur sangkan maranéhna bisa ngawawar maké surat atawa telepon. Bill, 86 taun, nulis surat ka jalma-jalma di daérah nu jauh. Manéhna nyarita, ”Abdi bungah pisan bisa méré kasaksian liwat surat.” Nancy, nu umurna ampir 90 taun, ngomong, ”Keur abdi mah nulis surat téh teu ngan saukur ngasupkeun kertas kana amplop. Ieu téh dines. Jalma-jalma butuh bebeneran!” Ethel, nu lahir taun 1921, ngomong, ”Abdi geus biasa sapopoé ngarasa nyeri. Sakapeung, maké baju gé mani hésé.” Sanajan kitu, manéhna resep méré kasaksian liwat telepon sarta bisa nganjangan deui sababaraha jalma. Barbara, 85 taun, ngajelaskeun, ”Lantaran abdi geus teu jagjag deui, ngawawar ti imah ka imah téh hésé pisan. Tapi liwat telepon, abdi bisa tetep méré kasaksian. Hatur nuhun, Yéhuwa!” Kurang ti sataun, di salah sahiji Bétel, sadérék-sadérék nu geus kolot ngagunakeun 1.228 jam pikeun dines, nulis 6.265 surat, nelepon leuwih ti 2.000 kali, jeung ngabagikeun 6.315 publikasi! Tangtu, upaya maranéhna téh nyenangkeun Yéhuwa!​—Sil. 27:11.

10. Urang kudu kumaha sangkan sadérék-sadérék meunang mangpaat saloba-lobana ti pasamoan?

10 Pikirkeun kaayaan sadérék-sadérék di pasamoan. Ku kituna, maranéhna bisa meunang mangpaat saloba-lobana. Kumaha carana? Ulah telat datang ka pasamoan supaya maranéhna teu disimpangkeun. Sakapeung, urang bisa telat lantaran aya kajadian nu teu kaduga. Tapi lamun sering telat, urang kudu mikirkeun naon balukarna ka sadérék-sadérék sarta naon nu kudu dirobah pikeun némbongkeun kanyaah urang. Inget ogé yén nu ngondang urang ka pasamoan téh Yéhuwa jeung Putra-Na. (Mat. 18:20) Urang ngajénan Aranjeunna lamun henteu telat datang masamoan!

11. Ku naon sadérék-sadérék nu meunang tugas di pasamoan kudu nuturkeun pituduh di 1 Korinta 14:40?

11 Lamun mikirkeun kaayaan dulur saiman, urang bakal nuturkeun pituduh Alkitab, ”Sagala prakprakanana kudu sing rapih, sing beres entep-entepanana.” (1 Kor. 14:40) Sadérék-sadérék pameget nuturkeun pituduh ieu lamun henteu liwat waktu dina nepikeun bagianana di pasamoan. Ku kituna, maranéhna teu ngan saukur mikirkeun sadérék nu meunang tugas saterusna tapi ka sakabéh anggota sidang. Pikirkeun naon balukarna lamun acara pasamoan liwat tina waktuna. Sababaraha sadérék imahna jauh. Aya nu kudu numpak beus atawa angkot. Nu séjénna deui batur hirupna teu saiman, manéhna kudu balik dina waktu nu geus dijangjikeun.

12. Ku naon para kokolot layak dihormat jeung dipikanyaah ku urang? (Tingali kotak ”Pikirkeun Parasaan Nu Jaradi Pamingpin”.)

12 Para kokolot geus satékah polah ngalalayanan sidang jeung ngawawar, jadi layak dihormat jeung dipikanyaah ku urang. (Baca 1 Tesalonika 5:12, 13.) Tangtu Sadérék nganuhunkeun pisan kana upaya maranéhna demi Sadérék. Éta ditémbongkeun ku cara réla taat jeung ngarojong maranéhna lantaran maranéhna ”teu kendat-kendat nalingakeun kasalametan jiwa aranjeun, tur sagala kawajibanana teh aya tanggung jawabna ka Allah”.​—Ibr. 13:7, 17.

DINA PALAYANAN

13. Urang diajar naon ti sikep Yésus ka jalma-jalma?

13 Nubuat Yésaya nyebutkeun yén Yésus ”moal nepi ka miteskeun kaso anu geus ngulapes, moal mareuman palita anu hurungna geus kakalincesan”. (Yes. 42:3) Lantaran nyaah, Yésus rasrasan ka jalma-jalma. Anjeunna paham kana parasaan nu keur leutik haté jeung lemah siga ”kaso anu geus ngulapes” atawa ’palita anu kakalincesan’. Jadi, anjeunna bageur jeung sabar ka maranéhna. Barudak leutik gé resep deukeut jeung Yésus. (Mar. 10:14) Tangtu, urang teu boga pamahaman jeung kasanggupan ngajar siga Yésus! Tapi, urang bisa mikirkeun kaayaan batur dina palayanan. Éta ditémbongkeun liwat cara urang ngomong, iraha ngomongna, jeung sabaraha lila.

Kekecapan jeung lentong sora urang kudu nyirikeun yén urang nyaah ka jalma-jalma

14. Ku naon urang kudu mikirkeun cara urang ngomong?

14 Kumaha sakuduna cara urang ngomong? Jutaan jalma kiwari pinuh ku ”kabingung jeung katalimbeng” ku sabab jalma-jalma nu boga kawasa di widang bisnis, pulitik, jeung agama téh bejad jeung kejem. (Mat. 9:36) Balukarna, loba nu teu percaya deui ka sasaha jeung teu boga harepan. Éta sababna kekecapan jeung lentong sora urang kudu nyirikeun yén urang téh nyaah ka maranéhna! Loba jalma daék ngadéngékeun warta urang lain ngan lantaran urang pinter ngagunakeun Alkitab, tapi lantaran urang bener-bener perhatian jeung ngajénan maranéhna.

15. Ku cara naon waé urang bisa mikirkeun parasaan jalma-jalma di daérah urang?

15 Aya loba cara pikeun mikirkeun parasaan jalma-jalma di daérah urang. Waktu méré pananya, carana kudu hadé ulah ngarendahkeun batur. Saurang panaratas ngawula di daérah nu jalma-jalmana éraan. Supaya maranéhna teu éra, panaratas éta tara méré pananya nu hésé dijawab. Manéhna moal nanyakeun, ”Saha nami Allah téh?” atawa ”Naon Karajaan Allah téh?” Sabalikna, manéhna sok ngomong, ”Abdi geus diajar tina Kitab Suci yén Allah téh gaduh nami. Kumaha lamun ku abdi ditunjukkeun saha nami-Na?” Cara ieu can tangtu bisa dilarapkeun di kabéh tempat lantaran unggal kabudayaan téh béda-béda. Tapi, urang kudu tetep bageur jeung ngajénan jalma-jalma. Sangkan bisa kitu, urang kudu paham kana kabiasaan maranéhna.

16, 17. Kumaha urang bisa némbongkeun kahadéan waktu nangtukeun (a) iraha urang ngadatangan jalma-jalma? (b) sabaraha lila urang ngobrolna?

16 Iraha sakuduna urang ngadatangan jalma-jalma? Waktu ngawawar ti imah ka imah, urang téh lain tamu nu diarep-arep ku maranéhna. Jadi, penting sangkan urang datang waktu maranéhna keur bisa diajak ngobrol. (Mat. 7:12) Misalna, naha jalma-jalma di daérah Sadérék osok hudang beurang dina ahir minggu? Lamun kitu, Sadérék bisa ngawawar heula di jalan, di tempat umum, atawa ngadatangan deui jalma nu pasti bisa diajak ngobrol.

17 Sabaraha lila waktuna? Loba jalma téh sibuk pisan, jadi nganjangna ulah lila teuing, hususna waktu keur mimiti. Leuwih hadé lamun obrolan urang singget. (1 Kor. 9:20-23) Waktu jalma-jalma ningali yén urang paham kana kasibukan maranéhna, maranéhna bakal daék diajak ngobrol deui engkéna. Lamun urang némbongkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku roh Allah, urang jadi batur gawé Allah. Bisa waé urang digunakeun ku Yéhuwa pikeun ngabantu batur diajar bebeneran!​—1 Kor. 3:6, 7, 9.

18. Naon berkahna lamun urang mikirkeun batur?

18 Jadi, hayu urang satékah polah mikirkeun parasaan jeung kaayaan anggota kulawarga, dulur-dulur saiman, sarta jalma-jalma nu diwawaran. Ku kituna, urang bakal narima loba berkah, boh ayeuna boh dina mangsa kahareup. Jabur 41:2, 3 nyebutkeun, ”Bagja jalma nu sok tatalang ka nu walurat, mun meunang papait tangtu ku PANGERAN dijait. Hirupna ku PANGERAN diraksa, diriksa, tengtrem matuh di tanahna.”